Ekspresi narsis-ku

April 14, 2008

Wilujeng Sumping Ayi Nety

Filed under: Wawaran

i miss u

Kamari siang, dinten Minggu abdi kénging iber anu pikabingaheun. Ayi Nety anu bubuara teras dumuk di Texas parantos dugi ka lemah cai. Waktos nelepon abdi téh anjeunna nuju di-spa sareng dilulur. Saurna cararapé sareng masih kénéh jetlag. Atuda uyuhan, abeng-abengan dina pesawat ti Amerika muru Indonesia téh aya kana 36 jamna. Nu mawi pantes pas dugi ka Bandung téh anjeunna henteu fit saurna.
Ari jonghok kieu mah abdi teu acan kantos sareng Ayi Nety téh. Kenal kitu bae, wanoh di cyber. Abdi kantos chatting di YM sareng anjeunna sababaraha kali. Éta ogé diwanohkeun ku Ayi Dhipa Galuh Purba. Waktos harita téh abdi diajak conference ku Ayi Dipa. Ari pék di room-na téh parantos aya Ayi Nétty, Téh Pipit Senja, sareng Téh Tini urang Tasik. Tah ti waktos harita abdi wanoh ka ieu Putri Sunda téh.
Anu matak hélok ka abdina, waktos anjeunna ngobrol sareng abdi dina telepon, éta lentongna éstuning nyunda pisan. Ari manawi téh nu tos lami bubuara di nagri deungeun mah bakal robih lentong nyarios téh, éh da Ayi Néty mah kumaha wé lentong urang Sukajadi Bandung. Hebat!
Sabéngbatan abdi nyawang kumaha profil anjeunna salami abdi mikawanoh anjeunna di cyber. Ayi Nety téh jalmina daréhdéh, low profile, sareng bébas. Éta wé upami gumujeng téh teu weléh ngahahah siga nu raos pisan. Sok ngagumujengkeun abdi anu upami nyarios téh rumaos sok polos heheh….
Janten hoyong geura jonghok yeuh, hoyong geura ngobrol sareng Putri Sunda nu kalintang mikadeudeuhna ka Ki Sunda, hoyong geura ngaguar pangalamanana salami anclang-anclangan di mancanagara.
Bagéa Ayi Nety!!

3 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/04/14/wilujeng-sumping-ayi-nety/trackback/

  1. hahaha…..teeteh…ngan hanjakal mung sakedap tepangna nya teh.

    Comment by nety martin — May 30, 2008 @ 3:18 am

  2. Yi, iraha bade ka Bandung deui?

    Comment by pop — May 30, 2008 @ 6:28 am

  3. Insya alloh taun payun teteh,upami di parengkeun panjang yuswa sehat..tur aya rejeki kanggo ongkosna.

    Comment by nety martin — June 17, 2008 @ 8:07 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer