Prasasti nu Ngancik na Ati 3

Ku Popon Saadah
Bagian ka-3
Motor anjog ka hiji aula anu buruanana geus méh pinuh ku kendaraan nu diparkir. Di sisi gapura dipasang janur sadua-dua. Ti tempat parkir katingali jelema ngaliud lebah lawang panto gedong resepsi, ngantay hareupeun penerima tamu.
“Ieu téh uleman nikahkeun atanapi nyepitan, Pras?” Tanya kuring, bari ngabebener buuk jeung baju nu teu rapih urut dibawa abeng-abengan kekebutan.
“Resepsi nikah.”
“Nikah saha?”
“Yudi, réréncangan nuju di SMA.”
Sanggeus ngoncikeun motor jeung nunda helm, tuluy manéhna dituturkeun ku kuring leumpang muru méja penerima tamu. Basa geus aya di jero, kuring teu burung palahak-polohok, euweuh nu wawuh saurang-urang acan. Suasana pésta keur meujeuhna ramé. Ieu kariaan téh dipirig ku musik éléktunan. Obrolan para tamu ondangan pabaur jeung lagu-lagu pop nu dihaleuangkeun ku biduan awéwé ti juru rohangan, kadéngéna semu ngaguruh.
Sanggeus milu ngantay sasalaman ka pangantén katut réngréngan kulawarga pangantén, Pras nungtun kuring muru méja parasmanan.
Bari dahar pagigir-gigir téh manéhna mah teu jongjong ngahuap balas loba nu ngajak sasalaman jeung nu nanya. Tayohna kabéh nu wawuheun téh babaturanana basa keur di SMA.
“Jeung saha euy ka dieu téh?” Tanya lalaki gigireun manéhna.
Pras nuduhkeun ka kuring. Kuring manggut ka nu nanya bari seuri.
“Iraha atuh silaing rék ngondang urang?” pokna téh.
“Hayu waé ayeuna kénéh gé rék ka imah urang mah,” jawab Pras.
“Yéé…sok api-api teu ngarti. Naha geuning lain ka nu baréto, Pras? Ari sugan tulus ka Si Margarét. Kapan harita téh meni layeut pisan.”
Najan ngomong kituna téh rada laun, teu burung kadéngé ku ceuli sorangan, da puguh diuk téh di gigireun maranéhna pisan. Karérét siku Pras nyigeung éta baturna, “Gandéng, bel!” cenah. Nu disigeung nyéréngéh, bari melong ka kuring. Kuring anteng nyanghareupan piring nu sanguna kari saeutik deui, api-api teu ngadéngé obrolan maranéhna. Lalaki gigireun téh tuluy indit, teuing ka mana léosna.
Bérés dahar, Pras ngaharéwos, “Sok badé nyandak emameun naon deui?”
“Henteu ah, wareg,” cekéng.
Keur kitu aya awéwé nyampeurkeun. Éta awéwé nu ceuk taksiran kuring sapantar jeung Pras téh kagambar tina pasemonna semu bungah bisa tepung jeung Prasasti. Da ti kajauhan kénéh gé geus gugupay bari ngajak seuri ka manéhna.
“Aha kabar Ito?” cenah, sanggeus aya hareupeun.
“Burju.” Jawab Pras, rét ka kuring.
“Nunga leleng hita dang pajumpa.”
“Tu dia Ito saleleng on?” Tanya Pras.
“Marsahit au saleleng on.
“Marsahit aha?”
“Hepatitis kambuh muse.” Jawab éta awéwé.
Tuluy Pras ngomong deui,“Kuharap gira hatop malum sahit ni Ito total da.”
“Iyalah Ito, semoga” Témbal éta awéwé.
Walah basa nanahaon tatéh? Kuring lebeng teu ngarti. Si awéwé ngarérét ka kuring, ngajak seuri, tapi sorot panonna asa béda karasana. Teuteupna siga neuteup nalungtik, siga nu hayang nanya, “Saha ari anjeun?”
“Oh muhun, ieu téh Margaret, Rin. Réréncangan waktos SMA,” ceuk Pras ka kuring. Nu disebut Margarét ngasongkeun leungeun katuhuna.
“Ini kenalkan, Rin adé aku,” ceuk Pras deui, ngawanohkeun kuring ka awéwé nu disebut Margarét.
“Séjak kapan kau punya adé, Ito?” Manéhna kerung. Deg! aya nu nonjok kana angen, rasa tugenah, tugenah disebut adé ku Pras jeung tugenah ku sikep Margarét anu teu pati daréhdéh ka kuring.
“Sejak kita berpisah lah Margarét,” lentong Batakna Pras kaluar.
“Ah, kau ini.” Ceuk Margarét bari rét deui rét deui ka kuring. Maranéhna uplek deui ngarobrol maké basa “planét”. Kuring jadi teu puguh rarasaan. Untung geus réngsé dahar. Mun éta wanoja torojolna tadi basa mimiti anjog ka ieu tempat, aya bahan moal kararaban sangu beuteung téh, alatan teu genah haté. Adegan jeung obrolan maranéhna cikénéh éstuning ngabeuntakeun panon jeung haté kuring, tétéla geuning kuring téh lain hiji-hijina awéwé anu dalit jeung Prasasti. Di luareun kalang imah kuring jeung manéhna, aya awéwé séjén anu bisa jadi dianggap leuwih istiméwa ku manéhna ti batan Si Rinéga anu sakieu buktina.
Salila maranéhna uplek bangun nu keur papada nyacapkeun kasono sabab sigana geus lawas teu papanggih, kuring ngimeutan pangawakan Margarét katut tagogna. Geulis ceuk kuring mah ieu awéwé téh. Dedeganana jangkung lenjang, papakéanana modis, irungna bangir, panonna cureuleuk, biwirna ambucuy séksi, pakulitanana koneng umyang, buukna galing muntang ngarumbay semet taktak. Ngadak-ngadak awak asa hareudang, da aya nu ngabebela jeroeun dada. Jadi hayang buru-buru balik, hayang ngareureuhkeun haté nu ngadak-ngadak karasa capé. Hayang geura nyuuh kana bantal. Hayang geura namplokkeun sakabéh rasa tugenah nu ngulibek minuhan angen kana buku harian. Maké aya rasa kaduhung, geus milu ka ieu tempat. Mun tadi téh cicing wé di imah nya, ngadagoan datangna Fauzan.
Aya kana satengah jamna maranéhna uplekna téh. Kuring bati ngaheheruk gigireun Pras. Stand-stand anu nyadiakeun rupa-rupa idangan sama sakali teu ngahudang seléra. Jalma-jalma nu aya sabudeureun kuring jongjon pagaliwota cilingcingcat nyarokotan dahareun bari tingcaleuhak. Sedeng ieu haté keur meujeuhna samagaha.
Sabada Margarét ngaléos bari teu pamitan-pamitan acan ka kuring, Pras ngajak balik. Kuring teu hayang ngomong sakemék ogé, sabab keuheul, asa disapirakeun. Ayeuna mah karasa, hadirna kuring dina kahirupan manéhna téh asa dianggap dogdog pangréwong wungkul. Siga nu heueuh manéhna bageur jeung nyaah ka kuring, geuning ari geus jonghok jeung nu leuwih sagalana mah, poho wé ka nu ngaranna Rinéga téh.
“Margarét téh réréncangan Pras basa SMA, Rin.” Cenah basa motor geus nyemprung deui di jalan raya.
Teu ditémbalan. Ayeuna mah leungeun gé teu nyekelan cangkéngna. Horéam teuing!
“Masih kénéh baraya Papap, ngan bénten marga.”
Teu hayang ngaréspon. Antep. Panyekelan téh pindah, lain cangkéng manéhna tapi jok motor lebah tukang.
“Malah kapungkur kantos ameng ka teun urang, tapi asana mah Rin nuju teu aya harita téh.”
Kuring ngabetem kénéh.
“Héh, Rin, kadangu téu?”
Kuring cicing.
“Rin! Rinéga!!?”
“Ku naon? Teu raraos?”
Teuing ku naon atuh kuring téh, Pras. Da sama sakali teu purun némbalan-némbalan acan.
“Yéé..tong kitu ah, ulah baeud teu pupuguh.”
“Oh pédah bieu teu wareg nya? Teu ngaraosan és krim? Teu kabujeng emam Sukiyaki?”
Teu lucu ah! Ceuk haté.
“Atanapi….kabita hoyong panganténan? hehehe…” Ceuk manéhna deui. Ti dituna mah ngaheureuyan.
Kuring angger kénéh siga patung. Manéhna cicing, teu nanya deui. Sigana kakara ingeteun, percuma ditanya gé, sabab mun haté kuring geus kasigeung tara bisa dionggét-onggét, hesé diupahanana.
“Sok teu ngarti Pras mah. Rin mah baeudna téh sok tara ngiberan heula. Mun atuh wawartos heula mun badé baeud téh, tuluy terangkeun heula alesanana, naon sababna bet baeud.” Cenah deui. Duka atuh Pras, kuring ogé teu ngarti, naon sababna kuring bet ngadak-ngadak ngajetetet. Mun enya téh timburuan gara-gara bieu anjeun papanggihan, lain salah anjeun tapi salah kuring. Teu pupuguh kuring téh bet boga rasa timburu atuh nya. Padahal geus jéntré tadi ogé basa anjeun ngawanohkeun kuring ka Margarét, anjeun ngomong kieu, “Ini kenalkan, Rin adé aku!” Henteu ngomong kieu, “Ini kenalkan, Rin kekasihku!” Teu, teu ngomong kitu pan, tapi kuring téh mani ambon sorangan.
Basa tepi ka imah, kasampak Fauzan geus nungguan dina korsi di teras hareup. Haté nu keur samagaha téh asa kaubaran. Gancang manéhna ku kuring disampeurkeun.
“Tos lami?” cekéng.
“Lumayan, meni nyeri beuheung sosonggéteun,” cenah.
“Aduh hapunten, aya acara ngadadak.” Kuring sasadu.
“Tos ti mana?”
“Ti uleman. Yu urang di lebet.” Kuring ngajak manéhna asup ka rohang tamu.
Karérét Prasasti melongkeun ti lawang panto imahna. Teu daékeun nyampeurkeun. Padahal biasana mah mun aya sémah ka kuring téh manéhna sok pipilueun nepungan, sok hayang wawuh tur hayang milu ngobrol.
Horéng di imah téh Si Mamah keur ngadago-dago kuring datang. Éta wé basa kuring asup ka rohang tengah téh Si Mamah langsung nyarita kieu, “Rinéga, ka dieu heula!” cenah semu daria tapi rada ngaharéwos. Kuring nu rék asup pisan ka kamar jadi ngarengkog. Asa reuwas haté téh, aya masalah naon nya?
“Aya naon, Mah?”
“Éta Prasasti moal ambek, aya sémah lalaki?”
Kuring seuri maur. Ambek? Naha maké ambek? Euweuh ti dituna manéhna kudu ambek pédah kuring kasémahan, rék saha waé gé sémahna!
“Moal Mah, tenang wé, da ka sasaha gé Rin mah nganggap réréncangan.”
Dikitukeun téh Si Mamah kerung kawas nu héran, tapi teu nanya deui. Keur mah kuringna kaburu asup ka kamar, niat rék ganti heula papakéan. (Hanca)
ILMAN
IZZAN
***

meni resep ih carnyam na. ah rek di antosan deui sambungan nana, sok lebih sumanget….ah….
Comment by si uwa — April 10, 2008 @ 3:32 am
Waw…komentar super kilat. Nembe oge diposting tos aya nu ngomentaran. Hebat!!!
Comment by pop — April 10, 2008 @ 3:53 am
neng sok atuh sapa si uwa…….
Comment by si uwa — April 10, 2008 @ 7:11 am
Mudah2an carnyam iyeu happy ending. resep ari maca carita happy ending teh……ameh teu lieur ngartikeun nana…..
Comment by urang ozi — April 12, 2008 @ 8:23 pm
ehemm….ngawitan aya konflik…
langkung rame…
Comment by gajah_kurus — April 25, 2008 @ 9:49 am