Ekspresi narsis-ku

June 9, 2008

Ngahaturkeun Nuhun

Filed under: Wawaran

pop

Ku Popon Saadah

Alhamdulillah réngsé ogé carita nyambung “Prasasti nu Ngancik na Ati” téh. Prosés nyeratna nyéépkeun waktos kirang langkung tilu sasih. Ieu carnyam téh tiasa disebat carnyam instan, margi diserat sareng di-posting kana blog sim kuring nganggo sistim ngadadak, henteu ngantosan tamat heula dina naskah kopéanana (draft).
Ieu carita nyambung dibagi 17 bagian, tiap bagian diwangun ku lima kaca (diketik dina ukuran kertas A4, spasi 1,5, ukuran huruf 12, jenis huruf Time New Roman). Unggal réngsé nyerat sabagian, énggal-énggal ku sim kuring di-posting kana blog bari diédit deui dugi ka “asakna”. Biasana nalika posting hiji bagian, sambungan salajengna téh teu acan kaémut pisan, boh alurna boh para palakuna duka kedah dikumahakeun deui. Sakapeung idena sok norojol ngadadak piénjinganeun di-posting. Ku margi sarwa ngadadak téa, upami aya nu naroskeun terasna kumaha atanapi ahirna kumaha ieu carita téh, tara kantos diwaler, margi sim kuringna sorangan teu acan gaduh ancer-ancer sareng teu acan aya rencana anu pasti, biasa wé ngantosan ide anu sok norojol ngadadak téa.
Sering pisan éta ide téh dongkapna wengi, nalika di rorompok tos sepi jempling. Atuh tara ngengkékeun deui der wé ngahurungkeun komputer teras ngetik. Dugi ka sok hilap mondok deui, bablas dugi ka siang. Margi upami teu ngahagal kitu sakadang ide téh sok teras hiber tara kantos norojol deui, iwal ti kedah disambat diakalan sareng dipancing satiasa-tiasa.
Atuh waktos nuju ngagarap ieu carnyam téh sim kuring sering dikerok ku tukang ngerok pribadi, da sering lebet angin alatan sering begadang ngahanca ieu carnyam. Rupina kirang mondok sareng katirisan. Ku kituna asa ngemplong basa ngetik bagian pamungkasna téh. Tos kacipta énjing mah sim kuring téh meureun bakal mondok tibra, moal ngémutan hanca garapeun (saheulaanan) cekéng.
Tah dina ieu kasempetan sim kuring badé ngahaturkeun nuhun ka sadaya réréncangan anu parantos luntur galih masihan pangrojong anu kalintang ageungna. Ieu carnyam moal ngajanggélék janten runtuyan carita anu puguh awal ahirna upami teu aya para pamaca salaku pamecut sim kuring dina widang tulis tinulis. Hatur nuhun ka para koméntator anu parantos ngaluangkeun waktos ngaaprésiasi, masihan saran, sareng nyumangetan ka pangarangna. Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pribadi-pribadi anu kantos ngiring kalibet kana proses ngawujudna ieu carita. Tiasa janten aranjeunna mah teu ngaraos dilibetkeun, margi ngahaja ku sim kuring teu diwartosan yén dina waktos harita téh aranjeunna nuju dilibetkeun kana proses penulisan ieu carnyam.
Hatur nuhun ka pribadi-pribadi anu parantos kersa ngaréncangan sim kuring ngayakeun observasi di lapangan. Aya tilu jalmi anu tiasa disebat sumber inspirasi keur sa-sim kuring-eun, sebat waé Si A, Si B sareng Si C. Mugi aranjeunna henteu “kapok” didamel tokoh dina carios-carios sim kuring salajengna.
Hatur nuhun ka Ibu Lisbeth, Ibu Manurung, sareng Ibu Maria anu parantos masihan élmu perkawis basa Batak Toba sareng tradisina.
Mudah-mudahan sadaya bantosan réréncangan anu kasebat di luhur téh janten amal saé anu ganjaranana manglipet-lipet ti Alloh swt. Amin.

12 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/06/09/ngahaturkeun-nuhun/trackback/

  1. Menurut pendapat saya cerita ini tidak happy ending untuk semua pelaku. Happy ending hanya satu pihak. Pengarang tidak mencarikan kebahagian untuk Fauzan, sebagaimana cerita2 kang Abik dalam soal cinta. dia selalu mencarikan pelaku2 yang gagal cinta nya kpd seseorang, tetapi selalu dipertemukan dengan kebahagain di ahir cerita. nah itu lah yang dimaksud saya happy ending….maaf ah ……karena saya pengagum Fauzan jadi saya merasakan kasian kpdnya….he he he…..cerita ini bagus .sayang acungkan jempol ..good luck….bu Popon

    Comment by urang sebrang — June 9, 2008 @ 9:50 am

  2. Assalamu’alaikum,
    Alhamdulillah, rengse oge sim kuring ngabandungan carita nyambung “Prasasti nu Ngancik na Ati” teh ti awal dugi ka ahir. Sakedapan mah ngahuleng ngaraga meneng, teu percanten yen lalakon carnyam bade tuntas dugi ka dieu.
    Enjing mah teu aya antosaneun deui nya, upami diibaratkeun mah sapertos nu ngantosan bedug maghrib ku nu nuju saum. Ret deui ret deui ka ieu blog, ngantosan hanca nu katunda.
    Mudah-mudahan ka payun di blog ieu sim kuring tiasa mendak deui karya sastra sunda dina wangun carnyam, carpon, puisi, sareng nu sanesna.
    Diantos pisan!
    Wassalam

    Comment by gajahkurus — June 9, 2008 @ 9:53 am

  3. Kahatur urang sebrang:
    Hatur nuhun kana sanes kanten pamendakna.Katampi pisan. Namung rupina sim kuring mah teu patos kabita ku selera pasar. Sim kuring nyerat fiksi sanes kanggo “menjual mimpi-mimpi”, tapi kanggo tugas sim kuring salaku guru basa Sunda anu gaduh kawajiban ngamumule basa Sunda sareng masihan gambaran ngeunaan hirup nu saujratna ngalangkungan fiksi. Utamina ngajak padungdengan ka generasi ngora, yen hirup teh aya nu susah, aya nu bungah. Teu salamina angen-angen manusa bisa kahontal. Yen gagal teh bagian tina hirup urang. Yen pribadi anu sahinasna, anu teu direka-reka karaosna langkung enteng mayunana tibatan nu orientasina kana materi jeung hirup glamour, sareng sajabina, sareng sajabina.
    Sim kuring teu gaduh ambisi anu muluk-muluk. Bade dipikaresep bade henteu ieu carita, teu masalah. Apalah artinya selera pasar, bila harus mengorbankan idealisme saya sebagai penulis yang juga guru, guru yang juga penulis. Akan beda tanggung jawab moralnya bila si penulis bukan berprofesi sebagai guru.
    Hiji deui nu ku sim kuring hoyong didugikeun, saleresna ti awal keneh oge tokoh Fauzan tos sadar nyalira, anjeunna pernah nyarios kieu: “Ari pameget mah tos jadi watekna neugtreug téh, ulah sotéh kuméok méméh dipacok. Teu acan nanaon tos rerempodan, sieun teu dilayanan. Dina ditampikna, wajar keur pameget mah. Namina ogé usaha,” ceuk Fauzan.
    Upami sim kuring kabita ku selera pasar, atuh moal nyerat dina basa Sunda (da seuseueurna mah teu patos ngalartoseun kana basa Sunda teh , sanaos maranehna urang Sunda oge). Upami sim kuring kabita ku selera pasar, tos we ti kapungkur keneh ngadamelan novel populer dina basa indonesia anu tungtungna hantem-hanteman happy ending, sekali baca langsung dilempar orang, tak perlu ada perenungan tentang isinya, selesai sudah, karena semuanya sudah berbahagia! Sedengkeun dina kahirupan nyata pan teu kitu, seueur pisan cocoba ka umat manusa teh.
    Tapi ku kitu ku kieu, saderek parantos maparin stimulus ka sim kuring kanggo ngahasilkeun karya anu tetep gugon kana idealisme sim kuring. Ku ayana komentar ti saderek sim kuring asa ditangtang, naha bakal bisa mertahankeun idealisme sim kuring atawa hiji waktu bakal luntur alatan kabita ku guluburna dunya? Sakali deui hatur nuhun!!

    Comment by pop_ice — June 10, 2008 @ 4:06 am

  4. Haturan gajahkurus,
    Waalaikumsalam. Duh meni wararaas maca komentar ayi mah, ngantosan carnyam abdi dugi ka dipapantes sareng disamikeun jeung nu saum ngantosan bedug magrib. Meni ku kacida:)
    Dumasar paniten sareng pangalaman abdi, carios anu panjang teuing teh ka dituna sok “hilang gregetnya”. Mending keneh nuju pogot, enggal-enggal dipungkas. Wios ngadamel deui carios anu enggal. Tah upami kitu para pamaca moal ngalaman bosen (panginten ieu oge), duka kumaha saleresna mah :)
    Eh Yi, ulah bosen nya upami ku abdi diajak observasi deui, da bageur…pan ngarah aya antosaneun dina blog nu ieu, sanes? saneeesss…..

    Comment by pop_ice — June 10, 2008 @ 4:17 am

  5. Nya syukur atuh ari gaduh pendapat kitu mah…ah iyeu mah commen ti pembaca pasaran da abdi mah orang yg tdk berpendidikan tea meureun..janten teu ngarti kana sastra …hapunten ah apan kenging pembaca mengajukan pendapat sanes?..nya ti abdi oge mudah2 wae si pengarang jadi pengarang yang moyan nu kasohor insyaAllah di waktu yg akan datang….sakali deui hapunten.

    Comment by urang sebrang — June 10, 2008 @ 4:36 am

  6. Congratulation Nice, karya yang sangat bagus! Heu..heu…heu naha bet legeg ieu teh make jeung mamalayuan ngomentaran teh, direumbeuy basa deungeun deuih. he..he..he.. ah keun we da Nice mah apal saha abdi nya. Prung ah di antos carios nu sanesna. Abdi mah moal rek ngomentaran tokoh-tokohna eta mah kumaha Nice we. But one more urang sebrang’s reason may listen and to make the story ending, Ok? Must be your self! good luck dear……..

    Comment by reni — June 10, 2008 @ 5:19 am

  7. wawa ikel suka sekalo musiknya..makasih wawa.
    sun sayang buat wawa dari ikel.

    Comment by ikelganteng — June 13, 2008 @ 3:48 am

  8. Ikel sayang, sudah sembuh sekarang? Wawa seneng banget tahu Ikel sudah sembuh. Mudah-mudahan sehat seterusnya. Ma kasih ya sudah mampir ke blog wawa , sun sayang juga buatmu seorang :)

    Comment by pop_ice — June 13, 2008 @ 6:12 am

  9. Aduh teu acan rengse ngabandungan nana. Katinggaleun pisan, padahal tinggal maca hungkul.
    Sok atuh diantos carita anu sanesna.
    Ieu rencanana bade d damel buku atanapi ebook ? hehehe…

    Comment by hevi.fauzan — June 16, 2008 @ 3:50 am

  10. Euleuh2 eta Fauzan ka mana wae? Meni awis-awis tepang? Kumaha lajuning lakuna lomba nulis artikel ngeunaan blog teh?

    Comment by pop_ice — June 17, 2008 @ 12:02 am

  11. ngiring bingah teteh.alhamdulilah geuning tos rengse..
    sae pisan teteh…terasnya ngadamel karyana..di duakeun sing enggal lebet novelna ka gramedia.

    Comment by nety martin — June 17, 2008 @ 8:13 am

  12. wawa alhamdulilah ikel dah sembuh..makasih atas doanya…
    miss you ..love you and GOD BLESS YOU WAWA.
    muacchhhhhhhhh from ikel

    Comment by ikelganteng — June 17, 2008 @ 8:15 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer