Ekspresi narsis-ku

June 2, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 14

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Popon Saadah

Bagian Kaopat belas

Isukna kuring nyieun stratégi sangkan indit ka rumah sakit téh teu bareng jeung Fauzan. Bakal kumaha réaksi Prasasti mun ningali kuring jeung Fauzan irid-iridan duaan ngabesuk manéhna. Najan nepi ka ayeuna Pras can kungsi kedal perkara kaayaan haténa nu sabenerna alias kemba téa, tapi beuki dieu asa beuki karasa, saenyana manéhna téh sok mindeng méré tanda-tanda, yén manéhna niat buméla leuwih ti misti.
Indit ka rumah sakit téh rék sosoranganan wé ah. Gampang nyieun alesan ka Fauzan mah. Mun manéhna nanyakeun naon sababna bet embung dibarengan, tinggal sebutkeun wé yén aya nu kudu dianteurkeun ka rumah sakit isuk-isuk kénéh pisan, sarta kabeneran euweuh titaheun. Atuh isuk kénéh téh kuring geus saged.
Cenah ceuk Si Mamah ngalongok mah ngalongok wé heula, ulah waka mawa dahareun, da Prasna gé can waka meunang barangdahar, iwal ti ménu anu disadiakeun ku rumah sakit. Kuring ngagugu, indit téh bari léngoh. Paling dina kantong téh mawa buku bacaeun, bisi di dituna rada lila, tamba kesel bisa bari maca.
Isuk kénéh mah suasana rumah sakit téh sepi jempling. Jelema teu pagaliwota kawas mun pasosoré. Leumpang gé laluasa pisan. Jaba ayeuna mah kuring geus nyaho di mana perenahna ruang Anyelir téh, euweuh acara kukurilingan heula.
Bébas pisan ngabesuk nu gering di ieu rumah sakit mah, pihak rumah sakit teu nerapkeun aturan anu ketat ngeunaan iraha-irahana pasén bisa dilongokkan ku kulawargana. Ku kituna nu rék baresuk katempo larsup, najan teu ngabring jiga pasosoré.
Rohangan tempat Pras dirawat keur dipél ku cleaning service. Kaambeu bau lisol mani segak. Kapaksa kuring ngadagoan heula di luar. Sanggeus téhelna garing kakara wani ka jero. Katempo Pras keur ngalempréh jeung diinfus kénéh. Euweuh nu nungguan. Tadi wanci carangcang tihang katingali Si Papap geus aya di imahna, sigana mah tunggu Pras téh rék aplusan jeung Mah Ani.
Ayeuna mah beungeut Pras rada getihan, tur kawas nu geus mimiti aya tanagaan pikeun cacarita. Basa disampeurkeun téh teu burung manéhna héraneun.
“Naha mani énjing kénéh?”
“Muhun, ngarah tiasa lami ngantos nu teu damangna. Naha, teu kénging kitu dongkap énjing kénéh?” cekéng.
“Sanes teu kénging, isin wé atuh Prasna masih kénéh caludih, ibakna ukur diséka, jaba baruruten kénéh,” cenah.
“Ah, da biasana gé kitu caludih,” ku kuring diheureuyan.
“Oh kitu? Paingan atuh…,” Cenah deui.
“Paingan naon?” kuring kerung.
“Paingan kabandang ku nu gandang,” dirérét téh nyarita kituna bari teu seuri-seuri acan. Rada baeud. Teuh, baku ari geus ngamimitian nyieun pucuk ti girang téh.
“Nuju teu damang mah ulah seueur émutan, barina gé Rin mah heureuy atuh, mani maén serius waé!” Cekéng, rada keuheul. Kitu-kitu waé diasupkeun kana haté, abong keur gering, ka jero-jerona gé milu sénsitif.
“Bilih masih kénéh kareunang mah yu atuh urang séka sakali deui salirana!” cekéng, ti dituna mah ngupahan manéhna, sangkan teu katutuluyan baeudna.
“Hatur nuhun kana kasaéanana, puguh lalinu kénéh badan téh sareng asa tariris, horéam paantel sareng cai,” jawab manéhna. Gék kuring diuk dina korsi gigireunana. Manéhna babalieuran, tuluy ngadon dikarimun ku simbut.
“Mangga bilih badé kulem mah, Rin mah badé maca ieu heula,” ceuk kuring bari nyokot buku tina kantong.
“Ah, piraku kedah bobo deui, nembé oge beunta,” jawabna.
“Naha atuh mani dikarimun, siga nu alim disarengan!”
“Isin tuda, teu biasa ngagolér bari diponcongok. Bujeng-bujeng tiasa reup, degdegan wé nu aya,” cenah.
“Naha nganggo degdegan sagala?” Bari haté mah atoh ngadéngé kitu téh, meureun manéhna deg-degan téh pédah deukeut jeung kuring, mun ceuk barudak kiwari mah haté kuring ayeuna téh keur tersanjung. Manéhna teu ngajawab.
“Naha nganggo degdegan sagala?” Ku kuring ditanya deui.
Ari jawabna téh cenah. “Ya iiiyaaaa laaahhh….., mun jantung Pras teu degdegan mah atuh maot,” ceuk manéhna bari seuri. Keur gering gé kaduga kénéh ngoconan. Ku kuring didelékkan.
“Teu hariwang atuh ari tos tiasa ngabojég mah,” cekéng.
“Rupina tos majeng ka séhat ayeuna mah,” ceuk kuring deui.
“Alhamdulillah, tapi masih kénéh leuleus sareng sararebel,” cenah.
“Sok palay dikintun naon atuh ku Rin énjing? Ayeuna mah teu acan wantun ngabantun nanaon, da apal nu teu damang mah seueur pantrangan.”
“Ah ulah ngarépotkeun, ku kersa ngabesukna ogé tos pirang-pirang nganuhunkeun,” cenah bari mencrong kana beungeut kuring. Nu keur mencrong téh ku kuring diajak seuri. Atuda asa lucu, ngadak-ngadak ngobrol téh jadi aradab, pasopan-sopan. Teu siga mun manéhna keur jagjag belejag, aya waé pipaséaeun téh.
“Naha gumujeng?” cenah.
“Iraha nya urang paséa deui?” Tanya kuring.
“Palay paséa? Engké upami Gelombang Cinta aya nu ngahéroan deui!” Jawabna. Étah geus pok deui waé nyabit-nyabit ngaran tangkal nu éta. Sumpah kuring teu ngarti, naon sih anu dimaksud ku manéhna Gelombang Cinta téh? Barang rék nanyakeun ka jinisna, kaburu aya nu asup ka ieu kamar.
Basa panon rét ka nu anyar datang, teu burung kagét, sabab nu lempay bari ngalanggéor nyampeurkeun ngadeukeutan Prasasti téh geuning Margarét. Bener Margarét! Awéwé anu ku kuring kungsi dijieun saingan nomer hiji téh muncul deui. Kuring langsung apal yén manéhna téh Margarét lantaran nya manéhna pisan awéwé anu loba ciri hasna sakaligus minangka kaistiméwaanana: jangkung lenjang, konéng umyang, galing muntang, cureuleuk, modis, sarta ambucuy séksi! Prasasti karérét semu nu curinghak. Tuluy manéhna katempo samar polah, maké jeung ngabébérés heula buukna ku ramo leungeun katuhuna.
“Aduh Ito, marsahit aha?” cenah. Nyarita kituna téh bari teu ngarérét-rérét acan ka kuring, sakitu kuring ngajegir di gigireunana.
“Ya types lah. Kenapa Ito repot-répot datang ke sini? Pasti ahu tak kan lama dirawat, paling tiga harian lagi juga pulang,” jawab Prasasti.
“Aduuuhhh ko bisa sih masuk rumah sakit? Gimana sih pertamanya?” ceuk margarét. Ngomong kituna téh bari luwa-lewé semu ogo. Keur kitu, teuing iraha jeung teuing ti mana datangna, nyaho-nyaho na dada kuring ujug-ujug asa aya seuneu, anu beuki dieu karasa asa beuki nyéak panasna. Duh!
Pikeun nyingkahan supaya éta seuneu téu nepi ka ngabebela, kuring cengkat, tuluy nitah Margarét diuk dina korsi urut diuk kuring tadi, bari nyarita ka Prasasti, “Pras, Rin ka payun heula.” Manéhna unggeuk, Margarét ukur ngarérét ka kuring sakeudeung.
Gidig kuring kaluar ti kamar, muru lanté dasar tuluy néangan lawang panto kaluar sangkan bisa ngarénghap, nyeuseup hawa seger di luareun gedong, rék niiskeun haté anu bieu ngadak-ngadak asa karérab.
Di luar karasa angin ngahiliwir, niupan buuk, beungeut, dada, jeung leungeun kuring, tapi teu tembus kana haté mah tah si angin téh. Karasa pisan nu léléntaban jeroeun dada can ngaleutikan.
Keur luntang-lantung di luareun gedong rumah sakit dina raraga ngabrangbrangkeun haté bari lalajo nu dagang koran keur dadasar koran jeung majalah, Fauzan nelepon kana HP.
“Ku naon bet mayunan angkat ka rumah sakit téh? Mani teu kersa ngantosan, boro disampeur ka bumi!” cenah. Gancang alesan anu geus meunang ngarancang tadi téh diasongkeun ka manéhna, yén aya nu kudu dianteurkeun ku kuring ka rumah sakit isuk kénéh.
“Ieu nuju di luar nya? Kakuping rada récok,” cenah.
“Muhun,” jawab téh.
“Naha nu teu damangna kalah dikantunkeun deuih?” Nanya kituna téh teuing ngaheureuyan teuing daria.
“Hareudang,” cekéng asal engab.
“Hareudang?” Tanya manéhna.
“Sok énggal atuh geura ka dieu, ku Rin diantosan pisan!” Klik! Kadéngé HP-na dipareuman.
Bari ngararasakeun haté nu keur karérab, kuring jadi mikir, ari haté Pras jeung Fauzan sok ngalaman héhéaban kawas kuring ayeuna atawa tara? Da geuning haté kuring mah éstuning babari pisan kasundutna, pangpangna mun nempo Pras deukeut jeung awéwé séjén. Mun téa mah haté Pras ogé kungsi ngalaman hal sarupa kieu alatan hadirna Fauzan na kahirupan kuring, karunya teuing. Hampura Pras! Éta kabéh di luar kakawasaan kuring. Kuring teu nyaho kudu kumaha sikep téh dina nyanghareupan aranjeun duaan! Atuh mun haté Fauzan ogé kungsi léléntaban alatan nyahoeun kuring kacida dalitna jeung Prasasti, kuring ogé hampura Akang! Éta kabéh téh lain dihaja, da geus kitu baé ti barétona gé.
Teu kungsi lila Fauzan geus aya gigireun, milu ngajanteng hareupeun jongko koran jeung majalah. Hiliwir seungit parfum anu matak seger kaambeuna. Katingali poé ieu penampilan manéhna asa béda ti biasa. Leuwih tréndi. Sigana ngahaja hayang tampil prima. Ka luhurna maké T-shirt warna coklat manéhna téh, ka handapna calana panjang warna krém. Disapatu pentopel warna coklat kolot. Geus puguheun buukna mah, rapih waé balas mindeng ditatap diusap.
“Ih, naha kalah ngajajanteng di luar? Sanés nuju besuk nu teu damang Rin téh? Tanya Fauzan semu héran.
“Hareudang,” cekéng, bari ngaléos, tuluy leumpang ka jero niat rék naék deui ka lanté dua. Fauzan nuturkeun gigireun
“Ku abdi diwalah-walah Rin nuju ngadekeman Pras, éh…kalah ngadekeman tukang koran,” cenah.
“Teu lucu!” cekéng. Suku geus mimiti nincak hambalan tangga ka lanté dua. Teu hayang maké lift, ngarah lila nepina. Ih, horéam pisan mun kudu nyaksian nu keur paduduaan di rohang opat téh.
“Ku naon Rin? Kedahna gé abdi nu judes téh, bongan Rin jalir jangji. Tos paheut badé sareng ti bumi, kalah ngantunkeun,” cenah. Heueuh nya, naha atuh kuring téh bet ambek ka nu kakara datang? Kuring ngarandeg, tuluy ngagéndéng leungeunna, teu béda ti basa ngagéndéng manéhna waktu acara wisuda di kampus téa. Tuluy ngaharéwos kana ceulina, “Hapunten atuh, nya Kang!” Cekéng.
“Tah kitu atuh aya romatisna sakedik, ulah linghas waé. Untung Rin teu gaduheun jangjang. Komo mun jangjangan, meureun tos ka mana mah sesah ngudagna,” cenah.
“Gandéng atuh, tong nyarios waé!” Ku kuring digebés. Puguh ti saprak Prasasti aya nu ngabesuk tadi, asa jadi karareuheul ieu téh.
Sanggeus aya hareupeun kamar Pras, bray pantona ku kuring dibuka. Kasampak Pras keur uplek kénéh ngobrol jeung Margarét. Éta awéwé téh mani deukeut-deukeut wé kana awak Pras, ngan henteu wé bari pacekel-cekel leungeun kawas kuring jeung manéhna basa kamari mah. Anéh, geus aya Fauzan mah kaayaan haté kuring téh rerep meueusan, kawas nu keur dikomprés ku cai tiis.
“Pras, kumaha karaosna ayeuna?” ceuk Fauzan bari ngajak sasalaman.
“Sakinten ayeuna mah, puyengna tos ngirangan,” jawab Prasasti.
“Hapunten abdi téh nembé tiasa ka dieu, nembé wangsul ti lembur.”
“Aduh mani ngarépotkeun ka sadayana abdi téh.”
“Tos sakedahna atuh ngalayad nu teu damang mah, teu aya istilah ngarépotkeun.”
Horéng bisa ogé maranéhna alakur, silih hargaan, teu silih peupeuh deui omongan cara basa kuring tiluan arulin ka Lémbang. Kahayang téh alakurna diteruskeun nepi ka engké, ulah ngan ukur ayeuna wungkul.
“Dupi ieu saha Pras?” ceuk Fauzan nanyakeun Margarét nu keur anteng camekblek diuk dina korsi.
“Ieu téh Margarét, wargi kénéh,” ceuk Prasasti. Margarét cengkat tuluy sasalaman ka Fauzan. Barang leungeunna diasongkeun ka kuring, Manéhna nyebutkeun ngaranna kalawan béntés, “Margaretha Sitanggang!” Cenah.
“Namamu?” Tanya manéhna, pédah basa sasalaman kuring kalah ngabetem, teu bari nyebutkeun ngaran.
“Rinéga Diah Pitaloka!” cekéng.
“Oh ya yang pernah jadi adiknya Pras itu kan?” cenah, sari-sari nangtang.
“Sekarang juga masih adiknya,” témbal Fauzan.
“Dan Abang ini siapa?” Tanya Margarét ka Fauzan.
“Saya calonnya Rinéga!” (Hanca)

5 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/06/02/prasasti-nu-ngancik-na-ati-14/trackback/

  1. meni teu sabar ngantosan ahirna iyeu carnyam…….mudah2an wae di publish enggal2. …ari soal ahir cerita mah ah eta mah kumaha pengarang wae ….ah abdi mah ngan ngadukung iyeu carnyam teh supados di bukukeun.jadi novel..Semoga akan lahir novel2 selanjutnya karangan popon saadah….congratulation ..bu popon.

    Comment by urang ozi — June 2, 2008 @ 8:04 am

  2. Ahirna engke aya Koes Plus nu kieu….
    ……..
    Setulus cintaku kepadamu
    Engkau kan menunggu ….
    Andaikan kau datang kembali
    Jawaban apa yang kan ku beri
    Adakah jalan yang ku temui
    Untuk kita kembali lagi
    Bersinarlah bulan purnama
    Seindah serta tulus cintanya
    Bersinarlah engkau sampai nanti
    Lagu ini ku akhiri ……

    Comment by Debu Jalanan — June 5, 2008 @ 3:35 am

  3. Asa ngimpen kasumpingan ku Debu Jalanan, naha ka mana wae atuh salami ieu teh?

    Comment by pop_ice — June 5, 2008 @ 5:28 am

  4. Nembe terang ayeuna jenengan Rinega teh lengkepna Rinega Diah Pitaloka mani endah. Sapertos ngaran hiji artis nu tos kakoncara nu merankeun Oneng dina serial Bajaj Bajuri :-)
    Apan ka nu namina artis mah jalmi teh meni paaku-aku. Ceuk ieu eta teh dulurna, ceuk itu kungsi sakola bareng, ceuk nu di hareup eta teh batur ulin keur leutik, ceuk nu tukang apan cenah urut kabogoh, ceuk nu luhur apan eta teh calon hehe.
    Aeh boa teuing dulur lain, babaturan biheung, batur sakola duka, komo deui mun disebut urut kabogoh mah, ngan bisa wae ari ukur calon mah. Duka calon nanahaon…mangga nyanggakeun sadaya-daya ka nu ngarangna :-)

    Comment by gajahkurus — June 5, 2008 @ 8:11 am

  5. Diah Pitaloka teh nami putri Pajajaran anu gugur di Bubat, mertahankeun harga dirina dugi ka rido labuh geni, ngiring gugur sareng ramana Prabu Siliwangi, ngayonan kaadigungan Raja Mataram harita.

    Comment by pop_ice — June 6, 2008 @ 1:58 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer