Ekspresi narsis-ku

July 31, 2008

KaTePe

Filed under: Wawaran

My Simcard

July 25, 2008

Seuri Heula

Filed under: Cutatan Sabengbatan

KKN
Iyem: “Kalah hayoh we dina telepisi ulah KKN. Tapi geuning Pa Lurah bet ngampihan mahasiswa nu keur KKN?”
Ijah: “Heueuh, gedebul wungkul. Teu ngarti uing ge.”

Mending Mayar
Kang Amad: “Bu Dokter, upami dicabut waos sabaraha ongkosna?”
Dokter: “Hiji mah wioslah 25 rebu.”
Kang Amad: “Janten upami dicabutna dua mah janten 50 rebu nya?”
Okter: “Upami dua mah tiasa langkung mirah. Pokona langkung seueur langkung mirah, malah tiasa haratis.”
Kang Ahmad: “Maksad Bu Dokter?”
Dokter: “Muhun mun dicabutna sadayana, bade nu ungger, bade nu nuju nyeri atanapi nu teu ku nanaon pageuh keneh, tiasa haratis.”
Kang Ahmad: “Tobat…!” Meding keneh mayar we ah tibatan haratis mah.”

Siberia
Guru: “Nandang, nagara Siberia perenahna di mana?”
Nandang: “Eu…teu apal, Pa!”
Guru: “Mun kitu mah di-PR-keun we!”
Basa geus nepi ka imah Nandang langsung nanyakeun ka indungna.
Nandang: “Ema, ari Siberia teh di mana?”
Ema: “Tuh Si Bi Ria mah keur nutu!”
Nandang kerung.

Satengah Yuta
Incu: “Abah, ieu artos teh mung tiasa maparin 600 rewu.”
Abah: “Ah embung sakitu mah!”
Incu: “Ditambihan atuh janten 800 rewu!”
Abah: “Embung!!”
Incu: “Ari keukeuh alim sakitu mah tah atuh satengah yuta kanggo Abah.”
Abah: “Tah lamun sakitu mah Abah daek.”

Panasaran
Waktu urut kabogoh meuli mobil, kuring kacida panasna. Harita keneh ngerewih ka salaki hayang dipangmeulikeun mobil, sanajan kumaha wae carana. Sabulan ti harita kuring meuli mobil. Jalan-jalan sukan-sukan. Waktu balik bingung… heueuh da meuli mobil teh apan ngajual imah.

Sajati
Abah: “Numutkeun salah sahiji katerangan yen sajatining hirup teh bisa kapanggih saenggeus nyaho sajatining paeh. Tah ayeuna Abah rek nanya ka hidep, na di mana ayana sajatining paeh teh?”
Incu: “Cetek, Abah!”
Abah: “Heueuh aya di mana?”
Incu: ” Di matrial Abah!”
Abah bari nyentak: “Naha?!
Incu: “Apan geuningan seueur jati di matrial Pa Haji, sok didamelan kusen atanapi panto.”
Abah: “Ampun… kiamat kaya kieu mah.”

Tina Barakatak Mangle No. 2179

July 22, 2008

Basa Sunda jeung Pangarang Tuturut Munding

Filed under: Kolom

Ku Popon Saadah

Ngolah basa jadi hiji tulisan anu bisa nimbulkeun pencerahan keur pamaca téh pancén para pangarang. Éta pancén téh kawilang hésé, sabab dina prosés kréatifna aya hal-hal anu kudu diperhatikeun tur dilaksanakeun. Salian ti kudu gugon kana aturan tulis-tinulis nu geus baku, hiji pangarang ogé kudu mahér tur parigel ngolah kecap, kalimah, jeung ungkara basa nepi ka jadi tulisan anu hirup sarta ngandung sugésti. Ku kituna dina nuliskeun gagasan-gagasanana kudu dibarung ku milihan kekecapan anu pangmerenahna pikeun ngawakilan kereteg batin jeung ide-idena.
Basa Sunda kawilang euyeub ku kecap jeung ungkara basa anu ngandung sugésti téa upama si pangarang bisa ngolahna. Basa Sunda kacida beungharna ku kecap-kecap anu bisa dipaké ngagambarkeun atawa nerangkeun hiji hal kalawan jéntré. Saperti dina ngagambarkeun gerakan leumpang hiji jalma, basa Sunda mibanda kecap-kecap: ngeteyep, ngalénghoy, ngagandeuang, ngiciprit, ngagidig, ngungkug, ngagégag, ngagéang, ngalanggéor, nyuruntul, nepi ka ngabecirna. Atuh seuri ogé dina basa Sunda mah réa rupana, aya imut, kéom, nyéréngéh, séséréngéhan, seuri konéng, seuri maur, nyikikik, nyakakak, ngabarakatak, ngahéhéh, ngagikgik, akey-akeyan, cicirihilan, nyeleukeuteuk, ceuceuleukeuteukan, anu dina basa Indonésia mah ukur diwakilan ku kecap senyum, tersenyum simpul, tertawa, tertawa terkékéh-kékéh, tertawa terpingkal-pingkal, tertawa lebar jeung tertawa terbahak-bahak.
Ku lantaran basa Sunda téh beunghar téa, asa ku kacida kuuleunana lamun aya pangarang anu ukur bisa niron jeung nurutan kekecapan anu geus meunang nyusun babaturanana, horéam ngotéktak ku sorangan ungkara basa lianna anu padahal mah ngaleuya jeung kawilang loba. Lain teu meunang nurutan da puguh basa mah milik saréréa, tapi cing atuh otak téh sing mencar, sing leuwih eksplore dina ngagali jeung ngolah basa téh ulah ngan wungkul nunutur bujur batur. Éta cenah baé téh teuing da basa mah teu meuli, justru ku lantaran teu meuli téa bakal kacida rugina mun kabisana ukur nyabetan kekecapan nu geus aya, mulungan ungkara basa meunang ngaracik batur téa. Nu kitu nu disebut pangarang kuuleun téh, mun ceuk basa légégna mah pangarang henteu kréatif!
Lamun batur geus nyieun judul tulisan ngagunakeun kecap Bumi misalna, sedengkeun urang ogé sarua rék ngabahas masalah éta, poma ulah sarua pisan kekecapanana, ari embung disebut plagiator mah. Kajaba lamun mémang urang can kungsi wawuh jeung can kungsi maca éta karya batur. Téangan deui kecap séjén anu ma’nana sarua jeung kecap bumi, saperti buana, dunya, alam fana, marcapada, buana pancatengah, jsb. Lamun batur geus nyokot judul laut dina karyana, teu kudu pipilueun maké kecap éta dina karya urang nu sarua témana. Matak naon téangan deui kecap séjén anu leuwih sugéstif, saperti sagara atawa jaladri. Loba pisan conto kecap anu ma’nana sarua tapi wangunna béda (sinonim) téh. Kapan kecap manusa gé sinonimna réa, bisa diganti ku jalma, insan, mahluk nu boga budaya, turunan Adam, umat, jsb. Ulah ieu mah unggal nyieun karya teu weléh nurutan sagala rupa anu geus ditulis ku babaturan. Naha teu hayang jadi pangarang anu boga ciri has? Naha teu hayang jadi pangarang anu boga gaya nulis nu mandiri? Naha teu hayang jadi pangarang anu nenggang?
Kapan geus kabuktian, yén karya orisinal leuwih luhur ajénna batan karya jiplakan. Najan ngajiplakna ukur saeutik, ukur palebah istilah atawa judul wungkul misalna, keukeuh wé nu ngaranna niron mah bakal leungit unsur orisinalitasna, anu hartina éta hasil pagawéanana bisa dibéré label karya tuturut munding! Éta téh kakara sarua palebah judul atawa istilah-istilah, komo upama ngahaja ampir sarua dina hal eusi, ngahaja sarua dina ngaran tokoh-tokoh carita, sarta ngahaja sarua dina palebah paguneman antar tokoh dina fiksi nu dikarangna, wah nu kitu mah geus meleg-meleg nurutan (niron) tur meujeuhna disebut pangarang kuuleun. Jeung anéhna téh pangarang tuturut munding mah langka nu rumasaeun kana kalakuan goréngna, asa heueuh wé éta karya téh karya tulén manéhna, hasil tina prosés kréatif dirina nu cenah leuwih ngalobakeun daya intuitif (ceuk pangakuanana)!
Ayeuna naon rugina keur pangarang anu diturutan ku pangarang plagiator téa? Kawasna rugi sacara fisik sih henteu, tapi rugi sacara psikis pasti aya. Karya aslina asa cambal mun kudu dijéntrékeun mah, sabab ungkara racikanana geus teu has deui, teu unik deui, teu arkhaik deui. Karyana geus mimiti belél, kliseu, jeung leungit daya sugéstifna alatan didaur ulang ku pangarang tuturut munding téa!***

July 14, 2008

Ngeusian Rapot? Konséntrasi!

Filed under: Cutatan Sabengbatan

Ku Popon Saadah

“Ngeusian rapot mah babari, ukur mindah-mindahkeun angka tina buku léger kana rapot barudak, naon héséna. Nu ngaranna nyalin atawa niron mah kapan pagawéan panggampang-gampangna, sabab ukur nurutan nulis, teu kudu bari mikir.” Éta téh ceuk tiori jeung ceuk nu can ngajaran migawé éta pagawéan. Béhna mah dina praktékna pagawéan mindahkeun angka tina buku léger kana rapot barudak téh butuh konséntrasi, kudu husu. Salah saeutik wé, bakal goréng katénjona tur bakal rocét.
Mangkaning rapot kelas 9 mah, niléy pelajaran dina seméster hiji téh teu meunang waka disalin kana rapot, kudu nungguan heula seméster dua, lantaran aya sawatara pelajaran anu niléyna bakal robah sanggeus diayakeun rémidial. Atuh dina ahir taun téh teu burung ripuh. Sakabéh wali kelas 9 riweuh kudu ngeusikeun niléy anu geus puguh (hasil tina ngarémidial atawa meunang ngatrol) kana rapot disakaliguskeun 2 seméster, seméster hiji jeung seméster dua. Jaba leukleuk nulisanana gé da sieun salah téa, henteu asal ngeusikeun, sabab rapot téh kaasup dokumén penting. Éstu lain pagawéan méméh mumuluk, jeung lila, butuh waktu kana dua mingguna. (more…)

July 11, 2008

Wilujeng Tepang Taun, Ilman :)

Filed under: Wawaran

Lihat Kartu Ucapan Lainnya
(KapanLagi.com)





















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer