Aweuhan ti Gedong Yayasan Pusat Kebudayaan

Malem Saptu, ping 9 Mei 2008 di YPK jalan Naripan 21 digelar acara Pamasrahan Anugerah Gubernur ka para pangarang Sunda anu produktif nulis dina Basa Sunda, jeung acara launching buku kumpulan carpon pinilih “Kanagan 2” hadiah Uu Rukmana. Hiji kagiatan anu diluuhan ku para inohong, budayawan, seniman, satrawan Sunda, katut para insan anu gedé katineungna kana hirup huripna Ki Sunda.

Ieu acara dieuyeuban ku haleuangna kidung rajah Ibu Euis Komariah kalawan teks karya Tatang Sumarsono. Ogé direuah-reuah ku pintonan sandiwara Sunda “Haréwos Gaib” ku Téater Sunda Kiwari, sutradara Dadi P. Danusubrata, naskahna karya almarhum Yoseph Iskandar.

Saparantos biantara ti Pa Drs Uu Rukmana, acara diteraskeun kana gelaring kumpulan carpon “Kanagan 2”. Ieu buku téh ngamuat 60 carita pondok pinilih anu kantos dimuat dina majalah manglé salami 5 taun kapengker.
Keur sasim kuringeun ieu acara téh mangrupa hiji tonggak anu ngagedurkeun niat pikeun leuwih sumanget nulis dina basa Sunda, boh nulis carpon, novel, atawa ésay. Nya gara-gara sok nulis dina basa Sunda, peuting ieu sim kuring bisa pipilueun (lauk buruk milu mijah piritan milu endogan) ngahadiran ieu acara. Nya gara-gara resep nulis dina basa Sunda sim kuring bisa tepung jeung para sastrawan, seniman, jeung budayawan moyan. Nya gara-gara kasengsrem ku sastra Sunda karya sim kuring anu teu sabaraha ajénna pipilueun nyelap di antara karya-karya anu marundel.

Puncakna ieu acara téh nya éta pamasrahan Anugerah Gubernur ka lima pangarang Sunda. Ieu pangarang anu kasinugrahan téh nya éta Asep Ruhimat, Dudi RS, Hawé Setiawan, Mamat B. Sasmita, sareng T Bahtiar.

Dina ieu acara ogé alhamdulillah sim kuring tiasa tepang sareng dosen-dosen ti jurusan Sunda UPI, réréncangan sareng sobat-sobat saperjuangan, sapertos Dhipa Galuh Purba, Dadan Sutisna, Dian Héndrayana, Didih M. RAP, Kang Asép Ruhimat, sareng Nety Martin anu kaleresan teu acan mulih ka Amerika. Tapi …aya hanjakalna. Aya dua deui sobat sim kuring anu teu sumping. Tadina mah sim kuring téh hoyong langkung ngawanohkeun komunitas Sunda nu saujratna di dunya nyata ka aranjeunna anu katinggalna ageung katineungna kana basa Sunda sareng sastrana. Hanjakal Kang Budi ti LPKIA sareng Ayi Usep ti ITB teu tiasa hadir, rupina aya pamengan.
Ieu kagiatan téh mugi aweuhanana sumebar ka madhab papat, tandaning urang Sunda aya kénéh dikieuna, tur siap tandang mapag cahya nu gumilang.
ILMAN
IZZAN
***

Ngiring bingah ka euceu nu teras kreatif nyerat. Mugi-mugi karyana aya nu kenging hadiah sastra rancage. Didu’akeun ku Ayi. Keep movin’, baby…..!!
Comment by Anna — May 12, 2008 @ 3:59 am
Hatur nuhun Ayi. Mung abdi teh moal weleh ngaraos teu sugema salami Ayi teu niat2 acan ngagugu kana pangajak abdi:)
Comment by pop — May 12, 2008 @ 4:05 am
Duh janten isin, teu acan tiasa nyumponan pangajak pangersa. Hapunten nu kasuhun, oge hatur nuhun kana pangangkenna.
Comment by gajahkurus — May 12, 2008 @ 9:18 am
Kalintang bingahna asa kagunturan madu kaurugan menyan putih, sim kuring nampi buku kanagan 2 Kumpulan Carpon Pinilih Mangle. Katampi pisan, hatur nuhun.
Comment by gajahkurus — May 13, 2008 @ 9:32 am
Hatur lumayan, kanggo ngeuyeub-ngeuyeub perpustakaan Ayi Nur di bumi. Tawis katineung ti sim kuring kanggo anjeunna.
Comment by pop_ice — May 14, 2008 @ 12:23 am
sampurasun teh.
damang?punten abdi nembe toasa noongan blog teteh.nembe dugi ka dallas deui,meuno sono ka teteh.hatur nuhun tos triasa tepang,kamari basa di ypk meuni asa teu bebas,mung tiasa sosonoan sakedap.
halah geuning aya photo kang tony?wilujengnya teh kana carpona…,alhamdulilah carpon teteh kenging hadiah
baktos
nety
Comment by nety martin — May 30, 2008 @ 3:16 am
Rampes, Ayi Nety tega nian dikau meninggalkan aku di Indo…hiks…hiks….
Comment by pop — May 30, 2008 @ 6:24 am
Aduh teteh hapunten pisan..abdi kedah miang deui..tapi da ke oge bakal uih deui ka lemah cai,teteh…
pokonamah sun sayang kanggo teteh.
Comment by nety martin — June 13, 2008 @ 3:47 am
wilujeng kana kreativitasna, mudah-mudahan langkung produktif. Punten bade tumeros, upami milarian buku Kanagan 2 di toko buku mana nya? Hatur nuhun
Comment by husni — October 19, 2008 @ 1:16 pm
Cobi sumping ka Gedong YPK jalan Naripan, tepangan Kang Tatang Sumarsono.
Comment by pop — October 21, 2008 @ 2:41 am
Hatur nuhun Teh. Insya Allah, upami ka Bandung, sim kuring bade ngahajakeun ka jalan Naripan. Salam ka kulawargi
Comment by husni — October 21, 2008 @ 8:28 pm