Prasasti nu Ngancik na Ati 5

Ku Popon Saadah
Bagian ka-5
Basa kuring keur ngaderes “Bumi Manusia” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
“Éta téh buku énggal?” Tanya manéhna.
“Yup!”
“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”
“Pamasihan.”
“Pamasihan saha?”
Teu dijawab.
“Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?”
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku?”
Kuring cicing. Tuluy pédah diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
“Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.” Manéhna mencrong kénéh.
“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan.” Kapaksa kuring némbalan, kaluman, gandéng ku tetelepékna.
“Meni perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.
“Ya..gitu déh,” ngajawab téh asal engab.
“Sering masihan bukuna?”
“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé kumaha?” bari panon mah anteng kénéh kana bacaan.
“Ati-ati. Ulah asal nampi kitu waé!”
Kuring teu ngarti kana maksud éta caritaanana, Naon anu dimaksud ku Pras kudu ati-ati téh? Da Fauzan ogé lain jelema saliwat atuh. Geus dua taun kuring deukeut jeung manéhna téh, najan ukur reureujeungan di kampus wungkul. (more…)



ILMAN
IZZAN