Deudeuh teuing…
Deudeuh teuing sawah kuring
bangun nu ngahurun balung
bingung dibarung ku linglung
Sabab sakuriling bungking
dikepung pabrik jeung gedong
kaayaan jadi aheng
teu weleh gandeng harengheng
Sawah siga nu marudah
pare teu daekkeun gede
pundung taya nu malire
Taya bondol reujeung piit
nu sok rabeng bari ngawih
atoh nyanghareupan panen
taya bebegig ngarigig
da puguh manukna euweuh
saung ranggon kari ngaran
Hayang aya di bihari
jaman jumeneng nini aki
sawah ngeplak satungtung deuleu
estu matak deungdeuleueun
Tapi kuring aya di kiwari
moal manggih deui kamari
kawaas ukur waasna
katineung ukur nineungna
Deudeuh teuing anak incu kuring
leungiteun tapak karuhun
sawah nu kuduna diwaris
rea nu geus salin jinis
robah rupa jadi imah
jadi pabrik jeung pom bengsin
sarta jadi supermarket
Deudeuh teuing anak incu kuring
jaga bakal loba nanya
beas kumaha nyieunna?
sarta di mana pabrikna?
ILMAN
IZZAN
***

Deudeuh teuing anak incu urang, jigana moal kaalaman ku maranehna ancrub ka sawah bobolokot ku letak, moal ngalaman ngahembatkeun pacul nu nyeceb pageuh na leutak. Aneh ningali munding nu nungtun wuluku, aheng ningali nu ngagarisan sawah make garu. Bakal olohok mencrong nu ngalungkeun binih pitandureun, ngabarakatak nyaksian nini-nini nu naronggeng nyecebkeun binih, peupeureudeuyan mun seg neuteup nu ngarambet, ting haruleng ningal nu dibuat jeung nu ngirik, sumawona kacida heranna ningali pare nu robah jinis jadi beas alatan ditutu….Tah jang/nyi kitu prosesna nyieun sangu teh nu unggal poe dicelebekkeun ku hidep
Comment by gajah_kurus — April 18, 2009 @ 8:22 am
Abdi prihatin, barudak ayeuna seuseueurna mung wanoh kana hal nu serba instant, ku kituna teu patos ngahargaan kana “proses”. Nuhun pisan kana komentarna.
Comment by pop — April 20, 2009 @ 7:24 am
abdi mah meulang, seueurna patani teh tos sarepuh….saha anu neuraskeun tani nya?
Comment by Bambang — August 16, 2009 @ 4:09 am