Amanat Abah

Ku Wawan Sudarwan
Basa panyawatna parna, Abah amanat panjang (wayahna macana calangap, ngacay nya jamak da Abahna ngan wasa wakca “A”).
Basana Abah: “Mangka apal kana papagah Abah, saacanna Abah mangkat ka alam barzah, nya. Talar na dada, awas balangah. Na mangsa harga-harga marahal matak jangar kana tarang, mangka pada-pada sabar nahan amarah. Pada-pada waspada ngajaga babarayaan. Awas salah jalan mabal kana kajahatan, mangka sabar, tambah-tambah katakwaan ka Yang Maha Akbar. Wayahna nahan kahayang, barang dahar saayana sawajarna. Balanja sandang pangan sarwa basajan pantang kana gagayaan hayang katangar kawas Acah tah, naha balanja bawang kalah ka Mal? Bawang atawa lalab-lalaban mah ka pasar rayat, Acah!! Salamah nambalang da ngarasa salah ngajak Acah ka Mal anyar.
“Pan Acah mah randa, Abah. Jamak lah hayang jalan-jalan ngarah rada janglar.”
“Dah, ka anggang-anggang! Jaba panas, hayang batal nahan hanaang?” Abah ngawakwak, Salamah sabar mangkat ka jamban basana mah.
Awas nya raksa raga sarta nyawa, bawa kana jalan halal, saban mangsa-mangsa amarah sasar, nya badan bakal nandangan lara balangsak, nyangsaya na panjara, acan jaga ka garang na naraka jahanam. Darajat jalma mah pan ayana na katakwaanana, balabahna, sarta talajakna ka sasama. Ahlakna taya cawadna.
Pangrasa Abah, alam bakal ngarandapan tahapan “Jaman Sangar” kawas na ramalan Jawa, jaman sarwa acak-acakan, balatak jalma ngahampas kana ajaran agama. Karaman ngagalaksak, rahayat katalangsara, ahlak jalma kawas hayam, sarakah kana barang haram.
Tina Mangle, No. 2204
Haturan Kang Budi nu sok resep nyarios calawak
ILMAN
IZZAN
***

Kang Wawan…sama saya mah da jarang yang nyapa “Abah”…banyaknya sama saya nyapanya Bapak ajah.
)
Ya kaga apa-apalah anday Kang Wawan nyambat saya Abah…kaga ada masalah, da saya mah kaga akan marah-marah, hanya akan ngacay saja saat akang ngabarakatak karna candanya tak dapat ngjak saya marahan nya
Comment by Tibelat — January 22, 2009 @ 7:08 am
Wayahna ada yang nyapa abah mah dan pantas lah, kan ada anaknya dan ada balad-balad yang banyak, pada nanya pangajaran tata dagang, dan macam2…
Comment by pop — January 23, 2009 @ 2:17 am
Saya kaga ngajar tata dangang….saya mah ngajarnya tata laksana cara dan catatan jang harta sarta pakaya yang can kabayar ka sasama.
Yaaaa….anak baraya saya banyak dan baradag, ngan aya hanjakalna kadang ada yang nakal da kaga ada yang ngawas kana kaayaan kawan-kawanna dan kahayangna ngan baranghakan saja
Comment by Tibelat — January 23, 2009 @ 5:43 am
Gajah awalna mah asa-asa macana, da langka aya naskah sabangsa Amanat Abah. Kata-katana banyak aksara A yang maksa gajah macana cacalawakan, dan maknanya sangat banyak manfaatnya.
Comment by gajahkurus — February 20, 2009 @ 8:14 am
Haha…aya gajah palay calawak. Mangga lah palay calawak mah da kagak mayar, sakahayangna. Ngan awas jangan ngacay sajah! saya sangat bangga kaanjangan gajah calakan.
Comment by pop — February 21, 2009 @ 1:11 am