Basa Sunda jeung Pangarang Tuturut Munding

Ku Popon Saadah
Ngolah basa jadi hiji tulisan anu bisa nimbulkeun pencerahan keur pamaca téh pancén para pangarang. Éta pancén téh kawilang hésé, sabab dina prosés kréatifna aya hal-hal anu kudu diperhatikeun tur dilaksanakeun. Salian ti kudu gugon kana aturan tulis-tinulis nu geus baku, hiji pangarang ogé kudu mahér tur parigel ngolah kecap, kalimah, jeung ungkara basa nepi ka jadi tulisan anu hirup sarta ngandung sugésti. Ku kituna dina nuliskeun gagasan-gagasanana kudu dibarung ku milihan kekecapan anu pangmerenahna pikeun ngawakilan kereteg batin jeung ide-idena.
Basa Sunda kawilang euyeub ku kecap jeung ungkara basa anu ngandung sugésti téa upama si pangarang bisa ngolahna. Basa Sunda kacida beungharna ku kecap-kecap anu bisa dipaké ngagambarkeun atawa nerangkeun hiji hal kalawan jéntré. Saperti dina ngagambarkeun gerakan leumpang hiji jalma, basa Sunda mibanda kecap-kecap: ngeteyep, ngalénghoy, ngagandeuang, ngiciprit, ngagidig, ngungkug, ngagégag, ngagéang, ngalanggéor, nyuruntul, nepi ka ngabecirna. Atuh seuri ogé dina basa Sunda mah réa rupana, aya imut, kéom, nyéréngéh, séséréngéhan, seuri konéng, seuri maur, nyikikik, nyakakak, ngabarakatak, ngahéhéh, ngagikgik, akey-akeyan, cicirihilan, nyeleukeuteuk, ceuceuleukeuteukan, anu dina basa Indonésia mah ukur diwakilan ku kecap senyum, tersenyum simpul, tertawa, tertawa terkékéh-kékéh, tertawa terpingkal-pingkal, tertawa lebar jeung tertawa terbahak-bahak.
Ku lantaran basa Sunda téh beunghar téa, asa ku kacida kuuleunana lamun aya pangarang anu ukur bisa niron jeung nurutan kekecapan anu geus meunang nyusun babaturanana, horéam ngotéktak ku sorangan ungkara basa lianna anu padahal mah ngaleuya jeung kawilang loba. Lain teu meunang nurutan da puguh basa mah milik saréréa, tapi cing atuh otak téh sing mencar, sing leuwih eksplore dina ngagali jeung ngolah basa téh ulah ngan wungkul nunutur bujur batur. Éta cenah baé téh teuing da basa mah teu meuli, justru ku lantaran teu meuli téa bakal kacida rugina mun kabisana ukur nyabetan kekecapan nu geus aya, mulungan ungkara basa meunang ngaracik batur téa. Nu kitu nu disebut pangarang kuuleun téh, mun ceuk basa légégna mah pangarang henteu kréatif!
Lamun batur geus nyieun judul tulisan ngagunakeun kecap Bumi misalna, sedengkeun urang ogé sarua rék ngabahas masalah éta, poma ulah sarua pisan kekecapanana, ari embung disebut plagiator mah. Kajaba lamun mémang urang can kungsi wawuh jeung can kungsi maca éta karya batur. Téangan deui kecap séjén anu ma’nana sarua jeung kecap bumi, saperti buana, dunya, alam fana, marcapada, buana pancatengah, jsb. Lamun batur geus nyokot judul laut dina karyana, teu kudu pipilueun maké kecap éta dina karya urang nu sarua témana. Matak naon téangan deui kecap séjén anu leuwih sugéstif, saperti sagara atawa jaladri. Loba pisan conto kecap anu ma’nana sarua tapi wangunna béda (sinonim) téh. Kapan kecap manusa gé sinonimna réa, bisa diganti ku jalma, insan, mahluk nu boga budaya, turunan Adam, umat, jsb. Ulah ieu mah unggal nyieun karya teu weléh nurutan sagala rupa anu geus ditulis ku babaturan. Naha teu hayang jadi pangarang anu boga ciri has? Naha teu hayang jadi pangarang anu boga gaya nulis nu mandiri? Naha teu hayang jadi pangarang anu nenggang?
Kapan geus kabuktian, yén karya orisinal leuwih luhur ajénna batan karya jiplakan. Najan ngajiplakna ukur saeutik, ukur palebah istilah atawa judul wungkul misalna, keukeuh wé nu ngaranna niron mah bakal leungit unsur orisinalitasna, anu hartina éta hasil pagawéanana bisa dibéré label karya tuturut munding! Éta téh kakara sarua palebah judul atawa istilah-istilah, komo upama ngahaja ampir sarua dina hal eusi, ngahaja sarua dina ngaran tokoh-tokoh carita, sarta ngahaja sarua dina palebah paguneman antar tokoh dina fiksi nu dikarangna, wah nu kitu mah geus meleg-meleg nurutan (niron) tur meujeuhna disebut pangarang kuuleun. Jeung anéhna téh pangarang tuturut munding mah langka nu rumasaeun kana kalakuan goréngna, asa heueuh wé éta karya téh karya tulén manéhna, hasil tina prosés kréatif dirina nu cenah leuwih ngalobakeun daya intuitif (ceuk pangakuanana)!
Ayeuna naon rugina keur pangarang anu diturutan ku pangarang plagiator téa? Kawasna rugi sacara fisik sih henteu, tapi rugi sacara psikis pasti aya. Karya aslina asa cambal mun kudu dijéntrékeun mah, sabab ungkara racikanana geus teu has deui, teu unik deui, teu arkhaik deui. Karyana geus mimiti belél, kliseu, jeung leungit daya sugéstifna alatan didaur ulang ku pangarang tuturut munding téa!***
ILMAN
IZZAN
***

Geuning sesah hoyong tiasa nyerat nu orisinil teh, kantenan kanggo sim kuring anu teu cukup elmuna. Dina kutrat-kotret heuheureuyan estuning kedah ningal bahan artikel nu tos aya, tiasa janten eta oge sami sareng niron sok sanaos henteu ditiron sadayana nu kaunggel dina eta artikel.
Kantenan nyerat dina basa Sunda kanggo sim kuring kacida sesahna, da puguh henteu biasa sareng henteu cukup elmuna. Padahal upami diemut-emut naon sesahna ngabasakeun basa sorangan? Tapi kanyataanna nu kaalaman ku sim kuring memang kitu, asana sesah hoyong ngucap ku basa sorangan, sok inggis, seueur kasieun, bilih kalah matak diseungseurikeun batur dina lepatna.
Ku kaleresan saparantos mendak ieu blog, sim kuring janten tambih resep kana artikel nu diserat ku basa Sunda. Utamana mah hoyong pisan tiasa ngucapkeun sareng ngalarapkeun basa nu merenah boh lisan oge tulisan. Hatur nuhun nu kalintang ageungna ku kajembaran manah nu gaduh blog, parantos nepakeun pangaweruhna dina olah basa Sunda. Ulah kirang-kirang ngahapunten ka sim kuring bilih dina hiji waktos, aya ucap, kalimah, oge artikel nu ku sim kuring kacomot
Comment by gajahkurus — July 22, 2008 @ 9:32 am
abdi mah kulantaran sanes pangarang, jadi teu tiasa ngomentaran……komentar iyeu mah nimbrung wae kanggo ngaramekeun…heu…heu…heu….
Comment by urang ozi — July 22, 2008 @ 9:10 pm
Teu kenging salempang teu kedah rumengkog, YI. Da bakal benten karaosna atuh antawis anu ngahaja nyomot sareng anu teu dihaja (kacomot). Anu dibahas di luhur teh pangarang anu ngahaja nyomot ide-ide batur bari mindeng. Ku emutan, Ayi mah teu aya cupat kana kitu, da urang mah teu biasa cumat-comot tea.
Comment by pop — July 23, 2008 @ 12:14 am
Fz, anu namina blogger mah sadayana oge tos kalebet pangarang. Tapi tenang we Fz, da nyerat mah tugas sadayana jalmi, asal nyeratna kedah nganggo etika sareng rambu-rambu. Ulah padu der bae!
Comment by pop — July 23, 2008 @ 12:17 am
Sampurasun… !
Langkung tipayun paralun anu kasuhun, wening galih anu dipamrih, hapunten anu diteda. Simkuring parantos kumawantun nganjang ka ieu Blog…
Waas maos rumpaka basa di luhur, saleresna abdi isin salaku urang sunda, kirang loma kana budaya sunda duuh.. asa dosa yeuuh ka karuhun sunda
Ah moal panjang carios, bilih salah kecap…tumbu laku kaukur ku umur, mawa seja panghegar manah nu bingah.. hatur nuhun…
Comment by on2hood — July 25, 2008 @ 11:22 am
Saderek On2hood, hatur nuhun kana kasumpinganana. Meni asa pendak sareng tukang pantun, wararaas….
Comment by pop_ice — July 28, 2008 @ 4:51 am
Tuturut munding mah atuh gambarna ku munding…..naha ieu mah bet gambar sapi sareng pedet? Atuh babasanna oge sanes tuturut munding tapi janten tuturut sapi atanapi tuturut pedet…..he…he…heh!!!!
Comment by CECE HIDAYAT LEUTIK TEA — August 11, 2008 @ 7:43 am
Alah eta Kang Cece meni telik. Batur mah da teu aya nu protes kana gambar teh. Bet abdi wae oge sadarna ayeuna, yen eta teh gambar sapi sanes gambar munding. Padahal eta teh kenging milarian ti google kalawan kata kuncina KERBAU. Naha nu kaluar bet pedet nya? hihihi…..
Comment by pop_ice — August 12, 2008 @ 4:41 am