Prasasti nu Ngancik na Ati 15

Ku Popon Saadah
Bagian ka-15
“Oh ya? Sungguh pasangan yang serasi, selamat ya!” ceuk Margarét. Karérét ku juru panon perhatian Pras keur kamana-mendi, teuing ngahaja api-api teu merhatikeun, teuing mémang manéhna keur malaweung.
Ku kuring Pras dideukeutan, hayang ngupahan manéhna sanggeus nyaksian dialog Margarét jeung Fauzan cikénéh, anu ceuk kuring mah duanana gé ngabogaan sipat togmol jeung tara ngaragap haté batur. Cing atuh hareupeun nu gering mah Fauzan téh ulah sok hayang katanggar, maké jeung ngaku-ngaku yén manéhna pisalakieun kuring sagala. Mani optimis. Ari Margarét, karasa ti barang mimiti panggih gé, boh sikep boh caritaanana teu matak ngahudang simpati batur. Teuing ka kuring wungkul kituna téh, pédah kungsi kasaksian ku manéhna kuring jeung Pras reureujeungan.
“Pras, sok ébogkeun deui, ulah waka nyanda bilih karugrag,” cekéng bari ngagolérkeun deui bantal anu nangreu kana témbok dipaké panyandaan awakna. Manéhna nurut, posisi awakna ngagolér deui.
“Naha nya Rin, Mah Ani téh teu acan ka dieu waé?” Ceuk Pras.
“Aya peryogi naon kitu? Sok nyarios meungpeung aya kénéh Rin di dieu,” jawab téh bari angger nangtung gigireunana.
“Ah, teu aya peryogi nanaon, éta wé atuh sakitu tos siang teu acan jol kénéh.”
“Urang telepon atuh nya?”
“Mangga atuh, diantosan kituh ku Pras.”
Sajeroning kuring guntreng jeung Pras, Margaret jeung Fauzan caricing, narempokeun bari ngadaréngékeun. Ku kuring Mah Ani ditelepon ka imahna. Dina telepon mah teu kaciri buad-baeud jeung gudad-gadeud manéhna téh, malah sempet nganuhunkeun sagala pédah kuring geus daék nungguan Prasasti ti isuk-isuk.
“Upami palay énggal mulih, ulah seueur émutan, sareng ulah waka seueur ngobrol! Sok ayeuna mah istirahatkeun heula!” Kuring mah nyarita kitu téh lain ku ulah-ulah teuing ngobrol jeung Margarét, mémang saenyana haté téh ngarasa melang jeung hariwang téa, sieun manéhna karugrag, sakitu masih kénéh loba nu karasa téh.
“Kang, urang wangsul wé atuh yu, Prasna sina istirahat heula!” Cekéng ka Fauzan. Margarét cicing kénéh bari rut-rét ka tiluan, sigana teu ngartieun pisan basa Sunda.
Kuring jeung Fauzan tuluy pamitan. Rada reugreug ninggalkeun Pras téh da nyaho Mah Ani sakeudeung deui rék ngaplus nungguan.
“Kadé di jalanna nya Rin!” ceuk Pras.
“Mangga,” jawab kuring. Sajeroning ngaléos téh haté mah bari kacida hayang nyahona, kumaha kaayaan haté Pras dina danget ayeuna. Naha keur bungah pédah dibesuk ku Margarét? Atawa keuheul ka Fauzan pédah geus wani-wani ngajauhkeun kuring ti manéhna? Tangtu waé anu pangweruhna kana ieu pasualan ukur Prasasti sosoranganan.
Ka Fauzan kuring ménta dianteurkeun balik ka imah, sabab keur loba tugas kuliah nu can kapigawé. Kahayang Fauzan mah kuring jeung manéhna téh kukurilingan heula mapay tempat-tempat anu biasa dipaké refreshing. Ah, asa teu parurun. Sarua jeung miceunan waktu. Rék ngadon ngobrol jeung barang dahar mah di imah wé, kaolok-olok duit.
Basa mobil Fauzan geus tengah-tengah nyorang jalan nu arahna ka imah kuringkeun, kadéngé HP kuring disada.
“Ti saha?” ceuk Fauzan. Barang dibuka, SMS ti Prasasti. Rada reuwas, bisi kumaonam, bisi torojol béja nu teu pikangeunaheun ti rumah sakit. Ari pék téh manéhna geus kaduga ngajak heureuy.
“Ngawiat wé, Gelombang Cinta ulah dugi ka digaleuh batur. Kadé nya, sebatkeun tos aya nu mesen kituh,” cenah.
“SMS ti saha Rin?” Tanya Fauzan. Ah dibéjakeun wé ku kuring téh.
“Ti Prasasti,” cekéng.
“Naon cenah?”
“Ngawiat tangkal Gelombang Cinta cenah, bilih hilap nyeboran.” Jawab kuring rada ngabohong, saeutik.
“Euleuh nuju teu damang ogé mani émut ka nu kitu,” ceuk Fauzan. Kuring seuri, da puguh sorangan gé nepi ka ayeuna can bisa neguh naon ma’na nu sabenerna di balik simbol Gelombang Cinta nu mindeng disabit-sabit ku Prasasti téh. Teuing tangkal enyaan nu aya di buruan imah kuring jeung manéhna, teuing lain satangkal-tangkalna.
Éta SMS téh ku kuring dijawab kieu, ”Gelombang Cinta badé diséwakeun heula, bongan nu pesenna nuju kabébénjokeun ku kembang nu langkung rancunit.” Ari sugan téh moal ngabales deui, pék téh torojol deui SMS nu kadua.
“Mangga bilih badé diséwakeun heula mah asal ulah dugi ka busik wé!” Cenah. Maca éta SMS teu sadar kuring ngabarakatak gigireun Fauzan nu keur anteng konséntrasi kana setir jeung jalan nu keur diliwatan.
“Aya naon yeuh…? Mani teu ngajak-ngajak SMS-an,” ceuk Fauzan.
“Éta lucu atuda Pras mah. Kadé cenah éta tangkal téh teu kénging busik.”
“Ah, maké jeung gumujeng, da teu lucu ceuk abdi mah éta SMS téh,”
“Lucu ceuk abdi mah,” jawab téh bari haté mah nyarita kieu, “Rék ngarasa lucu kumaha da teu nyaho mimitina Akang mah!”
***
Teu burung ngagebeg basa geus nepi ka imah kuring, Fauzan cacarita yén kulawargana geus ngayakeun persiapan. Persiapan rék nyémah ka dieu ka imah kuring dina minggu-minggu ayeuna. Cenah dina raraga madungdengkeun, ngabadamikeun, tur muguhkeun hubungan kuring jeung Fauzan saterusna.
“Ah, Akang ulah waka atuh, kapan Rin téh teu acan bérés kuliah.”
“Teu janten pamengan kuliah mah. Kuliah-kuliah teras dipaju, hubungan urang kedah puguh statusna. Ulah kawas ayeuna, ongkoh mah urang téh sasarengan, tapi haté sareng lelembutan Rin duka nuju ngulayaban ka mana. Da karaos atuh ku abdi gé, upami nuju mayunan abdi téh Rin mah tara patos konséntrasi,” ceuk Fauzan.
“Saur saha ah, sok suudon.” Cekéng. Embung kuring téh palebah disebut kitu mah.
“Tapi Akang ulah ngadamel kaputusan sapihak yeuh. Rin badé badanten heula sareng sepuh. Kedah asak-asak heula rempugan kumaha saéna. Ulah waka gurung gusuh,” témbal kuring deui.
“Ku émutan abdi asa teu gurung gusuh. Kapan urang sasarengan téh tos lumayan lami. Ieu kaputusan téh kénging ngémut, hasil ngobrol sareng sepuh abdi. Abdi janten panasaran, naon sih anu saleresna janten ganjelan Rin dugi ka masih kénéh asa-asa diajak serius téh? Upami nilik umur mah urang téh tos cekap kanggo ngambah rumah tangga. Keun perkawis kuliah mah sanggem abdi gé. Batur gé seueur geuning nu tos nikah bari kuliah.”
Nikah? Nikah jeung Fauzan? Asa jararauh deui kana mikir-mikir bisa réndéngan jeung Fauzan téh. Lain teu percaya kana sakabéh nu aya dina dirina, lain. Teuing ku naon ieu haté teu weléh hésé diajak condong ka manéhna. Anu keur kukulibekan dina haté jeung pikiran kuring ayeuna, ngan wungkul jirim nu keur ngalempréh kénéh di rumah sakit.
“Saurkeun wé ka sepuh Akang, Rin sareng sepuh Rin badé badanten heula. Ku kituna Rin nyuhunkeun sarantos kanggo ngémutna.”
“Ngémut? Jadi nembé badé ngémut? Ari manawi téh ti kawit urang sasarengan tos ditungtut diémutan.” Kapireng nada nyaritana semu keuheul.
“Punten wé abdi mah tara pangangguran ngémutan nu kieu, da manawi téh lami kénéh!” Apal meureun, kuring mah sok hayang saruana jeung nu keur ngajak paréa-réa omong téh.
“Mun téa mah dina minggu-minggu ieu Rin sareng sepuh Rin sapuk kana rencana abdi sareng kulawarga abdi, emh kalintang bagjana. Abdi badé cacarékan, sagala kapalay Rin teu burung dicumponan. Sok ti ayeuna kénéh gé, naon waé kapalay Rin insya Allah badé ditedunan.” Éstu pangbibita nu pikauruyeun. Saha awéwéna nu teu kabita ku caritaan Fauzan cikénéh. Tapi keunana ka awéwé nu sulit model kuring mah lain atoh, kalah jadi keuheul, asa dianggap budak olol lého anu bisa kénéh diolo dicombo ku rupaning cocooan, nepi ka daék dikitu kieu tur nurut kana sagala kahayang manéhna. Ku kituna kuring cicing, teu hayang ngajawab, sabab teu biasa nyanghareupan jeung narima tawaran-tawaran saperti kitu.
“Mun seug laksana urang réndéngan, bilih badé nawis, maharna palay ku naon? Teu burung diusahakeun.”
“Bilih palay honeymoon ka Bali? Atanapi ka luar negeri? Atanapi badé ngersakeun umroh ka tanah suci? Ah, gampil pisan nu kitu mah, tiasa diatur,” ceuk Fauzan deui.
Tétéla aya prinsip hirup urang anu teu sarua, Fauzan. Pikiran anjeun mah museur teuing kana matéri, sedengkeun kabagjaan hirup téh teu salilana bisa ditukeuran ku dunya barana.
“Kanggo abdi mah nu kararitu téh teu lebet kana rancangan hirup. Mahar, honeymoon, kumaha béhna wé,” cekéng.
“Naon atuh nu kalebet rancangan hirup Rin téh, ari nu kararitu teu kalebet mah?” Tanya manéhna.
“Di antawisna yeuh nya, abdi hoyong pisan lulus kuliah kalawan cumlaude, hoyong pisan nyerat novel teras diterbitkeun, hoyong pisan ngahasilkeun seratan-seratan anu ngandung human interest,” jawab kuring.
“Nu kitu mah atuh nembé rancagan hirup dina widang profési, ari dina kahirupan pribadi Rin? Rancangan hirup babarengan sareng batur hirup Rin anu kersa diajak sapapait samamanis, kumaha?”
“Nembé badé dirancang engké wengi,” cekéng, ngahaja diénténg-énténg ngajawab téh, ngarah teu lieur kana sirahna.
Manéhna ngahuleng, tuluy seuri maur. “Terus terang wé Rin, dina sagala hal abdi téh asa babari meunangkeunana. Ayeuna aya kereteg hoyong anu, énjingna geus kacumponan. Tapi anu hiji ieu, kereteg mikanyaah Rin, duh…mani sesah kalaksanakeunana. Dicaketan sareng dilalanyahan ti dua taun kapengker dugi ka ayeuna, Rin téh boh jirimna boh lelembutanana teu acan aya tanda-tanda bakal kahontal teras kapimilik ku abdi.”
Ngadéngé kitu mah karunya ogé ka Fauzan téh. Da mun diimeutan mah, naon atuh kurangna Fauzan téh? Ku saliwatan mah asa taya kacawadna. Dina ayana gé jamak wé aya ka teu cocog sautak-saeutik mah, da diri sorangan gé éstuning gudangna kaluluputan. Ukur hiji nu ngahalangan jeung nu nyababkeun sukma kuring teu bisa deukeut jeung sukma Fauzan téh, nya éta Prasasti! Tapi tangtu waé hal éta téh teu dikedalkeun ka jinisna. Ukur disidem na ati sanubari, teu pihadéeun pikeun diasongkeun ka Fauzan dina danget ayeuna, sabab sigana manéhna can siap narima pangakuan kuring nu sajujur-jujurna, najan awal ahir gé tangtu teu burung kanyahoan ku manéhna.
Obrolan téh dipungkas ku jawaban kuring anu ngabuntut bangkong, balukar tina haté kuring nu reyang-reying deui, diulinkeun ku perasaan kuring sorangan anu tétéla masih kénéh resep ngagugulung kabingung. (Hanca)
ILMAN
IZZAN
Da memang atuh ari hate mah teu bisa di bobodo teu bisa dipaksa, teu bisa di beuli ku materi….Apan ari cinta mah datang na ti jero hate nu pang jerona….da kitu sanes?….Sok lah enggalkeun wae ahirna…..supaya enggal2 di bukukeun yeuh carnyam na…..good luck….
Comment by urang ozi — June 6, 2008 @ 7:07 am