Ekspresi narsis-ku

March 11, 2008

RBP

Filed under: Figura Hate

tibelat

Sajak Satengahing Ringkang

Karya Godi Suwarna

Hariring angin rumangsang
Ka landeuhkeun, nebak renghap saamparan pucuk enteh
Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas lelenglang langit
Lebah dinya kulit cai tingborelak ngariak-riakkeun wanci
Bet kaambung dumalingding seungit jempling Sungkeman lemah kaheman
Nyambuang ti lamping wening nu katembong semu ngenclong
Aya kalbu langkung langgong tibatan kelewung gunung
Langkung hurung manan talaga nu keur gumiwang
Lalaunan ngajaulkeun lamunan ka alakpaul But-bat jalan panineungan
Ngagurat hehejo kebon nu nungtung di suku gunung
Kelun haseup ti rarambu leuweung pineus lain tangara balai
Ngan ukur gebur kakangen ngagupay mega kasumba
Nu ngalayang ka jabaning langit bungur Kapireng kawih kamelang
Moal boa riring mojang pasisian nu keur migandrung sarakan
Ngayun ambing lamping rungsing dilentab-lentab srangenge
talaga beuki gumenclang dina pepeteng jantung
memeh lunta muru lembur pangsingkurna

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/03/11/rbp/trackback/

  1. Teu nyingkur teuing atuh lembur kuring mah …. malah ayeuna ma jadi tempat rural …. jati kasilih ku junti meureunnya ;) )

    Comment by Tibelat — March 13, 2008 @ 1:15 am

  2. Da sanes lembur di alam nyata ieu mah, tapi lembur di alam imajiner, caket taman hate, gigireun leuweung kadeudeuh, luhureun sawah kanyaah, dilandeuh kebon kaheman. sareng di hilir wahangan cinta :)

    Comment by pop — March 14, 2008 @ 4:34 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer