Prasasti nu Ngancik na Ati 10

Ku Popon Saadah
Bagian ka-10
Untung rencana liburan di dieu téh ngan ukur saminggu. Teu kacipta kumaha keselna lamun ditambahan jadi sabulan atawa sataun. Anu tadina niat rék niiskeun pikir téh geuning kalah beuki rosa guligahna, ninggang kana paribasa titirah ngadon kanceuh.
“Nyai…., heukeug… ka dieu, ulah numpi waé di enggon!” kapireng Nini gegeroan ti tepas.
“Ka dieu geura yeuh aya pencok hiris pangirim Bi Mimi,” cenah deui. Kuring nu keur gogoléran bari ngahérang téh hudang, niat rék nyampeurkeun nu ngagentraan.
“Bari bawa pisin jeung sendokna!”
Atuh ti lawang kamar téh ngaléos heula ka dapur.
“Sok ngawadahan sorangan,“ ceuk Nini kénéh sanggeus kuring diuk nyanghareupan pencok nu cikur jeung bawang bodasna kaambeu pisan seungit awun-awunan. Nepi ka ngaruy létah téh.
“Disanguan geura, jung nyokot heula sanguna,” cenah.
“Henteu ah, hoyong ditambul,” cekéng bari ngedukan pencok hiris anu reunceum ku réndos céngék beureumna maké séndok tina rantang.
“Ulah loba hulang huleng ieuh, ulin anggur mah jung ka ditu ka Putrajawa atawa ka Lemburtengah ka Mang Opan.”
“Ah, teu aya réncang, Ni,” cekéng bari seuhah, da pencok hiris téh ning lada pisan.
“Hampura wé di dieu mah tara aya nanaon, ukur kadaharan kawas kieu.”
“Puguh nu kieu karesep abdi mah, asa seger. Di Bandung mah sesah milari hiris téh, bet di supermarket gé tara aya.” Nyarita kitu téh bari cacaleuhakan. Asa ni’mat, ku lada mah asa enyaan beuntana panon téh, matak ngadak-ngadak cageur nu keur lieur. Kojéngkang nyokot heula gelas dieusi ci entéh dina luhur bupét urut nginum tadi.
“Heueuh naha atuh kawas nu nguyung, teu bérag cara biasa?” Ceuk Nini.
“Atuda ditaringgalkeun ku Si Mamah sareng ku Si Bapa,” cekéng, bari andiprek deui dina samak, niat rék meakkeun pencok hiris téa.
“Alah kawas bolon waé piindung, sakitu téréh panganténan téh,” cenah.
“Hehe..saur saha téréh? Lami kénéh Ni, calonna ogé téu acan aya,” jawab téh.
“Hih, ari budak lalaki nu hareupeun imah téa ka mana? Lain éta calonna téh?” cenah. Aéh-aéh naha kolot téh mani merhatikeun, ari sugan geus pohoeun deui.
“Duka atuh, Ni. Sigana manéhna téh teu bogoheun ka abdi mah,” cekéng bari seuri.
“Naha?” cenah semu héran.
“Nya hoyong ka nu geulis meureunan.”
“Ah siah, sok nyanyahoanan. Kapan incu Nini nu ieu gé kurang kumaha antieumna,” ceuk Nini deui. Hemm…antieum…bisa jadi éta mah ukur ngahibur haté kuring wungkul. Ari nu meunteunna Nini sorangan mah di mana-mana gé tara obyéktif.
“Éh Ni, kénging teu abdi curhat?”
“Naon? Curhat? Naon ari curhat téh?” cenah bari kerung.
Éh, poho, rarasaan téh keur ngobrol jeung Si Mamah. Naon atuh nya Sundana curhat téh?
“Abdi badé nyuhunkeun bongbolongan ti Nini, meungpeung di dieu,” cekéng.
“Sok atuh, rék ngumaha perkara naon?” cenah.
“Kieu, upami Nini dipiwarang milih hiji ti antara dua barang, sedengkeun éta barang téh sami saéna, Nini badé milih nu mana?” Tanya kuring.
Nini téh ngahuleng heula sakedapan.
“Naha bet teu meunang milih duanana?” cenah.
“Teu kénging Ni. Ceuk aturan teu kénging mibanda duanana. Kedah milih salah sawiosna. Tah saupamina dipiwarang milih ieu mah, Nini badé milih nu mana?”
Sigana Nini téh surti, da terus kéom bari neuteup ka kuring.
“Ieuh Nyai, dina milih éta barang tangtu waé ulah sagawayah milih. Komo upama éta barang téh lain sabarang-barangna, tapi hiji barang anu bakal gedé pangaruhna tur nangtukeun pisan kana kahirupan Nyai ka hareupna. Kudu dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun, bisi kaduhung jagana,” cenah.
“Saupamina Nini cios milih salah sawiosna, terangkeun alesanana naha Nini bet milih barang nu éta!” ceuk kuring deui. Panasaran pisan kana jawaban nu rék dikedalkeun ku anjeunna. Tapi Nini téh teu langsung ngajawab, siga keur milih-milih pijawabeun nu pangmerenahna, meureun ngarah kuring sugema.
“Balaka waé atuh Nyai, éta barang téh jelema lain? Anu ayeuna keur deukeut jeung Nyai? Ulah disaruakeun jeung barang atuh, lebah dieu bakal béda antara milih barang jeung milih mahluk nu nyawaan!” ceuk Nini bari gumujeng, malah terus ngehkey hésé eureunna. Kuring héran, piraku masalah kieu-kieu waé jadi bahan piseurieun?
“Asa jadi inget kana paribasa téng manuk téng anak merak kukuncungan. Baréto basa bapana keur bujangan kieu pisan, bingung palebah milih pibatureun hirup,” cenah bari nyusutan cisocana ku tungtung kabaya, balas gumujeng kateterasan. Kuring ukur seuri konéng.
“Sok atuh waler, Ni!” cekéng teu sabar.
“Puguh Nyai nu panyahona kudu milih saha-sahana mah. Paling-paling Nini mah rék méré bongbolongan kieu: pilih nu pengkuh nyekel agamana, anu geus karasa bélana, anu ngarti jeung surti kana kaayaan urang boh urang keur dina kaayaan senang komo keur dina kaayaan susah mah. Anu urang geus apal kana réngkak paripolahna sapopoé. Ulah jalma saliwat. Sakitu wé ti Nini mah!”
Mémang bener dipikir-pikir mah kuring nu pangnyahona kudu milih saha-sahana, sabab dina hal ieu kuring pisan nu ngalaman deukeut jeung pribadi-pribadi éta dua jalma. Sabenerna Prasasti téh geus bisa nyumponan sarat anu ku Nini kuring bieu disebutkeun, solatna tara tinggaleun jeung tara diengké-engké, geus karasa bélana deuih, réngkak paripolahna sapopoé piraku deui kuring teu nyaho. Ngan nya kitu téa, boa bogoheun boa henteu ka kuring téh. Tapi kuring teu ngumaha ka Nini palebah kembana Prasasti mah, éra sieun diseungseurikeun deui. Ngan beuki lila beuki kapikir, asa euweuh gunana ngeukeuhan nu kemba mah.
Jeung titirah anu lilana saminggu di lembur téh kudu aya hasilna. Kuring kudu bisa nyieun kacindekan jeung kaputusan, saha di antara Prasasti jeung Fauzan anu baris dijadikeun andelan pikeun batur hirup kuring ka hareupna. Nya ayeuna pisan waktuna kuring kudu wani nangtukeun sikep salaku wanoja déwasa, ulah daék diulinkeun ku nonoman nu ngan ukur hayang ngulinkeun wungkul. Jeung jigana ulah loba teuing maén perasaan deuih, sabab moal aya tungtungna. Keur naon haté montél jeung tibelat ka hiji jelema gé ari kuringna nu ambon sorangan mah.
Poé Minggu kira-kira wanci rumangsang kuring dipapagkeun ku Si Bapa. Teu burung sedih ninggalkeun Nini téh, maké ngagukguk heula rék balik téh. Komo barang kareungeu Nini ngagolontang babacaan ngadu’akeun kuring mah. Atuh balik téh bari rambisak.
“Naha teu sareng Mamah mapagkeun téh, Pa?” Tanya kuring basa mobil geus nepi ka Pasar Limbangan.
“Capé cenah, tadi téh kakara balik ti Cililin.”
“Ti Cililin ti saha?”
“Dulurna Mah Ani ngawinkeun, Si Mamah diajak ka ditu ku Mah Ani. Ngéndong meunang sapeuting. Malah Pras ogé milu,” témbal Si Bapa.
Seblak! Haté téh nyeblak barang ngadéngé ngaran Pras. Bréh na kongkolak panon jirim manéhna, réngkak paripolahna, tangtunganana, teuteupna, sorana, seurina, baeudna, nepi ka muncerengna lamun pareng manéhna keur ambek. Ngadak-ngadak mobil nu keur ditumpakan téh karasana ku kuring mah majuna asa lendo naker.
“Pa, énggalkeun atuh rada ngebut, ulah boyot kieu,” cekéng.
“Hahaha…..hayang geura gok jeung Prasasti?” ceuk Si Bapa.
“Iiiih…..henteu….,” témbal téh, rét kana kaca spion, ébréh pisan beungeut kuring ngabeureuman.
Barang tepi ka imah kasampak sararepi, kawasna kabéh keur aya di jero imah, da poé téh keur meujeuhna panas éréng-éréngan. Kuring ngagandeuang muru imah sorangan, babawaan mah diantep dina mobil, engké wé mun geus reureuh rék diakutan. Bari ngadayagdag dina kasur téh kuring nunungguan Si Mamah ngadeukeutan, hayang nyaho kumaha beritana ngeunaan jelema-jelema nu salila saminggu ngahaja dijauhan, ditinggalkeun heula ka lembur.
Si Mamah ngasongkeun surat. Kuring curinghak.
“Ti Prasasti?” cekéng.
“Ti Fauzan,” ceuk Si Mamah.
Haté kuciwa. Atuda ku diri Fauzan mah geus teu anéh. Tong boro suratna, bet lisan manéhna gé sakitu blak-blakanana. Can dibuka gé surat téh geus kasakuan eusina, pasti manéhna nganaha-naha, naha kuring bet indit ka lembur teu bébéja, naha ka lemburna bet sosoranganan, jeung sajabana. Hayang sotéh kuring mah narima surat ti Prasasti, rék eusina pikasediheun, komo eusina pikabungaheun mah, nu penting aya hiji tanda yén salila kuring euweuh manéhna ingeteun ka kuring. Tapi tétéla teu ingeteun. Keur manéhna mah taya waktu pikeun susuratan, jeung sigana ngarasa teu perlu kikituan.
“Mah, ari Prasasti naroskeun Rin, teu?” Tanya kuring bari merengut.
“Naroskeun, malah mah naroskeun kieu, naha cenah nga-SMS jeung nelepon kana HP Rin téh teu nyambung waé.”
“Diwaler kumaha ku Mamah?”
“Kapaksa Mamah téh ngabohong. Disebutkeun wé HP-na tinggaleun di dieu teu kabawa ka lembur, teu dibéjakeun HP Rin ganti nomer, ari kolot mah sieun kumaonam,” ceuk Si Mamah.
“Teu papajangan?” Tanya kuring deui.
“Henteu. Apal meureun Rin ogé, kumaha ari adat Pras, tara loba omong.”
“Ari Fauzan?”
“Ngan sakali ka dieuna téh, manéhna siga nu hanjelu teu bisa tepung heula jeung Rin. Éh Rin, ditilik-tilik mah gagah ogé nya Fauzan téh,” ceuk Si Mamah bari seuri. Baku ari geus ngaheureuyan téh Si Mamah mah.
“Bageur deuih, Mah,” cekéng.
“Kapan minggu ayeuna cenah rék diwisudana téh. Harita gé siga nu hayang pisan tepung jeung Rin. Dibéjaan HP Rin tinggaleun téh meni siga nu handeueul. Keukeuh méménta alamat Nini di Cibitung.”
“Teras?” Tanya kuring.
“Euu..h atuh kuriak Rin ngambek ka Mamah dibéjakeun alamat di lembur mah, kapan teu meunang aya saurang ogé nu dibéjaan lin? Nya dibéjakeun wé Rin keur teu purun ditepungan ku sasaha. Tuluy manéhna nulis surat. Pék geura baca atuh suratna!” ceuk Si Mamah.
Béréwék surat téh amplopna disoéhkeun. Bréh tulisan manéhna anu has, unik, rapih, jeung puguh éntép seureuhna, abong tulisan sarjana Basa Sunda.
Kapayuneun salira anu duka nuju aya di mana,
Ieu serat téh ngawakilan jirim anu teu kaleresan pendak sareng jalmina. Kawitna mah hoyong paamprok jonghok sareng Rin téh, margi aya nu badé dibadantenkeun. Ah, ayeuna badé togmol wé, abdi téh ngawantun-wantun anjeun ngajak Rin ngahadiran wisuda abdi minggu payun.
Kalintang bingahna upami Rin kersa ngahadiran sareng nyarengan abdi dina acara anu kacida diantos-antosna ku abdi sareng ku kulawarga abdi. Malih mah abdi parantos wawartos ka pun biang, yén dina acara wisuda engké téh abdi badé digéndéng ku wanoja anu salami ieu teu weléh janten panyileukan abdi siang kalayan wengi. Katingalna pun biang téh bagja tan wates wangen ngadangu abdi badé aya nu ngaping téh. Malih mah anjeunna tos teu sabar palay geura dipendakkeun sareng istri anu badé ngagéndéng abdi téa dina waktosna.
Mugi ku katampina ieu serat, salira tiasa persiapan sagala rupina. Bilih peryogi bantosan ti abdi kantun nga-SMS wé. Insya Alloh upami tos caket pisan kana waktosna abdi badé dongkap deui ka dieu.
Salam sono,
Fauzan Adiraga
ILMAN
IZZAN
***

adeuh sigana resep euy……bagian carita rek aya wisudana fauzan. sigana bagja pisan mun rinega satuju kana kahayang fauzan, tapi duka nya sigana rinega mah rada keras sifatna upami alim teh moal tiasa di kukumaha……nya urang antosan wae hancana ……sugan wae pikabungaheun….he hehe……
Comment by urang ozi — May 19, 2008 @ 1:52 am
Saran keur Rinega mah dicopas tina bongbolongan nini : “Pilih nu pengkuh nyekel agamana, anu geus karasa bélana, anu ngarti jeung surti kana kaayaan urang boh urang keur dina kaayaan senang komo keur dina kaayaan susah mah. Anu urang geus apal kana réngkak paripolahna sapopoé. Ulah jalma saliwat”
Sok kantun diemutan, sing asak ngejo ulah tutung tambagana…
Comment by gajahkurus — May 20, 2008 @ 6:13 am