Ekspresi narsis-ku

February 21, 2009

Facebook

Filed under: Ngabejaan Bulu Tuur

Ku Popon Saadah

Ceuk informasi anu dicutat ku Republika, Minggu, 15 Februari 2009, Facebook (FB) tèh situs web jaringan sosial anu diciptakeun dina taun 2004 ku Mark Zuckerberg, lulusan Universitas Harvard, Amerika Serikat.
Kiwari ieu situs tèh keur meujeuhna populèr di cyber, dipikaresep ku pengguna aktif internet di sakuliah dunya. Bisa jadi populèrna ieu situs di jagat cyber tèh dilantarankeun ku: informasi ngeunaan FB anu terus-terusan (meuweuh) jeung ubyag diwawarkeun ku sawatara anggota hiji komunitas ka masarakat internèt, prosès registrasi anu gampil, fasilitas dina FB nu kawilang euyeub, jeung sajaba ti èta.
Upama nitènan fasilitas nu disadiakeun jeung cara gawèna, Facebook tèh teu pati bèda jeung Friendster. Ditilik tina pungsina, duanana mangrupa mèdia pikeun ngawangun hiji komunitas di internet, dina raraga ngayakeun interaksi atawa transaksi dumasar kana kabutuhan masing-masing individu. Dina FB di antarana disadiakeun fitur: Home, Profil, Friends, Inbox, Notifications, Phonebook, jeung Album. Upama urang hayang ngawanohkeun diri sorangan dina raraga promosi, urang bisa ngeusian biodata diri kalawan lengkep dina kolom Profil. Tuluy, lamun hayang ngajak babaturan supaya milu gabung kana FB tur id-na (nickname-na) asup kana list (daptar) babaturan urang nu geus milu gabung ti heula, kari tèangan cara ngondang jeung ngasupkeun id-na dina kolom Friends. Tah, mun pareng urang nu diondangna ku batur, kari klik kolom Request di juru luhur lebah katuhu. Sanggeus èta judul kolom kabuka, aya dua pilihan, naha èta nu hayang jadi babaturan urang tèh rèk ditarima atawa ditampik ku urang. Mun ditarima, klik confirm, sarta mun ditolak klik ignore. Lebah hayang ngèbrèhkeun, masang, atawa mublikasikeun poto, boh poto diri boh poto kulawarga atawa poto batur, urang bisa ngagunakeun fasilitas Album. Tiap judul kolom dilengkepan ku lahan pikeun mèrè atawa ngajawab komèntar. Saenyana taya hal anu bangga, èstu gampil pisan dina ngalakonanana, komo mun nu ngokolakeunana ninggang di para nètter profesional mah.
Perkara ieu situs aya mangpaatna atawa euweuh, èta mah lumpat deui kana pribadi-pribadi nu ngokolakeunana. Kapan nilik sisi positif jeung sisi nègatifna hiji hal tèh tara leupas tina niat mimitina. Ku kituna, dina lebah mangpaat henteuna, boh mèdia chatting boh wèbsite, atawa mèdia komunitas saperti FB ogè, kumaha niat pribadi nu ngokolakeunana. Naha èta mèdia tèh rèk dijieun alat pikeun nambahan babaturan, rèk dijadikeun tempat padungdengan ngabahas unggal permasalahan, mangrupa rawayan pikeun ngayakeun silaturahmi, atawa ngan ukur dijieun kaulinan wungkul dina raraga ngabunuh waktu?
Upama urang rèk pirajeunan nataan mangpaatna FB, ceuk sim kuring mah kawilang loba, saperti lobana fasilitas nu disadiakeun ku ieu situs:
Nu kahiji, ku milu ilubiungna urang kana ieu situs, urang bakal apal nepi ka bubuk leutikna FB ti mimiti cara gawèna nepi ka pungsina keur kahirupan sapopoè. Ninggang di guru jaman kiwari mah wajib nyaho kana hal nu kararieu tèh. Bisi hiji waktu ditanya ku muridna perkara FB, piraku kudu ngajawab “teu terang” mah, atawa piraku kudu ngajawab, “Kè heula nya, urang taroskeun ka operator warnèt!”
Nu kadua, di FB urang bisa nambahan kolèga, rèlasi, batur pakumaha, rèk nu saprofèsi, rèk nu bèda widang garapan. Naon rugina loba kawawuhan, malah bakal jadi hiji kauntungan, sabab bakal loba nu bisa dipèntaan tulung. Kapan ceuk rumpaka dina pupuh Pucung gè geuning cenah,

Utamana jalma kudu rèa batur,
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri,
budi akal lantaran ti pada jalma.

Tah ku lantaran loba kawawuhan tèa, urang bakal bisa ngayakeun kagiatan anu sipatna nguntungkeun masing-masing pihak. Misalna, pikeun jalma-jalma anu bèda widang garapan bisa silih simbeuh ku pangarti. Nu paham kana masalah tèhnologi informasi jeung tèktèk bengèkna bisa mèrè arahan ka nu teu apal widang èta. Anu tadina taram-taram kana masalah kasusastraan, sanggeus wawuh jeung nu resep sastra jadi kabawa resep tur weruh, yèn karya sastra nu hadè tur èndah tèh miboga pungsi ogè pikeun ngolah jeung ngalemeskeun rasa, jeung rèa-rèa deui.
Nu katilu, FB bisa dijadikeun ajang masarkeun produk pikeun produsèn atawa karyawan bagian marketing hiji pausahaan.
Nu kaopat, FB bisa jadi ajang rèuni, lamun pareng panggih jeung sobat-sobat urang barèto.
Nu kalima, FB ogè bisa mangrupa lahan paranti maluruh inspirasi pikeun bahan tuliseun, bahan diskusi, bahan naon baè dumasar kana garapan sèwang-sèwangan.
Unikna FB dibanding situs sèjèn, sifatna anu nèmbrak. Tiap anggota kumunitas ieu situs bisa nyaho kana kagiatan anu dilakukeun ku babaturan anu geus asup kana list manèhna. Teu welèh aya bèjana ka urang kagiatan nu dilakukeun ku babaturan dina FB mah, saperti kieu: tadi Si Dadap geus jadi babaturan Si Waru. Kamari Si Dadap ngaganti poto dina profilna. Cikènèh Si Waru ngagabung jeung komunitas Blok M. Dua jam nu kaliwat Si Waru nulis komèntar kana album anjeun. Jeung sajabana.
Tah ku lantaran sipatna nèmbrak tèa, euweuh nu dibuni-buni, komo disumput salindungkeun mah, pangaruhna kana kagiatan di jerona ogè jadi positif. Moal kajadian aya jelema anu nulis kekecapan mahiwal, lantaran tulisanana bakal kabaca ku balarèa (umum). Moal aya jelema wani ngajak pasèa, da pasti bakal kanyahoan ku sakabèh babaturan anu geus asup kana list-na, kajaba jalma anu nèkad meureun.
Ngan pikeun jalma anu karakterna teu resep kana hal nu sing sarwa nèmbrak jeung teu resep raramèan mah bakal ngarasa kaluman jadi anggota FB tèh, sabab teu bèbas nyarita (nepikeun kereteg hatèna) alatan paripolahna asa dimonitor jeung diponcongok ku umum.
Kaayaan di jero FB mungguh “haliwu”. Komo mun pareng muka kolom Friends mah, bakal muncul poto-poto babaturan ngadèrèdèd ngantay ka handap, aya nu keur molotot, aya nu ngajak seuri, nu jamedud waè aya. Beuki wè asa loba nu nyaksian kana saniskara rèngkak paripolah urang harita. Ceuk sobat sim kuring tèa mah cenah asup ka FB mah asa asup ka pasar, ramè. Nu matak manèhna mah asa-asa rèk ngagabung tèh, teuing naon sababna, enya pèdah ramè tèa meureun. Da manèhna nyaho ramèna suasana di FB gè tina FB babaturanana. Ka dieunakeun kakara kaharti tah alesan babaturan sim kuring pangna teu daèk gabung kana FB tèh. Sanggeus sim kuring ngagabung kana ieu situs, sok rajeun timbul rasa kaluman, kaluman mun panggih jeung jelema anu karakterna teu parok jeung lelembutan, karakter jalma nu deukeut-deukeut kana usil, umaing, guminter, jeung so filsafat ceuk barudak ayeuna tèa mah. Horèng teu di dunya nyata teu di dunya maya, watek-watek nu saperti kitu tèh pasti aya. Nya jalan hiji-hijina mah kudu diantep, mun urang diparengkeun panggih jeung nu kararitu, unggal manèhna nulis komèntar ulah pati diwaro, sabab geus kaerong moal aya mangpaatna.
Lamun tèa mah kiwari muncul komèntar anu nyebutkeun yèn ngagabung kana FB ukur miceunan waktu, ngaganggu kana pagawèan nu utama, sarta taya gunana sabab nu ditulisna ukur hal-hal teu pira, sah-sah baè tur aya benerna. Ngan tangtu baè hal ieu gè lumpat deui kana pribadi masing-masing jalma. Naha wall-na tèh rèk dieusian ku kalimah-kalimah anu ngeusi, kalimah-kalimah anu nadana umajak, kalimah-kalimah lenyepaneun, atawa nu hampos tamba teuing kosong?
Munculna pamanggih anu pro jeung kontra kana ieu situs bisa dilantarankeun ku cara nyawang tur wawasan jalma anu bèda-bèda. Ngan nu jelas, samèmèh mèrè komèntar kana hiji hal, naha perkara FB, FS, YM, jeung sajabana, leuwih hadè urang weruh heula kana bubuk leutikna èta hal nu rèk dikomèntaran tèa, ngarah teu kajadian debat kusir nu papanjangan, komo bari marebutkeun paisan kosong mah.

2 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2009/02/21/facebook/trackback/

  1. Rupina sagala rupi ge aya mangfaat sareung madorot nya bu … panginten tinggal urang na we kedah pinter ngokolakeunana. Upami pendak sareung nu teu dipikahoyong mah kantun tong diwaro we… piaraku ari teu diwaro mah capetang wae…. he he he( punten akh bilih aya basa nu lepat…maklum basa sundana tag teg tog )

    Comment by nia — February 28, 2009 @ 4:33 am

  2. Yah…nu teu parok jeung lelembutan mah lewat sajah!!!

    Comment by pop — March 7, 2009 @ 7:37 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer