Ekspresi narsis-ku

November 12, 2007

Dihukum Pati

Filed under: Prosa

di pangberokan
Gambar: swww.suarantb.com

Karya Hadi AKS

Manéhna nyangsaya bari neuteup lalangit.
Sanajan ukur kacaangan ku lampu sapuluh watt, tétéla beungeutna sepa. Panonna surem henteu hurung cara sasarina. Kakeueung nyaliara ngarungkup lelembutanana. Ceuk keretegna, boa-boa peuting ieu aing bakal paéh téh. Bari teu kasawang ku manéhna, rék ditelasan ku cara kumaha dirina ku nu ngaéksékusi téh. Naha digantung, ditémbak, atawa beuheungna dipangkék sakaligus. Biheung hukuman naon anu bakal disorang ku manéhna. Nu puguh muringkak baé bulu pundukna ari teg inget ka dinya, bari dirina teu walakaya. Teu bisa nyiar pamuntangan jeung moal aya nu bisa nulungan. Awakna leuleus barang tadi beurang di rohang sidang Hakim ketua mutuskeun perkarana, “…ku kituna, sadérék terdakwa Jaid Jahidin ditibanan hukum pati!”
Koréjat manéhna cengkat.
Luak-lieuk. Malakalmaot asa geus ngajega hareupeunana. Awakna ngabrigbrig nahan kasieun. Teuteupna muter ka sakuriling kamar.
Naha aing bet sieun paéh? Teu, aing teu kudu rentag sanajan kudu nemahan pati. Geus panceg ti anggalna, niat rék jihad di jalan Alloh.
Enya aing kudu teteg, teu galideur. Lebah kiwari kudu nemahan pati, muga-muga aing sing gugur jadi suhada. Puncak kasugemaan hirup anu jadi udagan jeung angen-angen para sohabat Rosul. Tepi kadinya manhna teu kebat, tikorona nyelek. Panonna lamur kakeueum cipanon.
Brek ngalangkang deui kaayaan tadi beurang di rohang sidang. Sidang anu katilu, sidang pamungkas anu mutuskeun yén dirina kudu dihukum pati.
Asa nongtoréng kénéh omongan jaksa anu nungtut dirina. Tudingan anu dijieun-jien sarta méngpar tina bebeneran ceuk rarasaanana.
“Sadérék Jaid geus saéngko jeung Az, NMT, dina ngararancang ngabeledugkeun bom di hareupeun gedong Kedubes Australia dina tanggal 9 Séptémber 2004. Sadérék ogé kabuktian geus mantuan kelompok téroris ku cara nyumputkeun Az jeung NMT tepi ka henteu kasusud ku pulisi. Éta tindakan téh masing-masing geus ngalanggar pasal…”
Jaksa ogé nétélakeun kumaha ketak Jaid dina mantuan rarancang ngabeledugkeun bom. Pertéla pisan jaba panjang katerangan anu dibacakeun ku jaksa téh. Kalimah anu manéhna inget, nya éta:
“Teu aya hal anu bisa ngahampangkeun hukuman ka Sadérék Jaid, lantaran teu katémbong boga rasa kaduhung, jawabanana pabeulit teu kaharti, sarta kalakuanana geus ngaganggu kana stabilitas ékonomi jeung kaamanan nasional. Ku kituna teu aya hukuman nu leuwih pantes iwal ti sadérék terdakwa Jaid Jahidin kudu ditibanan hukum pati!” (more…)

Catetan Basajan Pikeun (Calon) Pangarang

Filed under: Kolom

writing
Gambar: www.vavai.com

Ku Duduh Durahman

Cenah, aya genep perkara anu perelu dikanyahokeun ku (calon) pangarang. Hiji-hijina: téma, karekter, plot, pointof view, sétting, jeung suasana atawa atmosfir.
Moal boa, keur pngarang anu geus ngarasa “jadi” mah ieu tulisan téh dianggap ukur ngabéjaan bulu tuur. Da jeung enyana, genep hal anu kasebut di luhur téh lain mangrupa perkara ahéng anu muskil pikeun pangarang kahot mah.
Tapi kapan sakapeung urang sok rjeun poho sual anu saenyana padareukeut, masalah anu enya-enya wanoh, tapi kapan mindeng katélér-télér, ku rupa-rupa urusan. Ieu tulisan ogé nya meureun bisa dianggap “réfréshing”, ngélingan bisi kapopohokeun.

***

Éta anu genep perkara téh:
Hiji, téma. Novel atawa carita pondok lain ngan saukur ngaguluyurkeun carita, tapi kudu aya hal anu rék ditepikeun ka nu maraca. Masalah poko anu rék ditepikeun ku pangarang. Nu penting tina téma, nya éta naropong jihad-jihad masalahna. Aya téma nu moal laas, nu lumangsung ti taun ka taun, ti abad ka abad. Mun ség pangarang henteu bisa nyokot anu mandiri tina téma-téma nu geus mangabad-abad téa, boa dina karya téh baris taya hal-hal anu anyar. Mun ség pangrangna binangkit, najan ulukutek dina hiji téma, tapi moal matak bosen, lantaran salawasna bisa ngoréhan anu anyar, anu mandiri tina téma téa.
Pangarang kudu bisa nénéangan téma anu seger jeung salawasna anyar. Ku kituna diperedih dirina mibanda pangaweruh anu jembar jeung pangalaman anu pohara lega ambahanana.
Dua, karakter. Nu dipimaksud di dieu nya éta tokoh atawa palaku carita. Novel atawa carita pondok ngeunaan manusa, ngeunaan kahirupanana. Pangarang kudu bisa nyiptakeun tokoh carita anu umum sipatna tapi deuih kudu unik. Naha éta tokoh carita téh mangrupa pribadi anu kuat, anu gembleng. Naha manéhna salawasna konsisten dina nyanghareupan masalah-masalah kahirupan.
Watek tokoh hiji carita salawasna sok ngahudang rasa, boh simpati boh antipati. Pancén pangarang nya éta “narjamahkeun” watek tokoh carita téa ka nu maraca. Kaunggulan pribadina, kaunikan pribadina. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer