Ngeusian Rapot? Konséntrasi!

Ku Popon Saadah
“Ngeusian rapot mah babari, ukur mindah-mindahkeun angka tina buku léger kana rapot barudak, naon héséna. Nu ngaranna nyalin atawa niron mah kapan pagawéan panggampang-gampangna, sabab ukur nurutan nulis, teu kudu bari mikir.” Éta téh ceuk tiori jeung ceuk nu can ngajaran migawé éta pagawéan. Béhna mah dina praktékna pagawéan mindahkeun angka tina buku léger kana rapot barudak téh butuh konséntrasi, kudu husu. Salah saeutik wé, bakal goréng katénjona tur bakal rocét.
Mangkaning rapot kelas 9 mah, niléy pelajaran dina seméster hiji téh teu meunang waka disalin kana rapot, kudu nungguan heula seméster dua, lantaran aya sawatara pelajaran anu niléyna bakal robah sanggeus diayakeun rémidial. Atuh dina ahir taun téh teu burung ripuh. Sakabéh wali kelas 9 riweuh kudu ngeusikeun niléy anu geus puguh (hasil tina ngarémidial atawa meunang ngatrol) kana rapot disakaliguskeun 2 seméster, seméster hiji jeung seméster dua. Jaba leukleuk nulisanana gé da sieun salah téa, henteu asal ngeusikeun, sabab rapot téh kaasup dokumén penting. Éstu lain pagawéan méméh mumuluk, jeung lila, butuh waktu kana dua mingguna.
Kacaritakeun sim kuring, Bu A, jeung Bu B téh sarua jaradi wali kelas 9. Masing-masing wali kelas rata-rata kudu ngeusian rapot anu lobana opat puluh opat eksemplar. Dina prungna ngeusikeun niléy-niléy barudak kana rapot téa, sim kuring tiluan sarua ripuhna, pangpangna ripuh nyingkahan kasalahan dina ngeusikeunana. Kawasna boh sim kuring boh sobat nu dua rada hésé lebah museurkeun pikiran sangkan konséntrasi. Jeung kawasna sarua deuih tiluanana keur pada-pada boga urusan anu teu burung ngaganggu kana pipikiran. Teuing keur malikiran nanahaon atuh sobat sim kuring nu dua téh, da cenah dina ngeusikeun niléy kana rapot téh aya nu salah.
Ari sim kuring, rék balaka baé harita téh keur mikiran kumaha carana meunangkeun deui nomer HP babaturan anu kungsi dipupus ku sim kuring kénéh tina phonebook HP sorangan. Atuda mun teu dipupus téh sok hayang ngajak ngobrol waé ka nu boga éta nomer, bari nu diobrolkeunana sakapeung mah lain perkara penting. Dipikir-pikir sieun matak ngaganggu kana kahirupan pribadina. Sanajan unggal SMS sim kuring geus pasti ku manéhna dijawab waé, tapi rasa sieun ngaganggu téh teu weléh muncul dina pikiran harita. Tungtungna di-delet wé éta si nomer téh. Na atuh dina aya tanyakeuneun ngeunaan hal nu ceuk sim kuring rada penting, teu bisa ngontak manéhna, sabab nomer HP-na poho deui. Jeung rarasaan téh asa cuang-cieung, euweuh batur sharing sanggeus nomerna dileungitkeun mah. Tuman dina sautak-saeutik manggih kasusah sok dibéjakeun ka manéhna, ayeuna teuing kudu nga-SMS ka mana, da poho téa nomerna. Anéhna téh deuih ari keur teu butuh batur pakumaha sok rajeun manéhna nga-SMS najan kaasup jarang, ari keur butuh bet milu ngabetem tah si HP-na téh.
Dicobaan dipaparah nga-SMS ka nomer anu ceuk sim kuring yakin nomer HP manéhna, salah deui salah deui. Usaha panungtungan nya éta nanyakeun ka bagian informasi (ka 111), ari jawab informan téh cenah, ”Punten wé teu tiasa masihan informasi, margi nomer HP pelanggan téh kalebet privacy.” Cindekna sim kuring teu meunang nyaho. Gustiiii…naha da abdi mah teu boga niat goréng. Hayang nyaho nomer HP éta jelema téh lain rék ngaheureuyan atawa rék ngadon néror, tapi rék aya tanyakeuneun!
Isukna panggih ogé jeung babaturan nu dipupus nomer HP-na téa di YM. Dibéjakeun ku sim kuring kajadianana kitu téh lain song méré deui nomer HP-na, tapi kalah malik nanya, ”Naha atuh maké dipupus?” cenah. Mmh… aya ku énténg pisan éta jawaban. Diobrolkeun téh éta lalampahan ka Bu A sobat kuring téa, manéhna kalah nyeungseurikeun deuih.
Tapi dina waktuna ngeusian rapot mah sabisa-bisa sim kuring nyieuhkeun sagala rupa hal anu matak ngaganggu konséntrasi. Carana, ulah ngagarap éta pagawéan dina waktu keur capé atawa keur tunduh, jeung kudu mopohokeun nomer HP nu ngahaja dileungitkeun téa saheulaanan.
Sim kuring ulah nepi ka kawas Bu A salah mindahkeun niléy siswa. Anu disalin téh kuduna niléy seméster hiji dina kolom niléy seméster hiji, Bu A mah kalah nyalin niléy seméster dua kana kolom niléy seméster hiji. Mun dipupusan téh kana bakal rocétna éta rapot da nulisna langsung ku pulpén. Ahirna pindah kana kaca séjén. Éta gé pan geus kasebut rocét.
Ari Bu B salah nandatangan. Anu kuduna nandatangan téh dina kolom nu geus disadiakeun keur tandatangan wali kelas, der kalah nandatangan dina kolom keur kepala sakola. Ari tandatangan kapan tara leutik-leutik. Dina salahna, kabayang kumaha mupusna nya?
Torojol téh SMS ti Bu A, nanyakeun naha sim kuring geus ngalaman salah atawa acan. ”Diantos error-na”, cenah. Édas ku kayungyun boga sobat téh, dina migawé kasalahan gé mani kudu aya batur, kudu babarengan. Nya sim kuring rék jujur wé ari kasalahan mah pasti aya, ngan teu fatal kawas maranéhna, ukur salah sahurup-sahurup, saperti rék nulis angka 6 kalah jadi angka 7, bari teu loba deuih ukur hiji dua, tur masih kénéh bisa dipupus ku pamupus pulpén.
Éta SMS téh ku sim kuring dijawab kieu, ”Punten wé abdi mah masih kénéh éling, teu kantos aya nu lepat.” Sigana Bu A téh keuheuleun pédah dijawab kitu, manéhna nga-SMS deui, ”Mun éling gé moal lieur ku nomer HP batur nu ngahaja dipupus ku sorangan,” cenah. Sim kuring ngabarakatak maca éta SMS téh da rumasa, mémang harita téh keur lieur téa ku nomer HP hiji jelema, teu pupuguh maké dijieun lieur nya, piraaning nomer HP, ménta deui wé atuh ka nu bogana, kawas nu leungit naon waé ah! Puguh ti harita mah nu boga nomerna jadi hésé rék méré deui téh. Tapi lami-lami mah abdi teu burung dipasihan deui ku anjeunna nomer HP-na. Matak ulah galak mupus jeung galak miceun nya ari nanaon téh.
ILMAN
IZZAN
***

Aya kituna nya eta Bu Guru, kabungbulengan ku no HP
Comment by gajahkurus — July 22, 2008 @ 8:53 am
Ah hiburan we atuh, Yi
Comment by pop — July 23, 2008 @ 12:32 am
Kabungbulengan ku Hp atanapi ku jalmina, anu ngageugeuh eta Hp……he he he he
Comment by nia — August 25, 2008 @ 6:20 am