Prasasti nu Ngancik na Ati 17

Ku Popon Saadah
Bagian ka-17 (Tamat)
Ti dinya mah teu papanjangan deui. Ngan ti saprak dulur-dulurna abreg-abregan di imah Pras, kuring jadi horéam ngalanto kaluar. Horéam palebah némbalan mun pareng aya nu nanya. Sok tara pati kaharti. Najan nanyana maraké basa Indonésia gé keukeuh wé teu pati jelas kadéngéna da kentel teuing logat Batakna. Komo mun ngobrol jeung Opung Boru mah, sok bari gegebegan, da panya téh nyarita bari ngambek, horéng mémang kitu logatna, siga nu ngajak paséa pasentak-sentak.
Peuting isukna, kira wanci magrib kolot, kuring keur ngopé ketikeun, kadéngé aya nu pupuntenan. Didéngé-déngé téh beuki dieu beuki récok sora nu pupuntenan di luar téh. Keun ah, sina dibuka ku Si Mamah. Kuring jongjon deui kana pigawéeun. Kakara gé gap kana komputer, Si Mamah geus nyusulan mantén ka kamar.
“Rin, naha teu ngabéjaan rék kadatangan ku pasukan Prasasti?” ceuk Si Mamah.
“Pasukan Prasasti kumaha?” Tanya kuring héran.
“Yu, geura di ruang tamu tingali,” ceuk Si Mamah bari metot leungeun. Kuring ngajéngkat satengah lumpat bakat ku hayang buru-buru nyaho, rék naraon maké jeung nyémah wayah kieu?
Srog ka ruang tamu teu burung olohok, sabab sémah téh geuning mani ngajéngjréng. Ti mimiti Pras, indung bapana, opung-na, namboru-na, amang boru-na, dulur-dulur misanna, Bapa Tua jeung Inang Tua anu kungsi besuk Pras ka rumah sakit ogé aya, kumplit. Ku lantaran loba nu teu kabagéan korsi, sawaréh dariukna andiprék di handap dina karpét. Kabéh ngabagéakeun kuring anu kakara kaluar ti kamar bari palahak-polohok.
“Héy, Pras, aya naon ieu téh?” Kuring langsung nanya ka Prasasti. Manéhna teu némbalan, kalah ngajak seuri. Hadéna Si Bapa keur teu ka mamana. Jadi rombongan sémah anu datangna ti peuntas imah téh disanghareupan ku tiluan, kuring, Si Mamah, jeung Si Bapa.
Anu jadi panumbu catur ieu rombongan sémah téh Si Papap. Nyaritana bari daria Si Papap téh, kumaha wé nu keur cacarita dina rapat dines. Hayang seuri aya nempo kitu téh, da kuring mah teu asa kasémahan sanajan nu datangna ngabring ogé. Pédah éta meureun kokojo ieu rombongan téh jelema nu sok pagilinggisik unggal waktu.
Mimitina mah Si Papap nyaritana malapah gedang, teu ujug-ujug nyaritakeun maksud nu sabenerna pangna maranéhna ngadatangan imah kuring. Cenah kulawargana téh kacida bungahna, réhna Prasasti geus séhat deui sabihari. Tah ku lantaran Si Papap jeung Mah Ani geus kagok ngucapkeun jangji atawa nadar, yén mun Prasasti cageur rék diturut kahayangna (tangtu waé anu sakirana kahontal ku maranéhna), nya ditanya wéh Pras téh, naon anu keur dipikahayang ku manéhna dina danget ayeuna. Ari jawabna téh cenah hayang ngalamar kuring sagancangna. Indung bapana kungsi ngalaman bingung. Disebut énténg da bangga éta paménta téh, sabab nu rék dilamarna can puguh narima. Disebut bangga, asa énténg, da puguh nu rék dilamarna ogé hareupeun imah pisan. Palebah nyaritakeun hal éta kabéh nu araya saleuseurian. Kaasup kuring jeung Pras anu kabeneran diuk téh pahareup-hareup kahalangan ku méja tamu wungkul.
Derekdek deui Si Papap nuluykeun “pidatona”. Cenah ieu acara téh ku urang Batak mah disebutna Mangaririt, nya éta acara lamaran ti pihak lalaki ka pihak awéwé. Mun geus puguh ditarima, kalawan waktu anu ditangtukeun deui, ditéma ku acara Martupol, acara ngarencanakeun iraha jeung rék kumaha ngalumangsungkeun akad nikahna. Jadi jelas ayeuna mah cenah datangna Pras ka imah ieu téh lain rék ngadon ngahéroan wungkul cara sasari, tapi geus panceg milih kuring jadi pipamajikaneunana.
“Kumaha Rin, ditarima moal yeuh lamaran anak Papap téh?” Tanya Si Papap. Atuh kabéh panon mencrong ka kuring. Tuluy kuring ngaharéwos ka Si Mamah anu kabeneran diukna gigireun pisan.
“Lamun ditampi ngajawabna kumaha Mah?”
“Ditampi wé kituh!”
“Ditampi!” cekéng. Heueuh kapan tadi gé geus dicaritakeun, kuring téh rék gugup jeung kasima kumaha atuh, da puguh nu nyémah téh kabéh ogé nu geus loma wungkul, sasat batur pagilinggisik unggal usik. Atuh ka Mah Ani jeung Si Papap geus asa ka indung jeung bapa pituin deuih. Jadi lebah ngajawab pertanyaan sémah téh asa énténg naker, teuing perbawa haté anu keur kebek ku kabungah kitu?
“Alhamdulillah,” ceuk nu araya méh bareng.
Geus kitu dulur-dulurna Prasasti ngasongkeun babawaan, nu karérét mah éta babawaan téh sarupaning kuéh jeung bungbuahan.
Asa dina pangimpian kuring peuting ieu laksana dilamar ku Prasasti téh. Teu nyangka bakal téréh-téréh sukma katut jirimna kacangking ku leungeun lahir jeung leungeun batin kuring sorangan. Ku kituna hésé ngagambarkeunana kumaha bagjana haté kuring ayeuna. Ngan ku lantaran acara ngadadak téa, lanceuk kuring nu keur araya di jauhna, A Rizal jeung A Ramdan teu kabéjaan.
Tuluy Mah Ani ngahaturanan nu haladir parasmanan di imahna. Tatamu anu kabéh gé dulur kénéh téh dijamu dituangkeun di imahna lain di imah kuring, da puguh kulawarga kuring mah teu nyaho nanaon tadina gé. Kulawarga Pras ngahaja teu ngabéjaan kulawarga kuring téh bakat ku sieun ditampik. Ari ditodong kieu mah cenah piraku kulawarga kuring sempet heula mikir-mikir kekecapan keur nampikna. Aya kituna tah kulawarga Pras!
Anu hayang seuri mah kuring, Si Mamah, jeung Si Bapa, éstuning teu ngayakeun persiapan nanaon, da puguh ditodong téa. Papakéan nu dipaké narima sémah gé baju nu sok biasa dipaké idek liher di imah wé, masih kénéh untung kuring jeung Si Mamah teu keur maraké daster, Si Bapa teu keur maké piyama. Geus nyaho kasémahan téh deuih teu ieuh garanti baju, sarta poho nyuguhan cai-cai acan.
Ditéang téh ka imahna Mah Ani, bener wé idangan dina méja makan geus ngabayak, rupa-rupa, sagala aya. Ti mimiti guramé asam manis, tutumisan, nepi ka gulé jeung saténa aya. Dina méja hiji deui geus ngajajar gelas dieusi sop buah jeung céndol minangka cuci mulutna.
Rohang tamuna didékorasi ku nuansa héjo. Barang sup gé kaangseu meleber seungit kembang sedep malem. Teuing iraha ditatana ieu rohangan téh, kuring teu kungsi nyaho, sigana basa kuring horéam kaluar ti imah téa.
Nu ngahadiran ieu acara téh kabéh gé dulur jeung baraya ti pihak Pras wungkul. Tatangga mah taya nu diondang saurang-urang acan, da cenah can puguh ditarima henteuna lamaran Pras ku kuring téh. Éra, dina ditampikna bakal nyaho kabéh mun ngondang tatangga mah cenah.
Kuring jeung Pras milu ngantay parasmanan. Teu poho manéhna diharéwosan, “Kadé ulah waka nuang nu lada-lada!” cekéng.
“Moal, badé sareng sop wungkul,” jawabna.
Tuluy diuk téh ngaréndéng dina korsi hoé hareupeun imah manéhna. Nu lian ngajarauhan, surti ka nu keur hayang ngobrol paduduaan. Tapi da sasari gé kieu, diuk téh sok dina korsi nu ieu, paduduaan deuih, ngan ayeuna mah karasa pisan bédana, sabab cikénéh di hareupeun kulawarga kuring jeung kulawargana, manéhna geus méré hiji kapastian nu taun-taun ku kuring teu weléh didagoan.
“Leres geuning, Gelombang Cinta téh moal ku saha,” ceuk Pras, ujug-ujug nyarita kitu. Kuring asa diingetan, geuwat nanyakeun, “Oh muhun, naon kitu hartosna Gelombang Cinta téh, Pras?”
“Tong sok api-api teu terang!” cenah.
“Sumpah, teu terang!”
“Tapi naha atuh dina SMS sok ngawaler, jeung nyambung deuih mun diajak ngobrol ngeunaan éta téh harita.”
“Nya dipaparah wé, disambung-sambungkeun, “ jawab kuring.
Manéhna seuseurian.
“Naon atuh hartosna téh?” Tanya kuring deui.
“Palay terang?” cenah bari mencrong.
“Pisan!” cekéng.
“Gelombang Cinta téh … Rinéga Diah Pitaloka!” cenah bari seuseurian deui.
“Kutan? Rin dianggap tangkal nu daunna ngombak banyu?” jawab kuring.
“Muhun pokona mah éta lah,” cenah.
“Ari samaruk Rin naon kitu dibalik simbol Gelombang Cinta téh?”
“Sugan téh cinta Pras anu ngombak banyu, sakapeung déngdék ka wanoja Batak, sakapeung siga nu déngdék ka wanoja Sunda,” cekéng bari rada keuheul.
“Éiitt…wengi ieu dipahing nyarioskeun batur di luar urang duaan, bilih ngaruksak suasana!” Cenah.
Kuring jempé, tuluy ngahanca deui sangu nu kapopohokeun balas ti tatadi ngobrol waé.
Najan dulur-dulur nu keur balakécrakan jeung nu keur ngarobrol bari alager-ageran téh rada jauh, da ngarumpulna kabéh di imah kuring, tapi Pras nyaritana teu weléh haharéwosan, kawas nu sieuneun aya nu ngintip obrolan duaan.
“Kahoyong mah ulah lami teuing nya, Rin!” cenah.
“Naon téa?”
“Jarak waktu tina lamaran kana nikah.”
“Héhéhé….” Kuring seuri.
“Héhéhé….” Manéhna kalah nurutan seuri.
Keur kitu deregdeg Si Ucok dulur misanna Pras nu kakara kelas 6 SD nyampeurkeun ngasongkeun HP ka kuring. Ditingali téh telepon ti Fauzan. Kuring ngahuleng, tarima atawa entong? Tuluy kalawan réflék éta HP téh diasongkeun ka Prasasti. Ku Pras si HP téh diantepkeun heula sina jempé jeung eureun ngageterna, geus jempé langsung dipareuman.
“Gelombang Cinta kedah énggal-énggal dipésér, bilih dilélang batur!” cenah.
“Tapi, Pras….”
“Tapi naon?”
“Énjing jajap Rin ka warnét nya, badé ngintun é-mail ka Fauzan,” cekéng bari dareuda. Kuring teu bisa bohong, dina detik-detik ieu haté téh jadi ngadak-ngadak sedih, sedih kudu papisah jeung jelema anu salila ieu geus karasa bageurna.
“Hayu waé, pan biasana gé tara dijajap ku sasaha deui ka warnét mah,” cenah.
“Ngintun e-mail ngeunaan naon?” Tanya manéhna.
“Badé nganuhunkeun kana sagala kasaéan Fauzan salami ieu, badé neda dihapunten tina sagala rupi kalepatan Rin salami ieu, badé masihan iber yén Pras téh ayeuna mah tos pasti, tos puguh pi-eun Rin, badé ngadugikeun wilujeng kantun,” cekéng, bari neger-neger manéh sangkan ulah ngaragragkeun cimata, atuh na tikoro téh aya nu nyelek, tuluy karasa nyeri.
“Mangga, pasti dijajap,” cenah, bari sok nunda piring di kolong korsi nu didiukan ku manéhna, tuluy nangkeup awak kuring ku dua leungeunna. Teu asa-asa ayeuna mah, mani pageuh, kawas nu sieuneun kuring leupas atawa ngejat tina cangkinganana.
“Satikosna ahu sangat sonang tu ho ito malobihi apapun”, cenah ditompokeun kana ceuli. Alah pék baé lah rék nyarita naon waé gé, da ayeuna mah geus teu panasaran ieuh. Manéhna téh mémang bogoheun ka abdi geuning, Nini Cibitung!***
TAMAT
ILMAN
IZZAN
Martupol teh Mertua Polisi kitu….tah engke mah gentos tangkalna…sanes Gelombang Cinta tapi nganggo Lidah Mertua supados langkung sae pepelakanna
Comment by Debu Jalanan — June 9, 2008 @ 2:04 am
Alhamdulillah, tamat.
Geuning Gelombang Cinta teh ahirna baris dipiara, disiram ku nu rajin ngumbah motor
Comment by gajahkurus — June 9, 2008 @ 3:45 am
Pan lidah mertuana ge aya di dina eta carios teh…
Comment by pop — June 9, 2008 @ 5:35 am
Seueur nu pesen kedah happy ending atuda Yi!
Comment by pop — June 9, 2008 @ 5:36 am
Congratulation…bu Popon….Good luck always….
Comment by Fauzan — June 9, 2008 @ 9:11 am
Selamat…sayang…..atas kesuksesan novel ini,,,,lanjutkan ….terus menulis…semoga sukses selalu…..tapi jangan lupa tugas2mu terhadap keluarga terutama terhadap suamimu…..good luck
Comment by urang ozi — June 9, 2008 @ 5:56 pm
Hatur nuhun ka Fauzan sareng ka urang ozi. Moal atuh moal hilap kana tugas poko, insya Allah.
Comment by pop_ice — June 10, 2008 @ 4:23 am