Di Rumah Sakit

(Popon Saadah)
Raga nyangsaya na ranjang kalewang
ditilaman seprè simpè
disimbut ku rasa keueung
dibantalan sumorèang
Wirahma lèngkah nu laleumpang dina lulurung
èstu bareng jeung ketug jajantung
lir keur mirig rènghap napas
ngèngklokan nu humarurung
Antara nyanyautan jeung gulinggasahan
di rohang nu pangeusina teu leuwih ti saurang
tingkolèbat narèmbongan jirim nu keur padungdengan
Ceuk hiji jirim: “Lir dalitna ringkang jeung kalangkang, hirup jeung maot ukur kahalangan ku rèrègan mangsa jeung lalangsè waktu nu transparan.”
Dijawab ku jirim nu hiji deui: “Datang ka pawenangan saurang-saurang, mulang ka kalanggengan, ogè saurang-saurang.”
ILMAN
IZZAN
***

hatur nuhun bu, sae pisan sajakna
sim kuring dugi ka carinakdak…ras kana awak
awak nu langka nyaba ka tempat nu dipiheman ku nu Kawasa
ngarasa yen awak keur jagjag belejag hilap ka nu ngatur
Eta sajak janten panggeuing ka sim kuring…
nuhun pisan
Comment by gajahkurus — February 21, 2009 @ 7:57 am
ngiring prihatin, abdi nguping wartos, mugi2 kakasih salira nu nuju di RS, di pasihan kakiatan sareng kasabaran dina mayunan ujian ti Allah, sareng mugi2 anjeun oge di pasihan kasabaran dina ngamumule kakasihna………Semoga Allah memberikan kemudahan dalam segala hal boh ka pak Syam atanapi ka anjeun nyalira. Allah selalu bersama kita…. amiinnn
Comment by Fz — February 21, 2009 @ 9:20 pm
Waleran kanggo gajahkurus:
Sae mah henteu eta karya teh, lulumayanan bae kanggo baca-bacaeun tamba ngalamun.
Waleran kanggo Fz:
Hatur nuhun pisan kana dukungan morilna, pangdu’ana, sareng saneskantenna. Pituahna insya Allah bade dicatet dina ati sanubari.
Comment by pop — February 25, 2009 @ 12:54 am
Duuh punten abi teu tiasa masihan koment dina bahasa sunda nu sae, Sing enggal damang …, Ibu sakulawargi di pasihan kakiatan… Tong saredih wae akh…. Hadapi semua dengan optimis dan ambil hikmahnya OK. Punten bahasana siga es campur Oyen tea…. he he he
Comment by nia — February 26, 2009 @ 4:58 am
Hatur nuhun Bu Nia, abdi parantos dihibur, dirojong ku saran-saran anu munel, mugi kasaean rerencangan sadayana kenging pahala nu manglipet-lipet ti Nu Maha Kawasa.
Comment by pop — February 27, 2009 @ 2:06 am
Kumaha perkembangan nana ayeuna? mudah2an menuju ke jalan kebaikan. (I hope he is getting better).
Comment by si uwa — February 27, 2009 @ 10:54 am
Teh abdi nguping kabar cenah teteh nuju kapaptenan.akang teu damang.punten abdi teu tiasa ngalongkok,mung tiasa ngaduakeun,mugia sing enggal damang,oge teteh sakularagi sing di pasihan kakiatan kasabaran mayunan anu teu damang.
Comment by nety — March 7, 2009 @ 10:44 pm
Hatur nuhun Ayi Nety kana pangrojongna. Katampi pisan ku Teteh. Alhamdulillah ayeuna pun lanceuk parantos majeng ka damang. Barokah tina pangdu’a ti sadayana.
Comment by pop — March 9, 2009 @ 10:58 am
Teh abdi Pm.tos di buka teu acan.teu kenging hilap kaping 20.jam 6.30.di antos kasumpingan nana.
pasihan kabar saengalna nya abdi.
Comment by nety — March 12, 2009 @ 2:33 am