Ekspresi narsis-ku

April 28, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 5

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-5

Basa kuring keur ngaderes “Bumi Manusia” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
“Éta téh buku énggal?” Tanya manéhna.
“Yup!”
“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”
“Pamasihan.”
“Pamasihan saha?”
Teu dijawab.
“Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?”
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku?”
Kuring cicing. Tuluy pédah diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
“Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.” Manéhna mencrong kénéh.
“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan.” Kapaksa kuring némbalan, kaluman, gandéng ku tetelepékna.
“Meni perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.
“Ya..gitu déh,” ngajawab téh asal engab.
“Sering masihan bukuna?”
“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé kumaha?” bari panon mah anteng kénéh kana bacaan.
“Ati-ati. Ulah asal nampi kitu waé!”
Kuring teu ngarti kana maksud éta caritaanana, Naon anu dimaksud ku Pras kudu ati-ati téh? Da Fauzan ogé lain jelema saliwat atuh. Geus dua taun kuring deukeut jeung manéhna téh, najan ukur reureujeungan di kampus wungkul.
“Ada apa denganmu, Pras?” cekéng bari neundeun novel nu keur dihanca kana méja, satengah dialungkeun. Hélok ku sipat manéhna nu poé ieu ngadak-ngadak jadi céréwéd.
“Teu kedah ngiring riweuh kana urusan Rin lah!” Kuring keuheul kénéh ku paripolah manéhna kamari basa panggih jeung Margarét di ondangan. Ku sok nyungkelit atuh nya ieu haté téh.
“Ada apa pula denganmu, Rin?” Témbal manéhna.
“Pras wajib nyaho kana sagala urusan Rin!” cenah deui bari rada molotot.
“Wajib? Naha maké wajib? Jeung diwajibkeun ku saha?” Kuring gé jadi hayang molotot.
“Biasana gé kitu pan? Urusan Rin jadi urusan Pras, tugas-tugas kuliah Rin jadi pagawéan Pras!” Cenah asa meunang, pedah dina sagala hal kuring teu weléh dibantuan ku manéhna, ka tugas-tugas kuliah sok ngalibetkeun manéhna. Tapi kapan matak wani ngumaha gé bongan manéhna nu sok ngahaja nanawarkeun jasa ti heula.
“Éta mah kamari jeung kamarina deui. Ti mimiti ayeuna teu bisa kitu. Rin hoyong diajar mandiri!”
“Mun aya nanaon ka diri Rin kumaha?” Manéhna molotot kénéh.
“Nanaon naon? Tong melang tong hariwang, da réréncangan Rin mah sadayana balageur, teu aya nu jahat.”
“Bisa waé mimitina mah bageur!” Cenah.
“Bisa waé jalma nu salila ieu katingalina bageur gé, tétéla teu bageur!” Bari nyindir kitu téh kuring muncereng kénéh.
Ari sugan, heueuh wé rék ngajak paséa rongkah téh, boro geus ngawahan. Horéng kakara dilawan kitu gé kaburu éléh, manéhna langsung jempé, tuluy cicing salila-lila, kawas aya nu keur dipikiran.
Ras inget kana kabélana. Saéstuna ieu haté kacida sieunna mun Prasasti katutuluyan ngamusuhan. Mangkaning nya jirim nu ieu pisan nu teu weléh mapaésan impian téh. Nya jirim nu ieu pisan anu mawa éndah dunya implengan téh. Gap leungeun katuhuna dirawél, saterusna diteueulkeun kana tarang sorangan, siga mun salam ka guru kuring baréto basa keur di SMA.
“Pras, hapunten Rin nya Pras…” Nyarita kitu téh bari ngahaja semu ngahelas, ngarah ngaherukna teu katutuluyan. Teu disangka ti tadina leungeun nu keur diadekkeun kana tarang téh tuluy ngusapan sirah sorangan. Sakedapan karasa aya nu nyecep tiis parat kana ati sanubari. Anéh, kakeuheul anu nyésa kénéh urut kamari téa gé jadi leungit sapada harita.
Sorot panonna ngaliuhan, asa nénjo layar televisi nu keur ngébréhkeun héjona pagunungan. Sajeroning kitu haté mah jongjon norowéco, “Asa teu kudu paséa urang téh, Pras. Sabenerna pasualan naon sih anu jadi bibit buit papaséaan urang téh? Ku sok saruana atuh nya, tara aya nu daék ngéléhan heula. Ari kira-kira rék piakureun deui mah, naha maké kudu saruana?” Teu sadar kuring seuri sorangan.
“Hayoh, ku naon gumujeng nyalira?” Cenah, siga nu rék ambek deui.
“Émut ka Si Manéhna nya?”
“Éh meni terangan, mémang nuju nyeungseurikeun Si Manéhna,” cekéng.
“Naha maké diseungseurikeun?”
“Atuda sok teu pupuguh, ujug-ujug ngajak ribut. Duka naon nu diributkeunana. Lucu pisan nya, éta Si Manéhna téh.” Cekéng.
Kerewek téh manéhna ujug-ujug nangkeup semu ngagabrug, ngan sakilat awak kuring geus aya na tangkeupan manéhna, adek pisan kana awakna, nepi ka beungeut jeung beungeut téh pahareup-hareup …, ampir tanpa jarak. Duh reuwas!!
Can leler kareuwas téh, manéhna geus nyarita mantén kalawan logat nu karasa asing ceuk ceuli kuring, “Satikosna ahu sangat sonang tu ho ito malobihi apapun. Boasa ito dang hea mengerti hatikkon?”
Nyel téh haté keuheul, kuring asa keur digeuhgeuykeun diheureuykeun maké basa nu teu weléh matak teu pikahartieun. Geuwat awak téh ngagurinjal sangkan leupas tina tangkeupan anu kacida pageuhna, bari nyarita, “Pras, ieu mah Rinéga, lain Margarét!” Jawab téh bari nyentak.
Sanggeus awak kuring leupas tina cangkinganana, kalah pok deui manéhna nyarita, ditompokeun kana ceuli, “Rinéga, boasa ito dang hea mengerti hatikkon? Boasa, Rin?” Kalawan logat ledok Batak Toba.
“Naon hartina?” Tanya kuring. Keur keuheul gé teu burung panasaran kana ma’na kalimah nu diucapkeun ku manéhna cikénéh, Atuda katempo nyarita kituna téh bangun nu bari dirarasakeun.
“Kedah ngartos atuh Rin…,” cenah, leuleuy ayeuna mah, sarta logat nyaritana balik deui kana lentong Sunda.
“Sing émut, Pras, Rin sanés Margarét!” Cekéng, bari sedih. Saha jelemana anu rido disaruakeun jeung nu séjén bari éta nu séjén téh hiji awéwé anu meleg-meleg dianggap sainganana.
“Naha bet nyabit-nyabit waé Margarét? Pras mah geus taya hubungan nanaon jeung manéhna téh. Rin kedah terang, Margarét mah carita lawas nu geus laas!” Najan nyaritana tandes, kuring teu gancang percaya kitu waé. sabab haté jelema mah kapan jero alah batan sagara nu pangjerona.
“Tapi ku émutan, Margarét téh wanoja nu ideal, Pras,” Kuring neger-neger manéh téh saenyana. Da alatan timburu mah, karasa pisan geuning kacida beuratna rék kedal sakitu gé biwir téh.
“Badé ideal badé henteu, sanés urusan Pras,”cenah.
“Naha?”
“Kalah kumaha gé Pras moal tiasa caket jeung manéhna kawas caketna urang ayeuna.” Témbalna. Kawas caketna urang ayeuna? Naon maksud kalimah “kawas caketna urang ayeuna” téh? Ceuk pangrasa anjeun, mémangna sakumaha sih raketna haté urang ayeuna? Tapi éta pertanyaan téh teu kakedalkeun, kuring kalah nanya kieu, “Muhun naha?”
“Manéhna béda agama sareng urang!”
Kuring ngajenghok, kutan Margarét téh lain muslim? Ti dinya maké jeung ngadak-ngadak ngemplong haté téh, ngemplong pédah timbul rasa yakin, yén hiji waktu leungeun lahir jeung leungeun batin kuring bakal laksana nyangking jirim katut sukma nonoman nu ayeuna keur ngajak padungdengan, lamun mémang taya nu nyaingan mah.
“Jelas Rin?” Tanya manéhna, sabada nempo kuring ngahuleng salila-lila.
“Teu acan.”
“Naonna nu teu acan jelas téh?”
“Ari basa Batak nu nembé diucapkeun ku Pras naon hartosna?”
“Ooh éta….” Manéhna maké jeung gagaro sirah heula.
“Naon?!” Kuring teu sabar.
“Mmm….hartosna….iraha-iraha urang ka uleman deui,” cenah bari seuri.
“Bohong ah!” Kuring teu percaya, maenya hartina ukur kitu? Padahal dina ngucapkeunana tadi manéhna kacirina daria pisan.
“Engké ogé ngartos lah,” cenah, jung cengkat, tuluy ngaléos kaluar, ngadon asup deui ka imahna. Sigana ngahaja ngajauhan, sangkan kuring teu tatanya papanjangan. Sajongjongan kuring hulang-huleng sosoranganan, ngalenyepan adegan-adegan anu cikénéh karandapan. Aya nu ahéng di diri manéhna. Naha tadi Pras bet ujug-ujug nangkeup pageuh naker? Naha manéhna bet ngucapkeun sawatara kalimah dina basa deungeun, naha teu ku basa Sunda? Padahal maké basa Sunda wé atuh ngarah gancang kahartina ku kuring! Hayang ngaheureuyan kuring wungkul kitu? Naha maké sempet ngajawab pertanyaan kuring anu ngamasalahkeun Margarét, tur manéhna terus terang ngeunaan masalah hubunganana jeung éta wanoja? Ah, mun ditataan mah loba pisan kapanasaran kuring ngeunaan diri Prasasti téh.
Lain gé Prasasti atuh lamun eusi haté katut sikepna ka kuring salila ieu gampang ditarjamahkeun mah. Atawa…kuringna waé kitu anu belet, nepi ka can bisa kénéh nyieun kacindekan ngeunaan hal éta? Jadi ras inget kana Prasasti Kawali. Basa sawatara taun ka tukang jarah ka Kabuyutan Kawali Ciamis, kuring kacida katajina ku éta batu patilasan, tapi sama sakali teu ngarti naon ma’na di balik aksara katut basa Sunda kunona. Tah Prasasti nu ieu gé keur kuring mah teu béda ti prasasti Astana Gedé téa, pinuh ku teka-teki. Naha kuring bakal mampuh nafsirkeun sikep anjeun sakumaha arkéolog nyurahan tulisan nu kaunggel dina prasasti Kawali, Pras? Hanca)

5 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/04/28/prasasti-nu-ngancik-na-ati-5/trackback/

  1. pokokna mah sanajan dimana ge teu burung kaaos geuning carnyamna. sok rek ngantosan lanjutan nana

    Comment by urang ozi nuteu di ozi — April 28, 2008 @ 7:25 am

  2. Aduh, hatur nuhun kana pangrojongna. Apalah artinya sebuah cerita bila tidak ada yang membacanya. Abdi janten semangat yeuh neraskeun nyeratna…

    Comment by pop_ice — April 29, 2008 @ 1:25 am

  3. Neuleuman ieu carnyam Prasasti nu Ngancik na Ati, janten “deg-degan”. Diantos pisan carios salajengna. Duh maksa nya :-) Punten ah!

    Comment by gajah_kurus — April 29, 2008 @ 1:42 am

  4. Naha bet de-degan, Yi? mending deg enyaan yu :)

    Comment by pop_ice — April 29, 2008 @ 2:09 am

  5. aduh kakara abdi ngaos satra sunda, meni kahartos geuningan nya? Kakuat nyampur sadaya paraosan dina hate ku maca ieu carita. Aya ku babarakatakan (seuseurian) nyalira d warnet ngaos ieu carita, aya ku sedih, panasaran, parahna nepi ka emut ka manehna deuih. huhuhu….

    sae pisan bu carita na, punten ah rada kasar abdi nyariosna. sok atun nyerat deui anu sanesna, diantos pisan. wassalam

    Comment by hevi.fauzan — April 30, 2008 @ 9:57 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer