Cucurut Cunihin

Geus jadi tradisi warga SMPN 4 Cimahi, ba’da lebaran téh sok ngayakeun acara halal bihalal (silaturahmi) di sakola. Biasana dimimitian ku upacara anu diluuhan ku Bapa Kepala Sakola, guru-guru jeung staf tatalaksana, ogé sakumna murid ti kelas 7 nepi ka kelas 9.
Sanggeus acara halal bihalal lekasan, murid-murid dibubarkeun. Guru-guru jeung karyawan TU mah neruskeun acara anjang sono ka bumina Bapa Kepala SMPN 4 Cimahi, Bapa H. Tonton Rustono di daérah Cibiru. Teu wudu di jalanna ngabring ngawangun iring-iringan (konvoi mobil jeung motor).
Nepi ka nu dituju, dibagéakeun tur dihiap-hiap ku pribumi. Saréréa hideng sorangan hempak dariuk dina karpét nu digelar di tengah imah. Ku lantaran warga SMP 4 téh tamplok kabéh ka ieu tempat, teu burung diuk téh pagégéyé. Rohang tamu jadi ngadadak heurin jeung sahéng ku nu récok. Sémah nu teu kabagéan lahan di jero imah, ngadon andiprek di luar dina téras. Tapi sigana leuwih betah nu diuk di luar, sabab bakal laluasa ngararasakeun angin nu ngahiliwir, batan nu dariuk di jero. Hawa di jero imah harita ngelekeb da keur meujeuhna panas poé.
Sim kuring diuk téh padeukeut jeung Bu Néti ogé Bu Kustinah lebah kénca, sarta Bu Tri jeung Bu Nia lebah katuhu. Kadituna dipisahkeun ku méja tamu, dariuk ngajréngjréng babaturan nu séjénna.
Acara dina ieu riungan can dimimitian. Sémah masih kénéh ngarobrol, béda gundukan béda téma obrolan. Tapi dahareun mah ti tadi ogé geus disuguhkeun, bangsaning kuéh lebaran, kuéh hahampangan, manisan balingbing, jeung aqua.
Nu keur aranteng nyarapék dahareun bari ngarobrol téh kagareuwahkeun ku polah Bu Kustinah anu élékésékéng teu genah cicing. Geus kitu manéhna ujug-ujug ngagurubug, tuluy ngudupung bari nyingkabkeun tiungna. Barang tiungna disingkabkeun, gurinjal téh cucurut ngagurinjal tina jero tiungna tuluy ngacleng lumpat muru Bu Nia anu keur émok nyanghareupan dahareun. Ningali aya anak beurit muru manéhna, kalawan réplék Bu Nia ngajéngkat nangtung tuluy gégéréwékan bari ajrét-ajrétan. Padahal cucurutna mah ngan sakilat terus kabur teuing ka mana jigna. Atuh nu haladir haliwu. Nu teu nyaho mimitina patingpolohok, naranyakeun aya naon-aya naon. Ari sim kuring nu apal pisan kana runtuyan kajadianana, bati seuseurian nepi ka nyeri kulit beuteung. Aya ku anéh éta cucurut, maké jeung hayang séséléké kana jero baju awéwé.
Ahirna Bu Kustinah pada nanya ku saréréa, kumaha mimitina nepi ka bisa kaasupan cucurut cunihin. Cenah mimitina mah karasa di jero bajuna lebah taktak aya nu uyek-uyekan. Sugan téh cenah leungeun Bu Néti iseng ngaheureuyan manéhna. Tapi pas dirérét Bu Néti mah keur jongjon nelepon tina HP-na. Tah kakara manéhna héran, naon nu uyek-uyekan jeung gagarayaman dina jero baju téh? Kacida reuwasna mah cenah basa nu di jero baju beuki rosa kakarayapanana, tuluy gugurubugan kana jero béha. Tah ti dinya Bu Kustinah langsung ngudupung bari mukakeun tiung, hayang ngaluarkeun mahluk nu keur gugurubugan di jero bajuna. Enya wé geus ngudupung mah geuning teu burung ngacleng tah si cucurut cunihin téh.
Atuh salila runtuyan acara ieu silaturahmi, katempo pikiran Bu Kustinah teu pati konséntrasi, meusmeus ngabirigidig, tuluy hulang-huleng, “Ah, abdi mah hoyong geura uih, hoyong geura ibak,” cenah bari bibirigidigan.
Ti mimiti acara ceramah nepi ka dalahar balakécrakanana sim kuring teu kuat nahan piseurieun. Kabayang waé adegan Bu Kustinah tadi, atuda éta kajadian téh katempo pisan ku panon sorangan. Asa lucu deuih, maké jeung aya cucurut sasab kana béha sagala. Sigana éta sakadang cucurut anu nuju anteng nyelegon dina sayangna téh, duka handapeun korsi duka di juru kolong lomari, kabaribinan ku para tamu anu récok ngarobrol patarik-tarik. Mémang teu pira, ukur sato leutik, da dimamana gé nu ngaranna cucurut mah moal aya nu badag. Ngan puguh ku leutikna téa anu matak awéwé loba nu ngarasa gila ku cucurut téh, kaasup sim kuring.
Nepi ka mulangna, dina mobil téh masih kénéh hayang seuri. Padahal mun éta kajadian tumibana ka diri sim kuring ogé, polah sim kuring moal béda ti kitu, boa bakal leuwih héboh ti Bu Kustinah.
Silaturahmi di bumi Pa Tonton taun ieu, diwarnaan ku insidén saharitaeun, insidén cucurut cunihin.
ILMAN
IZZAN
***

Padahal mah cucurutnya….ditinjek ge paeh, coba lamun nu asupna gajah …ha ha ha ha
Comment by nia — October 21, 2008 @ 4:20 am
Atuh da gajah mah moal tiasa lebet ka nu selempat-selempet.Ngan nu jelas gajah mah sok alimeun dipoto, duka ku naon
)
Comment by pop — October 21, 2008 @ 4:31 am
Soalna teu acan difoto tos nubruk…..ha ha ha
Comment by nia — October 21, 2008 @ 4:37 am
Tapi ada lho gajah yang tak pernah tabrak-tubruk. Bageur. Tapi ya itu….susah diambil gambarnya!!
Comment by pop — October 21, 2008 @ 4:40 am
oh kitu ….mau dong gajah bageur ….:d
Comment by nia — October 21, 2008 @ 4:42 am
Ha ha ha…….kacipta gugurubugan nana si ibu nu kaasupan cucurut, Tapi naha heran na aya cucurut di ruang tamu sanes biasana mah di dapur da seueur katuangan. kacipta nu saleuseurian oge sigana tepi ka rambay cisoca nya?………Coba mun aya nu nyandak video camera di abadikeun biasana pak wawan sok ngaabadikeun acara….
Comment by Fz — October 21, 2008 @ 5:15 am
Ieu riungan oge di-shoot ku Pa Tarmas, tapi leresan insiden cucurut mah teu sempet kaliput. Hanjakal nya…
Comment by pop — October 22, 2008 @ 12:05 am
Cucurut (= Cecurut?) kadaharanna teh sabangsaning serangga (= ???) jadi lamun asup kana baju meureun dina bajuna seueur kararangge kitu nya?
Comment by Tibelat — October 25, 2008 @ 1:24 am
hahahaha geuning cucurut oge cunihin.manawi teh jalmi ungkul
Comment by nety — December 18, 2008 @ 5:29 am