Ekspresi narsis-ku

May 29, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 13

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian Katilu belas

Abong waktuna besuk, suasana rumah sakit keur kacida raména. Jelema pagaliwota antara nu rék asup ka jero rumah sakit jeung nu rék kaluar. Basa tepi kana koridor anu heureut jeung heurin ku nu laleumpang, kuring seselendep hayang geura gok jeung nu dilongok, jeung sieun kasoréan deuih.
Ceuk Si Bapa basa tadi ngobrol dina telepon, Pras téh dirawatna di ruang Anyelir lanté dua, kamar opat. Kuring ngagidig bari sakapeung tatanya ka nu kabeneran papaliwat, lebah mana ruang Anyelir téh perenahna.
Teu burung kapanggih, sanajan kudu ngalaman heula kukurilingan. Barang nepi ka rohangan nu keur ditéangan, héran, lantaran sarepi. Pantona ditutup, rékép deuih. Tuluy kuring nanyakeun ka suster nu keur dariuk duaan nyanghareupeun méja tulis. Bener, pasén nu di kamar opat téh cenah ngaranna Prasasti Siahaan ti Jalan Rajawali. Lalaunan pantona ku kuring dibuka. Enya wé, katempo Pras keur ngajoprak dina ranjang anu sepré katut simbut nu nuruban awakna sarwa bodas. Panonna dipeureumkeun. Keur tibra kitu?
Di éta rohangan manéhna sosoranganan. Ranjang hiji deui di sisi beulah ditu nu adek kana jandéla kaca taya nu ngeusian. Ari nu tarungguna ka marana? Si Mamah jeung jeung Bapa deuih, ongkoh tadi téh cenah milu nganteurkeun ka dieu, tapi geuning areuweuh?
Nu keur ngalempréh téh ku kuring disampeurkeun. Gék kuring diuk lalaunan dina korsi gigireunana hareupeun bupét leutik. Rét kana beungeutna, katempo kanyos jeung sepa. Leungeun kéncana diinfus. Haté ujug-ujug ngarakacak sedih. Puguh asa geus lila kuring téh teu panggih jeung manéhna, mani asa sono kacida. Gap leungeun kuring kana leungeun katuhuna. Horéng manéhna téh teu keur saré, da langsung nyah beunta. Rét ka kuring. Semu nu héraneun, kaciri teuteupna siga nu neges-neges jirim nu keur ngajegir gigireunana. Jelas pisan katempo panonna carelong. Basa pangangguran ku kuring dirérétan, talaga weningna mah aya kénéh, angger ngagenclang hérang, malah ayeuna mah asa beuki linduk…beuki liuh…
“Rin….” Cenah. Ukur sakitu nu kaluar tina biwirna. Didagoan sina nyarita deui, lebeng… Leungeunna nampanan leungeun kuring. Atuh kuring jeung manéhna jadi pacekel-cekel. (more…)

May 26, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 12

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian kadua belas

Cara sasari lamun pareng paséa jeung manéhna kuring sok embung ngéléhan. Harita gé SMS-na dijawab kieu, “Hatur nuhun kana pangrojongna!” Geus kitu mah jempé, HP kuring teu disada deui.
Ari sugan moal kieu jadina hubungan kuring jeung manéhna katut kulawargana téh. Asa jadi leuwih rumit masalahna batan kamari-kamari basa ieu haté keur ngalaman reyang-reying kénéh. Katambah ku posisi imah anu pahareup-hareup téa, jadi sagala réngkak paripolah kuring kasaksian pisan, teu bisa leupas tina panitén maranéhna. Lamun imah kuring jeung imahna pajauh mah, meureun ieu masalah téh moal sarongkah ayeuna.
Kacida embungna kuring téh ari kudu pegat silaturahmi jeung Pras katut kulawargana mah. Dihenteu-henteu gé maranéhna téh geus teu asa jeung jiga, geus asa dulur pet ku hinis. Kahayang kuring ayeuna, geus wé atuh Prasasti téh nganggap kuring adi tegesna, sakumaha kuring rék ngaku manéhna lanceuk pituin, moal dibéda-béda jeung lanceuk kuring nu dua. Najan hal éta téh (ngarobah rasa téh) hiji pagawéan nu bangga kacida.
Ka dieunakeun, Prasasti jadi langka katingali, siga nu ngahaja ngaringkeb manéh di imahna. Tara kawénéhan ngalantung di buruan. Geus sababaraha poé kuring teu nempo manéhna ngomé motor di térasna cara sasari. Posisi motorna teu robah-robah, angger kawas kamari ngajugrug hareupeun imahna. Haté jadi loba tumanya, ka mana atuh nya manéhna téh? Mani tara katempo ngalanto hareupeun panto acan ayeuna mah. Riweuheun ku tugas-tugas kuliahna kitu? Atawa boa-boa gering? Kuring ngarasa melang jeung hariwang, sieun manéhna kumaonam. (more…)

May 23, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 11

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-11

Kuring ngahuleng salila-lila. Kumaha pipikiran Fauzan nya, can disanggupan geus wawanianan bébéja ka indungna. Ari geus kieu rék kumaha? Manéhna mani yakin pisan kuring bakal nyanggupan. Aya-aya waé, ku teu anggeus-anggeus atuh nya kabingung téh, torojol deui torojol deui.
“Gugu wé atuh Rin sakali-kali mah kahayang Fauzan téh, karunya,” ceuk Si Mamah, basa ningali kuring ngahuleng kénéh.
“Jeung Mamah mah asa kaluman ngabandungan masalah Rin téh. Hantem wé haté Rin reyang-reying dibibingung ku sikep Pras jeung Fauzan. Rék nepi ka iraha? kaburu huisan mantén. Ayeuna mah ieuh kudu aya kawani nyieun kaputusan sorangan geura, ulah sieun ku résikona, sabab unggal kaputusan nu dipilih pasti aya résikona. Lamun ayeuna Rin milih Fauzan, hartina Rin geus maju saléngkah dina ngungkulan hiji masalah, sarta geus siap nyanghareupan sagala résikona téa.” Ceuk Si Mamah.
Tah dumasar caritaan nu éta, nu kaluar tina biwir indung sorangan, jadi teteg haté téh. Ah, rék léah wé ayeuna mah, nyanggupan pangajak Fauzan, ngahadiran acara wisuda manéhna. Sugan heueuh kuring téh kudu wani nyieun putusan sorangan.
“Damang, Kang?” ceuk kuring, ngamimitian ngajak nyarita ka Fauzan dina telepon.
“Alhamdulillah, samulihna Rin kumaha damang?” Jawab manéhna ti peuntas ditu.
“Saé,” cekéng.
“Ka mana waé atuh salami ieu téh? Mani téga, angkat-angkatan téh teu wawartos heula ka nu mikamelang. Pikahariwangeun pisan. Kumaha parantos diaos serat ti abdi?”
“Atos,” jawab téh. Anéh, teuing pangaruh naon, ayeuna mah kuring jadi teu bisa nyarita papanjangan, najan ukur dina telepon, najan teu bari adu hareupan.
“Kumaha, kersa teu ngahadiran acara wisuda abdi téh?”
“Insya Allah.”
“Ya ampun, leres ieu téh? Nu leres Rin? Rin kersa nyarengan abdi? Awas ulah ngabohong!” cenah.
“Har, naha maké kedah ngabohong sagala?” Jawab kuring.
“Alhamdulillah Gusti, du’a abdi sareng pun biang téh diijabah geuning,”ceuk manéhna deui. Kuring ukur seuri, ari Fauzan ku teu robah-robah, sagala rupa téh sok bruk-brak. Tara bisaeun nyumputkeun semu, boh dina kaayaan keur susahna, komo dina kaayaan keur bungah mah. (more…)

May 18, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 10

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-10

Untung rencana liburan di dieu téh ngan ukur saminggu. Teu kacipta kumaha keselna lamun ditambahan jadi sabulan atawa sataun. Anu tadina niat rék niiskeun pikir téh geuning kalah beuki rosa guligahna, ninggang kana paribasa titirah ngadon kanceuh.
“Nyai…., heukeug… ka dieu, ulah numpi waé di enggon!” kapireng Nini gegeroan ti tepas.
“Ka dieu geura yeuh aya pencok hiris pangirim Bi Mimi,” cenah deui. Kuring nu keur gogoléran bari ngahérang téh hudang, niat rék nyampeurkeun nu ngagentraan.
“Bari bawa pisin jeung sendokna!”
Atuh ti lawang kamar téh ngaléos heula ka dapur.
“Sok ngawadahan sorangan,“ ceuk Nini kénéh sanggeus kuring diuk nyanghareupan pencok nu cikur jeung bawang bodasna kaambeu pisan seungit awun-awunan. Nepi ka ngaruy létah téh.
“Disanguan geura, jung nyokot heula sanguna,” cenah.
“Henteu ah, hoyong ditambul,” cekéng bari ngedukan pencok hiris anu reunceum ku réndos céngék beureumna maké séndok tina rantang.
“Ulah loba hulang huleng ieuh, ulin anggur mah jung ka ditu ka Putrajawa atawa ka Lemburtengah ka Mang Opan.”
“Ah, teu aya réncang, Ni,” cekéng bari seuhah, da pencok hiris téh ning lada pisan.
“Hampura wé di dieu mah tara aya nanaon, ukur kadaharan kawas kieu.”
“Puguh nu kieu karesep abdi mah, asa seger. Di Bandung mah sesah milari hiris téh, bet di supermarket gé tara aya.” Nyarita kitu téh bari cacaleuhakan. Asa ni’mat, ku lada mah asa enyaan beuntana panon téh, matak ngadak-ngadak cageur nu keur lieur. Kojéngkang nyokot heula gelas dieusi ci entéh dina luhur bupét urut nginum tadi.
“Heueuh naha atuh kawas nu nguyung, teu bérag cara biasa?” Ceuk Nini.
“Atuda ditaringgalkeun ku Si Mamah sareng ku Si Bapa,” cekéng, bari andiprek deui dina samak, niat rék meakkeun pencok hiris téa.
“Alah kawas bolon waé piindung, sakitu téréh panganténan téh,” cenah.
“Hehe..saur saha téréh? Lami kénéh Ni, calonna ogé téu acan aya,” jawab téh.
“Hih, ari budak lalaki nu hareupeun imah téa ka mana? Lain éta calonna téh?” cenah. Aéh-aéh naha kolot téh mani merhatikeun, ari sugan geus pohoeun deui.
“Duka atuh, Ni. Sigana manéhna téh teu bogoheun ka abdi mah,” cekéng bari seuri.
“Naha?” cenah semu héran.
“Nya hoyong ka nu geulis meureunan.”
“Ah siah, sok nyanyahoanan. Kapan incu Nini nu ieu gé kurang kumaha antieumna,” ceuk Nini deui. Hemm…antieum…bisa jadi éta mah ukur ngahibur haté kuring wungkul. Ari nu meunteunna Nini sorangan mah di mana-mana gé tara obyéktif.
“Éh Ni, kénging teu abdi curhat?”
“Naon? Curhat? Naon ari curhat téh?” cenah bari kerung.
Éh, poho, rarasaan téh keur ngobrol jeung Si Mamah. Naon atuh nya Sundana curhat téh?
“Abdi badé nyuhunkeun bongbolongan ti Nini, meungpeung di dieu,” cekéng.
“Sok atuh, rék ngumaha perkara naon?” cenah.
“Kieu, upami Nini dipiwarang milih hiji ti antara dua barang, sedengkeun éta barang téh sami saéna, Nini badé milih nu mana?” Tanya kuring. (more…)

May 15, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 9

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-9

Kawasna geus salah tapsir kuring téh, salah tapsir kana sikep katut réngkak paripolah Pras sapopoéna ka kuring salila babarengan taun-taun. Peuting ieu lalampahan kuring nyukcruk jeung ngajugjugan hiji haté, mapay-mapay raratan hiji sukma, geus nepi kana hiji kacindekan, yén tétéla ieu diri téh cau ambon dikorangan, da manéhna mah geuning teu mikir-mikir.
Sukma kuring karasa pisan capéna, lungsé, lir nu mulang ti panyabaan anu kacida jauhna, leumpang teunangan bari léngoh. Asa nahnay jiwa téh. Geus jéntré geuning, kuring téh lain “arkéolog”, lain ahlina nyurahan simbol-simbol nu aya di diri anjeun sakumaha ahli purbakala nyurahan batu patilasan, Pras!
Ku kituna kuring kudu gancang sadar, ulah kalalanjoan mikiran anu lain pikiraneun, ngarep-ngarep nu éstuning lain arep-arepeun. Kuring kudu bisa ngabébérés haté, nata deui rasa, mupus jirim katut sukma manéhna tina file husus di dasar haté nu pangdasarna, najan hal éta téh lain pagawéan méméh mumuluk tangtuna gé. Kuring kudu gancang ngarabutan kembang-kembang kahéman jeung kamelang, anu geus kagok nyaliara téa dina jero dada. Mémang moal ujug-ujug bisa leungit sapada harita éta kabéh téh. Tapi ari ku dileukeunan mah disieuh-sieuhkeun unggal poé, sigana teu burung lipur jaga gé haté téh.
Jorojoy hayang titirah ka Limbangan téa. Sanajan kamari-kamari mah nyarita ka Fauzan rék indit ka lembur téh ukur alesan, ayeuna mah asa hayang dienyakeun. Kabeneran minggu hareup téh euweuh jadwal kuliah deuih, da minggu kamari kakara bérés UTS. Susuganan geus aya di ditu mah haté téh kabrangbrangkeun saheulaanan, sabab jauh ka ditu ka dieu, jauh ka Fauzan jeung jauh ka Prasasti, jauh tina sumberna marudah jeung bibitna guligah. Rencana téh duanana gé moal dibéjaan ka mana kuring rék liburan. Antep wé. Lain gé titirah atuh ari bébéja-bébéja kénéh mah. Kulawarga kuring geus diomat-omatan ulah geruh. Mun Pras jeung Fauzan nanyakeun, sebutkeun wé kuring keur aya di hiji tempat, teu bisa ditepungan. Ku lantaran kitu nomer HP ogé diganti. (more…)

May 14, 2008

Manehna

Filed under: Prosa

Kalakay Rengas

(Dimuat dina Mangle No. 2054, 16-22 Pebruari 2006)

Karasa pisan tiiseunana imah teh euweuh manehna mah. Tuman unggal wayah kieu kadenge ngagembrung musik pop Indonesia atawa pop Barat ti kamar hareup, sok jempena teh lamun geus ngong adan magrib. Geus dua poe eta kamar teh suwung. Nu ngeusianana keur ka kampus. Saminggu cenah ngadon ngendong di kampusna teh, jadi panitia opspek mahasiswa anyar.
Karasa pisan deuih leungiteunana hate teh, asa cuang-cieung karareueung. Padahal di imah teh kapan teu sorangan, aya Ibu jeung Bapa Haji, aya Bi Sari jeung Mang Undang. Tuda ngan manehna wungkul anu titen ka kuring mah. Euweuh deui. Cacak kuring teh ukur adi kukutna. Ceuk kasarna mah kuring teh anak badega indungna anu taun-taun dipihapekeun sina sagawe-gawe di imahna. Tapi kawasna manehna mah teu ieuh nganggap anak badega, nu karasa mah sikepna ka kuring teh teu beda ti lanceuk ka adi.
Lain hartina rek ngaleuleungit jasa kolotna anu geus haat ngampihan, ngurus, tuluy nyakolakeun kuring nepi ka lulusna SMA. Ngan karasa asa leuwih dominan pangaruh dirina kana hirup kuring teh. Kuring bisa nuluykeun sakola ge alatan usul manehna ka indung bapana. Malah sok era mun manehna geus protes ka kolotna ngeunaan diri kuring teh. Da teu hayang teusing dianggap tur diaku anak teges ku kolotna teh barina ge. Ku diampihan di imahna ge geus pirang-pirang untung keur kuring mah. (more…)

Sajak Basajan

Filed under: Puisi

Dina beus ka Cianjurkeun
longkéwang
aya nu tinggaleun
nu teu weléh ngalangkang
unggal miang

May 12, 2008

Aweuhan ti Gedong Yayasan Pusat Kebudayaan

Filed under: Wawaran

Malem Saptu, ping 9 Mei 2008 di YPK jalan Naripan 21 digelar acara Pamasrahan Anugerah Gubernur ka para pangarang Sunda anu produktif nulis dina Basa Sunda, jeung acara launching buku kumpulan carpon pinilih “Kanagan 2” hadiah Uu Rukmana. Hiji kagiatan anu diluuhan ku para inohong, budayawan, seniman, satrawan Sunda, katut para insan anu gedé katineungna kana hirup huripna Ki Sunda.

Ieu acara dieuyeuban ku haleuangna kidung rajah Ibu Euis Komariah kalawan teks karya Tatang Sumarsono. Ogé direuah-reuah ku pintonan sandiwara Sunda “Haréwos Gaib” ku Téater Sunda Kiwari, sutradara Dadi P. Danusubrata, naskahna karya almarhum Yoseph Iskandar.

Saparantos biantara ti Pa Drs Uu Rukmana, acara diteraskeun kana gelaring kumpulan carpon “Kanagan 2”. Ieu buku téh ngamuat 60 carita pondok pinilih anu kantos dimuat dina majalah manglé salami 5 taun kapengker.
Keur sasim kuringeun ieu acara téh mangrupa hiji tonggak anu ngagedurkeun niat pikeun leuwih sumanget nulis dina basa Sunda, boh nulis carpon, novel, atawa ésay. Nya gara-gara sok nulis dina basa Sunda, peuting ieu sim kuring bisa pipilueun (lauk buruk milu mijah piritan milu endogan) ngahadiran ieu acara. Nya gara-gara resep nulis dina basa Sunda sim kuring bisa tepung jeung para sastrawan, seniman, jeung budayawan moyan. Nya gara-gara kasengsrem ku sastra Sunda karya sim kuring anu teu sabaraha ajénna pipilueun nyelap di antara karya-karya anu marundel.

Puncakna ieu acara téh nya éta pamasrahan Anugerah Gubernur ka lima pangarang Sunda. Ieu pangarang anu kasinugrahan téh nya éta Asep Ruhimat, Dudi RS, Hawé Setiawan, Mamat B. Sasmita, sareng T Bahtiar.

Dina ieu acara ogé alhamdulillah sim kuring tiasa tepang sareng dosen-dosen ti jurusan Sunda UPI, réréncangan sareng sobat-sobat saperjuangan, sapertos Dhipa Galuh Purba, Dadan Sutisna, Dian Héndrayana, Didih M. RAP, Kang Asép Ruhimat, sareng Nety Martin anu kaleresan teu acan mulih ka Amerika. Tapi …aya hanjakalna. Aya dua deui sobat sim kuring anu teu sumping. Tadina mah sim kuring téh hoyong langkung ngawanohkeun komunitas Sunda nu saujratna di dunya nyata ka aranjeunna anu katinggalna ageung katineungna kana basa Sunda sareng sastrana. Hanjakal Kang Budi ti LPKIA sareng Ayi Usep ti ITB teu tiasa hadir, rupina aya pamengan.
Ieu kagiatan téh mugi aweuhanana sumebar ka madhab papat, tandaning urang Sunda aya kénéh dikieuna, tur siap tandang mapag cahya nu gumilang.

May 8, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 8

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-8

“Tiap jalmi ngagaduhan taktik séwang-séwangan dina ngawujudkeun kereteg batinna. Teu mutlak sadaya pameget kedah kitu carana. Aya nu resep lantip, da puguh nu dipayunan téh sanés bonéka atanapi robot, tapi mahluk anu pancaindra katut rasana kadang-kadang langkung seukeut ti batan urang, kaom Adam,” Prasasti ngasongkeun deui pamanggihna.
“Kaum Hawa ogé sami, teu sadayana ngagaduhan rasa anu peka. Leuheung upami éta istri téh surti kana kereteg haté urang, upami henteu? Kapan matak gendok ka urangna,” témbal Fauzan.
Keur madungdengkeun nanahaon sih maranéhna téh? Éta obrolan téh asa euweuh pulunganeunana keur kuring mah. Pantesna lalaki pada lalaki mah mun amprok téh bakal piraméeun hog-hag adu argumen masalah ékonomi, politik, budaya, pendidikan, agama, atawa hal-hal anu aya pakuat-pakaitna jeung gejala-gejala sosial, musibah alam, jeung sajabana. Komo kapan duanana gé, boh Pras boh Fauzan bisa digolongkeun kaum intelék. Ieu mah kalah debat masalah nu abstrak, ngan wungkul nguruskeun masalah pribadi masing-masing, anu nandakeun yén maranéhna téh kagolong kana pribadi-pribadi anu égois. Mun enya téh pangrasa kuring bener, maranéhna keur marebutkeun hiji haté anu keur baluweng nangtukeun arah jalan hirup sorangeun, sarua jeung marebutkeun paisan kosong, da kapan nepi ka danget ieu kuring sorangan gé teu nyaho, saha atuh nu bakal jadi jodo kuring jaga téh? Boa pijodoeun téh lalaki anu ayeuna sama sakali teu wawuh-wawuh acan. (more…)

May 6, 2008

Si Akang

Filed under: Prosa

Ieu kembang haturan Akang....!

Ku Popon Saadah

(Dimuat dina Mangle no.1987, 21-27 Oktober 2004)

Aya ondangan reuni. Moal didatangan. Lain embung gaul, lain teu hayang silaturahmi jeung babaturan keur di SMA, tapi hoream nyanghareupan pertanyaan-pertanyaan kliseu anu pasti bakal kalaluar tina biwir maranehna, saperti: “Meunangkeun urang mana?”, “Geus boga sabarahiji bati teh?” Lamun dijawab sajujurna yen kuring nepi ka danget ieu masih keneh nyorangan, pasti bakal naranya deui bari nganaha-naha. “Kutan can kawin?”, Naha bet bisa kitu?”, “lain lelesaheun mah?”, “Tong pipilih teuing atuh!”
Enya, ku naon atuh nya? Da usaha mah enggeus. Diamprok-amprok ku babaturan mindeng, tapi hese rek copna. Aya kuringna daek, susuganan surup jeung lelembutan, ituna teu mere respon deui sabada panggih teh. Atawa, ituna kaciri aya minat, kuringna teu purun lantaran sipatna teu parok jeung hate. Tapi disebut pipilih mah teu rumasa. Nu penting mah bageur jeung bener pijodoeun teh. Atuh leuwihna ti eta hayang anu gede tanggung jawabna ka kulawarga. Sakitu, teu hayang nu muluk-muluk.
Bulan hareup umur kuring panceg 38 taun. Meujeuhna boga anak tilu. Babaturan Saumur ge loba nu geus nyakolakeun anak-anakna ka SMP. Ah, ari nyabit-nyabit masalah anak teh deuih sok beuki lalewang jeung nalangsa hate teh. Aya nu nyebutkeun yen anak teh investasi, jaminan atawa bekel hirup urang jaga lamun urang geus kolot. Upama masih keneh kieu wae, heug kuring diparengkeun panjang umur, saha atuh anu bakal bela, saha anu bakal ngaulaan jaga lamun kuring geus nini-nini, lamun geus tokroh-tokroh? Reuay eta oge alo mah, boh alo teges boh alo ti gigir. Tapi da beda atuh. Tangtu bakal leuwih sugema ngurus anak beunang ngaborojolkeun sorangan.
Ceuk sobat kuring tea mah mending keneh kawas ayeuna cenah, bebas, rek kitu rek kieu ge moal aya nu nyarek, bisa ulin samemena. Enya upama ngingetkeun ka dinya mah. Ah, da geus seubeuh atuh ulin mah. Geus teu usum ubar-aber keur awewe pantar kuring mah. Geus waktuna mikiran hirup pikahareupeun. Aeh sobat? Sobat kuring nu mana? Da ti bareto ge kuring mah tara boga sobat medok. Kabeh ukur dianggap babaturan biasa. Tapi ka nu ieu mah make jeung hayang misobat sagala. Padahal kapan ari nu disebut sobat mah kudu geus amprok, geus jonghok, mindeng panggih, mindeng silih anjangan. Ieu mah can kungsi papanggih sakali-kali acan. Pedah mindeng teteleponan, der weh manehna ku kuring disebut sobat. Urang sebut sobat we saheulaanan. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer