Prasasti nu Ngancik na Ati 9

Ku Popon Saadah
Bagian ka-9
Kawasna geus salah tapsir kuring téh, salah tapsir kana sikep katut réngkak paripolah Pras sapopoéna ka kuring salila babarengan taun-taun. Peuting ieu lalampahan kuring nyukcruk jeung ngajugjugan hiji haté, mapay-mapay raratan hiji sukma, geus nepi kana hiji kacindekan, yén tétéla ieu diri téh cau ambon dikorangan, da manéhna mah geuning teu mikir-mikir.
Sukma kuring karasa pisan capéna, lungsé, lir nu mulang ti panyabaan anu kacida jauhna, leumpang teunangan bari léngoh. Asa nahnay jiwa téh. Geus jéntré geuning, kuring téh lain “arkéolog”, lain ahlina nyurahan simbol-simbol nu aya di diri anjeun sakumaha ahli purbakala nyurahan batu patilasan, Pras!
Ku kituna kuring kudu gancang sadar, ulah kalalanjoan mikiran anu lain pikiraneun, ngarep-ngarep nu éstuning lain arep-arepeun. Kuring kudu bisa ngabébérés haté, nata deui rasa, mupus jirim katut sukma manéhna tina file husus di dasar haté nu pangdasarna, najan hal éta téh lain pagawéan méméh mumuluk tangtuna gé. Kuring kudu gancang ngarabutan kembang-kembang kahéman jeung kamelang, anu geus kagok nyaliara téa dina jero dada. Mémang moal ujug-ujug bisa leungit sapada harita éta kabéh téh. Tapi ari ku dileukeunan mah disieuh-sieuhkeun unggal poé, sigana teu burung lipur jaga gé haté téh.
Jorojoy hayang titirah ka Limbangan téa. Sanajan kamari-kamari mah nyarita ka Fauzan rék indit ka lembur téh ukur alesan, ayeuna mah asa hayang dienyakeun. Kabeneran minggu hareup téh euweuh jadwal kuliah deuih, da minggu kamari kakara bérés UTS. Susuganan geus aya di ditu mah haté téh kabrangbrangkeun saheulaanan, sabab jauh ka ditu ka dieu, jauh ka Fauzan jeung jauh ka Prasasti, jauh tina sumberna marudah jeung bibitna guligah. Rencana téh duanana gé moal dibéjaan ka mana kuring rék liburan. Antep wé. Lain gé titirah atuh ari bébéja-bébéja kénéh mah. Kulawarga kuring geus diomat-omatan ulah geruh. Mun Pras jeung Fauzan nanyakeun, sebutkeun wé kuring keur aya di hiji tempat, teu bisa ditepungan. Ku lantaran kitu nomer HP ogé diganti.
Mimitina mah Si Mamah jeung Si Bapa héraneun, tara-tara ti sasari cenah kuring hayang papisah ti jirim nu biasana hésé pukah. Tapi sanggeus dijelaskeun mah perkara sikep Pras jeung indungna ka kuring, teu burung kolot téh ngalarti, tur ngidinan kuring liburan dilembur, di Cibitung di bumi nini ti Bapa.
Salila ieu kuring geus salah sangka, geuning indung sorangan téh pro ka anakna, henteu mangmeunangkeun Pras. Sigana Si Mamah téh kurang panuju kana tindakan Mamah Ani anu sok nyanyahoanan, hayang pipilueun kana urusan budakna.
Indit téh rerencepan pisan, tabuh satengah tujuh peuting da sieun katohyan ku kulawarga Prasasti. Kacipta mun inditna ti beurang kénéh, jaba ngajingjing koper kuring téh, tatangga moal teu pada héran pada nanya. Mobil Si Bapa gé ngahaja ti soré kénéh diparkirna rada jauh ti imah, sangkan dina waktuna indit teu pati kadéngé ngabiurna.
Basa ngaliwat ka hareupeun imah Pras, haté teu burung deg-degan, sieun pas keur ngaliwat, kabeneran manéhna muka panto hareup imahna. Tapi alhamdulillah aman. Taya saurang ogé anu kaluar ti imah éta. Taya saurang ogé nu nyaksian lalampahan kuring, Si Mamah, jeung Si Bapa anu angkaribung siga nu rék ngungsi. Salamet, nepi ka ngabiurna mobil ka wétankeun euweuh nu nganyahoankeun.
Sajajalan Si Bapa ngaheureuyan, pajarkeun téh kuring kabur ka lembur lantaran pundung alatan diseukseukan ku calon mitoha. Kuring ukur seuri, calon mitoha-calon mitoha tujuh puluh!
“Jadikeun wé atuh Rin ka Pras téh, ngarah beunghar ku ulos. Kapan cenah urang Batak mah mun kawin téh sok loba nu nyumbang ulos. Tah mun ulosna geus ngabrugbrug kari jual wé ka Pasar Baru!” Dasar Si Bapa resep heureuy. Kuring nu diuk dina jok hareup bari ngaréngkol téh jempé, teu purun némbalan, sabab panon geus pered, hayang saré sing tibra. Asa diayun ambing ku nyemprungna mobil di jalan tol.
“Atuh incu urang jaga téh bakal boga marga nya, Pa,” Si Mamah mairan ti tukangeun.
“Naha pan ti baréto gé anak urang mah geus bogaeun marga, Mamah!” ceuk Si Bapa deui.
“Marga naon?” Si Mamah serius.
“Rinéga Sigarantang,” témbal Si Bapa.
Barakatak téh Si Mamah seuseurian. Ih meni garandéng. Kuring hayang saré sareupreupeun. Sajajalan kolot téh patémbalan ngadon hareureuy, ngaheureuyan kuring pangpangna mah. Teu kaur leleyepan, kuring mindeng lilir kagareuwahkeun ku nu guntreng teu eureun-eureun.
Barang Si Mamah ngaguyah-guyah, karasa pisan awak téh tiris, hawa sakuriling bungking nyecep tiis. Horéng mobil geus tepi ka nu dituju, geus aya di Cibitung, di buruan imah Nini. Kaluar tina mobil téh éstu asa asup ka alam séjén, sabab kaayaan lembur dina wanci sareureuh budak, béda geuning jeung suasana di Bandung, réhé combrék jeung poék mongkléng. Keur mah kuring téh lulungu.
Abong geus lila tara ka dieu, barang suku nincak lemah Limbangan rarasaan téh asa ahéng deui wé. Panon rurat-rérét ngulincer. Rét ka luhur, béntang baranang. Rét ka jauhna, dina belegbegna peuting katénjo lampu-lampu tingkariceup di kampung peuntaseun Cibitung. Kaayaan peuting di padésaan mah éstuning éksotik. Sora sasatoan leutik bangsaning bangkong, caricangkas, gaang, cihcir jeung naon deui mah patémbalan, ngawangun wirahma anu matak waas kadéngéna, rus-ras ka jaman kuring keur budak, jaman sok mindeng dibawa nganjang ka imah ieu. Cenah ceuk kolot baheula mah éta sasatoan peuting nu keur anteng patémbalan téh sabenerna mah keur dalikir ka Pangéran. Wallohu alam. Tapi pantes we rék dalikir ogé, geus sakuduna mahluk mah ngagung-ngagungkeun Khalikna. Sigana deuih kolot baheula téh hayang nyelapkeun amanat dina éta fénoména alam, amanat anu nandeskeun yén urang salaku manusa kudu mindeng dikir (inget) ka Nu Nyiptakeunana. Bet sato pantar jangkrik waé gé bisa tur sempet kénéh dikir, komo jelema, anu cenah mahluk pangmulyana. Sing éra wé ku bangkong kedot saparakanca anu dikirna kapireng pangtarikna. Kitu meureun cindekna mah papatah kolot baheula téh.
Barang sup ka bumi Nini teu burung anjeunna reuwaseun. Aya sémah tinggurutak peuting-peuting, bari ti jauhna deuih.
“Gusti Nu Agung, kutan urang Bandung ieu téh? Naha maké datang wayah kieu? Lain ti tadi atuh keur cararaang kénéh, ayeuna mah usum ngarampih ka enggon.” Saur Nini bari olohok.
“Har, ari hoyong nyémahna ayeuna kumaha, Ma?” ceuk Si Bapa.
“Lain ku nanaon, éta wé atuh, wayah kieu mah tara aya opieun, warungna gé geus tarutup,” saur Nini deui, bari ngagelarkeun samak rubak di patengahan.
“Wios Ema, ulah janten émutan, tuangeun mah kaleresan ngabantun ti rorompok,” ceuk Si Mamah bari ngaluar-luarkeun bungkusan nu dikérésékan. Ti dituna mah oléh-oléh bari sakalian mawa bekel kuring saminggueun. Babawaan téh diguar di tengah imah. Dasar kolot, ti Bandung téh sagala dibawa. Kawas nu hariwang kuring teu manggih gareseun di tempat nganjang. Dahareun karesep kuring kabéh aya, ti mimiti koaci, kurupuk jéngkol, kuéh mari, roti kismis nepi ka gula kopina.
Ka dituna mah teu apal kumaha acara ngobrol kolot kuring jeung Nini téh, panon teu kuat ku tunduh, kuring langsung ngaringkeb manéh di kamar kosong paranti mondok sémah. Isukna Si Mamah katut Si Bapa marulang deui ka Bandung. Haté ngadak-ngadak nalangsa, asa jararauh panineungan. Ari sugan rék résep siga baréto cicing di ieu tempat téh. Rék teu resep kumaha atuh baréto mah, da ngumpul ngariung téh jeung indung bapa, dulur-dulur katut baraya. Teu ditaringgalkeun kawas ayeuna. Sasat ayeuna mah kuring datang ka ieu tempat téh niat ngadon ngéndong sosorangana sarta nyingkahan nu sabenerna mah beurat pikeun disingkahan.
Cuang-cieung sorangan téh éstuning saenyana. Kasebut sorangan wé kuring téh da Nini mah séjén deui, teu unggal usik bisa maturan. Loba luas-léosna. Dulur-dulur jeung baraya nu baréto sok narepungan mun kuring kakara datang ti Bandung téh sawaréh geus malencar, balubuara di kota. Nu araya gé haré-haré wé da pada-pada boga urusan séwang-séwangan. Atuh batur ulin mun pareng kuring nganjang sakali-kalieun ka dieu geus karurenan, geus pada-pada ngarais budak. Asa kararagok nepunganana ogé. Kabayang moal nyambungna mun diajak ngobrol téh. Maranéhna mah geus leuwih jero pangalaman batinna batan kuring nu masih kénéh bubudakeun. Tungtungna ngadon huleng jentul wé mimindengna mah.
Horéng teu sagampang nu dibayangkeun geuning ngajauhan anjeun téh, Pras. Meunang sapoé dua poé mah haté téh teu weléh tibelat. Maké jeung ngarep-ngarep manéhna nyusul ka dieu, ka lembur. Padahal kapan manéhna mah teu apaleun kuring aya di mana-manana. Leungeun garéték hayang kontak jeung manéhna ngaliwatan HP. Hayang nanyakeun, ayeuna manéhna keur naon? Naha keur ngumbah motor atawa keur ngadukduk ngetik hareupeun komputer? Naha haté katut pikiranana keur manteng ka kuring atawa teu inget-inget acan? Gap HP téh dicekel, tuluy diilikan…sok ditunda deui. Teu meunang, sama sakali kuring teu meunang ngontak manéhna! Kapan geus gilig haté téh niat rék mupus sakabéh file anu aya pakuat-pakaitna jeung jirim nu ngaranna Prasasti Siahaan tina batin katut memory na otak kuring. Najan hal éta kacida banggana, tapi lain hartina teu bisa dilakonan.
Kuring ngabangbalérkeun haté nu keur kumejot hayang mulang deui ka Bandung ku cara ngabantuan Nini sagawé-gawé. Ngahaja ditéangan pigawéeun téh. Pasakeun, kumbaheun, seuseuheun, jeung istrikaeun dikeureuyeuh. Lain ngadak-ngadak hampang birit, tapi lantaran kapaksa, sabab mun teu kitu haté katut implengan téh cos deui ka nu keur dijauhan. Malah ceuli téh asa dédéngéeun waé. Aya gerung-gerung motor, kuring curinghak, bari talal-teuleul kaluar. Ditempo téh batur deui batur deui.
Sakapeung ngarep-ngarep HP disada, jeung dédéngéan téh Si HP kawas nu ngageter bari ngaluarkeun nada. Ras deui inget kapan nomerna geus diganti ku nomer anyar, euweuh saurang ogé babaturan nu nyaho kana nomer HP nu ieu, iwal ti Si Mamah.
Duh, tungtungna kuring téh asa kasiksa. Katambah ku kayaan lembur nu réhé combrék téa najan ti beurang. Ukur kapireng sora-sora nu nyadarkeun kuring yén dina danget ieu kuring lain keur aya di Bandung. Sora séorna dangdaunan katebak angin, sora embé ngabérélé, sora kokotakna Si Borontok, bet ngondang rasa sedih. Kalan-kalan kapireng gerung mobil ti jauhna. Haté nu keur tibelat tambah kasuat-suat, unggal aya ojég ngaliwat.
Gutrut kuring nulis, susuganan ku curat-corét dina buku harian rasa guligah nu ngulibek na angen lir angin puyuh lilimbungan téh ngurangan.
Maluruh talaga wening, nyorangan
Longkéwang
naratas jalan sorangeun
sorangan
Mapay tanjakan
muru pudunan
teu jeung anjeun
kénca katuhu rajeg tangkal karémpan
Sumoréang
naratas jalan sorangeun
sorangan
Di lamping nu lungkawing
taya pisan dahan pamuntangan
nu sarimbag jeung leungeun anjeun
nu teu eureun ngamalirkeun kahéman
Di léngkob nu gurawés
taya sakeclak ciibun
komo talaga nu wening mah
da puguh lain di dinya tempatna
tapi na soca anjeun, jungjunan…(Hanca)
ILMAN
IZZAN
***

aduh langkung semangat wae yeuh macana, meni hoyong enggal terang saha nudipilih ku rinega teh nya, meni teu sabar, sok ngadamel pilihan utuk pembaca ka saha rinega jodona.mun kenging milih mah ah rek milih fauzan wae keur rinega teh..ameh fauzan ngengingkeun kabungahan da geuning fauzan mah micinta rinega teh ti lubuk hati yg terdalam…..hehehehe….
Comment by urang ozi — May 15, 2008 @ 7:44 am
Cinta munggaran cenah hese dipopohokeun. Komo mun bibit-bibit kaheman geus nyaliara ti keur budak. Dipiara ungal waktu ku paamprokna dua beunget, disiram ku rasa kaasih nu suci, silih anteur, silih belaan dina sapari polah. Estu layeut, geugeut, pageuh nepi ka wancina eta dua insan silih teuteup anteb dina mangsa mangkakna kembang cinta.
Ah teu rame mun kitu mah, cinta monyet tea ngarana. Aya oge nu nahan diri nunggu mangsa nu sampurna, tapi masih nyirikeun ku paripolahna yen dirina boga rasa kanyaah, kacinta.
Hapunten nu kasuhun. Wassalam
Kitu deui nu kaalaman ku Rinega. Mun carita ieu diteuleuman ti mimiti, hate Rinega ngan ka hiji lalaki nu geus lila namprakeun rasa kaheman, kanyaah, jeung kacinta ka manehna. Sok sanajan eta lalaki henteu atawa acan wani ngungkapkeun ku basa lisan nu gampang kasurti. Nyaeta Prasasti, kanyaah jeung kacintana ka Rinega sabenerna geus dibuktikeun ku paripolahna.
Tapi nya kitu, tiap jelema boga karakter nu mandiri. Aya nu togmol jiga barudak ABG ayeuna, dina mangsa rek ngajadi cukup ku sms atawa ku lisan, “Elo mau jadi pacar gue?“
Atuh cenah Rinega ayeuna titirah, ngajauhkeun diri tina cape hate balas mikiran nu teu wani namprakkeun kaheman ku lisan, aya alusna sabenerna mah. Alus keur dirina, sugan atuh malah jadi nambah surti. Yen ngungkapkeun kacinta teh teu gampang keur sawatara lalaki. Aya karisi, karempan, sok sieun nu dipikacinta teu mere hate. Oge aya alusna keur Prasasti, sugan atuh ari pajauh mah bisa ngaluluhkeun hatena, ngaleyurkeun bekuna lisan. Mudah-mudahan di hiji mangsa manehna tuntas meupeuskeun gerentes.
Aeh ketang, teu langkung dalang nu ngigelkeun, bade dibeureum dihideung mung anjeuna nu gaduh kawasa
Comment by gajahkurus — May 15, 2008 @ 10:43 am
Puguh asa aya nu lucu tina komentar-komentar para pamaca, aya nu mangmeunangkeun Fauzan, aya nu mangmeunangkeun Prasasti, aya oge anu netral nyanggakeun ka pangarangna. Teras aya oge anu masihan saran yen ahirna eta carita teh kedah kieu…kedah kieu, Prasasti kedah jadi kabogoh si ieu…Fauzan mun tiasa mah jadikeun ka si ieu…..:), Dugi ka danget ieu abdi masih keneh bingung, hate abdi salaku pangarangna duka dengdek ka saha? Aneh abdi oge, bet ngadak-ngadak dibingungkeun ku dua tokoh carita anu meleg-meleg ciptaan abdi keneh. Pantesna der-der we kumaha nu ngarangna, tapi abdi teu tiasa kitu, lantaran abdi ujug-ujug ngaraos yakin, yen ieu dua tokoh carita teh aya di kieuna, aya bungkeuleukanana…janten dina mutuskeun sagala permasalahan maranehna kedah pinuh ku tinimbangan anu wijaksana ceuk abdi. Anu langkung lucu, unggal tos diposting terasanana ieu carnyam, sanes sarugema, kalah naragih deui sambungan saterasna. Diemut-emut mah kawas nu moal aya tungtungna ieu carnyam teh ari hantem-hanteman ngarantosan terasanana mah, meni teu sarugema ku nu aya
Comment by pop_ice — May 16, 2008 @ 12:18 am