Ekspresi narsis-ku

February 1, 2008

Tina Hajat Milangkala Ajip Rosidi ka-70

Filed under: Kolom

ajip rosidi
Gambar: www.ajip-rosidi.com

Ku Popon Saadah

Upama urang nilik ketak Pa Ajip di jagat kasusatraan hususna kabudayaan umumna, geus sawadina milangkala Pa Ajip anu ka-70 téh direuah-reuah ku saréréa. Tangtu lain pésta ulang taun anu ilahar, lain sapésta-péstana, lantaran jalma nu diulangtaunkeunana ogé lain jalma samanéa alias tokoh penting.
Teu kudu ahéng deuih lamun kamari, ping 31 Januari téa, nu haladirna ogé réa tokoh pentingna, saperti rektor UNPAD Prof. Dr. Ganjar Kurnia, Agum gumelar, Mochtar Kusumaatmaja, Rosihan Anwar, Taufik Ismail, WS Rendra, Syam Bimbo, Slamet Raharjo, jrrd.
Dina biantarana Pa Ajip nétélakeun, yén kapungkur waktos anjeunna anom kénéh teu kantos yakin yuswana bakal dugi ka angka 70 kalawan séhat walafiat sareng teras-terasan ngahasilkeun karya. Geuning anjeunna téh masih kénéh anjeunna nu baheula, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan dina mertahankeun prinsip-prinsina. Togmol, kritis, jeung kreatif téh ciri mandiri anjeunna dugi ka ayeuna. Nu matak teu kudu kagét deuih mun dina biantarana anjeunna séséépan ngiritik pamaréntah Indonesia anu teu boga perhatian pisan kana kabudayaan, kasusastraan, kasenian, tug nepi ka pendidikanana. Sadaya hadirin teu bisa ngabantah kana pamendak Pa Ajip ngeunaan hal éta, sabab mémang kitu kaayaanana jeung kitu nu karasa ku urang saréréa tepi ka danget ayeuna.
Karya-karya Pa Ajip anu sakitu ngabrugbrugna tur marundel téh nandakeun, yén sabenerna anjeunna téh manusa langka, anu ceuk perkiraan sim kuring can aya gantina, jeung can aya nu nyaruaan. Katineungna kana basa jeung budaya daérah geus teu kudu dipadungdengkeun deui. Hadiah sastra Rancagé anu rutin saban taun dipasrahkeun ka para sastrawan Sunda, Jawa, Bali, jeung Lampung anu karyana nyongcolang, bukti kanyaah Pa Ajip kana basa jeung budaya daérah.
“Hidup Tanpa Ijazah”, judul buku panganyarna anu diluncurkeun mareng jeung ieu kariaan mangrupa otobiografi anjeunna, anu beuki ngeukeuhan, yen Ajip Rosidi teh Si Jante Arkidan nu Beber Layar!!
Tina runtuyan acara nu dipidangkeun, aya nu narik tur jadi hal anu ku sim kuring teu eureun-eureun dilenyepan, nya éta eusi sajakna Taufik Ismail. Inti sajak Taufik Ismail téh kira-kira kieu: ilaharna dina saban tepung taun unggal jelema, nu diulang taunkeun téh sok mareunang kado boh ti kolotna, boh ti dulur-dulurna, atawa ti babaturanana. Padahal lamun ku urang dipikiran, nu pantes meunang kado mah lain jinisna nu ulang taun, tapi indungna. Unggal tepung jeung tanggal lahir urang, urang kudu sadar yén tanggal sakitu jeung poé éta téh, indung urang keur meujeuhna adug lajer, ngararasakeun kanyeri anu liwat saking nepi ka urang brolna ka alam dunya. Asa leuwih merenah cenah lamun nu diulang taunkeun téh indung urang, lain urang! Masalah kadona mah rék mangrupa naon baé, ku du’a wungkul gé teu burung bingaheun kolot urang téh.
Ku lantaran ieu hajat téh lain sahajat-hajatna téa, nu haladir harita lain baé bisa nyaksian prosési milangkala hiji budayawan moyan, tapi deuih bisa bari ngaaprésiasi déklamasina Taufik Ismail, WS. Réndra, Godi Suwarna, jeung Ganjar Kurnia. Bisa bari leuwih mikawanoh karya-karya Pa Ajip anu dipamérkeun, sarta nu pangpentingna, bisa leuwih kahudang rasa kasundaanana.
Wilujeng milangkala Pa Ajip!






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer