Ekspresi narsis-ku

June 9, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 16

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-16

Balik ti rumah sakit téh awak Pras beuki begang waé, beurat awakna ngurangan opat kilo. Katempo beungeutna sepa kénéh. Daharna gé masih kénéh liwet beyé. Atuh cenah teu mirasa, hayang buru-buru bisa dahar sangu jeung nu lada-lada, jeung hayang geura nyieun tutug oncom.
Can bisa ngalantung di buruan da karasa laleuleus jeung laleneng kénéh cenah, kahayangna téh nyangkéré sapoé jeput dina kasur. Meusmeus Mah Ani gegeroan, nitah kuring ngabaturan. Mun kuring nyampeurkeun, Pras sok pindah ti kamarna ngadon nyangkéré di tepas dina korsi panjang bari lalajo siaran TV.
Kamari mah balik kuliah téh kuring nyimpang heula ka tukang bungbuahan, meuli buah jeung tomat, tuluy buahna dijieun jus, da Pras sok mindeng nyarita hayang nu seger-seger. Katempo manéhna atoheun diasongan jus téh, curinghak, tuluy disuruput nepi ka teu nyésana.
Poé ieu mah meuli jeruk jeung cau raja ceré keur manéhna téh, meungpeung aya kénéh duit sésa jajan.
“Tuh, Pras kurang kumaha bélana Rin mah, unggal poé ngabaturan jeung ngaladénan. Ulah teuing néangan batur hirup nu jauh-jauh. Nu deukeut wé nu geus puguh bélana,” ceuk Mah Ani, basa kuring keur ngabaturan Pras nu anteng nyangkéré dina korsi panjang.
“Mamah!!” Prasasti geuwat ngagebés indungna. Sigana éraeun ku kuring matak ngagebés téh. Kuring ogé teu ngarti, naha Mah Ani bet nyarita kitu. Jadi asa kasindiran, boa-boa manéhna téh keur nyindir kuring, pédah salila Pras gering kalah reureujeungan jeung Fauzan. Kuring anu keur mesék jeruk bari meresihan ramatna tuluy sakangkot-sakangkot diasongkeun ka Pras, cicing teu némbal. Jeung asa teu perlu némbal.
“Atuda keuheul Mah Ani mah, Rin. Pras téh sok disampeur-sampeurkeun waé Margarét. Ari ka dieu mah teu wani nyampeurkeun, da tara dibéré budi ku Mah Ani mah. Wani ngadeukeutan téh mun Pras aya di luareun imah. Kungsi manéhna nyusul-nyusul ka kampus, cenah ngadon ménta diaanteur ulin. Geus puguheun mun aya pertemuan jeung aya acara arisan kulawarga mah, éstuning hayang deukeut-deukeut wé jeung Pras téh. Ari di tempat ramé siga kitu mah Mah Ani téh hésé nyarékna, komo da indung bapana gé teu weléh hadir dina unggal riungan téh.”
“Nyarios naon sih, Mah? Rin mah moal ngartoseun!” Témbal Pras, paromanna siga nu keuheuleun ka Mah Ani.
“Keuheul atuda Mamah mah ka kulawarga Sitanggang téh. Ongkoh mah butuh kénéh ku anak urang, tapi aradigung. Kungsi nyarita kieu pan indungna Si Margarét téh, ‘Maukan kita berbésan, Éda? Si Pras kelihatannya cocok sama anakku,’ cenah ka Mah Ani téh, Rin!”
Kuring cicing kénéh. Teu minat pisan pikeun némbalan, da éta ngarasa teu perlu némbal téa.
“Pras mah moal dibikeun ka kulawarga Sitanggang barina gé, keur béda kayakinan téh béda gaya hirup deuih. Pras mah kana moal kadugaeun nyumponan sagala kahayangna. Karunya. Kudu ngigelan kahayang pamajikan nu glamour mah, kuriak lieureun anak aing,” cenah.
“Mah, boa mung ukur heureuy Tanteu Marina téh. Si Mamah mah mani serius,” témbal Pras.
“Nya mudah-mudahan wé heureuy. Tapi nempo tingkah polah anakna mah asa lain heureuy, Pras. Unggal poé Si Margarét téh neleponan ka dieu pan, sakalina nelepon téh tara keudeung-keudeung, naha éta ogé kaasup heureuy?”
Kuring jeung Pras ngabaretem. Tapi tina omongan Mah Ani kuring jadi nyaho, horéng salila ieu téh Pras jeung Margarét mindeng kontak, mindeng ngayakeun komunikasi. Haté rada teu genah ogé ngadéngé kitu mah, karasa aya nu ngulibek deui lebah angen. Tapi ku kuring gé kapikir, kuring teu boga hak pikeun timburu, sabab nepi ka danget ieu boh kuring boh Pras masih kénéh papada bébas. Can katalian ku hubungan nu serius. Malah nya ayeuna pisan mangsana pikeun milih-milih pibatureun hirup téh, ngarah teu kaduhung jagana ceuk nini kuring téa mah. Dina hal ieu kuring ulah licik sorangan, kapan kuring gé ayeuna téh keur deukeut jeung batur, piraku Prasasti teu meunang deukeut-deukeut acan jeung nu lian.
“Tinggal Mah Ani, Pras nuju mamajeng, jeruk ogé séép tilu,” ceuk kuring ngahaja nyalénggorkeun téma obrolan. Atuda asa rungseb kana haténa gé hantem waé ngadéngé caritaan cékcék bocék mah.
“Mamayu sotéh mun nu mangmesékkeun jerukna Rin. Mun euweuh nu ngabaturan mah, angger wé hulang-huleng jeung caman-cémén,” ceuk Mah Ani. Nyarita kituna téh teuing bener, teuing ngahaja ukur hayang ngabubungah kuring wungkul.
“Ah, Si Mamah mah, sok buka kartu nya!” Témbal Pras.
“Matak ulah bosen dikumahaan nya Rin, da jeung saha deui atuh Pras mah teu boga batur pakumaha. Karunya anak tunggal mah teu weléh kesepian,” ceuk Mah Ani.
“Saur saha anak tunggal? Ari Rin téh pan rai Pras,” cekéng.
“Pan Si Papap sering nyarios geuning, Rin téh putra bungsu Si Papap cenah,” ceuk kuring deui.
“‘Éta mah kapungkur atuh Rin, nuju Rin sareng Pras aralit kénéh. Ayeuna mah tos bénten deui, sanés raina,” témbal Mah Ani. Nyaritana nu sok maké basa loma téh sakapeung sok kabawakeun maké basa lemes ari ngobrol jeung kuring mah.
“Oh robih nya? Mangga atuh, teu nanaon lah robih tina rai janten sobat, bénten istilah wungkul,”ceuk kuring.
“Nya mun Rin kersa mah, sanés mung ukur nganggap sobat ka Pras téh. Kersa teu ku Mah Ani dipulung minantu?” Étah Si Mah Ani mani togmol kitu. Atuh kuring téh kuram-kireum jeung alangah-éléngéh, éra ari ditanya kitu hareupeun pisan jinisna mah. Rét ka Prasasti, manéhna kalah nyuuh kana bantal.
“Ngarah Mah ani teu asa-asa nitah, teu asa-asa nyarékan mun Rin aya kasalahan téh, teu asa-asa mikanyaahna wé pangpangna mah,” cenah.
“Ulah kersa kétang, Rin. Bongan calon mitohana céréwéd,” ceuk Prasasti.
“Pék siah ka indung téh!” Témbal Mah ani bari ngajéwang bantal korsi nu keur disarandéan ku manéhna, tuluy digebugkeun kana awak Prasasti.
Tungtungna tiluan saleuseurian. Teuing nyeungseurikeun naon atuh ieu téh, sareuri bungah téa sigana mah, pangpangna bungah pédah Pras geus maju ka cageur. Atuh keur sakuringeun bungah pédah cikénéh kadéngé pisan ku ceuli sorangan, indungna Pras hayang mulung minantu téh ka kuring, lain ka Margarét, saingan kuring nomer hiji téa.

***

Barang balik ka imah, Si Mamah hariweusweus nyaritakeun obrolanana dina telepon jeung indungna Fauzan cikénéh cenah.
“Minggu hareup kulawarga Fauzan hayang nganjang ka dieu ka imah urang, adi-adina Fauzan ogé rék marilu. Atuh mun kitu mah Rin urang téh kudu olah. Kasémahan ku gegedén téa éra mun nyuguhanana alakadarna téh,” ceuk Si Mamah.
Ngadéngé kitu kuring ngahuleng, tétéla sipat neugtreug anjeun téh teu leungit-leungit geuning Fauzan. Paingan aya paribasa adat kakurung ku iga. Kuring ménta sarantos keur badami heula jeung kolot kuring gé mani teu digugu. Haté gegelendeng.
“Nembé waktos ibuna Fauzan ngobrol sareng Mamah, nyabit-nyabit masalah hubungan Rin sareng Fauzan teu?” Tanya kuring.
“Henteu, ngan nyaritakeun rék nganjang wéh.”
“Ari saur Fauzan mah ibu ramana badé sarumping ka dieuna téh bari badé muguhkeun hubungan Rin sareng Fauzan, Mah,” ceuk kuring.
“Naha atuh Rin teu laporan ka Mamah, meureun rék persiapan ti kamari kénéh. Copélna rék balanja heula atahan olaheun, ulah kaserempek teuing. Lain geuwat bébéja harita ari nanaon téh, ulah sok nganggap énténg. Ayeuna gé katempona mani tenang-tenang kitu geuning Rin mah,” ceuk Si Mamah.
“Da teu waka disanggeman ku Rin mah.”
“Naha?”
“Teu acan ngémut ka dinya. Rin mah moal waka serius, hoyong bérés heula kuliah.”
“Hoyong bérés heula kuliah atawa tibelat ka tatangga hareupeun imah?” Tanya Si Mamah. Kuring rada ngagebeg ngadéngé kitu téh, naha nada nyarita Si Mamah téh bet jadi kitu? Kawas nu teu mikeun mun kuring leuwih daria nyanghareupan Pras batan nyanghareupan Fauzan? Kapan biasana gé tara kukumaha.
“Kumaha maksad Mamah téh?”
“Mamah mah satuju kénéh Rin milih Fauzan dari pada Prasasti!” cenah.
Teu burung ngajenghok, naha ti iraha Si Mamah mimiti mihak ka Fauzan? Jeung naon sababna?
“Naha ku naon kitu ari Pras?”
“Mamah mah kurang resep ka indungna, céréwéd teuing!”
“Hus, Mamah! Bilih kadangueun ku Mah Ani,” cekéng.
”Ah, da enya!” cenah.
“Tapi pan Rin mah sanés badé milih Mah Ani. Badé milih Prasasti,” témbal kuring.
“Jadi geus panceg rék milih Prasasti? Ceuk Mamah mah pikir-pikir heula!”
“Da sanés kanggo ayeuna barina gé, kanggo engké upami Rin sareng Pras tos janten sarjana, tos didaramel,” jawab téh. Teuing naon sababna poé ieu haté mani yakin pisan Pras bakal tulus kapimilik ku sorangan. Bisa jadi pangaruh omongan Mah Ani tadi téa anu nyebutkeun hayang mulung minantu ka kuring.
“Tuluy lamun kulawarga Fauzan datang ka dieu, rék dikumahakeun?” katempo riuk Si Mamah bangun nu ambek jeung ngemu kabingung.
“Nya tampi mah tampi wé atuh. Da tamu mah tos sakedahna dibagéakeun,” cekéng, énténg.
“Ah, budak ieu mah ulah dibawa badami, sagala rupa téh ngagampangkeun pisan. Geus ah, rék badami jeung Si Bapa!” ceuk Si Mamah. Ah, pék baé. Barina gé kuring mah ayeuna gé keur teu purun ngomongkeun sagala rupa anu aya pakuat-pakaitna jeung Fauzan, geus kaerong moal aya tungtungna.
Keur mikir kitu kadéngé di luar asa garandéng, sora jelema ngarobrol bari saleuseurian. Panasaran ku kuring ditoong tina kaca. Horéng dulur-dulurna Pras ngaranjang ka imahna. Sigana daratang ti jauhna da rarébo ku babawaan. Tuh, aya opung doli jeung opung boru-na sagala. Kuring apal téh sabab opung-na mah kaitung mindeng nganjang ka dieu téh. Hoghag ngobrolna téh maraké basa Batak. Uyuhan Si Mah Ani ngarti! Pangpandeurina katempo Si Papap manggul karung béas. Wah, rék aya naon nya? Kawas nu rék kariaan. Enya meureun rék sukuran Pras pédah geus séhat.
Geuwat kuring nyampeurkeun ka Si Mamah nu keur nulis, teuing nulis naon da bari kerung-kerung wé. Ditempo téh keur ngotrét, keur ngajumlahkeun itungan.
“Nuju naon, Mah?” Tanya téh.
“Cicing ah, sok tara bisa dibawa badami,” cenah.
“Ih, mani ngunek-ngunek,” cekéng.
“Mah seueur tamu di bumina Pras. Sigana mah badé sukuran nya? Da Si Papap gé manggulan béas nu dikarungan” ceuk kuring.
“Piraku? Duka atuh da Mah Ani téh teu kungsi ngobrol nanaon ka Mamah mah.”
“Aya Opung Doli jeung Opung Boru deuih.”
“Éta meureun ngalalongok Prasasti. Anu teu kaburu ngalongok ka rumah sakit, ngalongokna ka dieu.” Témbal Si Mamah. (Hanca).

Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/06/09/prasasti-nu-ngancik-na-ati-16/trackback/

No comments yet.

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer