Ekspresi narsis-ku

December 1, 2008

Fungsi Permanently Offline jeung Ignoré dina Media Chatting

Filed under: Ngabejaan Bulu Tuur

Image Hosted by ImageShack.us

Ku Popon Saadah

Pikeun jalma anu resep ngalalana di dunia cyber tur resep ngayakeun interaksi jeung sasama chatter, media chatting di internet téh hiji hal anu kawilang penting. Media chatting ibarat rawayan anu ngahubungkeun maranéhna jeung nu séjén dina ngayakeun kagiatan mangrupa dialog atawa paguneman. Boh paguneman jarak jauh, antar kota, antar pulo, antar nagara, boh paguneman jarak deukeut (dilakukan ku dua chatter atawa leuwih anu diukna pagigir-gigir, atawa sasuhunan tapi béda rohangan).
Fungsi éta media ogé bisa rupa-rupa, gumantung kana niat para chatter. Naha éta media téh minangka jembatan pikeun ngobrol biasa, saperti ngawangkong ngalér ngidul teu puguh leunjeuranana, atawa ngobrol daria saperti konsultasi, tanya jawab, diskusi, gunem catur ngeunaan bisnis, jeung sajabana.
Nilik kana jihat praktisna éta média, bisa dipastikeun kagiatan chatting di internet beuki dieu beuki populér di kalangan para nétter. Prosés régistrasi anu gampil tur basajan (simpel), gratis, sarta bisa dilaksanakeun dina waktu iraha baé (fléksibel), mangrupa aspék-aspék anu ngirut (narik) para netter pikeun chatting.
Salah sahiji média chatting anu populér tur loba digunakeun ku para chatter di sakuliah dunya nyaéta YahooMessenger! (YM). Salian ti bisa chatting sakarepna, para chatter ogé bisa maluruh (eksplore) perkara sistem jeung aturan maén YM ogé fasilitas-fasilitas (fitur) anu disadiakeun ku ieu média. Éta fasilitas téh bisa dipaluruh dina folder YM ménu utama unggal id. Upama tulisan messenger dina list pangluhurna di-klik, bakal kabuka fasilitas-fasilitas anu nyadiakan rupa-rupa sistem sakumaha anu dipiharep ku nu “ngageugeuh” éta list.
Dina ieu tulisan urang pedar salah sahijina baé, nyaéta fasilitas anu bisa ngabantuan urang salaku chatter pikeun nangtayungan diri sorangan tina rupa-rupa polah chatter séjén anu teu dipiharep jeung teu dipikaresep ku urang.
Mindeng kajadian urang manggih batur chatting di dunya maya anu karakterna teu cocog jeung lelembutan, saperti réhé, umaing, ongkoh lalaki tapi biwir awéwéeun, ongkoh kolot tapi sifatna bubudakeun, gumasép, hayang kapuji, rungsing, épés méér, teu kaopan, jeung sajaba ti éta, sedengkeun id urang geus kagok aya dina list manéhna. Ku lantaran lamun dituluykeun chatting jeung manéhna geus kasawang bakal pirudeteun tur taya gunana malah réa rugina sabab sarua jeung miceunan waktu, urang bisa ngagunakeun salah sahiji fasilitas YM pikeun ngajauhan manéhna. Carana, dina waktuna urang keur online, ku urang diakalan sangkan dina list manéhna id urang katénjona offline. Ku kituna manéhna moal nyahoeun yén harita id urang keur hurung (online), disangkana urang keur offline baé. Unggal waktu urang bisa ningali manéhna online, tapi manéhna moal bisaeun nénjo id urang online.
Kumaha carana sangkan bisa kitu? Léngkah-léngkahna saperti dibéréndélkeun ieu di handap.
1. Posisi kursor (pointer) kudu pas aya dina id anu ku urang rék diakalan téa, misalna id gundah_gulana;
2. Klik tombol kursor anu katuhu. Geus kitu bakal tampil pilihan-pilihan anu ditawarkeun ka urang;
3. Pilih baé Stealth Setting. Sanggeus di-klik bakal muncul pilihan saperti kieu:
gundah_gulana sees me as:
• online
• offline
• permanently offline.

Lamun urang boga niat sangkan si gundah_gulana teu nyahoeun urang keur online dina waktu harita wungkul, bisa di-klik option offline. Tapi lamun urang boga niat sangkan si gundah_gulana teu nyahoeun unggal id urang hurung, bisa di-klik permanently offline. Sanggeus kitu id-na bakal katingali déngdék (nyangéyéng) dina list nu urang, sarta dijamin tiap urang online ku manéhna moal katenjoeun.
Kumaha lamun rék ngarobah deui sangkan urang katénjoeun online ku manéhna? Sabab sakapeung mah lumayan chatting jeung manéhna téh asa chatting jeung Si Kabayan atawa Mr. Bean, ukur dijadikeun dogdog pangréwong wungkul ku urang, pusing-pusing ogé misalna. Gampang pisan, klik deui baé option online, sarta id-na bakal robah tina nyangéyéng jadi ajeg deui dina list urang, sarta geus pasti id nu urang bakal katénjoeun deui ku manéhna dina unggal urang online.
Tangtu baé urangna kudu konsékwén. Lamun éta id geus didéngdékkeun, poma ulah pirajeunan ngajawab message (pesen) ti manéhna. Antepkeun tong diwaro, sanajan ketikanana murudul minuhan folder oge. Nyasat disangéyéngkeun id-na atuh ari masih kénéh hayang ngalayanan mah. Disebut nyumput lain deuih kitu carana mah, da ku nu lian mah bakal jelas katingalieun yén urang keur online, iwal ku id nu ngahaja didaréngdékkeun. Cara gawé Stealth Setting béda jeung invisible mode. Poma ulah nga-délét id manéhna. Upama id-na di-délét, urang moal bisa ngagunakeun sistem Stealth Setting kana éta id. Sabalikna tina sistem ignore.
Ayeuna kumaha carana upama urang hayang “najong” (nga-ignore) éta id sangkan teu bisaeun datang (nyampeurkeun) kana folder nu urang? Tah, lamun rék luluasan kitu, éta id anu geus kagok napel dina list urang téh kudu di-délét heula, lamun teu di-délét jelas moal bisa di-ignore. Lamun geus di-délét tina list urang, kari klik Messenger (di luhur beulah kénca dina list id urang), tuluy téangan sarta klik tulisan privacy options, klik deui ingnore list, dituluykeun ku ngetik id anu rék di-ignoré téa, upamana: gundah_gulana téa, klik deui ignore only the people below. Lamun jaringan internet katut komputerna kabeneran keur hadé kondisina, éta prosés “najong” id téh bakal gancang hasil (suksés). Sanggeus kitu mah insya Allah éta id moal bisa asup (ngirim pesen) tur ngaganggu deui kana kagiatan urang di cyber, hartina urang salamet tina saniskara tingkah polah goréng manéhna. Iwal ti lamun manéhna ganti id, maké id anyar.
Tangtu teu rugi teu sing nga-ignoré id nu pikakeuheuleun mah. Rugi soténan lamun kaleungitan id-id anu réa kontribusina kana kamajuan jeung kahirupan pribadi urang, nyaéta id milik pribadi-pribadi anu mun leungit téh matak melang matak nineung. Kawasna kana id jalma-jalma balageur mah boro-boro hayang nga-ignore urang téh, nu puguh mah dina keur off-na ogé mun pareng urangna keur online, teu weléh didago-dago hurungna bélaan nyeri beuheung sosonggéteun.
Kawasna deui, pamanggih tur seléra para chatter umumna bakal sarua, yén id-id anu matak lebar jeung nyaah temen lamun ngahaja didéngdékkeun, mana komo nepi ka téga nga-ignore mah, nyaéta id milik pribadi-pribadi anu soméah, handap asor, positif thingking, panceg tur pengkuh nyekel prinsipna, teu luak-léok kabawa ku sakaba-kaba, teu weléh ngajauhan pipaséaeun, tara ngagegedékeun masalah nu sabenerna mah ukur cékcék bocék pirudeteun, jeung sajabana. Sabalikna, ulah asa-asa nga-ignore id anu geus kasawang moal pimaslahateun jeung geus karasa loba ngadatangkeun picacapékkeunana.
Boh ngadéngdékkeun boh najong id hiji jalma, éstuning hak urang, teu meunang aya nu protés sumawonna ngahalang-halang.
Mangga atuh wilujeng nga-ignore baé, mugia suksés.

10 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2008/12/01/fungsi-permanently-offline-jeung-ignore-dina-media-chatting/trackback/

  1. wah..aru kinten2 musingkeun mah,jeung teu nyambung,atanapi buang2 waktos mah,medndingan di dellete bae.emang aya ym teh aya untungna aya rugiga,untungna upami pas tepang saren jalmi anu niatna silaturahmi,urang tiasa manjang janten baraya,atanapi tiasa saling tukar pendapat anu manfaat,rugina ,bahkan tina cyber urang tiaasa tepang silaturahmi di darat,rugina nya upami jalmian mung iseng2 ungkul,moal bakal tepang silaturahmi di darat,atawa nyumputkeun ka ayaan.anu rugina deui,,seur anu katipeng di cyber pura pura naku sobat,atawa babaryaan.anu akhirna urang ka jebak.,katipeng ,bahkan seur anu katipeng dugika materi.
    makana hati hati..di cyber teu sadayana jalmi janten babaturan,oge teu sadayana jahat,gumantung niatna,nu penting urang kedah waspada.

    Comment by moja — December 3, 2008 @ 1:26 am

  2. Saleresna mah rupi-rupi jalmi teh teu di dunya maya wungkul, da di alam nyata ge sami wae seueur jalmi nu pikasebeleun, pi rudeteun teh, Mung upami di alam nyata mah teu tiasa di ignore… atanapi di miringkeun.

    Comment by nia — December 4, 2008 @ 1:44 am

  3. Bade di dunya nyata bade di dunya maya, tetep koncina mah aya di urang. Dugi ka iraha urang sanggup ngaladenan nu kararitu? cape deeech……………!

    Comment by pop_ice — December 4, 2008 @ 5:50 am

  4. Gunta-ganti ID ge percumah lamun karakterna teu robah mah ;)

    Comment by saha we lah — December 9, 2008 @ 12:05 am

  5. Alhamduillah, mendak tutorial perchattingan nu mundel tur jentre pisan. Hatur nuhun bu guru, ku abdi dipulungan elmuna.

    Comment by gajah_kurus — December 11, 2008 @ 5:56 am

  6. Ari Ayi, nu kieu-kieu wae disebat tutorial. Nu kieu nu disebat ngabejaan bulu tuur teh.

    Comment by pop — December 15, 2008 @ 2:23 am

  7. uup..pasti atuh karakterna tetap kapendak.sok sanajan idna 1000 siki.
    wah emndingan EPG nya.

    Comment by Egp wae — December 18, 2008 @ 5:20 am

  8. ic ic

    Comment by msyani — December 24, 2008 @ 7:24 pm

  9. Coba deh terus sign in make nomor hp….masuk pesannya ke HP gitu lho…nanti akan ketahuan juga berapa banyak teman ol yang pake invisible mode ;) )

    Comment by Tibelat — January 13, 2009 @ 6:07 am

  10. Lah antep we atuh nu invis mah. Mending nyarumput ka dinyah, dari pada usil ka batur!!

    Comment by pop — January 13, 2009 @ 11:59 pm

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer