Ekspresi narsis-ku

November 12, 2007

Dihukum Pati

Filed under: Prosa

di pangberokan
Gambar: swww.suarantb.com

Karya Hadi AKS

Manéhna nyangsaya bari neuteup lalangit.
Sanajan ukur kacaangan ku lampu sapuluh watt, tétéla beungeutna sepa. Panonna surem henteu hurung cara sasarina. Kakeueung nyaliara ngarungkup lelembutanana. Ceuk keretegna, boa-boa peuting ieu aing bakal paéh téh. Bari teu kasawang ku manéhna, rék ditelasan ku cara kumaha dirina ku nu ngaéksékusi téh. Naha digantung, ditémbak, atawa beuheungna dipangkék sakaligus. Biheung hukuman naon anu bakal disorang ku manéhna. Nu puguh muringkak baé bulu pundukna ari teg inget ka dinya, bari dirina teu walakaya. Teu bisa nyiar pamuntangan jeung moal aya nu bisa nulungan. Awakna leuleus barang tadi beurang di rohang sidang Hakim ketua mutuskeun perkarana, “…ku kituna, sadérék terdakwa Jaid Jahidin ditibanan hukum pati!”
Koréjat manéhna cengkat.
Luak-lieuk. Malakalmaot asa geus ngajega hareupeunana. Awakna ngabrigbrig nahan kasieun. Teuteupna muter ka sakuriling kamar.
Naha aing bet sieun paéh? Teu, aing teu kudu rentag sanajan kudu nemahan pati. Geus panceg ti anggalna, niat rék jihad di jalan Alloh.
Enya aing kudu teteg, teu galideur. Lebah kiwari kudu nemahan pati, muga-muga aing sing gugur jadi suhada. Puncak kasugemaan hirup anu jadi udagan jeung angen-angen para sohabat Rosul. Tepi kadinya manhna teu kebat, tikorona nyelek. Panonna lamur kakeueum cipanon.
Brek ngalangkang deui kaayaan tadi beurang di rohang sidang. Sidang anu katilu, sidang pamungkas anu mutuskeun yén dirina kudu dihukum pati.
Asa nongtoréng kénéh omongan jaksa anu nungtut dirina. Tudingan anu dijieun-jien sarta méngpar tina bebeneran ceuk rarasaanana.
“Sadérék Jaid geus saéngko jeung Az, NMT, dina ngararancang ngabeledugkeun bom di hareupeun gedong Kedubes Australia dina tanggal 9 Séptémber 2004. Sadérék ogé kabuktian geus mantuan kelompok téroris ku cara nyumputkeun Az jeung NMT tepi ka henteu kasusud ku pulisi. Éta tindakan téh masing-masing geus ngalanggar pasal…”
Jaksa ogé nétélakeun kumaha ketak Jaid dina mantuan rarancang ngabeledugkeun bom. Pertéla pisan jaba panjang katerangan anu dibacakeun ku jaksa téh. Kalimah anu manéhna inget, nya éta:
“Teu aya hal anu bisa ngahampangkeun hukuman ka Sadérék Jaid, lantaran teu katémbong boga rasa kaduhung, jawabanana pabeulit teu kaharti, sarta kalakuanana geus ngaganggu kana stabilitas ékonomi jeung kaamanan nasional. Ku kituna teu aya hukuman nu leuwih pantes iwal ti sadérék terdakwa Jaid Jahidin kudu ditibanan hukum pati!”
Teu, manéhna teu rumasa pipilueun nyieun bom, sumawonna tepi ka milu ngararancang ngabeledugkeun mah.
“Abdi mah tukang ngawuruk ngaji di pasantrén, Pa, pimanaeun tepi ka bisa nyieun bom,” pona hiji waktu ka kuasa hukumna. “Lamun téa osok cacampuran jeung maranéhna, lain maksud rék nyieun huru-hara. Abdi mah niat da’wah nanjeurkeun syiar Islam.”

***

Dina peuting nu katilu manéhna asa béda rarasaan.
Teu ingkah tina sajadah ti barang solat is téh. Ngeluk tungkul wiridan. Kilang kitu upama nyidik-nyidik riukna mah moal kapalingan, sepana beungeut jeung geterna biwir, tétéla nandakeun haténa keur marudah dikepung kakeueung.
Asa ngembat pisan peuting téh karasana.
Rét manéhna kana arloji, kakara pukul sabelas. Rahuh manéhna ngarahuh, dadana eungap asa diheumpik ku naon boa. Di luar simpé pisan teu kadéngé naon-naon. Di kamar-kamar sél nu séjén pangeusina tangtu geus gemprah talibra. Iwal manéhna nu ngeueung cunggelik sorangan. Kalan-kalan kadéngé kedepruk sora sapatu ti kajauhan. Sipir nu keur ngaroris tahanan ka unggal sél.
Kira wanci janari, aya nu ngulutrak muka konci kamar sélna. Manéhna curinghak. Teg baé, moal salah nu rék néang, gerentesna. Enya baé patugas duaan. Kejem pisan riukna bari jarempling teu lémék naon-naon. Barang bus ka kamar ogé, nu saurang tuluy ngalurkeun bangkol jeung lamak hideung. Nu saurang deui méré isarah sangkan manéhna nangtung.
Bari ngadégdég manéhna cengkat. Tapi henteu ngasongkeun leungeun, kalah pok nanya, “Bisa kaula ménta waktu lima menit?” Patugas silih pelong, tuluy nu surang unggeuk.
Manéhna salin heula. Rap maké sarung bodas. Bisi layon aing teu diboéhan, gerentesna. Geus kitu, cong solat sunat heula. Husu naker. Manteng, muntang ka Nu Kawasa. Asa lain keur nangtung di dinya, tapi keur ngadeg tumungkul payuneun Gusti Nu Maha Agung. Bari sadrah yén dirina ngan sukur mahluk laip, lir sakeprul kekebul dina jagat nu ngampar. Sakujur awakna ngadégdég. Sadaya puji mung kagungan Gusti nu murbeng alam, anu Maha Welas Asih…teu kuat manéhna ceurik ngagukguk. Jempling pisan, iwal ti sora manéhna nu ngagero sumambat ka Gusti. Keur kitu kadéngé sora adan awal ngalanglaung ti kajauhan, lir panggero nu turun ti langit. Tembus nyaliara kana mamaras rasana. Manéhna sujud, nyuuh bari nginghak. Sarohang kamar, lalangit jeung témbokna kawas ngageter milu ceurik balilihan. Nénjo kaayaan kitu, patugas nu duaan kawas nu milu leyur batinna. Maranéhna anu tadi katémbong kejem téh, ngareluk tungkul bangun teu kuat nénjona. Ahéng baé deuih karasana ku maranéhna. Rohang kamar sél asa ngadak-ngadak cahayaan.
Réngsé solat, manéhna tuluy ngasongkeun leungeun duanana. Prak leungunna dibangkol. Tuluy panonna ditutupan, dibeungkeut ku lamak hideung. Reup téténjoanana poék. “Innalilahi wa inna ilaihi roji’un”, manéhna ngagerendeng. Karasa beuki gentingna. Asa aya nu nyaksrak nyaliara ka saban uratna. Beungeutna beuki sepa, dadana ngaguruh. Peupeuteuyanana tuluy dicekel ku patugas, dituyun dibawa kaluar. Tepi ka buruan, cat kana mobil tahanan nu geus ngajugrug. Biur indit, nyemprung biheung ka mana.
Kira meunang saparapat jam, mobil ngalaunan, tuluy méngkol. Reg eureun. Manéhna dicekel diajak turun. Da puguh panon ditutup, teu kacipta dibawa ka tempat naon manéhna téh. Ngan barang karasa sukuna nincak jujukutan, teg baé, keur aya di hiji lapang aing téh, gerentesna. Teu nyahoeun manéhna mah yén beulah ditu, kacaangan ku lampu nu ngebrak, geus ngajéjér regu témbak nu sayaga nyarekel bedil. Puguh baé keur nu nénjo mah matak keueung kabina-bina. Aya tujuhan “jagal” anu rék némbak téh, sanajan bedil nu dieusi pélorna mah ngan ukur hiji, bari dirusiahkeun bedil saha saenyana anu dipéloran. Teu, teu katénjoeun ku manéhna mah éta regu témbak téh. Kilang kitu mangingetna kawas nu ngingetan yén dirina bakal dihukum témbak. Komo barang karasa manéhna terus digondéng ku patugas anu tadi, diajak leumpang. Moal salah, cék pikirna, aing keur dibawa ka hiji titik, di mana aing kudu nangtung.
Lain, lain regu témbak atawa jelegurna bedil nu kacipta ku manéhna téh. Anu bréh ngalangkang téh beungeut anakna nu tiluan. Asa keur muntangan leungeun manéhna kénca-katuhu., careurik ngahalang-halang léngkahna. Inget ka dinya, manéhna asa peurih kabina-bina. Jajantungna asa kaduruk ku rasa kangen, nyaah jeung melang nu taya hinggana ka anak-anakna.
Bréh beungeut pamajikanana nu kamari ceurik ngagukguk basa tepung panungtungan. Manéhna tangtu ripuh maraban anak ti barang aing asup ka pangbérokan, gerentesna. Moal teu ngalanglayung ditinggalkeun ku salaki. Ari ayeuna ditinggalkeun téh keur salalawasna. Kacipta kumaha ngocéakna lamun ayeuna manéhna nénjo aing keur digondéng ka hiji tempat, rék nyorang hukuman pati.
Kolébat beungeut indungna. Kasedihna beuki anteb, ngagerihan kana jajantungna. Ti barang manéhna dibui teu kungsi tepung jeung indungna téh. Padahal manéhna anak nunggal anu pohara dipikanyaahna. Moal teu kaleleban papisah jeung anak téh. Moal teu kapiuhan lamun nénjo kaayan manéhna ayeuna. Inget ka dinya dirina asa dirungkup ku rasa dosa anu pohara. Tikorona nyelek. Cipanonna juuh maseuhan lamak hideung anu meulit kana sirahna. Teu nyahoeun nu ngagondéng mah kumaha bangetna rarasaan manéhna salila leumpang téh.
Reg ngarandeg di hiji tempat.
Lebah dinya aya lombang ukuran saméter pasagi. Di dinya dina biwir lombang manéhna sina nangtung téh. Awakna dibalikkeun tapi leungeunna anger kénéh dibangkol. Tuluy karasa aya lamak nu diterapkeun kana dadana. Lamak bodas anu maké tanda beureum di tengah-tengahna. Manéhna ngarénghap lalaunan, ngumpulkeun sakur pangacianana, mantengkeun ingetanana ka Gusti Nu Maha Agung.
“Bisi aya paménta, pok caritakeun!” cék patugas.
“Aya!” témbalna tandes. “Mun bisa bangkol hayang dibuka.”
Patugas tuluy muka bangkolna.
“Aya deui paménta séjén?”
“Témbak kaula, lamun geus ngagorowok.”
Angin janari ngagilisir ngendagkeun ciibun dina dangdaunan. Tuluy ngahiliwir lalaunan bangun niupan embun-embunanaan, ngusapan kana awakna. Tiis nyecep nyaliara kana tulang-tulangna. Manéhna geus panceg sumerah. Dina saat-saat panungtungan ambekan, nalika tujuh kucubung bedil geus lempeng ngincer dadana, manéhna peureum museurkeun ingetan. Bari tanggah ka langit, leungeun katuhuna diacungkeun.
“Allohu Akbar………!!”Pokna ngagorowok.
Jelegur sora témbakan. Handaruan nembus simpéna peuting. Manéhna rubuh, ngerejet sababaraha detik, tuluy nyawana ngabiur ka langit. Jeroeun lamak hideung panonna beunta kawas keur neuteup ka luhur, nuturkeun rohna nu ditanggeuy ku malaikat. Aya késang nu renung dina tarangna, jeung cimata nu rembes kana lamak hideung lebah juru panonna. Ngajungkel kana lombang awakna téh. Nyungseb bari dadana jeung tonggongna pinuh ku getih. Mandi getih baé katénjona. Hébat pisan pangaruh pelor téh. Lebah dadana mah teu sabaraha liang urut pélor téh, tapi lebah tonggongna mah tepi ka soéh bolongor, tapak pélor anu lumpat nembus kaluar.
Basa layonna diangkat tina lombang, bet kaangseu seungit kembang meleber biheung ti mana. Ahéng karasana ku nu nyaksian. Tuluy tina pésakna kapanggih aya kertas sacewir. Bréh tulisan, “Pasrahkeun layon kaula ka kulawarga. Témbongkeun beungeut kaula ka barudak, sugan maranéhna nyarahoeun yén bapana jihad téh wungkul ngan karana Alloh.”
Patugas anu maca éta tulisan ujug-ujug nyelek tikorona. Bari mencrong dada layon nu baloboran ku getih, teu kaapeuh cimatana ngembeng dina juru panonna.

(Dicutat tina Manglé No. 2046)

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2007/11/12/dihukum-pati/trackback/

  1. Naha artikel iyeu teh artikel nyata aya kajadian nana? pikasieuneun nya hukuman mati teh.
    eta hukuman ngan saukur didunya anu aya tungtungna. Ehmmm kumaha mun hukuman
    aherat, mangkaning teu aya tungtungna. hiks..hiks… nauzubillah min zalik

    Comment by Fz — November 13, 2007 @ 7:48 am

  2. Ieu karangan sanes artikel, tapi carita pondok. Carita pondok teh karangan fiksi atanapi rekaan dumasar imajinasi pangarangna. Tapi sanaos fiksi, biasana bahanna dicandak tina realita kahirupan. Hatur nuhun kana komentar saderek. Diantos komentar-komentar salajengna.

    Comment by pop_ice — November 14, 2007 @ 2:19 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer