Prasasti nu Ngancik na Ati 13

Ku Popon Saadah
Bagian Katilu belas
Abong waktuna besuk, suasana rumah sakit keur kacida raména. Jelema pagaliwota antara nu rék asup ka jero rumah sakit jeung nu rék kaluar. Basa tepi kana koridor anu heureut jeung heurin ku nu laleumpang, kuring seselendep hayang geura gok jeung nu dilongok, jeung sieun kasoréan deuih.
Ceuk Si Bapa basa tadi ngobrol dina telepon, Pras téh dirawatna di ruang Anyelir lanté dua, kamar opat. Kuring ngagidig bari sakapeung tatanya ka nu kabeneran papaliwat, lebah mana ruang Anyelir téh perenahna.
Teu burung kapanggih, sanajan kudu ngalaman heula kukurilingan. Barang nepi ka rohangan nu keur ditéangan, héran, lantaran sarepi. Pantona ditutup, rékép deuih. Tuluy kuring nanyakeun ka suster nu keur dariuk duaan nyanghareupeun méja tulis. Bener, pasén nu di kamar opat téh cenah ngaranna Prasasti Siahaan ti Jalan Rajawali. Lalaunan pantona ku kuring dibuka. Enya wé, katempo Pras keur ngajoprak dina ranjang anu sepré katut simbut nu nuruban awakna sarwa bodas. Panonna dipeureumkeun. Keur tibra kitu?
Di éta rohangan manéhna sosoranganan. Ranjang hiji deui di sisi beulah ditu nu adek kana jandéla kaca taya nu ngeusian. Ari nu tarungguna ka marana? Si Mamah jeung jeung Bapa deuih, ongkoh tadi téh cenah milu nganteurkeun ka dieu, tapi geuning areuweuh?
Nu keur ngalempréh téh ku kuring disampeurkeun. Gék kuring diuk lalaunan dina korsi gigireunana hareupeun bupét leutik. Rét kana beungeutna, katempo kanyos jeung sepa. Leungeun kéncana diinfus. Haté ujug-ujug ngarakacak sedih. Puguh asa geus lila kuring téh teu panggih jeung manéhna, mani asa sono kacida. Gap leungeun kuring kana leungeun katuhuna. Horéng manéhna téh teu keur saré, da langsung nyah beunta. Rét ka kuring. Semu nu héraneun, kaciri teuteupna siga nu neges-neges jirim nu keur ngajegir gigireunana. Jelas pisan katempo panonna carelong. Basa pangangguran ku kuring dirérétan, talaga weningna mah aya kénéh, angger ngagenclang hérang, malah ayeuna mah asa beuki linduk…beuki liuh…
“Rin….” Cenah. Ukur sakitu nu kaluar tina biwirna. Didagoan sina nyarita deui, lebeng… Leungeunna nampanan leungeun kuring. Atuh kuring jeung manéhna jadi pacekel-cekel.
“Pras, hapunten nya, Rin nembé terang bieu, da teu aya nu ngawartosan,” cekéng.
“Tos ti mana kitu Rin téh?” Tanya manéhna, nyarita kituna téh lalaunan, bangun nu taya tanagaan. Tos ti mana? Duh ulah nanya kitu atuh Pras.
“Tos ti mana?” Manéhna nanya deui.
“Tadi téh… aya acara di kampus,” cekéng.
“Teu damang naon, Pras?” geuwat kuring nanya deui ngarah manéhna teu katutuluyan tetelepék ngeunaan acara naon nu tadi lumangsung di kampus kuring téh.
“Saur dokter Hartanto mah aya kamungkinan types,” cenah, bari kerang-kerung siga nu keur ngararasakeun jangarna sirah. Sedeng leungeunna beuki pageuh waé nyekel leungeun kuring, karasa panas, da puguh suhu awakna keur teu normal.
“Dupi nu ngarantosan tadi di dieu ka marana?” Tanya kuring.
“Nembé parantos marulih, sigana papalangkung di jalan sareng Rin,” cenah. Nyaritana angger laun, kawas nu horéam némbalan. Tapi kuring panasaran. Loba anu hayang ditanyakeun téh.
“Dupi nu ngantos di dieu ayeuna saha?”
“Papap, tapi nuju kaluar heula milari emameun,” ceuk manéhna deui.
Keur guntreng kitu torojol aya nu asup ka rohangan. Sigana salaki jeung pamajikan nu ngahaja rék besuk Prasasti. Pras nu keur ngalempréh téh siga nu maksakeun manéh ngajak seuri ka nu daratang. Sanggeus deukeut lalaki nu ceuk taksiran kuring saumur jeung Si Bapa nyarita, “Marsahit aha hamu ito?”
“Nina dokter marsahit types,” Jawab Pras leuleus.
“Aha na terasa?” ceuk pamajikan éta lalaki.
“Pusing dan lemas,” jawab Pras deui.
“Sonari?” ceuk éta lalaki deui.
“Pusingnya mulai berkurang.”
“Awas ikon jaga sialangonna,” ceuk pamajikanana.
“Mauliate Bapa Tua dan Inang Tua”, jawab Pras.
Rét éta salaki jeung pamajikan téh ka kuring.
“Ido donganmu até?” Tanya éta lalaki.
“Ido pacarhu,” ceuk Pras bari neuteup kuring.
“Syukurlah kau ada yang menjaga sekarang,” ceuk pamajikan éta lalaki bari ngajak imut ka kuring.
Ka dituna mah teuing naon deui lah obrolan maranéhna téh, lebeng teu katuturkeun, da puguh teu ngarti basana téa. Kuring seuri seuri wé, api-api ngarti kana obrolan maranéhna.
Teu lila maranéhna pamitan, bari méré amplop ka Prasasti.
“Mauliaté Bapa Tua dan Inang Tua,” ceuk Pras sakali deui nyarita kitu.
Sémah nu ngadon besuk téh tinglaléos kaluar. Kari kuring jeung Pras tingharuleng, rada lila ngadon ngahareneng, sedeng leungeunna teu lésot-lésot ngeukeuweuk leungeun kuring.
Pikiran téh jadi ngulayaban, inget kana lalakon kuring jeung manéhna ka tukang-tukang, waktu kuring jeung manéhna mindeng akurna batan mindeng paréa-réa omongna. Silih igelan jeung silih bélaan. Inget pisan, manéhna sok nyeungseurikeun kuring nu teu bisa jeung teu resep masak. Puguh gé tibalik, pantesna awéwé nu bisa olah téh, ieu mah kalah lalaki. Éléh wé ku manéhna palebah pusuk pasak mah. Ka nyieun tutug oncom tutug oncom bisaeun Pras téh. Malah kahayang manéhna mah kuring kabawa resep, tuluy daék ngabantuan indungna kaprak-keprek di dapur. Kaatohna mun sakali waktu kuring daék ngabantuan manéhna ngolah kadaharan karesepna téh. Sok kaciri keuheuleun mun ningali kuring mugen. Pokna gé, can bisa disebut urang Sunda lamun teu bisa nyieun tutug oncom tutug oncom acan, cenah. Baé wé ah teu bisa nyieun nu kitu gé, ari teu resep kumaha atuh Pras?
“Geura damang atuh, Pras,” ceuk kuring.
“Mun tos damang badé naon kitu?” cenah, bari panonna neuteup seukeut. Ah teu wani males teuteupna, bongan haté sok ngadak-ngadak nyeblak. Beungeutna ukur dirérét sakeudeung. Leungeun kénca téh api-api ngomékeun simbutna anu kasénglédkeun ku sukuna
“Rin hoyong neda tutug oncom,” cekéng, miheulaan seuri, da pasti manéhna bakal nyengseurikeun, cenah meureun piraku teu bisa nyieun nu kitu-kitu acan, dasar awéwé beté kapoé! Tapi henteu geuning, manéhna téh teu nyeungseurikeun.
“Kutan? Nyarios wé ka Mah Ani atuh, sina mangdamelkeun tutug oncom kanggo Rin.”
“Hoyong kénging ngadamel Pras ah,” cekéng, hayang ngalap haténa ngarah bungaheun.
“Sami waé atuh, da Pras gé kénging guguru ti Mah Ani,” témbalna.
Keur kitu gurutak bapana datang mawa bungkusan dikérésékan.
“Ééh, geuning aya Rin. Tos lami? Ka mana waé atuh, ayeuna mah jarang pendak jeung Papap?” Najan nyaritana maké basa Sunda, tapi logat Batak Tobana teu bisa leungit, teu weléh teugeug.
“Lumayan tos rada lami. Ah, Rin mah aya waé da tara ka mamana, Papapna nu sering angkat-angkatan” cekéng.
Bapana Pras mah da teu robah semu ka kuring téh, tara pirajeunan pipilueun kana urusan cékcék bocék. Sigana lain teu apaleun manéhna gé kuring sok dianjangan ku Fauzan téh, tapi meureun ceuk pikiran manéhna mah can waktuna pikeun dipasualkeun. Anu karasa ku kuring tepi ka ayeuna, Si Papap téh teu weléh nganggap kuring anakna pituin. Éta wé mun manéhna balik ti mana ti mana téh, teu weléh mawa oléh-oléh keur kuring, disaruakeun jeung keur anakna. Unggal-unggal sok nyarita kieu, nu ieu oléh-oléh keur anak Papap anu bungsu, cenah bari song dibikeun ka kuring. Ti baheula nepi ka ayeuna kituna téh.
“Pap, tadi aya Bapa Tua sareng Inang Tua ngalayad,” ceuk Pras ka bapana. Mun ceuk urang Sunda mah Bapa Tua jeung Inang Tua téh Ua istri jeung uwa pameget meureun.
“Euh bieu? Naha atuh cenah bet waka balik? Can panggih heula jeung Papap.”
Prasasti teu ngajawab, kalah pok nyarita ditujukeun ka kuring.
“Rin, tos sonten pisan, asa mending uih heula, bilih kawengian di jalan!”
Méméh ngajawab kuring ngahuleng heula, asa beurat…beurat pisan…ninggalkeun manéhna téh, komo dina kaayaan keur ngalempréh kawas ayeuna. Mun kongang mah hayang milu nungguan jeung ngéndongan.
“Jung atuh. Keun Pras mah da aya Papap, ulah melang,” ceuk bapana. Emh ari kolot nya ku surti jeung teu weléh bisa neguh kaayaan haté anak-anakna, da heueuh atuh ka Pras téh kuring kacida melangna.
“Muhun atuh, Rin wangsul heula nya Pras,” cekéng, kalawan kapaksa ngalésotkeun nu keur pageuh naker nyekelan leungeun sorangan.
“Énjing badé ka dieu deui?” Tanya manéhna.
“Insya Allah, mudah-mudahan teu aya pamengan,” témbal téh bari sasalaman ka bapana.
“Hampura wé nya Rin ku Papap moal dianteurkeun. Kadé teras uih ka bumi nya, ulah sumpang simpang!” cenah.
“Mangga,” cekéng, tuluy ngaléos bari haté mah longkéwang, sabab aya nu tinggaleun, nu teu weléh ngalangkang, na implengan.
Peutingna pangangguran kuring ngimpleng deui kajadian poé tadi, ti isuk-isuk nepi ka reupna magrib, aya dua lalakon anu sakaligus karandapan ku sorangan. Lalakon kahiji, kuring jadi pangaping spésial Fauzan kalawan suksés. Harita teuing ku bagja, asa jadi nu boga lalakon, tur asa jadi tokoh protagonisna. Komo basa dihiap-hiap jeung dibagéakeun ku kulawargana mah, asa jadi orang penting téh saenyana.
Lalakon kadua, alatan panggih di rumah sakit hubungan kuring jeung Pras anu kungsi kaganggu ku hadirna Fauzan téh hadé deui. Dina kaayaan ngalempréh teu walakaya tétéla sikep Pras ka kuring taya nu robah, misobat kénéh. Tapi ku kitu téh pangaruhna kana sukma kuring ayeuna lain meumeueusan. Haté téh jadi misono deui, mikameumeut deui, jeung tibelat deui. Atuh aya bahan ieu haté jadi reyang-reying deui.
Keur kitu Fauzan jeung Prasasti kawas nu badami, dina detik-detik nu ampir sarua bareng ngirim sms kana HP kuring. Anéh bet bisa bareng kitu.
SMS ti Fauzan,”Wilujeng wengi, wilujeng leleson. Sing tibra kulemna, supados énjing fresh deui. Urang sareng ngalayad Pras di rumah sakit.”
Ku kuring ukur dijawab kieu, “Mangga.”
SMS ti Prasasti, ”Mun seug lalakon tacan lekasan tur aya nu haat masihan kembang, moal burung ditampanan, ditampi dipusti-pusti, pelakkeuneun na lemah kanyaah landeuh kadeudeuh, asal kembangna Gelombang Cinta.”
Teu burung seuri maca SMS nu ieu mah. Ku keukeuh manéhna nyabit-nyabit Gelombang Cinta. Na naon atuh keur manéhna hartina Gelombang Cinta téh?
Bari nyanyahoanan kana ma’nana éta SMS, ku kuring dijawab kieu, “Salira damangkeun heula. Gelombang Cinta moal ku saha.” (Hanca).
ILMAN
IZZAN
***

Teu sabar yeuh kumaha ahirna? ah abdi mah resep happy ending….siga cerita2na kang abik. eta meureun pedah teu ngalaman kumaha bagjana…cinta….hiks…..hiks…hiks….
Comment by urang sebrang — May 30, 2008 @ 9:24 am
Alhamdulillah tos nincak bagean ka tilu welas. Euh aya carita tutug oncom sagala, janten kabita…
Comment by gajahkurus — June 1, 2008 @ 5:58 am