Ekspresi narsis-ku

July 25, 2008

Seuri Heula

Filed under: Cutatan Sabengbatan

KKN
Iyem: “Kalah hayoh we dina telepisi ulah KKN. Tapi geuning Pa Lurah bet ngampihan mahasiswa nu keur KKN?”
Ijah: “Heueuh, gedebul wungkul. Teu ngarti uing ge.”

Mending Mayar
Kang Amad: “Bu Dokter, upami dicabut waos sabaraha ongkosna?”
Dokter: “Hiji mah wioslah 25 rebu.”
Kang Amad: “Janten upami dicabutna dua mah janten 50 rebu nya?”
Okter: “Upami dua mah tiasa langkung mirah. Pokona langkung seueur langkung mirah, malah tiasa haratis.”
Kang Ahmad: “Maksad Bu Dokter?”
Dokter: “Muhun mun dicabutna sadayana, bade nu ungger, bade nu nuju nyeri atanapi nu teu ku nanaon pageuh keneh, tiasa haratis.”
Kang Ahmad: “Tobat…!” Meding keneh mayar we ah tibatan haratis mah.”

Siberia
Guru: “Nandang, nagara Siberia perenahna di mana?”
Nandang: “Eu…teu apal, Pa!”
Guru: “Mun kitu mah di-PR-keun we!”
Basa geus nepi ka imah Nandang langsung nanyakeun ka indungna.
Nandang: “Ema, ari Siberia teh di mana?”
Ema: “Tuh Si Bi Ria mah keur nutu!”
Nandang kerung.

Satengah Yuta
Incu: “Abah, ieu artos teh mung tiasa maparin 600 rewu.”
Abah: “Ah embung sakitu mah!”
Incu: “Ditambihan atuh janten 800 rewu!”
Abah: “Embung!!”
Incu: “Ari keukeuh alim sakitu mah tah atuh satengah yuta kanggo Abah.”
Abah: “Tah lamun sakitu mah Abah daek.”

Panasaran
Waktu urut kabogoh meuli mobil, kuring kacida panasna. Harita keneh ngerewih ka salaki hayang dipangmeulikeun mobil, sanajan kumaha wae carana. Sabulan ti harita kuring meuli mobil. Jalan-jalan sukan-sukan. Waktu balik bingung… heueuh da meuli mobil teh apan ngajual imah.

Sajati
Abah: “Numutkeun salah sahiji katerangan yen sajatining hirup teh bisa kapanggih saenggeus nyaho sajatining paeh. Tah ayeuna Abah rek nanya ka hidep, na di mana ayana sajatining paeh teh?”
Incu: “Cetek, Abah!”
Abah: “Heueuh aya di mana?”
Incu: ” Di matrial Abah!”
Abah bari nyentak: “Naha?!
Incu: “Apan geuningan seueur jati di matrial Pa Haji, sok didamelan kusen atanapi panto.”
Abah: “Ampun… kiamat kaya kieu mah.”

Tina Barakatak Mangle No. 2179

5 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/07/25/seuri-heula/trackback/

  1. ha ha ha…..meni lucu etah barakatakna. Tapi bade aya pembetulan (naon bs sundana?), dina kalimat iyeu: dina judul panasaran…nu unina: Harita keneh ngerewih ka sakali hayang dipangmeulikeun mobil, sanajan kumaha wae carana. Tah kata sakali atanapi salaki???? punten correction…..

    Comment by urang ozi — July 25, 2008 @ 5:28 am

  2. Hapunten lepat ngetik. Ayeuna tos dilereskeun. Hatur nuhun kana koreksina.

    Comment by pop_ice — July 25, 2008 @ 6:34 am

  3. meni pinteran nyari ilustrasina…..atuda computer expert sih..

    Comment by fz — July 29, 2008 @ 1:55 am

  4. HA HA HA HA HA …: ) : )

    Comment by Nia — August 13, 2008 @ 1:51 am

  5. wa kakakakakkakak…..lucueeeeeeee

    Comment by nyi iteung — August 20, 2008 @ 1:09 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer