Ekspresi narsis-ku

April 24, 2009

Kakerem

Ku Popon Saadah

Aya ku mindeng HP tinggaleun di imah tèh. Rumasa, atuda ari rèk indit ka sakola tèh sok loba bawaeun. Salian ti alat tulis, make-up inti, parfum, tisu, kacamata, ogè buku bacaan keur bacaeun mun pareng aya waktu keur macana. Jaba kudu nyiapkeun kaos tangan, kaos kaki, jèkèt, hèlm, jeung konci motor. Lat baè poho, HP can disakuan.
Barang nepi ka sakola, sup ka ruang guru. Capa-cipi kana saku, eueuhh… HP tinggaleun deui di imah. Angkeuhan tèh keun baè lah teu nyekel HP sapoè mah, ngirit-ngirit pulsa. Tapi teu burung loba ngahuleng di ruang guru tèh. Katambah poè ieu mah sim kuring teu asup ka kelas, da jam pelajaran basa Sunda diparakè ku guru-guru nu ngajar pelajaran nu di-UN-keun. Ngan tetep sim kuring kudu hadir, bisi aya barudak kelas F anu perlu ka walikelasna. Jadi lumayan salsè.
Korèlèng ka tukang, niat rèk ka cai. Kabeneran jamban tèh duanana karosong, pantona teu dikaronci. Sim kuring asup ka jamban nu kahiji, Beulah kènca. Brug nutupkeun panto anu otomatis ngonci sorangan. Di jero jamban èstuning tenang, taya sangkaan rèk hèsè kaluar, da geus apal, bakal gampang mukana deui lamun èta panto dibukana ti jero jamban. Biasana gè kitu, unggal poè tara boga masalah jeung panto jamban nu ieu tèh. Tapi geuning poè èta mah si panto tèh ngadak-ngadak hèsè dibukana deui. Ngonci sorangan. Lain bakat ku otomatis, tapi sigana èta konci panto tèh geus ruksak. Cindekna sim kuring kakerem di jero salila-lila.
Sim kuring geus uga-ugil, geus ngagujrag-gujrag gagang panto, rarasaan si panto tèh kalah beuki pageuh nutupna. Ya Allah, umur-umuran kakara ayeuna sim kuring ngalaman kakonci di jero jamban. Gusti Nu Agung, kumaha carana sangkan abdi tiasa kaluar? Gap kana saku baju, neangan HP, niat tèh rèk nelepon babaturan nu aya di ruang guru, rèk dititah nyokot konci panto jamban ka Pa Dadan (pesuruh sakola). Aèh, pan HP-na ogè tinggaleun tèa di imah.
Sakali deui sim kuring ngagujrag-gujrag panto. Si panto taya tanda-tanda bisa muka. Bingung. Kabayang mun sapoè jeput nepi ka peuting tur nepi ka isukna deui teu aya nu nganyahoankeun yèn sim kuring kakerem, aya bahan ngèndong di jero jamban. Mèmang teu sageumpeur mun urang kajebak dina lift, tapi mun teu bisa kaluar waè tèh, nya rugi wè nu aya, sim kuring moal bisa balik. Jaba awak geus mimiti cangkeul. Sakalieun hayang diuk gè kapan moal bisa di jamban mah.
Antukna, èra-èra gè sim kuring jojorowokan nyalukan Pa Dadan. Tapi can kadèngè aya nu nyampeurkeun. Duh, mun HP teu tinggaleun mah ieu masalah tèh bisa langsung kaungkulan ayeuna kènèh. Sim kuring jojorowokan deui. Kawasna kabeneran harita mah aya barudak nu ngalanto ka buruan jamban, da kadèngè aya nu tinggerendeng. Teu kungsi lila kadèngè sora lèngkah sapatu jeung sora barudak rècok, sada lobaan. Hatè atoh kacida bari surak, sabab geus pasti moal tulus ngèndong di jamban tèh. Barudak tinggaledor, kawasna keur neunggeulan gagang panto, tuluy gagang panto tèh digalujrag-gujrag bari angger rècok. Panto keukeuh pageuh. Ngan hatè geus tenang ayeuna mah, teu bingung cara tadi.
“Punten Ibuna minggir heula, panto badè didobrak,” ceuk sora budak lalaki rada ngagorowok ti luar. Sim kuring nurut, tuluy ngadon nyempod di juru jamban. Teu lila kadèngè nu mèrè aba-aba. “Satu…dua…tiga…. Baraakkk!!! Ahirna muka ogè si panto tèh, sabab nu ngadobrakna aya kana limaanana. Alhamdulillah, panto tèh rujad.
Barang bray panto muka, sim kuring kakara nyaho, horèng ieu kajadian tèh loba nu ngalalajoanan. Dirèrèt saurang-saurang, katempo murid-murid anu lolobana kelas 9 I bari marakè baju olahraga jeung lolobana lalaki tèh aya nu biwirna keur ngarenyu nahan piseurieun, aya nu nyèrèngèh, aya nu terang-terangan seuseurian, aya nu ukur mèsem.
Sabenerna sim kuring gè lain teu èra ku kajadian bieu tèh, mun kongang mah hayang beretek wè lumpat nyingkahan èta tempat. Hayang ngabecir ka ruang guru. Ngan piraku deui aya kolot lulumpatan beberebetan mah. Tungtungna sim kuring ukur bisa haha-hèhèh. Kapireng aya murid lalaki nu nyarita kieu, “Si Ibu kakerem hahaha…,” bari babarakatakan. Sim kuring bati seuri konèng dikitukeun tèh.
Coba mun harita HP teu tinggaleun mah, kakeremna sim kuring di jamban sakola moal kungsi gujrud. Tina ieu kajadian jadi boga kacindekan, yèn kiwari HP tèh geus jadi barang penting, nepi ka teu bisa jauh tina diri nu bogana.
Perkara panto nu rujad alatan didobrak ku barudak, keun wè antep ah urusan PKS sarana jeung prasarana èta mah, bongan geus wawanianan ngerem sim kuring di jero jamban.***

7 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2009/04/24/kakerem/trackback/

  1. ehm……karunya teuing si ibu…..Alhamdulillah aya nu nganyahoankeun………mun henteu……….ah alim nyiptakeun nana…..karunya……ehm…..

    Comment by urang ozi — April 24, 2009 @ 5:27 am

  2. leres2 pangalaman pikaseurieun plus pikasebeleun :)

    Comment by pop — April 24, 2009 @ 5:49 am

  3. emang tebih kitu ruang guru ka jamban teh? geuning kedah lulumpatan?……

    Comment by urang ozi — April 24, 2009 @ 5:55 am

  4. Kawitna mah caket. Ku margi ruang guruna direhab, ngalih nebihan jamban. Nu mawi ulah ngantosan kaberengseng bilih kawer-weran :)

    Comment by pop — April 27, 2009 @ 7:06 am

  5. ha….ha….ha….ha …..aduh jadi seuseurian sorangan…..

    Comment by si uwa — April 27, 2009 @ 8:55 am

  6. Ya Alloh… karunya teuing.tapi henteu pendak sareng…?
    sanaos teu aya hp..nanging gaduh keneh barudak..leres kitu?

    Comment by tini rafiantini — May 13, 2009 @ 3:16 am

  7. ya ampun ibu, iraha eta kajantenan nana? penagalaman baru nya bu…
    salam kangend kanggo sadaya guru di smp 4…

    Comment by irma — June 5, 2009 @ 1:29 am

RSS feed for comments on this post.

Leave a comment

Line and paragraph breaks automatic, e-mail address never displayed, HTML allowed: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <code> <em> <i> <strike> <strong>























Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer