Prasasti nu Ngancik na Ati 8

Ku Popon Saadah
Bagian ka-8
“Tiap jalmi ngagaduhan taktik séwang-séwangan dina ngawujudkeun kereteg batinna. Teu mutlak sadaya pameget kedah kitu carana. Aya nu resep lantip, da puguh nu dipayunan téh sanés bonéka atanapi robot, tapi mahluk anu pancaindra katut rasana kadang-kadang langkung seukeut ti batan urang, kaom Adam,” Prasasti ngasongkeun deui pamanggihna.
“Kaum Hawa ogé sami, teu sadayana ngagaduhan rasa anu peka. Leuheung upami éta istri téh surti kana kereteg haté urang, upami henteu? Kapan matak gendok ka urangna,” témbal Fauzan.
Keur madungdengkeun nanahaon sih maranéhna téh? Éta obrolan téh asa euweuh pulunganeunana keur kuring mah. Pantesna lalaki pada lalaki mah mun amprok téh bakal piraméeun hog-hag adu argumen masalah ékonomi, politik, budaya, pendidikan, agama, atawa hal-hal anu aya pakuat-pakaitna jeung gejala-gejala sosial, musibah alam, jeung sajabana. Komo kapan duanana gé, boh Pras boh Fauzan bisa digolongkeun kaum intelék. Ieu mah kalah debat masalah nu abstrak, ngan wungkul nguruskeun masalah pribadi masing-masing, anu nandakeun yén maranéhna téh kagolong kana pribadi-pribadi anu égois. Mun enya téh pangrasa kuring bener, maranéhna keur marebutkeun hiji haté anu keur baluweng nangtukeun arah jalan hirup sorangeun, sarua jeung marebutkeun paisan kosong, da kapan nepi ka danget ieu kuring sorangan gé teu nyaho, saha atuh nu bakal jadi jodo kuring jaga téh? Boa pijodoeun téh lalaki anu ayeuna sama sakali teu wawuh-wawuh acan.
Teu karasa lalampahan tiluan geus anjog ka daérah Lémbang. Di sisi jalan raya kénca katuhu ngajajar toko-toko jeung rumah makan. Di salah sahiji réstoran Fauzan ngeureunkeun mobilna.
“Urang lirén heula, ieu peujit tos nga-misscall waé hoyong dieusian,” ceuk Fauzan. Teu ditarémbalan. Sigana Prasasti mah sarua jeung kuring, taya seléra pikeun ngeusian beuteung, alatan sajajalan kudu ngalayanan nu ngajak padungdengan bari leuwih dominan ngagunakeun gaya basa ironi jeung sinisme. Ari kuring, teu genah haté téh asa dosa ka duanana, kalawan ngahaja poé ieu kuring geus nyadiakeun kasempetan ka maranéhna pikeun tebar binih-binih pacéngkadan dina dada séwang-séwangan.
Turun tina mobil Prasasti geuwat mangmukakeun panto mobil nu tengah. Tuluy leungeunna ngaléng kuring, teu lésot nepi ka asup ka jero rumah makan kituna téh. Hiji hal anu anéh keur kuring mah, sabab saumur babarengan, manéhna can kungsi boga polah siga kitu. Ningali kitu Fauzan ngagidig ti heula, muru méja nomer 21 nu perenahna di juru, rada kahieuman ku tatangkalan hias nu ngahaja mapaésan juru rohangan éta rumah makan. Atuh Kuring jeung Pras leumpang téh pagégéyé, nunutur bujur Fauzan.
Kaayaan réstoran keur meujeuhna ramé, keur kabeneran loba pengunjungna. Barang sup ogé para tamu téh dipapag ku sora récok nu ngarobrol jeung sora trong tréngna garpuh jeung séndok ninggang piring.
“Tinggal Rin, Fauzan nuju ngébréhkeun sihungna. Hayang uar-uar ka balaréa, yén ieu dunya téh bisa dibeuli ku manéhna mah,” ceuk Prasasti.
“Hus, teu kénging nyarios kitu, bilih kadangueun!” Ku kuring digebés, bari jeung kuring téh teu ngarti kana maksud caritaanana. Sigana Pras téh teu resepeun nyaksian réngkak paripolah jeung nada-nada nyarita Fauzan anu sari-sari umangkeuh.
Geus anéh deui waé sikep Pras téh. Manéhna milih korsi anu pangdeukeutna jeung korsi nu didiukan ku kuring. Geus kitu téh maké digusur deuih, ngarah leuwih deukeut jarakna, atuh leungeun kuring jeung leungeun manéhna teu burung paantel. Sedeng Fauzan aya di peuntas kuring jeung manéhna, hareupeun pisan, ukur kahalangan ku méja buleud tempat kadaharan diidangkeun. Paromanna tegang, teuing naon anu keur aya dina haté katut pipikiranana dina danget ayeuna. Pribadi anu biasana sok bruk-brak tur béar téh éstuning robah ayeuna mah, katempona kaku jeung kucem.
“Mangga, Rin badé mesen naon?” Ceuk Fauzan bari ngasongkeun daptar ménu.
Bingung….da geuning meni ngadérédéd ka handap ngaran kadaharan dina daptar ménu téh, matak barieukeun milihna.
“Ménu spésial ieu réstoran téh Roast Kakap sareng Kakap Ala Milan, badé nyobian pesen?” ceuk Fauzan.
“Rin mah teu senengeun seafood. Senengna masakan Sunda,” Prasasti mangnémbalankeun.
“Mangga atuh Pras deuih, badé pesen naon?” Tanya Fauzan ka Prasasti, riukna tetep kawas tadi, teu béar cara sasari.
“Sami sareng Rin,” jawab Pras.
Fauzan nelek-nelek daptar ménu, “Punten diserat, abdi pesen sangu, Sup Tomat Seafood sareng Skotel Kentang Gulung,” ceuk Fauzan ka pelayan anu ti barang kuring tiluan dariuk, geus ngajanteng nungguan pesenan. Gutrut pelayan téh nuliskeun ngaran-ngaran kadaharan nu dipesen.
“Mangga Rin sareng Pras badé tuang naon?”
Naon atuh nya? Da kuring mah asa teu lapar.
“Timbel Komplit wé atuh nya ari bingung mah. Timbel Komplitna dua!” ceuk Fauzan kénéh ka pelayan.
“Dupi ngaleueutna naon, Kang?” Ceuk pelayan.
“Naon eueutna, Rin?” Tanya Fauzan deui ka kuring, da Prasasti mah kalah luak-lieuk ka mana-mendi.
“Akang badé pesen naon?” cekéng.
“És téllér abdi mah,” cenah.
“Samikeun wé,” ceuk kuring. Geus bérés nuliskeun pesenan mah pelayan ngaléos.
“Hiji waktos mah Rin kedah nyobian katuangan mancanagara. Da atuh masakan Sunda mah di bumi gé sayogi, teu kedah tebih-tebih ka réstoran,” ceuk Fauzan.
“Muhunlah insya Allah engké mah badé nyobian,” jawab kuring.
“Masalah seléra mah teu tiasa dipaksa!” Prasasti milu némbal. Ngadéngé kitu Fauzan seuri, tuluy nyarita, “Di antawisna aya masakan deungeun anu biasana cocog sareng létah urang Sunda, sapertos idangan ala Malayu atanapi ala Asia. Yah…minangka wisata kulinér wé atuh mun ceuk jaman ayeuna mah,” Ceuk Fauzan deui. Prasasti jempé, sigana béakkeun picaritaeun.
Dahareun nu tadi dipesen geus ngajugrug hareupeun. Éstu matak pikabitaeun lamun suasanana teu matak bayeungyang haté kawas ayeuna. Aroma pasakan nyambuang awun-awunan, matak ngahudang seléra, komo keur nu beuteungna keur meujeuhna kukurubukan mah. Tapi keur kuring harita, boa keur Prasasti jeung Fauzan ogé sarua, dirasa-rasa téh asa teu mirasa, sigana alatan kaayaan haté anu keur teu purun barang dahar. Tiluan dahar téh caraman-cémén. Sigana deuih lain salah pasakan, tapi salah mangsa jeung salah perhitungan kuring salaku tokoh séntral anu geus wani-wani ngarencanakeun, nyusun sarta ngarancang lalakon kuring jeung maranéhna dina poé ieu!
Tangtu waé ieu acara dahar balakécrakan téh Fauzan nu mayarna, da Prasasti mah tara boga duit leuwih. Éstuning sarua jeung kuring, sagala rupa téh teu weléh aya dina kaayaan pas-pasan. Tapi lain hartina kuring robah pamadegan, lain hartina haté jadi leuwih condong ka Fauzan alatan kabita ku barahanana jeung dunya baranana, teu, teu kabita teusing. Da lain nu kitu nu jadi udagan hirup kuring mah, tapi kasugemaan batin, hayang hirup sapapait samamanis téh jeung jelema anu jadi panyileukan beurang peuting.
Mun digugu mah Fauzan ngajak kuring jeung Pras tuluy ulin ka luhur ka Tangkuban Parahu. Ku kuring teu disanggupan. Bakal kumaha tungtungna lamun hubungan anu teu harmonis antara Fauzan jeung Prasasti diperpanjang? Aya bahan sajajalan moal eureun silih peupeuh omongan. Acara jalan-jalan téh ku kuring dipegat nepi ka dieu. Geus réngsé dalahar mah kuring ménta dianteurkeun deui ka imah, nyingkahan hal-hal anu teu dipiharep, anu matak ngabengkahkeun hubungan silaturahmi antara Prasasti, kuring, jeung Fauzan.
Kumaha sikep Prasasti sanggeus ngalaman mimilu kana acara kuring jeung Fauzan? Naha aya parobahan luyu jeung nu dipiharep ku lelembutan? Teu aya kamajuan pisan. Sikep manéhna anu anéh, anu ngadak-ngadak siga nu hayang ngaping ngajaring kuring basa aya di hareupeun jeung di jero réstoran, geus aya deui di imah mah balik deui wé ka sasari. Api lain deui, siga nu teu kungsi ngalaman irid-iridan tiluan tadi beurang. Bener…bisaan, manéhna sama sakali teu kapancing ku hadirna Fauzan. Didago-dago kedal ucapna téh, nepi ka peuting lebeng, taya kelemengna acan. Basa kuring asup ka imahna api-api nganteurkeun buku-buku manéhna anu kungsi diinjeum ku kuring, kasampak manéhna keur jongjon diuk hareupeun komputer.
“Pras, ieu buku-bukuna, tos réngsé dibaca. Hatur nuhun,” cekéng.
Ngadéngé aya kuring di tukangeunana téh manéhna sugan ngarérét atawa cengkat, henteu. Kalah hantem noroktok ngetik bari panonna anteng mencrong keyboard komputer, sakali-kalieun ningali kana layar monitor.
“Pras, éta buku-bukuna nya, tos diwangsulkeun tah, kadé ulah naroskeun. Simpen heula atuh, bisi pajar teu acan diwangsulkeun ku Rin!” Cekéng.
“Keun, simpén wé di dinya dina méja, ieu nuju pameng,” cenah. Kuring ngaléos bari haté mah kacida kuciwana. Tah nya ku lantaran kitu, kuring jadi boga pamadegan, yén ti mimiti ayeuna, asa teu kudu ngaji rasa ngaji rasa sagala. Da geuning jirim nu rék diaji rasana ku kuring gé estuning api lain!
Basa pangangguran ngilikan HP di kamar, aya sababaraha SMS anu asup, horéng ti beurang kénéh éta SMS téh nepina. Ngan ku kuring teu kabuka, da HP téh aya dina jero tas, katambah volume nada deringna teu pati tarik deuih. Dibuka téh horéng kabéh SMS datangna tina HP Fauzan. Meni murudul, aya kana dalapanna. Gusti….na naon waé atuh cenah eusina ieu téh?
Barang dibukaan hiji-hiji, eusina ngagarebay paranjang. Fauzan ngajak padungdengan blak-blakan antara haté jeung haté.
“Rin, naha maké teu kersa diajak ka Tangkuban Parahu tadi téh? Padahal resep, étang-étang refreshing, sareng mamanawian tiasa ngahudang inspirasi, kapan Rin téh resep kurung karang sanes?”
“Ah wios ieu SMS teu dibalesan ogé, engké baé ngawalerna mah disakalikeun upami abdi ameng deui ka dinya.”
“Asa bagja abdi mah tos tiasa ngajak Rin ameng téh, sanaos ngan ukur sajorélat bari jeung aya nu ngagamahan. Nu mawi iraha deui mah urang mios duaan wé yu, ngarah laluasa, teu parameng sapertos tadi.”
“Ku émutan, Pras téh cocogna janten raka Rin anu ditugaskeun ku ibu rama Rin pikeun ngamonitor kagiatan urang di luar bumi.”
“Upami Pras dijantenkeun kabogoh Rin mah asa teu pas, margi ditilik tina pribadina, lempeng teuing, introvert, sareng henteu romantis.”
“Kénging teu abdi naros nu sifatna pribadi, Rin?”
“Saleresna pribadi nu kumaha sih anu dipikaresep ku Rin téh? Nu siga abdi atanapi nu kawas Prasasti?”
“Mun seug aya saratna sangkan tiasa caket sareng Rin, naon atuh saratna téh, ku abdi teu burung diakalan sareng diusahakeun supados angen-angen abdi kacumponan.”
Éta kabéh SMS téh ku kuring ukur dijawab ku dua kecap, “Duka atuh!” (Hanca).
ILMAN
IZZAN
Teu aya goreng belut dina menuna teh nya …..
Jadi emut ka Darso deui yeuh…SMS-an wae mah, karunya Kantor Pos atuhnya teu payu jang nepikeun surat ti bebene pamepes hate tea
Comment by Debu Jalanan — May 9, 2008 @ 1:46 am
kadieunakeun langkung rame ieu carita…langkung resep ngabandunganna, langkung teu sabar ngantosan hancana
Hatur nuhun. Salam, mugia nu nyeratna aya dina kawilujengan. Amin
Comment by gajahkurus — May 9, 2008 @ 10:34 am
Hatur nuhun ka Kang Budi sareng ka Ayi Usep anu parantos lungsur manah maosan ieu karya nu alakadarna. Tapi…abdi jadi resep hulang-huleng yeuh, tambih dieu tambih parah…..dikumahakeun atuh ieu carnyam teh ahirna nya?
Comment by pop — May 12, 2008 @ 4:12 am
Kade ah Teh, teu kenging seueur teuing hulang huleng bilih kumaha onam
Mangga ngiringan teu langkung nu bade ngigelkeun…
Comment by gajahkurus — May 12, 2008 @ 5:19 am
naha make kudu hulang huleng, tuh seueur geuning nu ngarojong masihan spirit. ah abdi mah karunya ka fauzan mun ditolak cintana teh, eta geuning meni kitu ku hayangna di pikabogohna ku rinega teh. sok lah bere kabungahan ka fauzan. da pras mah apan aya mantna bebenena nu masih mikaharep pras……he hehe ..
Comment by nu can uih ka lembur — May 12, 2008 @ 7:39 am
Aduh Fz, ka mana wae? I miss u so much…..
Comment by pop — May 13, 2008 @ 12:15 am