Ekspresi narsis-ku

June 12, 2008

Mawar Romantis

Filed under: Figura Hate

June 11, 2008

Mawar na Beungeut Cai

Filed under: Figura Hate

my rose

June 9, 2008

Ngahaturkeun Nuhun

Filed under: Wawaran

pop

Ku Popon Saadah

Alhamdulillah réngsé ogé carita nyambung “Prasasti nu Ngancik na Ati” téh. Prosés nyeratna nyéépkeun waktos kirang langkung tilu sasih. Ieu carnyam téh tiasa disebat carnyam instan, margi diserat sareng di-posting kana blog sim kuring nganggo sistim ngadadak, henteu ngantosan tamat heula dina naskah kopéanana (draft).
Ieu carita nyambung dibagi 17 bagian, tiap bagian diwangun ku lima kaca (diketik dina ukuran kertas A4, spasi 1,5, ukuran huruf 12, jenis huruf Time New Roman). Unggal réngsé nyerat sabagian, énggal-énggal ku sim kuring di-posting kana blog bari diédit deui dugi ka “asakna”. Biasana nalika posting hiji bagian, sambungan salajengna téh teu acan kaémut pisan, boh alurna boh para palakuna duka kedah dikumahakeun deui. Sakapeung idena sok norojol ngadadak piénjinganeun di-posting. Ku margi sarwa ngadadak téa, upami aya nu naroskeun terasna kumaha atanapi ahirna kumaha ieu carita téh, tara kantos diwaler, margi sim kuringna sorangan teu acan gaduh ancer-ancer sareng teu acan aya rencana anu pasti, biasa wé ngantosan ide anu sok norojol ngadadak téa.
Sering pisan éta ide téh dongkapna wengi, nalika di rorompok tos sepi jempling. Atuh tara ngengkékeun deui der wé ngahurungkeun komputer teras ngetik. Dugi ka sok hilap mondok deui, bablas dugi ka siang. Margi upami teu ngahagal kitu sakadang ide téh sok teras hiber tara kantos norojol deui, iwal ti kedah disambat diakalan sareng dipancing satiasa-tiasa. (more…)

Prasasti nu Ngancik na Ati 17

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-17 (Tamat)

Ti dinya mah teu papanjangan deui. Ngan ti saprak dulur-dulurna abreg-abregan di imah Pras, kuring jadi horéam ngalanto kaluar. Horéam palebah némbalan mun pareng aya nu nanya. Sok tara pati kaharti. Najan nanyana maraké basa Indonésia gé keukeuh wé teu pati jelas kadéngéna da kentel teuing logat Batakna. Komo mun ngobrol jeung Opung Boru mah, sok bari gegebegan, da panya téh nyarita bari ngambek, horéng mémang kitu logatna, siga nu ngajak paséa pasentak-sentak.
Peuting isukna, kira wanci magrib kolot, kuring keur ngopé ketikeun, kadéngé aya nu pupuntenan. Didéngé-déngé téh beuki dieu beuki récok sora nu pupuntenan di luar téh. Keun ah, sina dibuka ku Si Mamah. Kuring jongjon deui kana pigawéeun. Kakara gé gap kana komputer, Si Mamah geus nyusulan mantén ka kamar.
“Rin, naha teu ngabéjaan rék kadatangan ku pasukan Prasasti?” ceuk Si Mamah.
“Pasukan Prasasti kumaha?” Tanya kuring héran.
“Yu, geura di ruang tamu tingali,” ceuk Si Mamah bari metot leungeun. Kuring ngajéngkat satengah lumpat bakat ku hayang buru-buru nyaho, rék naraon maké jeung nyémah wayah kieu?
Srog ka ruang tamu teu burung olohok, sabab sémah téh geuning mani ngajéngjréng. Ti mimiti Pras, indung bapana, opung-na, namboru-na, amang boru-na, dulur-dulur misanna, Bapa Tua jeung Inang Tua anu kungsi besuk Pras ka rumah sakit ogé aya, kumplit. Ku lantaran loba nu teu kabagéan korsi, sawaréh dariukna andiprék di handap dina karpét. Kabéh ngabagéakeun kuring anu kakara kaluar ti kamar bari palahak-polohok. (more…)

Prasasti nu Ngancik na Ati 16

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-16

Balik ti rumah sakit téh awak Pras beuki begang waé, beurat awakna ngurangan opat kilo. Katempo beungeutna sepa kénéh. Daharna gé masih kénéh liwet beyé. Atuh cenah teu mirasa, hayang buru-buru bisa dahar sangu jeung nu lada-lada, jeung hayang geura nyieun tutug oncom.
Can bisa ngalantung di buruan da karasa laleuleus jeung laleneng kénéh cenah, kahayangna téh nyangkéré sapoé jeput dina kasur. Meusmeus Mah Ani gegeroan, nitah kuring ngabaturan. Mun kuring nyampeurkeun, Pras sok pindah ti kamarna ngadon nyangkéré di tepas dina korsi panjang bari lalajo siaran TV.
Kamari mah balik kuliah téh kuring nyimpang heula ka tukang bungbuahan, meuli buah jeung tomat, tuluy buahna dijieun jus, da Pras sok mindeng nyarita hayang nu seger-seger. Katempo manéhna atoheun diasongan jus téh, curinghak, tuluy disuruput nepi ka teu nyésana.
Poé ieu mah meuli jeruk jeung cau raja ceré keur manéhna téh, meungpeung aya kénéh duit sésa jajan. (more…)

June 6, 2008

Sapu Nyéré Pegat Simpay

Filed under: Figura Hate

abdi srg pasukan berani mati

Bral geura miang, anaking
dumasar kereteg ati séwang-séwangan
kélébétkeun bandéra wawanén
tanda urang aya di kieuna.

Poma catet na ati sanubari, anaking
kudu bisa mawa diri
pindah cai pindah tampian
bari teu leungiteun jati diri
teu poho kana wiwitan

Prasasti nu Ngancik na Ati 15

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-15

“Oh ya? Sungguh pasangan yang serasi, selamat ya!” ceuk Margarét. Karérét ku juru panon perhatian Pras keur kamana-mendi, teuing ngahaja api-api teu merhatikeun, teuing mémang manéhna keur malaweung.
Ku kuring Pras dideukeutan, hayang ngupahan manéhna sanggeus nyaksian dialog Margarét jeung Fauzan cikénéh, anu ceuk kuring mah duanana gé ngabogaan sipat togmol jeung tara ngaragap haté batur. Cing atuh hareupeun nu gering mah Fauzan téh ulah sok hayang katanggar, maké jeung ngaku-ngaku yén manéhna pisalakieun kuring sagala. Mani optimis. Ari Margarét, karasa ti barang mimiti panggih gé, boh sikep boh caritaanana teu matak ngahudang simpati batur. Teuing ka kuring wungkul kituna téh, pédah kungsi kasaksian ku manéhna kuring jeung Pras reureujeungan.
“Pras, sok ébogkeun deui, ulah waka nyanda bilih karugrag,” cekéng bari ngagolérkeun deui bantal anu nangreu kana témbok dipaké panyandaan awakna. Manéhna nurut, posisi awakna ngagolér deui.
“Naha nya Rin, Mah Ani téh teu acan ka dieu waé?” Ceuk Pras.
“Aya peryogi naon kitu? Sok nyarios meungpeung aya kénéh Rin di dieu,” jawab téh bari angger nangtung gigireunana.
“Ah, teu aya peryogi nanaon, éta wé atuh sakitu tos siang teu acan jol kénéh.”
“Urang telepon atuh nya?”
“Mangga atuh, diantosan kituh ku Pras.”
Sajeroning kuring guntreng jeung Pras, Margaret jeung Fauzan caricing, narempokeun bari ngadaréngékeun. Ku kuring Mah Ani ditelepon ka imahna. Dina telepon mah teu kaciri buad-baeud jeung gudad-gadeud manéhna téh, malah sempet nganuhunkeun sagala pédah kuring geus daék nungguan Prasasti ti isuk-isuk. (more…)

June 5, 2008

Wilujeng Tepang Taun nu ka-8, M. Izzan Nurdin!!

Filed under: Wawaran

Lihat Kartu Ucapan Lainnya
(KapanLagi.com)

June 2, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 14

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Popon Saadah

Bagian Kaopat belas

Isukna kuring nyieun stratégi sangkan indit ka rumah sakit téh teu bareng jeung Fauzan. Bakal kumaha réaksi Prasasti mun ningali kuring jeung Fauzan irid-iridan duaan ngabesuk manéhna. Najan nepi ka ayeuna Pras can kungsi kedal perkara kaayaan haténa nu sabenerna alias kemba téa, tapi beuki dieu asa beuki karasa, saenyana manéhna téh sok mindeng méré tanda-tanda, yén manéhna niat buméla leuwih ti misti.
Indit ka rumah sakit téh rék sosoranganan wé ah. Gampang nyieun alesan ka Fauzan mah. Mun manéhna nanyakeun naon sababna bet embung dibarengan, tinggal sebutkeun wé yén aya nu kudu dianteurkeun ka rumah sakit isuk-isuk kénéh pisan, sarta kabeneran euweuh titaheun. Atuh isuk kénéh téh kuring geus saged.
Cenah ceuk Si Mamah ngalongok mah ngalongok wé heula, ulah waka mawa dahareun, da Prasna gé can waka meunang barangdahar, iwal ti ménu anu disadiakeun ku rumah sakit. Kuring ngagugu, indit téh bari léngoh. Paling dina kantong téh mawa buku bacaeun, bisi di dituna rada lila, tamba kesel bisa bari maca.
Isuk kénéh mah suasana rumah sakit téh sepi jempling. Jelema teu pagaliwota kawas mun pasosoré. Leumpang gé laluasa pisan. Jaba ayeuna mah kuring geus nyaho di mana perenahna ruang Anyelir téh, euweuh acara kukurilingan heula.
Bébas pisan ngabesuk nu gering di ieu rumah sakit mah, pihak rumah sakit teu nerapkeun aturan anu ketat ngeunaan iraha-irahana pasén bisa dilongokkan ku kulawargana. Ku kituna nu rék baresuk katempo larsup, najan teu ngabring jiga pasosoré.
Rohangan tempat Pras dirawat keur dipél ku cleaning service. Kaambeu bau lisol mani segak. Kapaksa kuring ngadagoan heula di luar. Sanggeus téhelna garing kakara wani ka jero. Katempo Pras keur ngalempréh jeung diinfus kénéh. Euweuh nu nungguan. Tadi wanci carangcang tihang katingali Si Papap geus aya di imahna, sigana mah tunggu Pras téh rék aplusan jeung Mah Ani.
Ayeuna mah beungeut Pras rada getihan, tur kawas nu geus mimiti aya tanagaan pikeun cacarita. Basa disampeurkeun téh teu burung manéhna héraneun. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer