Prasasti nu Ngancik na Ati 4

Ku Popon Saadah
Bagian ka-4
Sanggeus diuk pahareup-hareup di tepas, Fauzan ngasongkeun bungkusan. Naon deui éta téh? Remen pisan manéhna barang béré, nepi ka geus éra narimana, sabab ti kuring mah tara aya kaingetan nanaon ka manéhna téh. Atuda sakalieun ditanya hayang dibéré naon gé ku kuring, manéhna sok kéképéhan, cenah éstuning iklas barang béré téh, teu ngarepkeun dipulang. Nya ari kitu onaman. Ngan ari mindeng-mindeng teuing mah, aya rasa sieun ogé, sieun méré bari pangarahan sangkan kuring daék ngigelan kahayang manéhna.
“Hatur nuhun. Padahal mah kadieu mah ka dieu wé ulah barang candak,” cekéng, rada basa-basi.
“Ah hatur lumayan, saé mah henteu,” cenah, ogé jawaban nu ngandung unsur basa-basi. Saterusna Fauzan ujug-ujug nanya kieu, “Rin, ari pameget nu sasarengan sareng Rin tadi téh saha?”
“Pras, éta bumina.” Jawab kuring bari nunjuk ka imah Prasasti.
“Tatangga?” Fauzan kerung.
“Muhun, ku naon kitu?”
“Sering angkat-angkatan sareng anjeunna?” Manéhna nanya deui.
Ari kuring ngajawab téh satarabasna.
“Sering sih. Sok silih anteur wé. Da sareng saha deui atuh, lanceuk-lanceuk abdi tarebih.”
“Atuh resep nya,” cenah deui.
“Resep naonna, Kang?”
“Muhun resep, tiasa unggal usik sasarengan, silih bélaan, silih….” Manéhna ngarandeg.
“Silih sentak, silih baeudan,” témbal kuring bari seuri.
“Osok paséa éta téh?”
“Kantenan wé. Ayeuna gé nuju musuh,” cekéng, ras inget kana lalakon tadi di ondangan, nyel kakeuheul téh datang deui. Sumarambah kana bayah.
“Piraku nuju musuh tiasa kénéh momotoran duaan?”
“Muhun, pan paséana ogé némbé di jalan, basa wangsul ti uleman.”
“Atuh Abdi aya saingan,” cenah.
“Naha bet sapertos dagang waé, aya istilah saingan sagala,” jawab kuring bari seuri. Manéhna milu seuri.
“Tapi Rin ogé resep pan ka anjeunna?” Jenis pertanyaan anu pangteu dipikaresepna ku kuring. Pertanyaan anu togmol jeung nyosok jero. Soal resep henteuna kuring ka Pras, asana Fauzan teu kudu nyaho. Rék nyémah mah nyémah wé atuh ulah bari jeung nyilidik sagala.
“Upami abdi nyebat resep, Akang badé kumaha? Upami nyebat teu resep badé kumaha?” Dikitukeun téh manéhna siga nu reuwaseun. Gancang némbalan, “Oh hapunten atuh. Omat ulah bendu, abdi mah mung saukur naros,”
“Geuning kapendak ogé rorompok abdi téh, Kang?” Kuring mindahkeun topik obrolan sangkan teu katutuluyan ngomongkeun Prasasti. Geus lila Fauzan hayang nganjang téh, sirikna teu unggal panggih di kampus nananyakeun alamat imah. Lila-lila asa kaluman ngadéngéna gé. Hiji-hijina cara sangkan jempé, nya digugu kahayangna téh, malah ahirna mah manéhna ngahaja ku kuring diondang, sina datang ka imah poé ieu.
“Nya pasti kapendak atuh ari alamatna jelas mah. Dina sesahna dipilari, badé diubek wé ah. Tebih moal burung dijugjug, nyingkur moal burung disusud,” cenah.
“Walah, sieun atuh mun abdi gaduh sametan ka Akang téh nya, teu weléh kapendak ku nu badé nagih,” cekéng.
“Mémang ayeuna gé badé nagih saleresna mah.”
“Hah? Abdi gaduh sametan naon?” Rada reuwas, bisi enya kuring boga hutang ka manéhna.
“Nagih jawaban!”
Plong wéh haté téh, ari sugan rék nagih hutang duit urut ngagantian barang-barang nu dibikeunan ku manéhna ka kuring salila ieu. Ari jawaban mah teu kaasup hutang atuh. Rék dijawab rék henteu sakabéh pertanyaan ti manéhna, kuma kuring wé.
“Mémangna Akang kantos naros naon ka abdi?” Kuring kerung api-api poho, dituluykeun ku api-api hulang-huleng. Padahal apal kénéh pisan manéhna sok mindeng nanya kieu, “Upami abdi mikahéman salira, naha ditampi atanapi moal?” Sabenerna lain pertanyaan rumit, kari nyebutkeun “ditampi” naon héséna. Tapi mun ngingetkeun harti kecap “mikahéman” anu geus pasti keur Fauzan mah jero ma’nana, kuring jadi mikir ratusan kali, teu meunang asal-asalan ngajawabna. Sakali kuring ngedalkeun kecap “ditampi”, hartina ka dituna kudu daék narima sagala konsékwénsi tina éta jawaban, kudu daék ngalakonan sagala nu dipikahayang ku manéhna, kudu daék dibawa asup ka dunya manéhna anu geus pasti bakal béda jeung dunya kuring ayeuna, dunya déwasa nu sarwa daria. Tilu taun leuwih kolot ti kuring manéhna téh, kakara réngsé sidang yudisium di jurusan Sunda. Bulan hareup diwisuda. Manéhna kungsi nyarita, mun ayeuna-ayeuna diparengkeun manggih wanoja nu cop jeung lelembutanana, hayang téréh-téréh rumah tangga, hayang geura-geura nyenangkeun kolotna nu geus teu sabar ngarep-ngarep incu ti manéhna, cenah. Jadi keur manéhna mah geus teu usum heuheureuyan téh.
“Ya ampun, hilap atanapi api-api hilap?” Katémbong paromanna siga nu geus pusingeun.
“héhé… sigana duanana ….” Cekéng bari cengar-cengir.
“Rin mah sesah diajak seriusna. Kedah kumaha atuh sangkan Rin tiasa daria mayunan abdi? Naha Rin teu percanten ka abdi? Sok jelaskeun kedah kumaha sikep abdi téh?”
“Abdi sanés teu percanten Kang, tapi lalakon hirup abdi téh panjang kénéh. Hoyong bébas heula, resep kénéh ngumbar kahayang sorangan, teu acan tiasa panceg nangtoskeun hal-hal nu serius.” Témbal kuring.
“Oh kitu. Mangga atuh ari kapalay Rin kitu mah. Ku abdi moal weléh diantosan. Dugi ka iraha baé ogé. Ayeuna mah tos terang bumina ieuh. Sakalieun sono téh gampil, kantun norojol wé ka dieu.” Énténg naker éta omongan téh. Teu kahalangan ku kaayaan haté pribumi nu can jelas bulé hideungna. Pék baé lah rék mindeng datang ogé. Da meureun mun euweuh kaputusan waé ti kuring mah lila-lila gé manéhna bakal boseneun sorangan. Sama sakali kuring teu hayang dipusingkeun ku masalah nu kararieu, bet mikiran Prasasti gé kalah ka leneng, taya anggeusna.
Aya atohna basa manéhna amitan balik téh, sabab dina danget ieu kuring keur teu purun nyanghareupan sémah, hayang geura reureuh, reureuh tina rasa marudah. Puguh marudah waé haté téh, balukar teu weléh diulinkeun ku hiji sukma, sukma nu siga deukeut tapi jauh, siga dalit tapi anggang, siga lindeuk tapi linghas. Nu jadi pertanyaan, naha atuh kuring téh bet keukeuh jeung tukuh hayang nyangking sukma nu sok ngulinkeun téa? Kapan poé ieu geus datang sukma séjén nu geus puguh lindeukna? Sabab rasa tresna ka sukma nu itu, nu asa deukeut tapi jauh téa, geus kagok ngancik na ati sanubari. Lila-lila éta rasa téh nyaliara minuhan dada. Mun diibaratkeun tutuwuhan, akarna geus ngarancabang mantén, bakal hésé nyingkahkeunana, sanajan disungkal ku pakarang nu kacida seukeutna. Dina bisana dipiceun, kana bakal aya nu gudawang tapak nyungkal, nya éta haté kuring téa.
“Kadé Rin, ulah ngérakeun kolot. Mun bisa mah ulah narima deui sémah lalaki.” Ceuk Si Mamah basa Fauzan geus ngaléos.
“Naha?”
“Éra ku kulawarga Pras, cenah meureun boga budak awéwé téh rayungan!”
Kuring hayang seuri. Atuda lucu Si Mamah mah, nu disebut rayungan téh nu kumaha? Kudu puguh definisina atuh. Jelas kuring teu tarima disebut kitu mah, da kapan nepi ka danget ieu, boh Pras boh Fauzan masih kénéh kasebut babaturan, lain beubeureuh.
“Terang teu Mah, kanggo Rin mah duanana gé réréncangan. Janten lepat pisan lamun batur nyebatkeun Rin rayungan!”
“Réréncangan kumaha? Kapan saréréa gé nyaksian, Rin jeung Pras téh sakitu layeutna, kawas gula jeung peueutna. Ka mamana embung tinggaleun, teu weléh hayang babarengan.”
“Yéé..da éta mah Prasna nu ngajak,” kuring embung éléh.
“Alah…kawas Mamah teu apal waé, Rin ogé mun rék ka mana ka mana téh meus-meus ménta dianteur. Pira gé ka warnét hayang dianteur, ka Gramédia hayang dianteur, ka Palasari hayang dianteur. Cing, ayeuna geus torojol kabogoh nu anyar, wani teu ménta anteur deui ka Pras?” ceuk Si Mamah bari ngajéngkat tuluy ngaléos ka tukang.
Ah da Si Mamah mah teu apal masalah nu sabenerna. Naha nu disebut papacangan téh cukup ku mindeng babarengan wungkul? Ceuk kuring mah teu cukup ku kitu, kudu aya pernyataan anu jéntré ti dua pihakanana, naha éta nu sok nganganteur jeung nu mindeng diaanteur téh ukur pada-pada nganggap babaturan, nganggap dulur, atawa geus aya kasapukan papacangan? Salila ieu Pras mah haré-haré pisan. Boro-boro nyabit-nyabit masalah pernyataan ngeunaan perasaan. Lempeng wé! Ari ucap-ucapan I love you torojolna kudu ti kuring heula mah asa piraku. Najan ayeuna geus jaman émansipasi jeung usum paham Feminis, keukeuh wé ceuk kuring mah rada minculak lamun aya awéwé anu balaka ti heula, ngaku mitresna hiji jelema. Lain ku nanaon, éra palebah ditampikna. Wah mun enya téh kitu, kuring nu ngamimitian wakca yén miasih manéhna, tuluy ku manéhna ditampik, ieu beungeut rék di ka manakeun? Mangkaning teu boga sérep, piraku unggal panggih jeung manéhna jadi kudu meungpeun atawa mamaké kedok mah!
Mending muka ieu ah! Kuring ngojéngkang nyokot bungkusan paméré Fauzan, rék dibuka luhureun kasur. Kandel jeung beurat kado téh. Moal kitu eusina coét jeung mutu? Tapi piraku coét bentukna kotak? Duh Fauzan, ulah mindeng barang béré, ka kuringna jadi bingung, da najan kéképéhan embung dipulang, pasti haté leutik anjeun mah miharep timbal balikna. Kuring gé surti lah! Mémang anjeun mindeng nyarita teu hayang teusing dipulang, lamun dipulangna ku barang deui. Mun dipulangna ku kaléah haté kuring, kumaha? Éta pisan pan nu ayeuna kacida dipiharepna ku anjeun téh, Fauzan?
Sanggeus éta bungkusan dibuka sampulna, tuluy dibuka kardusna. Goréhél téh buku tétralogi karya Pramudya, lengkep saopat-opat. Naha manéhna bet apaleun kuring keur micangcam ieu novel? Rarasaan mah asa teu kungsi ubral-obrol perkara nu kieu.
“Aduuhhh Kang Fauzan, ….hatur nuhun…..” Éta novel-novel téh ku kuring langsung dirontok, diakeup, diteueulkeun kana dada bari peureum beunta bakat ku atoh. Ngarasa bagja novel tétralogi Pram geus bisa kapimilik. Da mun ngandelkeun dompét kuring mah piirahaeun kabedagna. Kudu miluan heula lomba nulis carpon atawa nulis novel meureun, bari jeung can puguh kana meunangna, komo bari jeung loba sainganana mah. (Hanca)
ILMAN
IZZAN
***

diantos hanca salajengna
Comment by gajah_kurus — April 25, 2008 @ 12:31 pm
Tenang….nuju digarap…..:)
Comment by pop_ice — April 26, 2008 @ 12:26 am