Ekspresi narsis-ku

March 1, 2008

Ngalanglang Rumentang Siang

Filed under: Cutatan Sabengbatan

FDBS Dzulfikar

action FDBS
Teater “Knalpot”

FDBS
Aksi Dzulfikar

FDBS FDBS

FDBS

smp margahayu 1
Dibalik Layar: Teater Knalpot SMPN Margahayu 1 Bandung

Nu Nulis & Godi Suwarna (juri FDBS)
pop-godi

Nongton bari popoekan, kacida tah nu moto!!
FDBS

Awal Maret 2008, Festival Drama Basa Sunda (FDBS) X lekasan. Tina éta kagiatan aya sawatara catetan minangka pangwilujeng kana kasuksésanana. Catetan kahiji, ieu kagiatan téh hiji bukti yén urang Sunda masih kénéh ngeukeuweuk pageuh basa, sastra katut senina. Catetan kadua, anu icikibung dina ieu kagiatan réréana generasi ngora. Hiji tanda kahirupan Basa Sunda ka hareupna mapag cahaya nu gilang gumilang. Catetan katilu, teu kapangaruhan ku situasi sosial, politik, ekonomi bangsa, urang Sunda eksis dina dunyana, dina raraga ngamumulé budaya warisan karuhunna.
Ku kituna mun aya para inohong nu nyebutkeun yén basa Sunda keur aya dina kaayaan sakarat, perlu dibantah. Para inohong nu nyebutkeun yén urang Sunda ayeuna kaleungitan jati diri, perlu dipénta bukti tina éta argumen-arguménna.
Aya tujuh puluh hiji grup teater anu datang ti sawatara daérah di Jawa Barat anu miluan kana éta lomba. Jumlah anu teu bisa dilalaworakeun. Éta tina segi kuantitas. Tina segi kualitas ogé kawilang nyugemakeun. Numutkeun panitén sim kuring, tandangna grup téater anu rata-rata masih kénéh rumaja téh, hiji fenoména anu ahéng. Dina kaayaan jaman anu tiap detik teu eureun-eureun digempur ku budaya global, puluhan basa asup ngangsrog, ngadéséh budaya katut basa-basa lokal di Indonesia, generasi ngora Sunda tagen dina tatapakanana. Paséhat dina gunem catur di panggung. Total neuleuman karakter tokoh nu kudu diperankeun ku séwang-séwangan.
Mun téa mah aya inohong anu kersa rurumpaheun nongton éta pagelaran, bakal kahudang rasa reueusna. Tapi nu dipiharep ku balaréa, ku masarakat Sunda palaku seni hususna, sanés rasa reueus wungkul anu diantos-antos ti para inohong téh, tapi bari sareng bantosanana, utamina mah bantosan materialna. Da ari para palaku seni mah boh aya boh teu aya bantosan, teras jalan, ngagugulung idealisme tur kasugemaan batin. Tapi upami teu dirojong ku nu karagungan kawijakan mah hawatos maranéhna téh, sok inggis maranéhna séépeun tanaga kanggo nété tarajé kasenimanan, sok sieun idéalismeuna pareum mantén di tengah jalan.***

3 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/03/01/ngalanglang-rumentang-siang/trackback/

  1. Tah .!sae pisan nyakseni boh artikelna boh potona meuni matak uruyyyy da sim kuring mah tetebiheun tiasa kieu blog teh. ngiring bingah aaahhhh

    Comment by aniarlina — March 12, 2008 @ 2:55 am

  2. Hatur nuhun. Ah, teu kedah uruy, da gampil atuh, kantun ngaluangkeun waktos :)

    Comment by pop_ice — March 12, 2008 @ 3:09 am

  3. Ngeunaan kasenian sunda, saupamina aya maksad manggung di Bangkok Thailand, tiasa ngadamel serat permohonan ka KBRI bangkok, atanapi ngadamel persetujuan sareng perguruan tinggi anu aya di bangkok.
    Abdi hoyong ningali kenian sunda, mendunia

    Comment by ahmadlabib — November 17, 2008 @ 4:35 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer