KaTePe
The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/07/31/katepe/trackback/
RSS feed for comments on this post.
Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>
Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer
wow ….look at this card,,,who do u think she is???
Comment by urang ozi — July 31, 2008 @ 6:58 am
Euleuh-euleueueuhhhh….. mani hebring eta member card GAN, abdi janten hoyong daftar! Sok atuh pangdaftarkeun da abdi mah kukulunuan di lembur awang-awang teh estuning gupuy-gapay pisan sapanggih-panggih bari jeung gaptek keneh.Untung aya nu ngaku ge, da teu ngabantun KTPAM (Kartu Tanda Padumuk Alam Maya). Ceu Popon mah mani binangkit sareng perceka geuningan, jaba tos kagungan kapling anu sakitu legana, diborong we sugan mah sadaya padataran di alam maya nu lega keneh teh,nya ?Agehan abdi,ah….!
Comment by CECE HIDAYAT LEUTIK TEA — August 19, 2008 @ 11:18 am
Sanes binangkit, Kang Cece, ieu mah ngamangpaatkeun sarana di sakola, meungpeung gratis, lebar atuh komputer diarantepkeun teu aya nu nyabak mah. Hayu atuh sarengan abdi aprak-aprakan di alam gaib, malaur teu aya batur. Tapi…abdi teu pisan2 ngaborong padataran alam maya ah Kang Cece, tenang lahanna ublug-ablag keneh pan, kantun purunna atuh. Sok atuh mana address blog Kang Cece, abdi bade nganjang, omat kedah disuguhan
Comment by pop — August 20, 2008 @ 12:12 am
aduh..eta kartu hebring pisan..
sigana bakal tiasa balanja gratis hehehehe
Comment by nyi iteung — August 20, 2008 @ 1:07 am
Hehehe….gratis mun dibalanjakeun barang-barang maya mah, bangsaning ID, blog, email, jsb.
Comment by pop_ice — August 20, 2008 @ 3:02 am