Prasasti nu Ngancik na Ati 1

Ku Popon Saadah
Bagian ka-1
Rumasa dunya kuring mah heureut. Ti jaman keur budak kénéh. Mun teu ulukutek di kamar, nya di buruan atawa di pipir imah. Minangka rada liarna téh indit ka sakola anu jauhna aya kana opat kilona sarta meuntas rél karéta api. Nepi ka ayeuna teu pati robah, horéam ruang-riung ubrang-abring, teu purun miluan organisasi. Matak teu anéh mun kawawuhan gé teu pati loba kawas lanceuk-lanceuk.
Ari lanceuk kuring da puguh duanana gé lalaki, pagawéan ngablu, marurag bulu bitis. Mun teu ditéang ku kolot mah sok ngadon ngaréndong samemena di bumi Nini, komo mun pareng peré sakola. Atoh aya keur kuring mah maranéhna langka aya di imah téh, euweuh nu maséaan, da nu hiji barangasan, nu hiji deui heuras genggerong. Abong lalaki. Tapi kawasna lain pédah maranéhna lalaki, mémang geus watekna baé kitu meureun, da geuning teu euweuheun budak batur ogé sarua lalaki bageur wé, jeung tara udar-ider.
Kawas Pras anakna Pa Siahaan anu imahna paeunteung-eunteung pisan jeung imah kuring. Tara katempo ulin jauh manéhna mah. Mun balik sakola sok kawas nu hayang gura-giru tepi ka imahna, tara kabawa ku sakaba-kaba. Malah antukna mah kuring jadi leuwih dalit jeung manéhna batan jeung lanceuk-lanceuk nu dua. Balik sakola mindeng bareng. Mun manéhna leuwih ti heula kaluar ti kelas sok ngadagoan sisi gapura sakola, gigireun tukang limun. Kasampak sok keur congogo bari nyedotan limun dina pelastik, sakedapan gé langsung béak limun nu beureum burahay téh, bakat ku halabhab meureun.
Mun kuring nu pangheulana kaluar, sarua deuih sok ngadagoan manéhna. Ngarah aya batur meuntas rél karéta. Puguh masih unggal poé ogé kaliwatan, keukeuh wé teu wani sorangan meuntas téh, hayang aya batur, sieun teu pupuguh aya karéta ngagurudug nyampeurkeun. Keur meuntas téh sieun ngadak-ngadak bongé, da cenah di jalan karéta mah sok aya jurig torék, nu mareuntas ditorékkeun, nepi ka teu engeuh karéta geus aya gigireun atawa tukangeun. Harita teuing ku percaya kana éta carita.
Tara ngaheureuyan deuih Pras mah, da meureun lain ka adi sorangan. Malah mimindengna mah ngupahan mun pareng kuring ceurik balilihan di téras imah téh. Cenah ulah babarian atuh, ngarah si Aa teu raresepeun ngaheureuyan. Sok geura mun urangna tahan mah, ulah tepi ka ceurik, maranéhna bakal capéeun sorangan. Sakapeung kuring téh ngagugu kana caritaanana, sakapeung mah mun keuheul pisan ka nu ngaheureuyan, tara ieuh didéngé omonganana téh, anteng wé ngadingdiut.
Koloteun deuih Pras téh, jajauheun kana carékeun. Kuring apal pisan kana adat jeung kabiasaan sapopoéna téh da puguh panto imahna jeung panto imah kuring téh éstuning pahareup-hareup. Manéhna jadi kareueus indung bapana. Kawantu anak hiji-hijina. Sok dicontokeun ku kolot kuring gé, “Tuh tempo Si Pras, ka kolot téh tara ngahanakeun, bageur, tara kungsi dititah, hideng sorangan ngabantuan kolot, na ari manéh?” Ceuk Si Mamah, basa Si Aa nu cikal kalékéd dititah ka warung.
“Ah nya pantes baé da euweuh deui titaheun di imah Si Batak mah. Ari di urang mah pan aya kénéh Si Ramdan, Si Rinéga. Tuh titah Si Rinéga, ulah sina jadi awéwé beté kapoé!” ceuk Si Aa deui, kalah nuduhkeun ka kuring. Si Batak nyebut ka Pras téh, padahal nu Batakna mah bapana, da indungna mah pituin urang Sunda.
Hiji waktu Pras ngaleungit sababaraha poé ti imahna. Teu kungsi bébéja heula ka kuring, teuing poho, teuing ngarasa teu perlu, teuing ngahaja sina kuring leungiteun. Da meni teu resep hirup téh, asa sararepi. Euweuh nu ngosrék sasapu di buruan imah isuk-isuk. Euweuh nu nyampeur indit sakola jeung marengan balikna. Rék nanyakeun ka indungna éra. Sieun diadeuh-adeuh, bonganna ka dieunakeun mah ari keur guntreng duaan téh sok aya nu ngagonjak jeung ngajangjaruhkeun.
Horéng manéhna téh dibawa ku bapana ka Jakarta. Milu mapagkeun nu balik ti Mekah. Balikna maké haat méré oléh-oléh keur kuring, tasbé warna krém anu tungtungna dirarawisan benang beureum. Dijieunna tina tulang cenah, teuing tulang onta teuing tulang nanahaon, ngan nu jelas éta tasbé téh tepi ka ayeuna aya kénéh, dirawatan dipusti-pusti, teu béda ti nyimpen barang tina emas. Piraaning tasbé, tapi ceuk kuring mah éta barang téh asa ngandung daya tarik nu hésé dijelaskeunana, daya tarik keur sakuringeun wungkul.
Nepi ka ayeuna, imah kuring jeung imah manéhna angger paeunteung-eunteung. Tapi geus pada-pada robah wangunna. Tina duduk jandéla jadi gedong modél Spanyol imahna téh. Térasna dipager beusi warna hideung. Ari imah kuring, robahna ukur saeutik, da ti sahideng kuring gé geus kitu, imah témbok. Robahna téh anu asalna ukur dipelur, ayeuna mah kabéh lanténa maké keramik. Pager awi diganti ku pager tina beusi tempa.
Pangeusina gé geus tangtu milu barobah, lanceuk-lanceuk kuring geus mimiti malencar, nu cikal milu gawé jeung Emang di Kalimantan. Nu kadua kuliah di Jakarta. Kuring jeung manéhna geus lain budak olol lého deui. Geus pada-pada riweuh ku urusan kuliah. Tampolana saminggu campleng teu papanggih. Dina waktuna diparengkeun paamprok, kawas nu sono manéhna téh, daréhdéh nanyakeun kaayaan kuring salila manéhna euweuh, atawa teu ditanya gé galécok nyaritakeun pangalamanana di kampus.
Tapi, di antara nu rarobah balukar nyemprungna waktu téh, aya nu angger teu daékeun robah, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan, nya éta rasa nu ngancik na haté kuring. Rasa anu ngan kuring wungkul nu nyahona. Rasa anu kawasna timbulna téh ti baheula mula, rasa nyaah jeung asih ka dirina. Mun diibaratkeun kembang, éta rasa téh ti mimiti jadi sirung kénéh, ku kuring ngahaja diipuk dipiara sina morontod, nepi ka ngarandakahna kawas ayeuna. Naha na dadana gé aya kembang nu keur mangkak siga kembang nu kuring? Dina hal ieu kuring teu bisa neguhna. Jeung teu wasa neguhna. Ngan haté teu petot-petot tumanya, kanggo saha ari kembang nu aya na manah salira?
“Kembang nu mana Rin?” Tanya manéhna.
Kuring langsung ngarénjag, sugan téh manéhna bisa ngadéngé gerentesna haté kuring cikénéh. Sihoréng pertanyaan bieu téh nyambung omongan kuring saméméhna, basa kuring nyarita yén tangkal itu nu dina pot deukeut bénténg dapur kuring téh ngaranna Gelombang Cinta. Tuda ngobrol dibarung ku haté kumacacang mah jadi pabeulit. Biwir-biwir anteng ngobrol jeung manéhna, haté-haté séjén deui galécokna téh.
“Itu nu daunna paranjang teras sisina rada ngombak banyu,“ cekéng bari nuduhkeun ku indung leungeun.
“Mani saé namina nya. “Gelombang Cinta”. Ari cinta aya gelombangna kitu?” cenah bari seuri.
“Éta nu karaos ku nyalira? Kumaha?” ceuk kuring deui, niat nalungtik kaayaan haténa nu sabenerna.
“Nya sami wé sareng gagaduhan Rin, baruleud,” cenah, ngaheureuyan.
“Ngaco ah, moal enya bentuk cinta baruleud, da écéng saur nu sanés mah.”
“Ah nya kuma nu napsirkeun atuh. Apan geuning ceuk sawaréh mah ngombak banyu, siga tangkal éta,” cenah deui bari melong kana tangkal Gelombang Cinta téa.
“Nuju awis éta tangkal téh, Pras. Nuju booming dina internét ogé.”
“Ti iraha Rin resep kekembangan? Maké jeung terang nuju booming sagala?”
“Nya pan batur ramé nyararioskeun éta tangkal. Réréncangan mah komo ngahaja ngoléksi kembang arawis nu sanésna, sapertos Anturium sareng Adénium.
“Ah sakumaha awis ogé angger wé aya layuna,” cenah.
“Nya muhun atuh. Tong boro kembang, bet jalmi ogé moal saendeng-endeng beleger, hiji waktos bakal layu, teras dugi wéh kana waktosna.” Ceuk kuring embung éléh.
“Tapi aya kembang nu abadi teu layu-layu.” Pokna deui.
“Kembang naon?” Haté degdegan, moal kitu kembang nu keur sarua mangkakna dina jeroeun dada séwang-séwangan?
“Kembang naon cing?” manéhna kalah malik nanya.
“Kembang buruan!”
“Sanés!”
Kuring cicing.
“Nya kembang plastik alias kembang tiruan atuh,” cenah bari nyéréngéh.
Haté ngarasa kuciwa, ari sugan nu dimaksud ku manéhna téh kembang kadeudeuh nu aya di manéhna, asongkeuneun ka kuring!
Puguh nénjo sikepna siga kitu téh matak geregeteun. Rék iraha atuh anjeun wakca téh? Rarasaan mah geus meujeuhna pikeun brukbrak, da geus manjing ieuh, lain murid SD Jatayu deui pan urang téh. Geus pada-pada sawawa. Hanjakal nya lolobana mah haté jelema téh kacida bunina, jerona ngaleuwihan sagara nu pangjerona. Coba lamun transparan…..
Padahal babaturan nu kungsi kedal, togmol ngomong yén manéhna mikaresep kuring gé aya. Fauzan, babaturan kuliah sajurusan. Haté manéhna mah éstuning némbrak, lir dasar kamalir. Balaka ngajak hirup sapapait samamanis. Kituna téh bari keukeuh, teu beunang diembung-embung. Ayeuna gé masih kénéh ngadagoan, sugan jeung sugan, isuk pagéto haté kuring léah, cenah.
Ka lalaki nu bruk-brak teuing, teu resep deuih, asa réhé, asa euweuh geregetna. Da nu matak panasaran mah nu siga kieu, siga nonoman nu keur diuk gigireun. Nepi ka haté unggal poé diulinkeun ku sikepna, kawas nu ngahaja haté kuring sina hantem mikiran tatarucingan anu konci jawabanana ngan ukur aya di manéhna. Éta tatarucingan téh, “Saha wanoja nu dipicangcam ku manéhna”? Belasan taun sosobatan, ka mamana teu weléh babarengan, piraku ka kuring ukur nganggap babaturan? Ceuk pikiran kuring, kuduna manéhna nganggap kuring leuwih ti kitu, kapan meureun “jam terbang” urang dina silih bélaan téh geus lila pisan, geus apal kana jero-jerona diri masing-masing, boh nu hadéna boh nu goréngna. Tapi lain ogé Pras atuh, ari teu resep nyidem rasa mah. Sigana ngahaja ngarah kuring baluweng. Heug teu nanaon lah rék ngabibingung kuring mah, asal ulah lila teuing wé, cangkeul yeuh….
Kawasna boh kulawarga kuring boh kulawargana nyarangka kuring jeung manéhna téh geus pakait ati pasini jangji. Da remen reureujeungan téa. Keur kuring mah atoh wé nu aya mun kolotna nyebut “calon minantu” ka kuring téh, sugan wé katuliskeun. Atuda keur kuring mah euweuh deui nu bisa dijieun batur pakumaha, nu ngarti kana kaayaan diri kuring iwal manéhna, da kapan lanceuk-lanceuk mah jarauh. Ari kolot kuring deuih da geus béda deui jalan pikiranana, lantaran hirup teu sajaman téa, béda sagenerasi, dina sababaraha hal kadang-kadang teu bisa dikumahaan. *** (Hanca)
ILMAN
IZZAN
***

Ooo…SD Jatayu toh…emang daerah sana mah kelewatan rel kereta apa
)
Comment by Debu Jalanan — March 22, 2008 @ 1:17 am
Muhun, abdi alumni SD Jatayu. Kapungkur rorompok teh di Gg. Halteu, upami bade ka daerah Jatayu teh kedah meuntas heula jalan kareta, teras ngalangkungan kampung Kebon Muncang upami bade ka sakola teh, sareng harita mah memang seueur keneh tangkal muncangna.
Comment by pop_ice — March 22, 2008 @ 2:54 am
Mana sambungan nana carnyam teh. abdi tea penggemar carita sunda…..sok semangat ah nulisna…..
Comment by urang Ozi — April 4, 2008 @ 12:43 am
Duh…carita nu matak nineung ka mangsa nu ka tukang2. Carita nu mawa hate kuring rus-ras ka jaman baheula. Sanggeus beres maca ieu carita, sakedapan kuring ngahuleng ngaraga meneng. Rarasaan teh, kuring aya dina eta carita. Astaghfirullah, karek kuring sadar…yen eta teh ngan saukur carita.
Sae pisan ieu carita. Hatur nuhun ka nu ngageugeuh ieu blog.
Comment by gajah_kurus — April 24, 2008 @ 8:20 am