Nyiram

Gambar: id.wikipedia.org
Ku Ki Warsita
“Akang, Nyai téh keur nyiram!” ceuk pamajikan dina hiji peuting. Harita téh kuring keur ngadekul nuliskeun hutang nu keur meujeuhna raweuy. Atoh aya, reuwas aya ngadéngé omongan kitu téh. Atohna, duméh geus hayang boga budak téh, geus tujuh taun rarabi can kaparengkeun baé. Reuwasna, éta ku ngadéngé kecap “nyiram”. Jol bréh baé dina sawangan téh, pamajikan kuring ngadadak samar kahayang. Mangkaning ceuk béja, anu nyiram mah kahayangna téh sok nu anéh-anéh.
Tong jauh-jauh, Nyi Sarti tatangga kuring, basa keur nyiramna téh kungsi hayang naékan tangkal kapala. Ari teu digugu, ceuk kolot mah sok aya matakna. Atuh harita kénéh ogé salakina cakah-cikih nyieun tarajé. Nu matak watir mah Jang Samo, pamajikanana kungsi boga kahayang anu henteu ilahar. Tengah peuting jemplang-jempling, keukeuh hayang lalajo maén bal. Dina televisi keur eweuh siaran maén bal, atuh kapaksa Jang Samo ngeprak barudak, sina maraén bal di buruan imah.
Tacan anggeus mikiran nu nyiram téh, geus ngong mantén pamajikan nyarita.
“Asa hayang és campur ieu téh, Kang.” Pokna. Tuh nya ceuk kuring ogé.
“Cik atuh apan ayeuna téh tengah peuting!” ceuk kuring bari muncereng. “Isukan deui, urang nganjuk ka Bi Emin!”
“Ah, da hayang ayeuna,” manéhna ngajanggilek. Beu, duka geus kieu mah. Pamajikan mimiti samar kahayang. Ari henteu digugu, da ceuk kolot sok aya matakna. Nu matak peuting-peuting ogé maksakeun ngetrokan warung. Mani bangun hélok naker nu boga warung téh, pédah aya nu balanja és campur tengah peuting. (more…)
ILMAN
IZZAN
***
