Ekspresi narsis-ku

February 25, 2008

Nyiram

Filed under: Prosa

wanoja sunda
Gambar: id.wikipedia.org

Ku Ki Warsita

“Akang, Nyai téh keur nyiram!” ceuk pamajikan dina hiji peuting. Harita téh kuring keur ngadekul nuliskeun hutang nu keur meujeuhna raweuy. Atoh aya, reuwas aya ngadéngé omongan kitu téh. Atohna, duméh geus hayang boga budak téh, geus tujuh taun rarabi can kaparengkeun baé. Reuwasna, éta ku ngadéngé kecap “nyiram”. Jol bréh baé dina sawangan téh, pamajikan kuring ngadadak samar kahayang. Mangkaning ceuk béja, anu nyiram mah kahayangna téh sok nu anéh-anéh.
Tong jauh-jauh, Nyi Sarti tatangga kuring, basa keur nyiramna téh kungsi hayang naékan tangkal kapala. Ari teu digugu, ceuk kolot mah sok aya matakna. Atuh harita kénéh ogé salakina cakah-cikih nyieun tarajé. Nu matak watir mah Jang Samo, pamajikanana kungsi boga kahayang anu henteu ilahar. Tengah peuting jemplang-jempling, keukeuh hayang lalajo maén bal. Dina televisi keur eweuh siaran maén bal, atuh kapaksa Jang Samo ngeprak barudak, sina maraén bal di buruan imah.
Tacan anggeus mikiran nu nyiram téh, geus ngong mantén pamajikan nyarita.
“Asa hayang és campur ieu téh, Kang.” Pokna. Tuh nya ceuk kuring ogé.
“Cik atuh apan ayeuna téh tengah peuting!” ceuk kuring bari muncereng. “Isukan deui, urang nganjuk ka Bi Emin!”
“Ah, da hayang ayeuna,” manéhna ngajanggilek. Beu, duka geus kieu mah. Pamajikan mimiti samar kahayang. Ari henteu digugu, da ceuk kolot sok aya matakna. Nu matak peuting-peuting ogé maksakeun ngetrokan warung. Mani bangun hélok naker nu boga warung téh, pédah aya nu balanja és campur tengah peuting.
“Keur naon Ujang, wayah kieu mah teu ngeunah didaharna ogé. Geus béak deuih.”
“Ésna wé atuh Bi, campuran ku bala-bala. Nu penting mah és campur.”
“Keun baé teu ngeunah?”
“Teu nanaon da lain keur kuring.”
Diladangan caritana mah. Gancang baé balik, diasongkeun ka pamajikan. Nu matak medenghel mah diasongan és campur téh kalahka olohok.
“Naha maké mawa nu kieu?” pokna pikasebeleun pisan.
“Apan hayang és campur, lin?”
“Hayang héés dina kasur kuring mah,” pokna bari ngagolédag. Deuh lamun lain ka anak mitoha, moal teu diwejek harita kénéh. Ngan sakali ieu mah disabaran wé, meureun gogoda ka nu rék boga anak.
Enya baé ti saprak peuting éta téh pamajikan jadi loba kahayang. Unggal anu dagang kudu baé dibeulian. Daharna ogé kudu nu ngeunah-ngeunah, magarkeun téh ngarah séhat ka si utun inji.
Leuheung ukur hayang nu kitu mah, kaasup ilahar kénéh. Ieu geus dina hiji peuting, boga kahayang nu lain-lain.
“Hayang ngusap sirah Pa Haji kuring mah, pokna. Tuh pan kacida hésé éta kahayang téh, mangkaning peuting deuih.
“Sirah Akang wé atuh!” ku kuring dibébénjokeun.
“Embung hayang sirah Pa Haji, da sirah Akang mah henteu lénang.”
“Enya isuk deui, ayeuna mah geus peuting!”
“Hayang ayeuna!”
“Teu bisa kumaha geus kitu mah. Éra-éra ogé kuring ngetrokan imah Pa Haji. Puguh baé nu boga imah mani hélok naker aya nu nyémah peuting-peuting, bari kaperluanana ukur hayang nyabak sirah wungkul. Mangkaning Pa Haji téh geus kulem, boa geus ngimpi.
“Ieu Pa pun bojo saurna téh hoyong ngusap mastaka.”
Pa Haji olohok.
“Nuju nyiram pun bojo téh,” ceuk kuring. Pa Haji ogé kawas anu surti, da terus imut.
“Leuheung Nyi Onah mah ukur hayang nyabak sirah. Apan Bu Haji mah basa keur nyiram téh tengah peuting hayang ngabedahkeun balong.” Ceuk Pa Haji.
“Diéstokeun, Pa?”
“Ah, sarua burungna atuh. Piraku ngabedahkeun balong tengah peuting.”
Geus kalaksanakeun kahayangna mah, pamajikan terus ngajak balik. Sajajalan digelendeng, ulah boga kahayang nu lain-lain ceuk kuring téh.
Tapi henteu beunang dicarék geuning anu nyiram mah. Peuting isukna kuring geus digawékeun deui. “Hayang nempo nu keur ngamandian domba kuring mah,” pokna. Duh, éta kahayang asa kabina-bina teuing. Mangkaning apan kuring mah teu boga domba., teu boga hayam-hayam acan.
Kurang-kurangna mah matak aral boga pamajikan keur nyiram téh. Ngan nya kitu atuh, katalian ku ucap kolot téa. Cenah kahayang nu keur nyiram mah kudu dilaksanakeun, ulah diengkékeun deuih. Leng baé hiji peuting ngahuleng. Mikiran pamajikan anu kalakuanana robah dadak-dadakan.
Basa kuring ngadoni ka mitoha kalah dicarékan.
“Anggursi gugu kahayang pamajikan téh!” ceuk Si Abah mani muncereng. “Da biasana atuh, anu keur nyiram mah!”
“Kumaha lamun hayangeun ngenyang janggot Abah?” ceuk kuring kapalang dicarékan.
“Cik geura eureunan atuh euy campelak ka mitoha téh!” pokna beuki muncereng. Cindekna mah mitoha gé mangmeunangkeun pamajikan, pédah ka anakna sugan.
Hiji poé kuring panasaran hayang mariksa kakandungan Nyi Onah ka Puskesmas.
“Embung ah sieun disuntik,” pokna bari ngabirigidig.
“Keun baé palebah disuntikna mah diwakilan ku Akang!”
“Embung.”
“Apan ngarah kakandunganana séhat.”
Nya ari karah ku diolo mah pamajikan teu burung daék dibawa ka Puskesmas. Langsung baé nepungan bidan.
“Endén Bidan, itu pangmarioskeun kakandungan pun bojo,” ceuk kuring.
“Mangga, sok atuh di lebet. Bapa mah antosan baé di luar!”
Teu kungsi lila bidan téh geus kaluar deui. Gancang disampeurkeun, rék nanyakeun hasil pamariksaan.
“Kumaha Endén Bidan?”
“Saur Bapa, istri Bapa kakandungan?”
“Sumuhun.”
“Ah, da henteu nuju kkandungan. Moal enya aya nu kakandungan kareseban?”
“Jadi kumaha atuh?”
Teu acan kaparengkeun baé Bapa kagungan putra panginten.”
Di satengahing jalan, pamajikan dipolototan.
“Jadi manéh téh henteu nyiram nyah?”
Kalah nyéréngéh teu nyari.
“Naha atuh mani loba kahayang. Nyiksa salaki manéh mah!”
“Da abdi mah,….euh maksad téh…”
“Gandéng ah!!”***

Tina Mangle No. 1812.

1 Comment »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/02/25/nyiram/trackback/

  1. jadol…… no comment ah… katipu meleg-meleg…. hahahahaha

    Comment by gibson — April 26, 2008 @ 9:06 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer