Ekspresi narsis-ku

May 26, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 12

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian kadua belas

Cara sasari lamun pareng paséa jeung manéhna kuring sok embung ngéléhan. Harita gé SMS-na dijawab kieu, “Hatur nuhun kana pangrojongna!” Geus kitu mah jempé, HP kuring teu disada deui.
Ari sugan moal kieu jadina hubungan kuring jeung manéhna katut kulawargana téh. Asa jadi leuwih rumit masalahna batan kamari-kamari basa ieu haté keur ngalaman reyang-reying kénéh. Katambah ku posisi imah anu pahareup-hareup téa, jadi sagala réngkak paripolah kuring kasaksian pisan, teu bisa leupas tina panitén maranéhna. Lamun imah kuring jeung imahna pajauh mah, meureun ieu masalah téh moal sarongkah ayeuna.
Kacida embungna kuring téh ari kudu pegat silaturahmi jeung Pras katut kulawargana mah. Dihenteu-henteu gé maranéhna téh geus teu asa jeung jiga, geus asa dulur pet ku hinis. Kahayang kuring ayeuna, geus wé atuh Prasasti téh nganggap kuring adi tegesna, sakumaha kuring rék ngaku manéhna lanceuk pituin, moal dibéda-béda jeung lanceuk kuring nu dua. Najan hal éta téh (ngarobah rasa téh) hiji pagawéan nu bangga kacida.
Ka dieunakeun, Prasasti jadi langka katingali, siga nu ngahaja ngaringkeb manéh di imahna. Tara kawénéhan ngalantung di buruan. Geus sababaraha poé kuring teu nempo manéhna ngomé motor di térasna cara sasari. Posisi motorna teu robah-robah, angger kawas kamari ngajugrug hareupeun imahna. Haté jadi loba tumanya, ka mana atuh nya manéhna téh? Mani tara katempo ngalanto hareupeun panto acan ayeuna mah. Riweuheun ku tugas-tugas kuliahna kitu? Atawa boa-boa gering? Kuring ngarasa melang jeung hariwang, sieun manéhna kumaonam.
“Mah, ari Prasasti ka mana nya? Asa tara katingali ayeuna mah,” tanya kuring ka Si Mamah.
“Geus lima poé jeung ayeuna cenah teu ngareunah awak. Malah peuting kamari mah indit ka dokter dianteur ku bapana,” témbal Si Mamah. Kuring ngajenghok, baruk gering? Emh, mun seug indungna teu robah semu mah, hayang ngalongok, hayang nyaho kumaha kaayaan manéhna ayeuna. Rék dikirim bubur ayam jeung apel beureum karesepna. Hanjakal ayeuna-ayeuna mah kawasna can bisa dilongok, lantaran sikep indungna masih kénéh kawas kamari, buad-baeud jeung gudad-gadeud. Keuheuleun kénéh meureun pédah kuring dianjangan waé ku lalaki séjén.
Lat baé perkara Prasasti kapopohokeun, lantaran riweuh ku rencana ngahadiran acara wisuda Fauzan téa. Piisukaneun wisudaan, Fauzan ngajak heula ka imahna di Cipaku. Kuring ditepungkeun jeung indung bapana katut adi-adina, sarta dibagéakeun ku ieu kulawarga anu kabeneran keur ngariung araya kabéh. Kabéhanana sarua, boga sifat soméah daréhdéh. Komo indungna mah ka kuring téh kawas nu geus loma, maké ngagabrug sagala bangun nu sono naker.
“Bingah pisan Ibu téh tiasa ditepangkeun sareng Enéng. Diantosan ti kamari,” cenah bari ngarangkul. Kuring ukur bisa seuri, asa kararagok ari panggih jeung nu can wawuh téh.
“Tah ieu Rin téh, Mih. Cop pan sareng nu dipikapalay ku Mamih?” ceuk Fauzan, bari seuri.
“Alhamdulillah. Mudah-mudahan wé atuh nya sagala kahoyong urang téh tinekanan,” jawab indungna Fauzan. Kuring ukur bisa ngaréspon ku seuri jeung seuri. Teuing kudu nyarita naon atuh, da dikoréhan gé tina jero sirah, éstuning teu manggih piomongeun pisan.
“Ngan Rin mah isinan, Mih,” ceuk Fauzan deui.
“Sawios nya Néng, da geuning Si Akangna gé resep ka nu isinan téh,” ceuk indungna deui bari ngaléng kuring ngajak ka patengahan. Gok jeung Hani adina nu bungsu téa, bener wé pangawakanan sarua, ogé jangkungna, padahal umurna jeung umur kuring téh cenah béda jauh, manéhna mah kakara kelas dua SMA. Adina nu ieu ogé sarua bear budi, matak pikaconggaheun.
“Tétéh, tos wé atuh ngawengi di dieu, ulah mulih, supados énjing teu kasiangan, angkatna ka kampus urang sareng ti dieu” ceuk Hani.
“Kahoyong mah kitu, mung tangtos moal diwidian ku pun biang. Sanés ku nanaon, anjeunna teu aya réncang. Pun Bapa kaleresan nuju angkat ka Jakarta,” cekéng. Untung kapikir pikeun méré alesan kitu. Horéam teuing kudu undang-éndong di imah batur mah, jaba kasebutna di imah calon mitoha. Mereun teu ngambek mah Si Mamah. Barina gé kétang boa Hani mah ukur basa-basi.
Sajeroning aya di tengah-tengah kulawarga Fauzan, kuring ngabayangkeun, sabataé resepna lamun kuring geus puguh jadi anggota kulawarga di dieu. Kabéh arakuan. Moal matak tumamu nu jadi tamu. Éta wé, kuring nu biasana sok kaku mun anyar nyémah ka tempat anyar téh, harita mah ngadak-ngadak asa betah, ampir-ampiran poho balik ka imah.

***

Kaluar ti aula réngsé upacara pelantikan para wisudawan, leungeun Fauzan teu lésot tina leungeun kuring, kawas nu sieueun kuring hiber atawa ngapung katebak angin. Sung song babaturanana ngajak sasalaman. Laksana ogé Fauzan digéndéng ku kuring téh. Keur kuring sorangan asa ngimpi aya di tengah-tengah kulawargana jeung sobat-sobatna téh, bari kabéh maraké papakéan anu teu biasa, sarwa hurung hérang jeung sarwa gandang. Ari kuring bet asa dikariakeun. Jaga gé mun tulus panganténan jeung Fauzan, meureun moal béda ti kieu, ceuk haté.
Kulawargana beuki miconggah waé. Malah ayeuna mah maké jeung mindeng ngagaronjak sagala, cenah geus puguh boga gelar mah kari mikiran ka balé nyungcung, sabab Fauzan mah geus teu kudu mikiran gawé, da ti saméméh kuliah gé geus pinter usaha, ngokolakeun jongko béas nu bapana. Ayeuna éta jongko téh cenah dipasrahkeun ka manéhna. Najan teu nyambung pisan antara ijasah manéhna jeung pacabakanana ayeuna, katempona teu sing jadi bangbaluh keur manéhna mah.
Balik ti kampus kuring milu curak-curak heula jeung kulawargana, sukuran di imahna, padahal haté mah geus kumejot hayang balik, asa teu ngeunah rarasan. Aya naon atuh nya di imah téh, ieu haté teu pupuguh maké jeung tingsareblak tingsérédét sagala. Ku kituna sajeroning diuk gigireun Fauzan, kuring jadi loba hulang-hulengna.
“Rin, atuh ulah calikeun teuing, sok ngiring ngobrol. Tuh siga Ima sareng Hani carentil jeung caréréwéd,” ceuk Fauzan.
“Muhun Tétéh. Di dieu mah upami teu ngiringan gonjléng téh bakal sagala séépeun,” ceuk Ima, adina Fauzan anu saumur jeung kuring.
“Sok ayeuna Tétéheun, ngadongéng pangalaman pikaseurieun,” ceuk Hani.
“Abdi mah ngupingkeun wé, da teu gaduh dongéng pikaseurieun mah,” cekéng. Der deui ngawarangkong. Sobat-sobat Fauzan nu boga watek resep ngabarojég patémbalan jeung jeung dulur-dulurna bari ager-ageran. Kuring élékésékéng. Ieu riungan téh hayang geura enggeusan. Tapi sigana pililaeun, sabab sémah masih kénéh tingtorojol lar sup, kawasna kabéh gé babaturan jeung tatangga Fauzan. Kadaharan ogé boh nu aya dina méja makan boh nu aya dina méja tamu loba kénéh. Ieu acara can aya tanda-tanda rék lekasan.
“Kang, kénging téu abdi wangsul ayeuna?” ceuk kuring ka Fauzan.
“Engké atuh, da siang kénéh. Tenang wé, biasana gé pan sok dijajapkeun dugi ka golodog. Mamah sareng Bapa Rin parantos ngawidian sanes?” témbal Fauzan.
“Euh…hoyong istirahat heula, asa pararuyeng,” cekéng. Da saenyana, asa rieut sirah téh balas buuk dikusut-kusut disasak basa di salon tadi isuk-isuk.
“Badé istirahat mah di ditu wé di kamar Ima, jung,” ceuk Fauzan bari ngageroan adi-adina.
“Henteu, Kang! Abdi hoyong wangsul ayeuna!”
“Eueuh…ieu mah, mani teu aya dikaresep,” cenah bari neuteup beungeut kuring.
“Leres puyeng, hoyong geura ngarakrak ieu yeuh…sanggul…,” cekéng bari nunjuk kana buuk nu masih kénéh muncugug.
“Heheh…alesan…,” ceuk manéhna bari cengkat rék bébéja heula ka indungna.

***

Kuring dianteurkeun ku Fauzan nepi ka lawang pager imah. Manéhna sasadu teu bisa nyimpang heula sabab katalatahan ku indungna ulah lila, aya dulurna anu hayang dianteurken balik ka lemburna poé ayeuna kénéh. Kaayaan imah kuring jeung imah Pras réhé combrék. Panto imah kuring gé dikonci. Na ka marana umat téh? Hélok!
Kuring nelepon kana HP Si Bapa. Kacida ngarénjagna basa ngadéngé caritaan Si Bapa yén kabéh keur aya di rumah sakit Hasan Sadikin, Prasasti diopname. Gusti Nu Agung, naha mani téga, euweuh saurang ogé anu ngabéjaan ka kuring ti awalna. Sihoréng sajeroning kuring sukan-sukan jeung kulawarga Fauzan téh Prasasti mah di imahna diriung-riung, diréréyang, nepi ka dibawa ka rumah sakitna. Sigana geringna ripuh matak kudu diopname ogé. Kuring néangan heula konci imah nu sok diteundeun di antara pot kembang nu ngajajar dina téras, da hayang ganti heula papakéan jeung ngarakrak téa buuk nu disasak. Sanggeus réngsé ganti baju jeung buuk kuring normal deui geuwat indit, ngajugjug rumah sakit.
Angkot téh ngadak-ngadak hésé majuna deuih. Keur hayang gura-giru nepi ka nu dituju téh kalah loba ngetémna. Sedeng haté geus kekejotan hayang geura gok jeung nu gering. Keur élékésékéng teu genah cicing dina angkot, torojol SMS ti Fauzan, “Kumaha kesanna saparantos janten pangaping abdi?” Cenah. Huh! batur keur geumpeur téh kalah nanya nu lain-lain! Ku kuring diantep teu dibalesan.
“Hatur nuhun kana kasaéanana, parantos kersa ngagéndéng abdi dugi ka lekasanana acara pelantikan. Mugi ulah kapok upami énjing atanapi pagéto dikumahaan deui. Margi asa katagihan, hoyong disarengan deui yeuh,” cenah deui. Diantep kénéh. Basa angkot ngabiur da geus pinuh ku muatan, Fauzan nelepon langsung.
“Aya naon Kang?” Tanya téh.
“Naha SMS ti abdi teu diwaler? Cape nya?” cenah.
“Teu acan sempet,” cekéng.
“Mémangna ieu nuju di mana? Naha siga nuju aya di jalan?” cenah semu héran.
“Nuju dina angkot, badé ka rumah sakitkeun.”
“Ka rumah sakitkeun? Saha nu teu damang?”
“Prasasti!”
“Teu damang naon?”
“Duka, da Rin ogé nembé terang ayeuna.”
“Sok atuh layad ti payun, sigana abdi mah énjing baé sawangsulna jajap pun bibi ka lembur.”
“Ieu akang nuju di mana?” Tanya kuring.
“Nuju di jalan ka lemburkeun,” jawab manéhna,
“Naha mani sempet nga-SMS sareng nelepon?”
“Naha? Teu kénging kitu?”
“Sanés teu kénging, kapan nuju nyepeng setir.”
“Henteu, gentosan, sakali séwang sareng pun emang. Ayeuna abdi nuju hulang-huleng di gédéngeun pun emang. Muhun kitu wé atuh, mudah-mudahan Pras sing énggal damang,” ceuk manéhna deui.
“Pidu’ana,” jawab kuring bari mungkas obrolan sabab angkot geus nepi ka hareupeun rumah sakit. (Hanca)

4 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/05/26/prasasti-nu-ngancik-na-ati-12/trackback/

  1. hemm….Pras, boa-boa nya dugi ka hanteuna, palias teuing ketang. Tapi ah, keun we da aya nu kawasa nangtukeun kitu kieuna mah. Teu langkung ngiringan we kanu ngigelkeun…

    Comment by gajahkurus — May 26, 2008 @ 7:56 am

  2. Tenang we Yi, Prasasti cuma sakit sementara. Pangarangna kalintang nyaahna ka Prasasti teh. Atuh teu tiasa mikanyaah di dunya nyata, tiasa mikanyaah di dunya fiksi atuh…

    Comment by pop — May 26, 2008 @ 8:03 am

  3. Lamun pangarangna nyaah ka prasasti pasti lah…………..aya jalmina………..duh bagja nu jadi prasasti…..he he he……

    Comment by urang ozi — May 28, 2008 @ 9:26 am

  4. Fauzan oge aya da bungkeuleukanana. Sami ka Fauzan oge abdi teh nyaah hehehe…..

    Comment by pop — May 29, 2008 @ 11:51 pm

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer