Ekspresi narsis-ku

April 8, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 2

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-2

“Pras, anteur deui ka warnét!” Kuring wani ngajak téh sabab katingalina manéha keur salsé.
“Badé muruhan sabaraha? Mangkaning bodyguard profésional ieu mah!”
“Engké lah buruhna mah dirapélkeun.” Bari haté mah hayang seuri, naha manéhna maké asa dianggap bodyguard nya? Heureuy wungkul sigana.
“Meni resep-resep teuing ka warnét, aya naon sih di éta tempat téh?”
“Aya komputer, aya korsi, aya méja, aya téh botol, aya kipas angin….”
“Hayu atuh,” cenah bari maké jékét nu nyampay dina stang motorna. “Ka warnét mana?” bari nungtun motorna muru lawang pager.
“Nu di Babakan wé, ngarah énggal aksésna,” cekéng.
“Ngarah énggal aksésna atanapi…..,” manéhna teu nuluykeun caritaanana. Kuring jadi panasaran.
“Atanapi naon?”
“Atanapi resep ka operatorna?” cenah.
“Ih, teu wawuh-wawuh acan,” cekéng. Harita mah teu kapikir naon sababna manéhna bet ngomong kitu. Pas geus nepi ka warnét nu dituju, kakara kaharti, paingan Prasasti ngomong kitu atuh, kuring kakara sadar geuning operator ieu warnét téh kasép. Tapi keur naon kasép ogé ari teu wawuh-wawuh acan mah. Sok anéh-anéh waé ari Pras.
Geus dariuk pagigir-gigir, der kuring browsing, néangan référénsi keur nambah-nambah matéri makalah nu keur disusun. Tara bari chatting ari ka warnétna dibarengan ku manéhna mah. Komo bari diponcongok kawas ayeuna, kuriak diseungseurikeun, sabab lolobana batur chatting téh satipe jeung sorangan, resep ngobrol di cyber ngalér ngidul tanpa bukur, ngahambur-hambur umur.
Sajeroning aya di gigireun, katempo manéhna husu merhatikeun. Jempé deuih teu ngajak ngobrol. Sieuneun ngaganggu konséntrasi kuring meureun. Atuh kuring jongjon ngasup-ngasupkeun data ku cara nge-save jeung nga-download artikel tina website batur kana flashdisk. Kojéngkang manéhna ngaléos heula. Torojol téh geus mawa téh botol dua. Ku surti ari anjeun, Pras, da heueuh atuh tikoro téh geus mimiti garing.
“Badé dugi ka jam sabaraha Rin? Tong wengi teuing, bilih Mamah deudeupeun, pajarkeun kéh diajak ngablu ku Pras.”
“Moal, tadi tos wawartos badé ka warnét. Tenang wé atuh da malem Minggu ieuh.” Kuring anteng kénéh.
“Batur mah malem mingguan téh ka bioskop, ka réstoran, ieu mah ka warnét. Rinéga itu orangnya anéh ya,” cenah.
“Ka bioskop mah atuh kedah sareng kabogoh,” jawab kuring.
“Ari ieu sareng saha kitu?” cenah bari mencrong.
“Sareng…kabogoh,” cekéng ngaheureuyan. Manéhna cicing. Pangangguran ku kuring dirérét beungeutna. Rey téh katempo semu beureum, atra beungeutna ngabeureuman sabab kacaangan pisan ku cahaya tina layar monitor.
“Hayu ah tos tunduh,” cenah.
Kuring ngagugu. Sanggeus nyabut flashdisk tina komputer tuluy cengkat dituturkeun ku manéhna, song mayar billing ka operator.
“Énjing Pras nu dianteur ku Rin nya!” cenah basa geus aya di jalan raya. Ngomongna ngajorowok, da ceuli keur papada katutupan helm, jaba di jalan téh keur meujeuhna pabuis ku kendaraan, motor jeung mobil pasulabreng. Sora klason patarik-tarik.
“Anteur ka mana?” Kuring gé sarua ngajorowok.
“Ka uleman, jam 10.00,” cenah.
Motor ngagibeg, nyingkahan sédan nu seseledek. Teu sadar kuring nyekelan cangkéngna, sieun labuh. Keur mah diuk téh nyangigir, kagok ku erok. Kaduhung teu maké calana panjang tadi téh ngarah diboncéngna bisa bari ngajégang. Basa motor asup ka jalan nu teu pati ramé, kakara leungeun téh lésot tina cangkéngna.
“Nyepengan bisi geubis!” cenah. Kapaksa nurut nyekelan deui da pasti kana nyentakna, najan asa kararagok ogé. Mindeng momotoran jeung manéhna téh, tapi tara kungsi nyekelan cangkéngna, kumaha wé mun keur diboncéng ku tukang ojég. Matak ayeuna asa kararagok jeung teu pararuguh rarasaan dititah nyekelan téh. Teu biasa.
“Naha ngajak ka uleman téh meni ngadadak?”
“Teu ngadadak ah, énjing, sanés ayeuna,” cenah. Ngobrol téh ayeuna mah normal deui teu tingjorowok, sabab motor geus asup ka gang nu sepi.
“Kumaha atuh nya, da badé aya réréncangan énjing téh,” cekéng.
“Saha?”
“Fauzan. Mun ngawartosanana ti basa éta mah, meureun sareng réréncangan téh moal jangjian pendak dinten énjing.”
Manéhna jempé. Teu papanjangan. Nepi ka imah kituna téh. Teu pamitan teu naon basa asup ka imahna gé.
Saméméh asup ka imah masing-masing, kuring gegeroan, maksud téh rék nyarita, kumaha isuk wé jadi henteuna mah ka ondangan téh.
“Pras! Prasasti!!” Rarasaan mah sora téh tarik, komo sakuriling bungking keur simpé kawas ayeuna, sabab tatangga kabéh geus ngararingkeb manéh di imahna séwang-séwangan. Tapi manéhna pura-pura teu ngadéngé. Geblug nutupkeun panto imahna. Atawa mémang enya kitu basa kuring gegeroan téh ku manéhna téu kadéngé? Asa piraku teu kadéngé onaman? Boa-boa baeud manéhna téh. Tapi…paduli ah, isuk ogé nanya deui sugan, ceuk haté.
Tétéla isukna jadi manjang ngabetemna téh. Teuing alatan nanahaon. Pédah kuring nolak diajak ka ondangan kitu? Kapan geus dijelaskeun, yén kuring teu bisa marengan manéhna téh lantaran geus kagok jangji jeung babaturan. Tah lebah dieu teu resep ka Pras téh, sok ngabetem teu pupuguh. Kahayang téh hadé ku omong goréng ku omong, batan ngabibingung batur mah.
Éta geura sakitu pagiling gisik di téras, sugan nanya ka kuring, kalah api-api jongjon ngumbah motor. Kuring rék nanya ti heula géngsi. Tapi diantep kitu asa teu ngeunah deuih, asa disapirakeun, asa dianggap musuh téh saenyana. Tungtungna haté gilig rék daék nganteur manéhna ka ondangan téa. Baé Fauzan mah. Mun manéhna tulus nyémah poé ieu, sina ngadagoan wé di imah, da moal lila ieuh sugan.
Ti jam salapan kénéh kuring geus siap-siap dangdan bisi Pras miheulaan indit sosoranganan. Sanggeus ngelapan motor katempo manéhna asup ka imahna. Ku kuring diawaskeun ti tepas. Engké lamun manéhna kaluar deui rék gancang disampeurkeun. Teu kungsi lila manéhna kaluar ti imah, papakéanana geus ganti ku nu weuteuh. Rék sajungjungeun pisan indit, gancang ku kuring disampeurkeun.
“Pras….ngiring….!.” cekéng asa-asa. Ngahaja ngajengjen hareupeunana, nungguan réaksi manéhna nu keur mencrong seukeut ka kuring.
Ahirna teu burung manéhna imut bari neuteup leleb. Plong wéh haté téh ngemplong, dituluykeun ku surak. Pras teu tulus ngabaeudan. Basa motorna digerung-gerung, clak kuring diuk nyangigir di tukangeunana. Méméh ngabiur, manéhna ngawanti-wanti,“Kadé nyepengan sing pageuh!” cenah.
Sajeroning diboboncéng, haté galécok sorangan. Bagja temenan mun bisa sapapanjangna reureujeungan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Kawasna haté téh geus maskét ka manéhna. Moal galideur. Teu uruy ku operator warnét nu tegep téa. Atuh ka Fauzan, kuring mah ngan saukur nganggap babaturan. Naon rugina deuih sosobatan jeung manéhna, urang mangpaatkeun wé kabageuranana. Mun Fauzan barang béré téh barina gé kuring mah teu ménta teu sing, éta mah éstuning kahadéan manéhna anu tara kungsi diperedih. Mun téa mah aya haté kadua leutik di balik barang-barang nu dibikeun ku manéhna ka kuring, sigana lain urusan kuring, da mun ditolak komo lain pihadéeun deuih, tangtu bakal teu ngeunaheun.
“Tos wawartos ka Mamah, urang badé ka uleman?”
“Atos.”
“Diwidian teu?”
“Diwidian, asal….” ceuk kuring, ngahaja ngomong téh teu diteruskeun.
“Asal naon tah?”
“Asal ulah dibaeudan!” cekéng.”
“Tara ngabaeudan Pras mah.”
“Ari wengi sareng tadi? Meni camberut waé, geuleuh ah.”
“Éta mah nuju horéam nyarios…barusuh manah…héhéh…”
Ku kuring diteunggeul tonggongna. Rada ngabeledug. Tapi manéhna nagen. Ngabalesna téh ku cara ngebut, ngajak lumpat motorna, nepi ka kuring tipepereket nangkeup cangkéngna. Motor suat-sieut. Manggih péngkolan asa beuki hayang kapuji, beuki didéngdék-déngdék wé si motor téh.
“Héy…ieu sanés di sirkuit Sentul, Mén!” Sakali deui kuring neunggeul tonggongna. Teu diwaro, kalah ngahajakeun digas si motor téh. Karasa angin ngahiuk, peureus nebak beungeut. Tapi angin nu aya na haté kuring mah séjén deui, lain ngahiuk, tapi ngahiliwir, ngusapan lelembutan nu keur bungangang. (Hanca)

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/04/08/prasasti-nu-ngancik-na-ati-2/trackback/

  1. Carita ku basa sunda mah mantep nya…….diantos ah sambungan nana….maklum abdi mah sok sono wae kana sunda teh….keep writing……tong lami teuing ah sambungan nana…..

    Comment by urang Ozi — April 8, 2008 @ 4:10 am

  2. ehem….Kang Pras tos ngawitan aya rasa timuruan :-D

    Comment by gajah_kurus — April 25, 2008 @ 9:30 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer