Ekspresi narsis-ku

November 12, 2007

Catetan Basajan Pikeun (Calon) Pangarang

Filed under: Kolom

writing
Gambar: www.vavai.com

Ku Duduh Durahman

Cenah, aya genep perkara anu perelu dikanyahokeun ku (calon) pangarang. Hiji-hijina: téma, karekter, plot, pointof view, sétting, jeung suasana atawa atmosfir.
Moal boa, keur pngarang anu geus ngarasa “jadi” mah ieu tulisan téh dianggap ukur ngabéjaan bulu tuur. Da jeung enyana, genep hal anu kasebut di luhur téh lain mangrupa perkara ahéng anu muskil pikeun pangarang kahot mah.
Tapi kapan sakapeung urang sok rjeun poho sual anu saenyana padareukeut, masalah anu enya-enya wanoh, tapi kapan mindeng katélér-télér, ku rupa-rupa urusan. Ieu tulisan ogé nya meureun bisa dianggap “réfréshing”, ngélingan bisi kapopohokeun.

***

Éta anu genep perkara téh:
Hiji, téma. Novel atawa carita pondok lain ngan saukur ngaguluyurkeun carita, tapi kudu aya hal anu rék ditepikeun ka nu maraca. Masalah poko anu rék ditepikeun ku pangarang. Nu penting tina téma, nya éta naropong jihad-jihad masalahna. Aya téma nu moal laas, nu lumangsung ti taun ka taun, ti abad ka abad. Mun ség pangarang henteu bisa nyokot anu mandiri tina téma-téma nu geus mangabad-abad téa, boa dina karya téh baris taya hal-hal anu anyar. Mun ség pangrangna binangkit, najan ulukutek dina hiji téma, tapi moal matak bosen, lantaran salawasna bisa ngoréhan anu anyar, anu mandiri tina téma téa.
Pangarang kudu bisa nénéangan téma anu seger jeung salawasna anyar. Ku kituna diperedih dirina mibanda pangaweruh anu jembar jeung pangalaman anu pohara lega ambahanana.
Dua, karakter. Nu dipimaksud di dieu nya éta tokoh atawa palaku carita. Novel atawa carita pondok ngeunaan manusa, ngeunaan kahirupanana. Pangarang kudu bisa nyiptakeun tokoh carita anu umum sipatna tapi deuih kudu unik. Naha éta tokoh carita téh mangrupa pribadi anu kuat, anu gembleng. Naha manéhna salawasna konsisten dina nyanghareupan masalah-masalah kahirupan.
Watek tokoh hiji carita salawasna sok ngahudang rasa, boh simpati boh antipati. Pancén pangarang nya éta “narjamahkeun” watek tokoh carita téa ka nu maraca. Kaunggulan pribadina, kaunikan pribadina.

***

Tilu, plot. Dasar barobahna carita. Plot lain jalan carita, najan duanana boh plot boh jalan carita teu beunang dipisah-pisah. Jalan carita minangka wadah, raraga pikeun plot. Pikeun nganyahokeun plot, teu meunang henteu jalan carita kudu kabandungan. Plot téh mangrupa hijji hal anu ngalantarankeun timbulna hiji kajadian. Karya anu mentingkeun jalan carita wungkul bakal karasa kaku jeung mati. Jalan carita téh kudu ditunjang ku sabab musabab, kudu diterangkeun, naon pangna nepi ka kitu.
Plot mangrupa hal anu penting pikeun ngamekarkeun hal-hal penting dina karya fiksi. Plot ku pangarang kudu dititénan hubunganana jeung téma katut watek. Naha éta plot téh geus mampuh “nuyun” téma jeung ngahirupkeun watek?

***

Opat, point of view. Ti lebah mana pangarang merenahkeun paneuteupna, pamanggihna, pangajénna. Aya pangarang nu merenahkeun dirina salaku jalma luar, taya leuwihna ti juru lapor. Aya pangarang nu langsung milu ilubiung jeung carita. Aya ogé pangarang nu méré koméntar, kana kajadian carita.

***

Lima, Sétting. Tempat lumangsungna carita. Rék di mana kajadianana éta carita téh: naha di leuweung, di padésaan, di kota, di pabrik, di pangalian emas, di médan perang.
Sétting sawadina kudu méré informasi ka nu maraca. Karya fiksi di urang réréana ulukutek di kota-kota baé. Carita anu maké sétting di mancanagara, atawa sabalikna di padésaan sok remen nimbulkeun rasa seger dina batin urang saréréa. Carita nu ngalalakonkeun pangalaman di lingkungn sélér Irian anu mencil, tanwandé bakal mawa pangalaman anyar ka nu maraca.
Tapi sétting ngan mangrupa unsur pangrojong. Nu penting mah nya masalah jeung perwatek carita. Sétting henteu ngan sakadar géografis baé sifatna, tapi bisa ogé antropologis.

***

Genep, suasana atawa atmosfir. Suasana nangtukeun carita “hirup” atawa henteu “hirup”. Aya carita anu lalakonna ramé, sarwa ahéng, sarwa narik ati, tapi naha bet teu karasa hirup, henteu ngayakinkeun. Nu maraca téh henteu kabandang ku carita anu sakitu raména.
Pangna kitu lantaran suasana henteu dibangun ku nu ngarang. Najan bagalna sarua, antara karya asli jeung ringkesan (simplified) anu ngabédakeun téh nya suasana téa. Dina ringkesan mah nu diarah téh leunjeuran carita baé, sabab ari suasana mah has milik pangarangna.

(Dicutat tina Sastra Sunda Sausap Saulas, karya Duduh Durahman)

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2007/11/12/catetan-basajan-pikeun-calon-pangarang/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer