Ekspresi narsis-ku

September 2, 2008

Sombong Kapaksa

Filed under: Kolom


Gambar: dewo.wordpress.com

Ceuk sakaol, ciri has urang Sunda téh nya éta soméah hadé ka sémah. Dina harti nu leuwih jembarna, urang Sunda mah ka sasaha gé teu weléh daréhdéh, boh ka nu kakara wawuh komo ka nu geus loma mah. Ku kituna asa teu pantes lamun aya urang Sunda anu judes, kucem, jeung degig téh. Atuh mun aya urang Sunda anu tara pirajeunan nanya ka nu geus wawuh mun pareng panggih di jalan, bakal dipianéh, malah boa bakal dicap gedé hulu.
Hiji poé sim kuring kungsi ngalaman teu hayang nanya ka sing saha baé anu pasangrok di jalan pasampangan, tur teu hayang ditanya sarta sangheuk némbalan pananya batur nu pareng imahna kaliwatan. Kahayang téh ngaderengdeng wé ulah aya nu nalék ulah aya nu nakon saurang-urang acan. Paralun lain gedé hulu lain degig, da osok éta ogé uah-aéh ka nu geus wawuh mah. Harita mah pikiran téh bakat ku husu, sabab sim kuring keur ngalancarkeun diajar motor, da masih kénéh sok geumpeur jeung geugeumeueun mun di hareupeun aya kendaraan séjén atawa aya nu leumpang téh. Matak mun pangangguran luak-lieuk heula téh sieun ngagaléong mantén.
Padahal basa diajar di lapang sépak bola mah siga nu heueuh geus bisa, nu matak pindah ka komplék ogé. Ngan édas jalan-jalan di perumahan mah geuning médanna leuwih beurat batan lapangan sépak bola. Di komplék mah kudu ekstra ati-ati. Teu kaur manggih péngkolan lajuna motor téh kudu dikendoran ari hayang salamet mah. Kudu ekstra rancingeus jeung ekstra konséntrasi. Nu matak lamun sim kuring pareng keur kukurilingan maké motor di jalan-jalan deukeut imah kénéh sok jadi ngadak-ngadak sombong. Da asa ujug-ujug jegjreg beuheung téh, teu béda ti beuheung robot. Sigana tatangga nu kungsi pasarandog di jalan jeung sim kuring bakal nyarangka, yén ayeuna mah sim kuring téh jadi degig, ana paamprok jeung maranéhna jadi tara nanya, nyuruntul wé, ceuk paribasa téa mah kawas badak Cihéa. Da kungsi atuh, kuring ngaliwat ka imah guru ngaji nu sok mingpin pangajian ibu-ibu unggal malem rebo, kaparengan anjeunna aya di buruan bumina, ku sim kuring teu ditanya. Atuda sakalieun ngalieuk téh asa araringgis kénéh, paur tigebut atawa motor nabrak pager batur alatan sim kuringna balangah. Duka tah, anjeunna duka surti yén sim kuring teu nanya téh geugeumeueun kénéh, duka teu terangeun.
Poé Minggu harita téh, isuk-isuk. Kaayaan jalan-jalan di komplék sepi kénéh. Éstu pikabetaheun mun dipaké latihan maké motor kukurilingan téh. Harita gé sim kuring langsung ngabiur ngurilingan perumahan. Di hiji jalan pasangrok jeung jelema nu sarua keur numpak motor tur karérét keur mencrong bari ngajak seuri. Tapi sim kuring teu boga waktu pikeun ngabales seurina, sabab motor sim kuring majuna ngaderengdeng. Ngan haté nyarita sorangan, cekéng, mun teu salah mah éta téh murid sim kuring baréto. Jadi éta nu bieu ngajak seuri téh alumni SMP 4 Cimahi. Malah ngaran éta budak anu ayeuna geus bujang téh mun teu salah mah Édi. Teu kungsi diwaro éta budak téh, diantep wé. Na atuh pas nguriling deui manéhna aya kénéh, ngan ayeuna mah papaliwat. Karérét manéhna ngahaja eureun heula, tuluy nanya bari rengkuh hormat. Kadéngé manéhna nanya kieu, ”Dupi ieu téh leres kitu Ibu Popon?” cenah. Duh kayungyun ku rengkuhna. Tapi hanjakal manéhna nanya kituna téh di lebah jalan anu nanjak, motor sim kuring teu bisa eureun heula, dina bayangan téh mun eureun heula ieu motor nu keur ditumpakan paur nyorosod ka tukang, najan aya erém. Tungtungna ku kuring dijawab satengah ngagorowok, cekéng, ”Muhuunnn….lerees…..ke sakedap….” Bari tuluy sim kuring ngaderengdeng, niat teh rék malikkeun motor heula. Mun geus aya dina posisi anu merenah kakara rék disampeurkeun éta murid kuring baréto téh. Tapi basa ditéang ka jalan nu tadi si murid téh geus teu katingali tapak-tapakna acan. Teuing tuluy ka mana tah budak téh. Teu burung jadi pikiran, sieun manéhna salah sangka, sieun nyangka yén sim kuring téh ayeuna mah geus unggah adat, geus teu hayang maliré kana panaya batur.
Geus kitu sim kuring ngaliwat ka imah Bu Haji Oom, tatangga sajajaran imah sim kuring pisan. Manéhna keur aya di buruan, tuluy nanya, ”Néng, tos tiasa ngaboncéng teu acan?” Boro-boro hayang ngalieuk kuring téh, ngaderengdeng wé, tapi sempet kénéh ngajawab bari ngagorowok, ”Teu acaaannn, punten abdi moal ngalieueueukk….”. Duka kumaha réaksina dijawab bari ngagorowok kitu téh, mangkaning kangaranan ngajawab pananya kolot, aya bahan disebut culanggung ku nu teu apal kana kaayaan sim kuring harita mah. Cindekna unggal nu nanya sim kuring ti buruan imahna sok dijawab ku ngagorowok bari teu ngalieuk.
Ari gok téh jeung tukang cau langganan, kalah nyarita kieu, ”Ibu, badé ngersakeun atuh ieu cau saraé…” cenah. Ku kuring ukur diajak seuri. Basa sakali deui nguriling tuluy ngaliwat deui ka hareupeun si Emang Cau, nawarkeun deui manéhna téh, ”Mangga Ibu tinggalan heula geura ieu cau mani saraé kieu!” cenah. Beu!! Komo dititah ngilikan heula cau, bet ditanya sabener-bener ku kolot gé kuring téh euweuh waktu keur némbalna. ”Cicing Mang, keur diajar!” cekéng kapaksa digebés Si Emang téh, keuheul ku keukeuhna.
Jadi hayang geura ngaberengbeng ka jalan raya. Meureun di jalan raya mah moal aya nu wawuh. Ku lantaran teu warawuh, bakal bébas ngaderengdeng moal aya nu nanya. Kapan sok katingali di jalan raya mah kabéh arapi lain, pakia-kia, paharé-haré, aranteng lir keur aya di dunyana séwang-séwangan. Hanjakal can aya kawani, masih kénéh ngarasa lewang ari kudu nyorang jalan raya mah. Ngan meureun salila panyakit geugeumeueun can leungit ti diri sim kuring mah, wayahna wé kudu daék dicap sombong ku nu pareng papanggih di jalan bari warawuh. Hapunten ka sing saha baé nu kantos pendak di jalan anu ku sim kuring teu dirérét-rérét acan, éta mah da sombong kapaksa.

7 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/09/02/sombong-kapaksa/trackback/

  1. Ha…..ha……ha…….. yeuh aya saran ti sim kuring. di aussie lamun masih keneh diajar motor atawa mobil sok make plang nu didjieun tina karton atawa plastik kandel bari di tulisan L nu ditempelkeun di tukangeun jeung dihareupeun motor atawa mobil nu bisa katempo ku jelema.L teh nu hartina learning….jadi mun urang aya kasalahan dina nyetir motor atawa mobil nu narempo ngarti yen urang masih keneh diajar, eta teh wajib kudu make plang L da mun diajar teu make plang L bisa di denda mun katangkep ku pulisi. Tah kumaha mun di Indonesia nurutan kitu, jadi teu kudu cocorowokan ngabales batur nu nanya jeung moal di sebut sombong mun teu nembalan kanu nanya oge. Sok geura mimitian ku bu popon masang plang L atawa plang nu aya tulisan SEDANG BELAJAR. Good luck…

    Comment by urang ozi — September 2, 2008 @ 1:53 am

  2. hehehehe…..saran saderek nuju diemutan. Tapi da teu acan ilahar nu diajar motor nyanyandak plang di Indo mah. Kajabi upami kursus nyetir mobil, dina praktekna sok nganggo eta oge plang anu diseratan “Belajar”. Hatur nuhun.

    Comment by pop — September 2, 2008 @ 5:02 am

  3. mangsa kiwari aya keneh kitu badak cihea teh?
    asa maca dongeng Si Buntung Jago Tutugan ari aya tulisan Badak Cihea teh :-)

    Comment by Debu Jalanan — September 8, 2008 @ 4:28 am

  4. Sigana eta mah mung ukur aya dina paribasa wungkul Kang.

    Comment by pop — September 8, 2008 @ 6:16 am

  5. Weeeh….motorna hebat pisan. Eta teh nu tunggangna bu Popon? Gaya euy :-D

    Comment by gajah_kurus — September 23, 2008 @ 2:19 am

  6. tibaheula jaman sy sakola msh keneh ngabodor kang

    Comment by dede — October 27, 2008 @ 8:19 pm

  7. Kumaha bu .tos lancar ayeuna mah? iraha bade ngabonceng abdi?
    tapi tong ngangge geubis nya…

    Comment by tini rafiantini — May 13, 2009 @ 3:27 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer