Ekspresi narsis-ku

March 22, 2008

Tarucing Heureuy

Filed under: Cutatan Sabengbatan

sobat

1. Naon sababna anak babi lamun leumpang sok tungkul?
(Éraeun, sabab indungna…babi).
2. Naon sababna embé sok bau?
(Sabab kélékna opat).
3. Ditempo ti kajauhan aya sapuluh, ari ti kadeukeutan aya tujuh. Naon cing?
(Salah tetempoan).
4. Naon sababna Superman teu jadi kawin ka Wonder Woman?
(Lain jodona).
5. Naon bédana loték lada jeung loték teu lada?
(Loték teu lada mah karétna hiji, ari loték lada mah karétna dua).
6. Naon sababna lamun hayam kongkorongok sok peureum?
(Sabab geus apal téks-na).
7. Ngeunah mana béas lokal jeung béas impor?
(Ngeunah kénéh sanguna).
8. Mana anu leuwih lieur, jalma anu meuli buku di toko beusi atawa meuli beusi di toko buku?
(Anu lieur mah jalma anu maksakeun ngajawab ieu tarucing).
9. Aya manuk dua, ditembak hiji, tinggal sabaraha sésana?
(dua, apan némbakna gé teu keuna).
10. Naon anu kudu dikedalkeun ku urang lamun urang papanggih jeung jurig anu huluna lima?
(Kumaha damang? Kumaha damang? Kumaha damang? Kumaha damang? Kumaha damang?).
11. Sakilo endog hargana Rp. 16.000,-. Sabaraha endog anu bakal kapimilik lamun urang boga duitna Rp. 200.000,-?
(Teu sakilo-kilo acan. Sabab lamun boga duit Rp. 200.000,- mah asa mending kénéh meuli baju jeung calana).
12. Lamun dibandingkeun, jauh mana ti Masjidil Harom ka Masjidil Aqsa jeung ti Bandung ka Sumedang?
(Jauh ti Bandung ka Sumedang, sabab ti Masjidil Harom ka Masjidil Aqsa mah teu ngaliwatan…Tanjungsari).
13. Lamun urang tumpak ojég, heug ongkosna Rp. 2000,-. Waktu turun, sabaraha pantesna urang kudu mayar?
(Sarébu pérak, sabab tukang ojégna milu tumpak).
14. Naon bédana wayang kulit jeung wayang golék?
(Wayang kulit mah bisa dijieun dorokdok, wayang golék mah henteu).
15. Muka usaha naon di Papua anu matak bangkrut?
(Muka salon keriting rambut).
16. naon sababna munding sok resep cicing di tempat nu kotor?
(Keun wé antep, kumaha kahayang manéhna).
17. Naon basa Inggrisna nini-nini naék kana tangkal kalapa?
(Believe or not).
18. Nagara naon anu matak ngarugikeun kana kaséhatan?
(Maroko, sabab bisa nyababkeun kangker, serangan jantung jeung impotensi).
19. Sato naon anu ditempo ti peuting caang?
(Monyét mawa patromak).
20. Naon sasaruanana George Bush jeung George Bush Yr?
(Sarua pada-pada teu wawuheun ka manéh).
21. Saha anu ngalukis katumbiri (pelangi)?
(Agung. Apan dina lagu “Pelangi” ogé disebutkeun: pelukismu…Agung).
22. Aya jalma diudag maung. Terus naék kana tangkal. Éta maung gé pipilueun naék. Kumaha akalna sangkan éta jalma salamet teu dikerekeb maung?
(Ah, keun wé masing dihakan maung gé, da lain baraya urang ieuh).
23. Naon basa Arabna aki-aki ragrag tina tangkal kalapa?
(Innalillahi wa inna ilaihi rojiun).
24. Sato naon anu panjang?
(Oray keur ngantri minyak tanah).
25. Naon basa Arabna nitah nyeuseuh ka uwa?
(Wa tah sabunna).

(Tina Sabulangbéntor, Karya Taufik Faturahman).

March 19, 2008

Aquarius

Filed under: Zodiak Humor

aquarius

(20 Januari-18 Fébruari)

Kahirupan téh salawasna pinuh ku kapalsuan, ti mimiti huntu palsu, nepi ka ijasah palsu. Nu matak omat pisan ka sing saha baé anu resep balanja, sanggeus adu hareupan jeung kasir (atawa gaang…) ulah nyoba-nyoba mayar ku duit palsu. Pibarabéeun.

Kaséhatan. Wayahna minggu ieu kudu pulang anting ka dokter. Ari masalahna, salah urang sorangan, handphone jeung kacamata dokter kalah diasupkeun kana tas urang. Lamun panyakit teu cageur baé, ulah ngarasa kagét, sabab ubar nu dibikeun ku dokter téh ubar…palsu. Rék ngagugat? Ah, kateuteuari, pan urang mayar ka dokterna gé sarua maké duit…palsu.

Rejeki. Minggu ieu duit anu katarima rada seuseut. Upama hayang mindeng narima duit, coba ngalamar jadi kondéktur beus kota. Dijamin leungeun urang bakal mindeng narima duit…pamayar ongkos ti panumpang.

Asmara. Geus waktuna ngedalkeun kalimah nu dianti-anti ku Si Manéhna sakulawarga. Sabada minggu tukang ditalék ku calon mitoha perkara serieus henteuna bobogohan jeung anakna. Ayeuna nya waktuna pisan urang kudu ngajawab ku hiji kalimah anu pohara éndahna: “Hidup Persib

(Sawangan Kang Opik ti Gegersunten)

Capricorn

Filed under: Zodiak Humor

capricorn

(21 Désémber-19 Januari)

Hirup téh salawasna papasangan. Aya beurang aya peuting. Aya poék aya caang. Aya aki aya nini. Aya emang aya bibi. Aya ua aya…panonpoé. Lamun minggu ieu karasana asa titatarajong, da bongan urang sorangan, béca keur diparkir bet disépak. Untung baé nu bogana henteu ngambek.

Kaséhatan. Résikona urang mindeng huhujanan, awak urang katarajang AIDS (atuk ilek dan sebagainya).

Rejeki. Nu nawaran gawé lain hiji dua, tapi loba pisan. Komo deui lamun digawéna bari teu digajih mah. Kahadé entong meuli ucing dina jero karung, kuduna meuli ucing mah dina kandang. Rejeki dina minggu ieu wayahna récéh wungkul, lantaran kamari urang kakara meupeuskeun céngcéléngan.

Asmara. Rada riweuh, da bongan bet bogoh ka nu teu bogoheun. Tapi sing sabar wé, da nu sabar mah tara…kabagéan. Ceuk paribasa “alon-alon asal kalakon” kudu bener-bener dipilampah. Leukeunan jeung tungguan. InsyaAlloh sabada ditungguan mah Si Manéhna bakal …direbut batur.

(Sawangan Kang Opik ti Gegersunten)

March 17, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 1

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-1

Rumasa dunya kuring mah heureut. Ti jaman keur budak kénéh. Mun teu ulukutek di kamar, nya di buruan atawa di pipir imah. Minangka rada liarna téh indit ka sakola anu jauhna aya kana opat kilona sarta meuntas rél karéta api. Nepi ka ayeuna teu pati robah, horéam ruang-riung ubrang-abring, teu purun miluan organisasi. Matak teu anéh mun kawawuhan gé teu pati loba kawas lanceuk-lanceuk.
Ari lanceuk kuring da puguh duanana gé lalaki, pagawéan ngablu, marurag bulu bitis. Mun teu ditéang ku kolot mah sok ngadon ngaréndong samemena di bumi Nini, komo mun pareng peré sakola. Atoh aya keur kuring mah maranéhna langka aya di imah téh, euweuh nu maséaan, da nu hiji barangasan, nu hiji deui heuras genggerong. Abong lalaki. Tapi kawasna lain pédah maranéhna lalaki, mémang geus watekna baé kitu meureun, da geuning teu euweuheun budak batur ogé sarua lalaki bageur wé, jeung tara udar-ider.
Kawas Pras anakna Pa Siahaan anu imahna paeunteung-eunteung pisan jeung imah kuring. Tara katempo ulin jauh manéhna mah. Mun balik sakola sok kawas nu hayang gura-giru tepi ka imahna, tara kabawa ku sakaba-kaba. Malah antukna mah kuring jadi leuwih dalit jeung manéhna batan jeung lanceuk-lanceuk nu dua. Balik sakola mindeng bareng. Mun manéhna leuwih ti heula kaluar ti kelas sok ngadagoan sisi gapura sakola, gigireun tukang limun. Kasampak sok keur congogo bari nyedotan limun dina pelastik, sakedapan gé langsung béak limun nu beureum burahay téh, bakat ku halabhab meureun. (more…)

March 14, 2008

Tibelat.com

Filed under: Figura Hate

tibelat

Anjeun

Karya Acep Zamzam Noor

Pameunteu anjeun estu geter nu eunteup mangtaun-taun
Soanten anjeun kawih angin nu meruhkeun hate cadas
Ramo-ramo anjeun lir sumirat mukahkeun peteng
Neueulkeun lelembutan ka puseur tineung

Aya dalingding nu nyanding di sabudeureun imut anjeun
Galindeng tresna nu nyungsi duriat panjang
Mun kuring beakeun kecap pikeun cumarita
Reungeukeun jumegurna lambak neumbrag karang rohaka

Maratan langit batin ngacacang jeung sasambat
Murang-maring ngagedoran panto jomantara
Basa kuring tibelat kalebuh leuwi cimata
Anjeun nutug lebah ketug jajantung

1988

March 11, 2008

RBP

Filed under: Figura Hate

tibelat

Sajak Satengahing Ringkang

Karya Godi Suwarna

Hariring angin rumangsang
Ka landeuhkeun, nebak renghap saamparan pucuk enteh
Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas lelenglang langit
Lebah dinya kulit cai tingborelak ngariak-riakkeun wanci
Bet kaambung dumalingding seungit jempling Sungkeman lemah kaheman
Nyambuang ti lamping wening nu katembong semu ngenclong
Aya kalbu langkung langgong tibatan kelewung gunung
Langkung hurung manan talaga nu keur gumiwang
Lalaunan ngajaulkeun lamunan ka alakpaul But-bat jalan panineungan
Ngagurat hehejo kebon nu nungtung di suku gunung
Kelun haseup ti rarambu leuweung pineus lain tangara balai
Ngan ukur gebur kakangen ngagupay mega kasumba
Nu ngalayang ka jabaning langit bungur Kapireng kawih kamelang
Moal boa riring mojang pasisian nu keur migandrung sarakan
Ngayun ambing lamping rungsing dilentab-lentab srangenge
talaga beuki gumenclang dina pepeteng jantung
memeh lunta muru lembur pangsingkurna

March 1, 2008

Ngalanglang Rumentang Siang

Filed under: Cutatan Sabengbatan

FDBS Dzulfikar

action FDBS
Teater “Knalpot” (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer