Para Photografer Komersil

Ku Popon Saadah
Bungah pisan basa Si Cikal tamat kuliah teh. Reueus boga anak bisa ngahontal cita-citana kalawan lungsur-langsar. Atuh dina raraga ngareuah-reuah jeung ngistrenan para lulusan, sim kuring salaku kolotna diondang ku pihak Politeknik Pos pikeun ngahadiran pelantikan para wisudawan di Sasana Budaya Ganesha ITB.
Teu loba tatahar. Malah teu mawa kamera-kamera acan, da can boga harita mah, keur mah can pati resep putrat-potret kawas ayeuna. Teu bebekelan sangu deuih. Asa barabe kudu angkaribung mawa timbel mah, angkeuhan teh da lain rek nyaba ka leuweung ieuh. Sakalieun lapar mah kari jajan atawa nyimpang heula we ka rumah makan.
Gancangna carita, sim kuring sakulawarga geus nepi ka palataran Sabuga. Teu wudu ieu tempat rame ku jelema, padahal harita teh kakara jam satengah tujuh isuk-isuk. Mobil para wisudawan geus ngajengjreng di tempat parkir. Jelema ngagarimbung di unggal tempat bari papakeanana singsarwa gandang. Nu dagang bubur katempo pakepuk ngaladangan nu can kaburu sasarap heula di imahna. Para padagang lianna keur saribuk deuih, dadasar, kawas nu hayang paheula-heula beres, tayohna sieun kaburu ngabrul manten nu daratang ka eta tempat.
Sim kuring, bapana, Si Cikal, Pangaisbungsu, jeung Si Bungsu caricing heula dina mobil, bari meresan barang nu rek dibawa ku Si Cikal ka jero aula. Ku lantaran Si Cikal mah sapopoena dijilbab, jadi rek diwisuda teh teu kudu dangdan sataker kebek. Cukup make kabaya jeung sampingna, buuk teu kudu disanggul da make tiung tea.
Katempo ti jero mobil tukang poto riab tingkuriling neangan mangsa potoeun.
Si Bungsu geus teu sabar, ngagugujeg hayang geura ka palataran aula, sabab katempo ti tempat parkir, di buruan aula teh loba pisan nu dagang, ti mimiti cocooan barudak nepi ka buklet kekembangan keur haturkeuneun ka para wisudawan. Pikeun ngarepehkeun Si Bungsu, ahirna kabeh kaluar tina mobil.
Ngan edas, aya atoh aya reuwas, ujug-ujug rob teh tukang poto nyalampeurkeun ka sim kuring sakulawarga nu keur leumpang muru aula. Bari nalutur-nutur teh bari tingjaletrek, motoan kulawarga sim kuring nu keur anteng pairing-iring.
Kamera tukang poto nu jumlahna aya kana sapuluhna tingburinyay. Ngadak-ngadak sim kuring asa jadi selebritis, leuwihna ti eta asa jadi duta besar anu kakara mulang ti mancanagara, keur dirubung-rubung ku wartawan. Ngan hadena saurang oge taya nu haat ngawawancara.
Sim kuring ngaharewos ka bapana barudak, “Alah siah Bapa, kumaha ieu teh, geuning urang teh ngadon diparotoan?”
“Keun bae antep, lain kahayang urang,” tembal bapana bari seuri.
Tetela geuning kituna teh lain ka kulawarga sim kuring wae, ka batur ge sarua, tukang poto teh tingjaletrek, kawas nu keur lomba paloba-loba jeung pabisa-bisa motret.
Sup ka jero gedong, katingali para juru potret beuki meuweuh, asa diulangtaunkeun. Estuning ngaganggu pisan ka para wisudawan katut para tamu ondangan.
Teu ngarti ku pihak penyelenggara (panata calagara), naha bet diantep, tukang poto teh bet sina bebas pabuis jeung hadirin? Da eta we ti mimiti prungna acara pelantikan nepi ka dipungkasna, asa kalalaweur ku tingkah polah maranehna.
Ari sim kuring jeung bapana budak ngahaja milih tempat diuk teh di pangsisina, ngarah gampang kaluar tina jajaran lamun pareng hayang ka toilet. Tapi sidik lebah dieu pisan, posisi anu pangbabarina ditepungan ku tukang poto. Can ge lila diuk dina eta korsi teh, geus torojol tukang poto anu tadi motoan sim kuring jeung bapana di luar, mikeun hasil jepretanana bari menta duit panebusna. Tukang poto nu ieu mah teu burung disanghareupan kalawan daria, da memang sim kuring ge perlu ku eta poto teh keur kenang-kenangan. Creng harita keneh dibayar.
Teu kungsi lila, torojol deui tukang poto sejen. Sarua ngasongkeun poto kuring jeung bapana basa keur aya di luar, bari menta duit panebusna. Nu ieu ge kapaksa ku kuring dibayar, da era ari kudu patorong-torong mah, jaba hareupeun, gigireun jeung tukangeun teh rempeg tamu ondangan wungkul, anu keur jongjon merhatikeun lumangsungna upacara pelantikan.
Ari sugan lalakon ditagih ku tukang potret teh rek anggeus nepi ka dinya, horeng rabul keneh tulang potret nu rek nepungan sim kuring teh. Teu sirikna sapuluh menit sakali sim kuring ditepungan ku tukang poto anu jelemana beda-beda. Jeung keuheulna teh teu beunang dimoal-moal, maraksa pisan. Antukna sim kuring jeung bapana jadi keuheul, da keur nanahaon atuh nebusan poto anu rupana kitu-kitu keneh, boh baju nu dipake boh pose kuring jeung bapana dina unggal poto meh taya bedana. Jeung keur naon nebusan poto loba-loba teuing?
Bapana budak gegelendeng, “Da Si Mamah mah unggal nu nyampeurkeun diladenan wae. Mun antepkeun ulah diwaro!”
“Atuda isin ku nu sanes ari kedah patugeng-tugeng sareng maranehna mah, Pa!” cekeng.
Pikiran teh jadi teu husu kana acara nu keur lumangsung. Rek pindah diuk ka lebah tengah, teu manggih korsi nu kosong. Keuheul kacida, komo barang ras inget duit tina dompet geus murudul dipake nebusan poto nu kabeh ge rupana sarimbag pisan.
Sabot mikir kitu geus torojol deui aya nu nyampeurkeun. Geus moal salah deui, tukang poto nu menta tebusan. Ku lantaran nu ieu mah budak keneh, taksiran sakolana ge masih keneh di SMP, sim kuring wani nolak.
“Moal ditebus, Ujang! Tuh tingali ieu ge geus sabebed beunang nebusan. Keur naon loba-loba teuing?” Ceuk sim kuring. Geuwat si budak teh ngaluarkeun jurusna, lumengis hayang dipikarunya, “Sing hawatos atuh Ibu ka abdi.” Cenah.
Ana gantawang teh bapana budak nyentak, “Dititah ku saha atuh barina ge moto Bapa jeung Si Ibu? da teu menta dipoto ieuh di dieu mah!” Ngadenge kitu sim kuring rada reuwas. Kawasna eta budak ge nyeri hate. Kalawan teu disangka, lung poto nu lobana 3 lambar teh dialungkeun ku manehna kana lahunan sim kuring, pok manehna nyarita, “Mangga atuh tah masihan!” cenah bari ngaleos. Teu burung hareneg dikitukeun ku tukang poto bari budak satepak teh. Sim kuring jeung bapana bati ngaharuleng. Sabot ngaharuleng kitu geus torojol deui tukang poto nu sejen. Cara tadi deui, mikeun poto bari menta duit panebusna kalawan keukeuh (maksa). Dasar bapana, mun geus datang piambekeun teh sok pikaseurieun. Mireungeuh aya nu datang deui bari maksa tea, jung nangtung bari ngodok dompet tina saku calanana.
“Sok daratang kabeh ka dieu tukang poto teh, ku aing teu burung diduitan kabeh!” Ngadenge kitu tukang poto bati olohok, tapi teu burung duit panebusna ditampanan. Hate nu keur keuheul ge jadi hayang seuri nempo kitu mah.
Basa acara geus rengse sarta geus araya deui dina mobil, pangangguran ku sim kuring diebrehkeun poto nu sagepok teh ka Si Cikal. Manehna olohok bari nyarita, “Ya Alloh Si Mamah….” Cenah. Mun leukeun diitung, geus aya kana ratus rebuna duit nu dipake nebusan poto teh.
Torojol Pangaisbungsu jeung Si bungsu nu kakara balik ti toilet nyampeurkeun bari hariweusweus. “Mamah, di emper aula aya keneh poto mamah sareng Bapa dijajarkeun ku tukang poto. Bade ditebus moal?” Tanya Si Pangaisbungsu.
“Montong! Hayu urang baralik!” tembal bapana budak semu nyentak.
Kabeh ngagugu da geus pada apal kana adat-adatan bapana.
Eta mah sajajalan teu eureun eureun bapana nyieun rencana keur taun hareup. Cenah, mun Si Aa (anak kuring nu kadua) diwisuda deui di dinya, rek diakalan. Ti imah rek mawa baju salin. Keun bae loba dipotoan di luar gedong ge, da geus di jero gedong mah bapana rek ganti penampilan cenah, ngarah tukang potret panglingeun. Ku kituna moal aya nu rabul nitah nebus poto cara ayeuna da kabeh kalinglap. Nepi ka kituna tah ngunek-ngunekna bapana barudak ka para photographer komersil teh! Nepi ka ayeuna poto sim kuring jeung bapana budak basa dipoto paksa di sabuga masih keneh ngabugbrug dina lomari.
ILMAN
IZZAN
***

Aya ku kituna na nya …etah jalma2 keur neangan kipayah, kumaha mun ti ngawitan tong dilayanan, pura2 wae, bilang maaf aja…. sigana arambeukeun moal tah tukang2 potret teh mun teu ditebus hasil potretan nana….
Comment by si uwa — May 24, 2009 @ 11:19 am
Congratulation kanggo si cikal..mudah2an di successkeun sareng digampilkeun sagalarupina. Eh kumaha pak Sam cios nyandak salin teh nuju wisudana putra nu kadua sanes tos wisuda oge? Selamat ah kanggo putra putrina nu tos selesai kuliahna…
Comment by fz — May 24, 2009 @ 8:32 pm
Hatur nuhun kana komentarna. Hatur nuhun oge kana du’ana kanggo Si Cikal. Taun payunna kaleresan pun anak nu kadua diwisudana di UPI. Benten lalakon. Di UPI mah teu patos seueur tukang poto komersil, malihan mah asa jarang mendak di UPI mah.
Comment by pop — May 25, 2009 @ 5:09 am
geuningan janten selebritis teh repot nya… sigana upami tukang poto posisina siga ibu..kumaha nya? aya taktik khusus…wilujeng
Comment by tini rafiantini — July 1, 2009 @ 2:35 am