Prasasti nu Ngancik na Ati 11

Ku Popon Saadah
Bagian ka-11
Kuring ngahuleng salila-lila. Kumaha pipikiran Fauzan nya, can disanggupan geus wawanianan bébéja ka indungna. Ari geus kieu rék kumaha? Manéhna mani yakin pisan kuring bakal nyanggupan. Aya-aya waé, ku teu anggeus-anggeus atuh nya kabingung téh, torojol deui torojol deui.
“Gugu wé atuh Rin sakali-kali mah kahayang Fauzan téh, karunya,” ceuk Si Mamah, basa ningali kuring ngahuleng kénéh.
“Jeung Mamah mah asa kaluman ngabandungan masalah Rin téh. Hantem wé haté Rin reyang-reying dibibingung ku sikep Pras jeung Fauzan. Rék nepi ka iraha? kaburu huisan mantén. Ayeuna mah ieuh kudu aya kawani nyieun kaputusan sorangan geura, ulah sieun ku résikona, sabab unggal kaputusan nu dipilih pasti aya résikona. Lamun ayeuna Rin milih Fauzan, hartina Rin geus maju saléngkah dina ngungkulan hiji masalah, sarta geus siap nyanghareupan sagala résikona téa.” Ceuk Si Mamah.
Tah dumasar caritaan nu éta, nu kaluar tina biwir indung sorangan, jadi teteg haté téh. Ah, rék léah wé ayeuna mah, nyanggupan pangajak Fauzan, ngahadiran acara wisuda manéhna. Sugan heueuh kuring téh kudu wani nyieun putusan sorangan.
“Damang, Kang?” ceuk kuring, ngamimitian ngajak nyarita ka Fauzan dina telepon.
“Alhamdulillah, samulihna Rin kumaha damang?” Jawab manéhna ti peuntas ditu.
“Saé,” cekéng.
“Ka mana waé atuh salami ieu téh? Mani téga, angkat-angkatan téh teu wawartos heula ka nu mikamelang. Pikahariwangeun pisan. Kumaha parantos diaos serat ti abdi?”
“Atos,” jawab téh. Anéh, teuing pangaruh naon, ayeuna mah kuring jadi teu bisa nyarita papanjangan, najan ukur dina telepon, najan teu bari adu hareupan.
“Kumaha, kersa teu ngahadiran acara wisuda abdi téh?”
“Insya Allah.”
“Ya ampun, leres ieu téh? Nu leres Rin? Rin kersa nyarengan abdi? Awas ulah ngabohong!” cenah.
“Har, naha maké kedah ngabohong sagala?” Jawab kuring.
“Alhamdulillah Gusti, du’a abdi sareng pun biang téh diijabah geuning,”ceuk manéhna deui. Kuring ukur seuri, ari Fauzan ku teu robah-robah, sagala rupa téh sok bruk-brak. Tara bisaeun nyumputkeun semu, boh dina kaayaan keur susahna, komo dina kaayaan keur bungah mah.
Soréna manéhna ngagurutak nepungan bari rébo ku babawaan. Horéng di antara nu dibawa téh aya papakéan sapangadeg. Kabaya jeung samping setélanana, ogé teu tinggaleun selopna. Cenah engké téh dina waktuna, kuring mah nyaho maké jeung nyaho indit wé. Keun ka salon gé rék dianteur. Mani ngadak-ngadak asa jadi putri kuring téh, sagala rupa kaperluan keur poéan wisuda manéhna jeung papakéan anu mun dipaké téh matak gandang, geus disadiakeun, kari rap maké. Teu nyangka manéhna bakal bébéakan nyieun persiapan.
“Euleuh… ieu acuk téh mani cekap pisan, kawas nu kénging ngukur,” ceuk kuring basa ngajaran baju kabaya paméré manéhna téa, da mani keukeuh kudu diajaran harita kénéh.
“Kapan Rin téh salirana sami pisan sareng Hani, pun adi nu bungsu. Janten waktos mésérna disamikeun ukuranana sareng anggoan Hani. Geura engké gé pendak, sami pisan, jangkungna gé sapantar deuih,” cenah. Dina haté kuring muji manéhna anu teu weléh surti, ngarti tur apal kana seléra kuring. Warna kabaya ogé cop pisan jeung lelembutan, pulas héjo pucuk cau. Modél kabaya modéren, dipapaés bordelan kembang paselang jeung daun warna héjo kolot, sarta reunceum ku payét. Ieu kabaya téh sawarna jeung selopna.
“Duh, Kang naha bet janten ngarépotkeun, abdi téh nya,”
“Dina leresan mana ngarépotkeunana? Puguh Rin anu dirérépot ku abdi. Upami teu aya Rin abdi badé diaping ku saha?” Omong Fauzan.
“Nya ku ibu rama atuh,” cekéng.
“Tos puguh atuh sepuh mah teu kedah dicaroskeun deui. Kapan pangaping anu spésial ogé kedah aya. Mangkaning sobat-sobat abdi gé badé digéndéng ku pangapingna masing-masing engké téh,” cenah bari seuri. Wah beurat atuh mun manéhna nganggap kuring pangaping spésialna mah, pasti bakal loba saratna.
“Abot henteu Kang tugas pangaping spésial téh? Boa abdi mah moal tiasa ngalaksanakeunana,” can nanaon haté mah geus sarareunggah.
“Abot naonana? Da teu dipiwarang mamanggul nanaon, teu dipiwarang barang jingjing acan, ukur dipiwarang nyarengan wungkul. Sakali-kali mah kedah kersa nyarengan abdi atuh, ulah Prasasti waé nu sok disarengan téh,” ceuk Fauzan bari mencrong kana beungeut kuring, siga nu hayang ngajugjugan kaayaan haté kuring dina danget ayeuna. Kuring ukur bisa ngaréspon ku seuri. Ras inget kana caritaan Si Mamah, “Gugu wé atuh Rin sakali-kali mah kahayang Fauzan téh, karunya!”
“Muhun mangga, palay disarengan mah. Kapan ieu kabayana nuju dicobian,” ceuk kuring. Manéhna neuteup seukeut kalawan pasemon anu marahmay. Asa can kungsi nyaksian manéhna sabungah poé ayeuna, kagambar pamuluna bérag jeung béar.
“Janten hoyong geura-geura dinten Saptu yeuh, tos teu sabar hoyong digéndéng ku Rin bari nganggo anggoan toga,” cenah bari sarangah-séréngéh.
“Yéh kawas budak alit, teu sabaran!” cekéng.
“Atuda sieun kabujeng Rin kagungan acara nu sanés deui,” cenah.
“Acara naon ah!”
“Sieun aya acara ngadadak angkat sareng Prasasti,” cenah deui.
Kuring cicing, asa horéam némbalanana. Kahayang téh manéhna ulah nyabit-nyabit deui ngaran Pras, sieun haté kuring ngolémbar deui ti manéhna.
“Kang, tiasa teu ti ngawitan dinten ieu teu nyabit-nyabit nami Pras?” cekéng.
“Ku naon kitu?”
“Bosen, Pras deui Pras deui,” témbal téh.
“Rin, abdi badé teu sieun batal kumaha ieu rencana urang téh atuh, kapan Rin sareng Pras téh éstuning unggal dinten pagilinggisik, unggal waktu papendak. Tiasa waé dinten ieu Rin nyebat sanggem, kersa nohonan pangajak abdi, énjingna robih deui, langkung condong kana pangajak Pras, tiasa waé pan?” cenah.
“Jadi kumaha kapalay Akang téh?” Kuring jadi keuheul ngadéngé caritaanana kitu téh, niat hadé kuring daék diajak ngahadiran acara manéhna asa teu dihargaan, asa teu dipercaya ku manéhna.
“Ih ulah bendu atuh, pira gé nyarios kitu!” cenah bari ngadeukeutan, tuluy leungeunna kawas nu rék ngaléng taktak kuring, ngan kalawan teu dihaja kuringna kaburu cengkat rék ganti baju deui.
“Tos puguh cekap mah kabayana badé digentos deui wé ah, lebar bilih engké dina waktosna kabujeng kotor ku késang,” cekéng bari ngaléos ka kamar.
Geus paheut sagala rupana mah Fauzan balik, sabab cenah aya kénéh urusan anu can dibéréskeun di kampusna. Manéhna kaluar ti imah kuring sorangan. Tara pangangguran dianteurkeun nepi ka lawang pager, sakumaha babaturan kuring nu sok ngaranjang ka imah, sabab kuring sadar yén Fauzan mah lain sémah sasémah-sémahna. Manéhna mah sémah anu bisa ngamunculkeun bibit buit pacéngkadan antara kulawarga kuring jeung kulawarga Pras, mun kuringna teu parigel nyanghareupanana mah.
Harita gé basa Fauzan kaluar ti imah kuring tuluy asup kana mobilna, teuing kasaksian ku kulawarga Pras teuing henteu, da panto imah Pras téh keur kabeneran nutup. Da geus kaerong atuh, kumaha ambekna Mamah Ani mun nyahoeun yén ti mimiti ayeuna kuring jadi leuwih deuheus ka nonoman nu mindeng nganjang téa batan ka anakna. Ah kuma béhna wé, pék baé Mah Ani rék ngambek ogé! Kapan ceuk Si Mamah gé kuring kudu aya kawani nyieun putusan sorangan, jeung kudu daék nyanghareupan sagala konsékwénsina.
***
Poé ieu pisan salah sahiji konsékwénsi tina deukeutna kuring jeung Fauzan geus mimiti karasa ku sorangan. Sikep Mamah Ani jadi loba robahna. Basa manéhna pareng pasangrok jeung kuring di téras, teu nanya, malah ngabalieur miceun beungeut.
“Mah Ani damang?” cekéng. Éstuning lain basa-basi keur kuring mah nanya kitu téh. Bener-bener hayang nyaho kaayaan manéhna, sabab ti saprak kuring balik ti lembur can kungsi panggih jeung Mah Ani téh.
“Saé!” cenah bari teugeug. Katempo manéhna semu nu gura-giru asup ka imahna. Duh, kuring jadi teu ngeunah haté. Ieu téh kakara konsékwénsi bubukana, bakal siga kumaha rupana konsékwénsi-konsékwénsi nu kudu disanghareupan ku kuring satuluyna? Keur bingung kitu kapireng sora gerung-gerung motor Pras. Enya wé, torojol manéhna, teuing tas ti mana, siga nu tas indit jauh, da maké jekét, disarung tangan, jeung disapatu sagala. Saméméh ngalaan hélemna ngarérét heula ka kuring, tapi cicing, tiis, teu ngajak seuri teu naon. Kuring ngahaja ngajanteng nyerangkeun manéhna nepi ka manéhna ucul-ucul hélem, sarung tangan, jeung sapatuna. Didagoan nyampeurkeun jeung uah-aéh ka kuring sakumaha kabiasaan manéhna lamun geus lila teu papanggih, kalah ngaléos asup ka imahna. Keur mah geus teu ngeunah ku indungna, ayeuna nempo anakna kitu peta deuih, beuki wé raca haté téh. Mun seug kuring ngadak-ngadak jadi budak deui mah harita kénéh gé rék renghak-renghik bari cimataan, sabab na jero dada aya nu nyanyautan.
Gidig kuring ka jero, sup ka kamar, gap kana HP nu ngagolér luhureun risbang, der nga-SMS Prasasti.
“Bendu nya ka Rin?” Cekéng. Didagoan samenit dua menit….can aya kénéh balesan. Ah kawasna mah moal dibalesan SMS kuring nu bieu téh. Golédag kana kasur, asa laleuleus awak téh, padahal tadi isuk-isuk geus mumuluk ku sangu goréng. Keur kitu si HP téh ngageter jeung ngaluarkeun nada. Kuring curinghak, geuwat SMS-na dibuka, ti Prasasti:
“Horéng kembang Gelombang Cinta téh leres wé awis pangaosna. Éstu moal kabedag ku jalmi pantar abdi mah!” cenah. Mimitina mah kuring atoh narima balesan ti manéhna téh, tapi basa kanyahoan kitu eusina, asa jadi sararedih, najan can pati ngarti naon maksudna.
Éta SMS ku kuring dijawab, “Naon sih maksud Pras téh? Rin mah teu ngartos, sumpah!”
Torojol deui SMS ti manéhna. “Kumargi kembang awis, sabataé langkung sesah ngarawatna, kedah dinangna-néngné, teu sapertos kembang-kembang nu sanésna.” Kuring can ngarti kénéh kana maksudna geus torojol deui SMS nu katilu.
“Disimpenna gé éta kembang téh kedah dina pot antik nu pangaosna ogé sami awisna, jelas-jelas moal kaudag ku jalmi teu gaduh siga abdi mah,” cenah.
Dilenyepan mah teu burung kateguh, nada-nada ieu SMS téh éstuning nyindir wungkul. Ti iraha Prasasti ka dirina sorangan nyebut abdi? Biasana gé sok nikukur nyebut Pras ka sorangan téh. Wah kaya kieu mah manéhna siga-siga nu ngajak paséa!
Ku kuring dibalesan kieu tah SMS nu sari-sari nangtang téh, “Mémang teu tiasa sagawayah miara Gelombang Cinta mah. Ieu kembang kedah dicepeng ku nu tiis leungeun, nu surti, nu gumati, sareng nu tulatén dina miarana!” Hayang nyaho, kumaha balesan SMS ti manéhna kana SMS kuring nu ieu. Matak barang torojol deui balesan ti manéhna, teu diengkékéun, geuwat dibuka.
“Ngiring bingah atuh upami tos mendak anu luyu sareng lelembutan mah. Teu burung sumping tah geuning nu salami ieu dianti-anti téh. Wilujeng…,” cenah. (Hanca)
ILMAN
IZZAN
***

Sampurasun,
Neuleuman terasna ieu carita nu tos dugi ka bagian 11, sim kuring teh asa ngadaweung ngabangbang areuy. Halah…asa ieu mah, tina perasaan kuring sorangan hehehe. Hapunten nu kasuhun, upami sim kuring kawas lauk buruk milu mijah piritan milu endogan. Sok nyanyahoanan nitenan makna karya bujangga nu sakitu saena, hiji karya nu matak pogot macana.
Ngilikan nu jadi tokoh Pras, manehna jalma nu ngabogaan karakter sabar. Matak dina nangtukeun hiji pasualan tara gurung gusuh, teu bisa togmol estu leuleus jeujeur liat tali. Komo dina urusan nangtukeun jantung ati keur pibatureun hirup saterusna, sabab lain keur sakalieun. Kudu nete taraje nincak hambalan ulah kumaha geletuk batuna kecebur caina. Sumawona katresna manehna ninggang ka mustika pagulingan, sabab lain manehna wae nu boga rasa teh, geuning aya deui jalma nu sarua kahayangna. Jaba deui nu ieu mah jauh tanah ka langit, jalma nu luhur kuta gede dunya, lain lawaneun keur dirina. Jalma nu remen bro-broan pikeun meuli katresna hiji wanoja.
Sabar ge aya batasna, meureun kitu pikiran Pras ayeuna, suluh besem oge ari diasur-asur mah hurung. Teu rek kitu kumaha, katresna ka ieu wanoja meunang ngintip ti leuleutik, meunang noong ti keur bolon geus gede dipacok batur, dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar batur. Padahal saringkah saparipolah manehan ka ieu nu rek dijieun jimat paripih, geus ngebrehkeun, geus ngabuktikeun yen manehna aya harepan sugan jeung sugan daluang katinggang mangsi.
Hanjakal pamiarsa sadayana, masih keneh hanca hehehe. Tapi mudah-mudahan ieu wanoja teh harepanna ngan ka hiji lalaki nu tos pagilinggisik ti leuleutik, anu ngarti jeung surti kana kaayaan dirina boh dina kaayaan senang oge dina kaayaan susah. Teu midua pikir, ulah keuna ku ucap moro julang ngalepaskeun peusing, komo deui ulah dugi ka pipilih nyiar nu leuwih koceplak meunang nu pecak. Deudeuh teuing….
Hapunten nu kasuhun panjang teuing komentarna. Salajengna mangga nyanggakeun ka nu gaduh lalakon bade dibeureum dihideung eta mah teu langkung, margi sim kuring mah teu mais teu meuleum
Wassalam
Comment by gajahkurus — May 24, 2008 @ 7:16 am
akang teu patos tiasa ngajen fiksi, kantenan nganggo ukuran-ukuran nu jinek, nanging bade subyektif bae.
Carita nyambung nu ku salira diserat, ceuk akang mah nataran teuing rasa, tapi can katoel fantasi nu maca geusan asup kana ulekan carita. bandingkeun sareng “manehna” sjarif amin, “pipisahan” raf.kirang informatif keur nu maca, dina hartos can mere hal, kanyaho, atanapi kaweruh anyar geusan jadi cecekelan nu maca.
tapi onjoyna ge aya, nyaeta lancar dina nyarita sasat ngagolontor sarta apik dina basa, muhun maksad teh nyoko kana kaidah basa sunda nu hade tur bener. langkungna ti eta, leubeut ku banda kecap bau-bau arkaik nu kiwari sasat geus kaluli-luli ku urang sunda, leubeut ku falsafah oge.
eta rupina gambaran sabengbatan ti akang.
wilujeng …sok teraskeun.
Comment by asep ruhimat — May 24, 2008 @ 1:08 pm
Waleran kanggo Kang Asep Ruhimat:
Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog, oge hatur nuhun kana sumbang saranna. Memang ti ngawitan diimplengna ieu carnyam, ku sim kuring tos dihususkeun, ieu mah bacaeun anu hampos, teu aya nanaonna. Niatna oge estuning kanggo hiburan wungkul. Naon margina di lebetna hanteu leubeut ku informasi anu dipibutuh ku pamaca? Margi kaweruh sim kuring dina sagala hal mung ukur dugi ka dinya. Sim kuring teu acan tiasa mekelan pamaca ku rupi-rupi hal anu ageung mangpaatna. Jauh tanah ka langit upami ieu karya kedah disamikeun sareng karya2 Syarif Amin oge karya2 RAF. Tapi kritik sareng saran Kang Asep janten bekel ka payunna kanggo sim kuring dina nyerat fiksi. Mung aya nu hoyong didugikeun ku sim kuring teh, ieu carnyam teh diserat kalayan susah payah, dina hartos kenging ngimpleng lami pisan. Ku kituna saleresna aya usaha oge ti sim kuring, usaha hoyong naronjatkeun eusi karya2 sim kuring. Naha sim kuring teh bet dominan (resep) nyerat carita perkawis cinta? Margi ku emutan, henteu sadayana fiksi anu temana cinta kalebet karya picisan (murahan). Upami eta tema diolah kalayan serius, ngagunakeun kalimah-kalimah anu plastis tur kreatif, moal dugi ka ragrag janten karya picisan. Cindekna, salami tema cinta tiasa diolah, diukir janten hal anu punjul oge dipigandrung ku para pamaca, sim kuring moal waka ngejat tina nyerat tema-tema sapertos kitu. Cag!
Comment by pop_ice — May 25, 2008 @ 5:41 am
Waleran kanggo gajahkurus:
Ah Si Ayi mah, ulah serius atuh Yi, bilih kabobodo. Luyu sareng pamundut salira, ieu carnyam teh masih keneh hanca sareng hanca, ke upami tos aya intruksi ti pamaca pangsatiana kedah di-stop, nembe abdi bade liren, teras nyerat kecap “Tamat” dina tungtung carnyamna. Mangga, bade dugi ka bagian sabaraha ieu carnyam teh? Teu burung dicumponan
Comment by pop_ice — May 25, 2008 @ 5:48 am