Ekspresi narsis-ku

February 25, 2008

Nyiram

Filed under: Prosa

wanoja sunda
Gambar: id.wikipedia.org

Ku Ki Warsita

“Akang, Nyai téh keur nyiram!” ceuk pamajikan dina hiji peuting. Harita téh kuring keur ngadekul nuliskeun hutang nu keur meujeuhna raweuy. Atoh aya, reuwas aya ngadéngé omongan kitu téh. Atohna, duméh geus hayang boga budak téh, geus tujuh taun rarabi can kaparengkeun baé. Reuwasna, éta ku ngadéngé kecap “nyiram”. Jol bréh baé dina sawangan téh, pamajikan kuring ngadadak samar kahayang. Mangkaning ceuk béja, anu nyiram mah kahayangna téh sok nu anéh-anéh.
Tong jauh-jauh, Nyi Sarti tatangga kuring, basa keur nyiramna téh kungsi hayang naékan tangkal kapala. Ari teu digugu, ceuk kolot mah sok aya matakna. Atuh harita kénéh ogé salakina cakah-cikih nyieun tarajé. Nu matak watir mah Jang Samo, pamajikanana kungsi boga kahayang anu henteu ilahar. Tengah peuting jemplang-jempling, keukeuh hayang lalajo maén bal. Dina televisi keur eweuh siaran maén bal, atuh kapaksa Jang Samo ngeprak barudak, sina maraén bal di buruan imah.
Tacan anggeus mikiran nu nyiram téh, geus ngong mantén pamajikan nyarita.
“Asa hayang és campur ieu téh, Kang.” Pokna. Tuh nya ceuk kuring ogé.
“Cik atuh apan ayeuna téh tengah peuting!” ceuk kuring bari muncereng. “Isukan deui, urang nganjuk ka Bi Emin!”
“Ah, da hayang ayeuna,” manéhna ngajanggilek. Beu, duka geus kieu mah. Pamajikan mimiti samar kahayang. Ari henteu digugu, da ceuk kolot sok aya matakna. Nu matak peuting-peuting ogé maksakeun ngetrokan warung. Mani bangun hélok naker nu boga warung téh, pédah aya nu balanja és campur tengah peuting. (more…)

February 3, 2008

Ni’matna Jajan ceuk nu Cageur

Filed under: Kolom

sate pelem...
Gambar: www.sedap sekejap.com

Ku Popon Saadah

Lamun urang pareng nyaritakeun perkara dahareun nu ngareunah, hartina urang téh keur cageur. Létah urang keur normal, keur meujeuhna sagala beuki, tur tangtuna ogé keur meujeuhna rewog, da puguh keur séhat téa. Kapan nu nyandu kana kopi mah sakalieun ningal cikopi ngebul dina iklan TV gé geus matak uruy. Atawa, pareng ngambeu selengsengna goréng asin gé ari keur séhat mah teu burung ngurubuk beuteung téh, komo nu can sempet sasarap mah.
Ari létah sim kuring teuing ku satia kana kadaharan bangsa urang kénéh, pangpangna kadaharan jeung pasakan Sunda. Mun pareng kaluar ti imah niat dahar di luar, tara pangangguran milih dahareun nu ahéng sabangsa hidangan ala Jepang atawa kadaharan urang bulé, sok sieun jadi palal, sok sieun éta kadaharan téh ku sakadang beuteung ditampik sapajodogan.
Matak barang beuli dahareun téh nu kira-kira sakadang létah wawuheun jeung nu geus pasti ngeunah. Ari nu disebut ngeunah, rada hésé nerangkeunana, kudu bari diasaan sigana, lantaran hal ieu mah patali jeung seléra masing-masing jalma. Bisa jadi ceuk sim kuring mah ngeunah éta pasakan téh, tapi ceuk pun anak mah teu ngeunah.
Lamun urang geus kapincut ku ngeunahna éta dahareun, bakal manjang, hayang ngasaan deui, hayang ngadahar deui. Sakapeung mah bélaan jauh-jauh dijugjug anggang-anggang ditéang. Mun teu kapanggih bélaan ditéangan. Lamun éta dahareun téh babari néanganana, atawa ayana di warung nu matuh, geus pasti urang jadi langganan. Tapi mun éta dahareun téh geus hésé manggihan, paling ukur jadi panineungan. (more…)

February 1, 2008

Tina Hajat Milangkala Ajip Rosidi ka-70

Filed under: Kolom

ajip rosidi
Gambar: www.ajip-rosidi.com

Ku Popon Saadah

Upama urang nilik ketak Pa Ajip di jagat kasusatraan hususna kabudayaan umumna, geus sawadina milangkala Pa Ajip anu ka-70 téh direuah-reuah ku saréréa. Tangtu lain pésta ulang taun anu ilahar, lain sapésta-péstana, lantaran jalma nu diulangtaunkeunana ogé lain jalma samanéa alias tokoh penting.
Teu kudu ahéng deuih lamun kamari, ping 31 Januari téa, nu haladirna ogé réa tokoh pentingna, saperti rektor UNPAD Prof. Dr. Ganjar Kurnia, Agum gumelar, Mochtar Kusumaatmaja, Rosihan Anwar, Taufik Ismail, WS Rendra, Syam Bimbo, Slamet Raharjo, jrrd.
Dina biantarana Pa Ajip nétélakeun, yén kapungkur waktos anjeunna anom kénéh teu kantos yakin yuswana bakal dugi ka angka 70 kalawan séhat walafiat sareng teras-terasan ngahasilkeun karya. Geuning anjeunna téh masih kénéh anjeunna nu baheula, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan dina mertahankeun prinsip-prinsina. Togmol, kritis, jeung kreatif téh ciri mandiri anjeunna dugi ka ayeuna. Nu matak teu kudu kagét deuih mun dina biantarana anjeunna séséépan ngiritik pamaréntah Indonesia anu teu boga perhatian pisan kana kabudayaan, kasusastraan, kasenian, tug nepi ka pendidikanana. Sadaya hadirin teu bisa ngabantah kana pamendak Pa Ajip ngeunaan hal éta, sabab mémang kitu kaayaanana jeung kitu nu karasa ku urang saréréa tepi ka danget ayeuna.
Karya-karya Pa Ajip anu sakitu ngabrugbrugna tur marundel téh nandakeun, yén sabenerna anjeunna téh manusa langka, anu ceuk perkiraan sim kuring can aya gantina, jeung can aya nu nyaruaan. Katineungna kana basa jeung budaya daérah geus teu kudu dipadungdengkeun deui. Hadiah sastra Rancagé anu rutin saban taun dipasrahkeun ka para sastrawan Sunda, Jawa, Bali, jeung Lampung anu karyana nyongcolang, bukti kanyaah Pa Ajip kana basa jeung budaya daérah.
“Hidup Tanpa Ijazah”, judul buku panganyarna anu diluncurkeun mareng jeung ieu kariaan mangrupa otobiografi anjeunna, anu beuki ngeukeuhan, yen Ajip Rosidi teh Si Jante Arkidan nu Beber Layar!!
Tina runtuyan acara nu dipidangkeun, aya nu narik tur jadi hal anu ku sim kuring teu eureun-eureun dilenyepan, nya éta eusi sajakna Taufik Ismail. Inti sajak Taufik Ismail téh kira-kira kieu: ilaharna dina saban tepung taun unggal jelema, nu diulang taunkeun téh sok mareunang kado boh ti kolotna, boh ti dulur-dulurna, atawa ti babaturanana. Padahal lamun ku urang dipikiran, nu pantes meunang kado mah lain jinisna nu ulang taun, tapi indungna. Unggal tepung jeung tanggal lahir urang, urang kudu sadar yén tanggal sakitu jeung poé éta téh, indung urang keur meujeuhna adug lajer, ngararasakeun kanyeri anu liwat saking nepi ka urang brolna ka alam dunya. Asa leuwih merenah cenah lamun nu diulang taunkeun téh indung urang, lain urang! Masalah kadona mah rék mangrupa naon baé, ku du’a wungkul gé teu burung bingaheun kolot urang téh.
Ku lantaran ieu hajat téh lain sahajat-hajatna téa, nu haladir harita lain baé bisa nyaksian prosési milangkala hiji budayawan moyan, tapi deuih bisa bari ngaaprésiasi déklamasina Taufik Ismail, WS. Réndra, Godi Suwarna, jeung Ganjar Kurnia. Bisa bari leuwih mikawanoh karya-karya Pa Ajip anu dipamérkeun, sarta nu pangpentingna, bisa leuwih kahudang rasa kasundaanana.
Wilujeng milangkala Pa Ajip!






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer