Ekspresi narsis-ku

June 9, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 17

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-17 (Tamat)

Ti dinya mah teu papanjangan deui. Ngan ti saprak dulur-dulurna abreg-abregan di imah Pras, kuring jadi horéam ngalanto kaluar. Horéam palebah némbalan mun pareng aya nu nanya. Sok tara pati kaharti. Najan nanyana maraké basa Indonésia gé keukeuh wé teu pati jelas kadéngéna da kentel teuing logat Batakna. Komo mun ngobrol jeung Opung Boru mah, sok bari gegebegan, da panya téh nyarita bari ngambek, horéng mémang kitu logatna, siga nu ngajak paséa pasentak-sentak.
Peuting isukna, kira wanci magrib kolot, kuring keur ngopé ketikeun, kadéngé aya nu pupuntenan. Didéngé-déngé téh beuki dieu beuki récok sora nu pupuntenan di luar téh. Keun ah, sina dibuka ku Si Mamah. Kuring jongjon deui kana pigawéeun. Kakara gé gap kana komputer, Si Mamah geus nyusulan mantén ka kamar.
“Rin, naha teu ngabéjaan rék kadatangan ku pasukan Prasasti?” ceuk Si Mamah.
“Pasukan Prasasti kumaha?” Tanya kuring héran.
“Yu, geura di ruang tamu tingali,” ceuk Si Mamah bari metot leungeun. Kuring ngajéngkat satengah lumpat bakat ku hayang buru-buru nyaho, rék naraon maké jeung nyémah wayah kieu?
Srog ka ruang tamu teu burung olohok, sabab sémah téh geuning mani ngajéngjréng. Ti mimiti Pras, indung bapana, opung-na, namboru-na, amang boru-na, dulur-dulur misanna, Bapa Tua jeung Inang Tua anu kungsi besuk Pras ka rumah sakit ogé aya, kumplit. Ku lantaran loba nu teu kabagéan korsi, sawaréh dariukna andiprék di handap dina karpét. Kabéh ngabagéakeun kuring anu kakara kaluar ti kamar bari palahak-polohok. (more…)

Prasasti nu Ngancik na Ati 16

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-16

Balik ti rumah sakit téh awak Pras beuki begang waé, beurat awakna ngurangan opat kilo. Katempo beungeutna sepa kénéh. Daharna gé masih kénéh liwet beyé. Atuh cenah teu mirasa, hayang buru-buru bisa dahar sangu jeung nu lada-lada, jeung hayang geura nyieun tutug oncom.
Can bisa ngalantung di buruan da karasa laleuleus jeung laleneng kénéh cenah, kahayangna téh nyangkéré sapoé jeput dina kasur. Meusmeus Mah Ani gegeroan, nitah kuring ngabaturan. Mun kuring nyampeurkeun, Pras sok pindah ti kamarna ngadon nyangkéré di tepas dina korsi panjang bari lalajo siaran TV.
Kamari mah balik kuliah téh kuring nyimpang heula ka tukang bungbuahan, meuli buah jeung tomat, tuluy buahna dijieun jus, da Pras sok mindeng nyarita hayang nu seger-seger. Katempo manéhna atoheun diasongan jus téh, curinghak, tuluy disuruput nepi ka teu nyésana.
Poé ieu mah meuli jeruk jeung cau raja ceré keur manéhna téh, meungpeung aya kénéh duit sésa jajan. (more…)

June 6, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 15

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-15

“Oh ya? Sungguh pasangan yang serasi, selamat ya!” ceuk Margarét. Karérét ku juru panon perhatian Pras keur kamana-mendi, teuing ngahaja api-api teu merhatikeun, teuing mémang manéhna keur malaweung.
Ku kuring Pras dideukeutan, hayang ngupahan manéhna sanggeus nyaksian dialog Margarét jeung Fauzan cikénéh, anu ceuk kuring mah duanana gé ngabogaan sipat togmol jeung tara ngaragap haté batur. Cing atuh hareupeun nu gering mah Fauzan téh ulah sok hayang katanggar, maké jeung ngaku-ngaku yén manéhna pisalakieun kuring sagala. Mani optimis. Ari Margarét, karasa ti barang mimiti panggih gé, boh sikep boh caritaanana teu matak ngahudang simpati batur. Teuing ka kuring wungkul kituna téh, pédah kungsi kasaksian ku manéhna kuring jeung Pras reureujeungan.
“Pras, sok ébogkeun deui, ulah waka nyanda bilih karugrag,” cekéng bari ngagolérkeun deui bantal anu nangreu kana témbok dipaké panyandaan awakna. Manéhna nurut, posisi awakna ngagolér deui.
“Naha nya Rin, Mah Ani téh teu acan ka dieu waé?” Ceuk Pras.
“Aya peryogi naon kitu? Sok nyarios meungpeung aya kénéh Rin di dieu,” jawab téh bari angger nangtung gigireunana.
“Ah, teu aya peryogi nanaon, éta wé atuh sakitu tos siang teu acan jol kénéh.”
“Urang telepon atuh nya?”
“Mangga atuh, diantosan kituh ku Pras.”
Sajeroning kuring guntreng jeung Pras, Margaret jeung Fauzan caricing, narempokeun bari ngadaréngékeun. Ku kuring Mah Ani ditelepon ka imahna. Dina telepon mah teu kaciri buad-baeud jeung gudad-gadeud manéhna téh, malah sempet nganuhunkeun sagala pédah kuring geus daék nungguan Prasasti ti isuk-isuk. (more…)

June 2, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 14

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Popon Saadah

Bagian Kaopat belas

Isukna kuring nyieun stratégi sangkan indit ka rumah sakit téh teu bareng jeung Fauzan. Bakal kumaha réaksi Prasasti mun ningali kuring jeung Fauzan irid-iridan duaan ngabesuk manéhna. Najan nepi ka ayeuna Pras can kungsi kedal perkara kaayaan haténa nu sabenerna alias kemba téa, tapi beuki dieu asa beuki karasa, saenyana manéhna téh sok mindeng méré tanda-tanda, yén manéhna niat buméla leuwih ti misti.
Indit ka rumah sakit téh rék sosoranganan wé ah. Gampang nyieun alesan ka Fauzan mah. Mun manéhna nanyakeun naon sababna bet embung dibarengan, tinggal sebutkeun wé yén aya nu kudu dianteurkeun ka rumah sakit isuk-isuk kénéh pisan, sarta kabeneran euweuh titaheun. Atuh isuk kénéh téh kuring geus saged.
Cenah ceuk Si Mamah ngalongok mah ngalongok wé heula, ulah waka mawa dahareun, da Prasna gé can waka meunang barangdahar, iwal ti ménu anu disadiakeun ku rumah sakit. Kuring ngagugu, indit téh bari léngoh. Paling dina kantong téh mawa buku bacaeun, bisi di dituna rada lila, tamba kesel bisa bari maca.
Isuk kénéh mah suasana rumah sakit téh sepi jempling. Jelema teu pagaliwota kawas mun pasosoré. Leumpang gé laluasa pisan. Jaba ayeuna mah kuring geus nyaho di mana perenahna ruang Anyelir téh, euweuh acara kukurilingan heula.
Bébas pisan ngabesuk nu gering di ieu rumah sakit mah, pihak rumah sakit teu nerapkeun aturan anu ketat ngeunaan iraha-irahana pasén bisa dilongokkan ku kulawargana. Ku kituna nu rék baresuk katempo larsup, najan teu ngabring jiga pasosoré.
Rohangan tempat Pras dirawat keur dipél ku cleaning service. Kaambeu bau lisol mani segak. Kapaksa kuring ngadagoan heula di luar. Sanggeus téhelna garing kakara wani ka jero. Katempo Pras keur ngalempréh jeung diinfus kénéh. Euweuh nu nungguan. Tadi wanci carangcang tihang katingali Si Papap geus aya di imahna, sigana mah tunggu Pras téh rék aplusan jeung Mah Ani.
Ayeuna mah beungeut Pras rada getihan, tur kawas nu geus mimiti aya tanagaan pikeun cacarita. Basa disampeurkeun téh teu burung manéhna héraneun. (more…)

May 29, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 13

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian Katilu belas

Abong waktuna besuk, suasana rumah sakit keur kacida raména. Jelema pagaliwota antara nu rék asup ka jero rumah sakit jeung nu rék kaluar. Basa tepi kana koridor anu heureut jeung heurin ku nu laleumpang, kuring seselendep hayang geura gok jeung nu dilongok, jeung sieun kasoréan deuih.
Ceuk Si Bapa basa tadi ngobrol dina telepon, Pras téh dirawatna di ruang Anyelir lanté dua, kamar opat. Kuring ngagidig bari sakapeung tatanya ka nu kabeneran papaliwat, lebah mana ruang Anyelir téh perenahna.
Teu burung kapanggih, sanajan kudu ngalaman heula kukurilingan. Barang nepi ka rohangan nu keur ditéangan, héran, lantaran sarepi. Pantona ditutup, rékép deuih. Tuluy kuring nanyakeun ka suster nu keur dariuk duaan nyanghareupeun méja tulis. Bener, pasén nu di kamar opat téh cenah ngaranna Prasasti Siahaan ti Jalan Rajawali. Lalaunan pantona ku kuring dibuka. Enya wé, katempo Pras keur ngajoprak dina ranjang anu sepré katut simbut nu nuruban awakna sarwa bodas. Panonna dipeureumkeun. Keur tibra kitu?
Di éta rohangan manéhna sosoranganan. Ranjang hiji deui di sisi beulah ditu nu adek kana jandéla kaca taya nu ngeusian. Ari nu tarungguna ka marana? Si Mamah jeung jeung Bapa deuih, ongkoh tadi téh cenah milu nganteurkeun ka dieu, tapi geuning areuweuh?
Nu keur ngalempréh téh ku kuring disampeurkeun. Gék kuring diuk lalaunan dina korsi gigireunana hareupeun bupét leutik. Rét kana beungeutna, katempo kanyos jeung sepa. Leungeun kéncana diinfus. Haté ujug-ujug ngarakacak sedih. Puguh asa geus lila kuring téh teu panggih jeung manéhna, mani asa sono kacida. Gap leungeun kuring kana leungeun katuhuna. Horéng manéhna téh teu keur saré, da langsung nyah beunta. Rét ka kuring. Semu nu héraneun, kaciri teuteupna siga nu neges-neges jirim nu keur ngajegir gigireunana. Jelas pisan katempo panonna carelong. Basa pangangguran ku kuring dirérétan, talaga weningna mah aya kénéh, angger ngagenclang hérang, malah ayeuna mah asa beuki linduk…beuki liuh…
“Rin….” Cenah. Ukur sakitu nu kaluar tina biwirna. Didagoan sina nyarita deui, lebeng… Leungeunna nampanan leungeun kuring. Atuh kuring jeung manéhna jadi pacekel-cekel. (more…)

May 26, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 12

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian kadua belas

Cara sasari lamun pareng paséa jeung manéhna kuring sok embung ngéléhan. Harita gé SMS-na dijawab kieu, “Hatur nuhun kana pangrojongna!” Geus kitu mah jempé, HP kuring teu disada deui.
Ari sugan moal kieu jadina hubungan kuring jeung manéhna katut kulawargana téh. Asa jadi leuwih rumit masalahna batan kamari-kamari basa ieu haté keur ngalaman reyang-reying kénéh. Katambah ku posisi imah anu pahareup-hareup téa, jadi sagala réngkak paripolah kuring kasaksian pisan, teu bisa leupas tina panitén maranéhna. Lamun imah kuring jeung imahna pajauh mah, meureun ieu masalah téh moal sarongkah ayeuna.
Kacida embungna kuring téh ari kudu pegat silaturahmi jeung Pras katut kulawargana mah. Dihenteu-henteu gé maranéhna téh geus teu asa jeung jiga, geus asa dulur pet ku hinis. Kahayang kuring ayeuna, geus wé atuh Prasasti téh nganggap kuring adi tegesna, sakumaha kuring rék ngaku manéhna lanceuk pituin, moal dibéda-béda jeung lanceuk kuring nu dua. Najan hal éta téh (ngarobah rasa téh) hiji pagawéan nu bangga kacida.
Ka dieunakeun, Prasasti jadi langka katingali, siga nu ngahaja ngaringkeb manéh di imahna. Tara kawénéhan ngalantung di buruan. Geus sababaraha poé kuring teu nempo manéhna ngomé motor di térasna cara sasari. Posisi motorna teu robah-robah, angger kawas kamari ngajugrug hareupeun imahna. Haté jadi loba tumanya, ka mana atuh nya manéhna téh? Mani tara katempo ngalanto hareupeun panto acan ayeuna mah. Riweuheun ku tugas-tugas kuliahna kitu? Atawa boa-boa gering? Kuring ngarasa melang jeung hariwang, sieun manéhna kumaonam. (more…)

May 23, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 11

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-11

Kuring ngahuleng salila-lila. Kumaha pipikiran Fauzan nya, can disanggupan geus wawanianan bébéja ka indungna. Ari geus kieu rék kumaha? Manéhna mani yakin pisan kuring bakal nyanggupan. Aya-aya waé, ku teu anggeus-anggeus atuh nya kabingung téh, torojol deui torojol deui.
“Gugu wé atuh Rin sakali-kali mah kahayang Fauzan téh, karunya,” ceuk Si Mamah, basa ningali kuring ngahuleng kénéh.
“Jeung Mamah mah asa kaluman ngabandungan masalah Rin téh. Hantem wé haté Rin reyang-reying dibibingung ku sikep Pras jeung Fauzan. Rék nepi ka iraha? kaburu huisan mantén. Ayeuna mah ieuh kudu aya kawani nyieun kaputusan sorangan geura, ulah sieun ku résikona, sabab unggal kaputusan nu dipilih pasti aya résikona. Lamun ayeuna Rin milih Fauzan, hartina Rin geus maju saléngkah dina ngungkulan hiji masalah, sarta geus siap nyanghareupan sagala résikona téa.” Ceuk Si Mamah.
Tah dumasar caritaan nu éta, nu kaluar tina biwir indung sorangan, jadi teteg haté téh. Ah, rék léah wé ayeuna mah, nyanggupan pangajak Fauzan, ngahadiran acara wisuda manéhna. Sugan heueuh kuring téh kudu wani nyieun putusan sorangan.
“Damang, Kang?” ceuk kuring, ngamimitian ngajak nyarita ka Fauzan dina telepon.
“Alhamdulillah, samulihna Rin kumaha damang?” Jawab manéhna ti peuntas ditu.
“Saé,” cekéng.
“Ka mana waé atuh salami ieu téh? Mani téga, angkat-angkatan téh teu wawartos heula ka nu mikamelang. Pikahariwangeun pisan. Kumaha parantos diaos serat ti abdi?”
“Atos,” jawab téh. Anéh, teuing pangaruh naon, ayeuna mah kuring jadi teu bisa nyarita papanjangan, najan ukur dina telepon, najan teu bari adu hareupan.
“Kumaha, kersa teu ngahadiran acara wisuda abdi téh?”
“Insya Allah.”
“Ya ampun, leres ieu téh? Nu leres Rin? Rin kersa nyarengan abdi? Awas ulah ngabohong!” cenah.
“Har, naha maké kedah ngabohong sagala?” Jawab kuring.
“Alhamdulillah Gusti, du’a abdi sareng pun biang téh diijabah geuning,”ceuk manéhna deui. Kuring ukur seuri, ari Fauzan ku teu robah-robah, sagala rupa téh sok bruk-brak. Tara bisaeun nyumputkeun semu, boh dina kaayaan keur susahna, komo dina kaayaan keur bungah mah. (more…)

May 18, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 10

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-10

Untung rencana liburan di dieu téh ngan ukur saminggu. Teu kacipta kumaha keselna lamun ditambahan jadi sabulan atawa sataun. Anu tadina niat rék niiskeun pikir téh geuning kalah beuki rosa guligahna, ninggang kana paribasa titirah ngadon kanceuh.
“Nyai…., heukeug… ka dieu, ulah numpi waé di enggon!” kapireng Nini gegeroan ti tepas.
“Ka dieu geura yeuh aya pencok hiris pangirim Bi Mimi,” cenah deui. Kuring nu keur gogoléran bari ngahérang téh hudang, niat rék nyampeurkeun nu ngagentraan.
“Bari bawa pisin jeung sendokna!”
Atuh ti lawang kamar téh ngaléos heula ka dapur.
“Sok ngawadahan sorangan,“ ceuk Nini kénéh sanggeus kuring diuk nyanghareupan pencok nu cikur jeung bawang bodasna kaambeu pisan seungit awun-awunan. Nepi ka ngaruy létah téh.
“Disanguan geura, jung nyokot heula sanguna,” cenah.
“Henteu ah, hoyong ditambul,” cekéng bari ngedukan pencok hiris anu reunceum ku réndos céngék beureumna maké séndok tina rantang.
“Ulah loba hulang huleng ieuh, ulin anggur mah jung ka ditu ka Putrajawa atawa ka Lemburtengah ka Mang Opan.”
“Ah, teu aya réncang, Ni,” cekéng bari seuhah, da pencok hiris téh ning lada pisan.
“Hampura wé di dieu mah tara aya nanaon, ukur kadaharan kawas kieu.”
“Puguh nu kieu karesep abdi mah, asa seger. Di Bandung mah sesah milari hiris téh, bet di supermarket gé tara aya.” Nyarita kitu téh bari cacaleuhakan. Asa ni’mat, ku lada mah asa enyaan beuntana panon téh, matak ngadak-ngadak cageur nu keur lieur. Kojéngkang nyokot heula gelas dieusi ci entéh dina luhur bupét urut nginum tadi.
“Heueuh naha atuh kawas nu nguyung, teu bérag cara biasa?” Ceuk Nini.
“Atuda ditaringgalkeun ku Si Mamah sareng ku Si Bapa,” cekéng, bari andiprek deui dina samak, niat rék meakkeun pencok hiris téa.
“Alah kawas bolon waé piindung, sakitu téréh panganténan téh,” cenah.
“Hehe..saur saha téréh? Lami kénéh Ni, calonna ogé téu acan aya,” jawab téh.
“Hih, ari budak lalaki nu hareupeun imah téa ka mana? Lain éta calonna téh?” cenah. Aéh-aéh naha kolot téh mani merhatikeun, ari sugan geus pohoeun deui.
“Duka atuh, Ni. Sigana manéhna téh teu bogoheun ka abdi mah,” cekéng bari seuri.
“Naha?” cenah semu héran.
“Nya hoyong ka nu geulis meureunan.”
“Ah siah, sok nyanyahoanan. Kapan incu Nini nu ieu gé kurang kumaha antieumna,” ceuk Nini deui. Hemm…antieum…bisa jadi éta mah ukur ngahibur haté kuring wungkul. Ari nu meunteunna Nini sorangan mah di mana-mana gé tara obyéktif.
“Éh Ni, kénging teu abdi curhat?”
“Naon? Curhat? Naon ari curhat téh?” cenah bari kerung.
Éh, poho, rarasaan téh keur ngobrol jeung Si Mamah. Naon atuh nya Sundana curhat téh?
“Abdi badé nyuhunkeun bongbolongan ti Nini, meungpeung di dieu,” cekéng.
“Sok atuh, rék ngumaha perkara naon?” cenah.
“Kieu, upami Nini dipiwarang milih hiji ti antara dua barang, sedengkeun éta barang téh sami saéna, Nini badé milih nu mana?” Tanya kuring. (more…)

May 15, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 9

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-9

Kawasna geus salah tapsir kuring téh, salah tapsir kana sikep katut réngkak paripolah Pras sapopoéna ka kuring salila babarengan taun-taun. Peuting ieu lalampahan kuring nyukcruk jeung ngajugjugan hiji haté, mapay-mapay raratan hiji sukma, geus nepi kana hiji kacindekan, yén tétéla ieu diri téh cau ambon dikorangan, da manéhna mah geuning teu mikir-mikir.
Sukma kuring karasa pisan capéna, lungsé, lir nu mulang ti panyabaan anu kacida jauhna, leumpang teunangan bari léngoh. Asa nahnay jiwa téh. Geus jéntré geuning, kuring téh lain “arkéolog”, lain ahlina nyurahan simbol-simbol nu aya di diri anjeun sakumaha ahli purbakala nyurahan batu patilasan, Pras!
Ku kituna kuring kudu gancang sadar, ulah kalalanjoan mikiran anu lain pikiraneun, ngarep-ngarep nu éstuning lain arep-arepeun. Kuring kudu bisa ngabébérés haté, nata deui rasa, mupus jirim katut sukma manéhna tina file husus di dasar haté nu pangdasarna, najan hal éta téh lain pagawéan méméh mumuluk tangtuna gé. Kuring kudu gancang ngarabutan kembang-kembang kahéman jeung kamelang, anu geus kagok nyaliara téa dina jero dada. Mémang moal ujug-ujug bisa leungit sapada harita éta kabéh téh. Tapi ari ku dileukeunan mah disieuh-sieuhkeun unggal poé, sigana teu burung lipur jaga gé haté téh.
Jorojoy hayang titirah ka Limbangan téa. Sanajan kamari-kamari mah nyarita ka Fauzan rék indit ka lembur téh ukur alesan, ayeuna mah asa hayang dienyakeun. Kabeneran minggu hareup téh euweuh jadwal kuliah deuih, da minggu kamari kakara bérés UTS. Susuganan geus aya di ditu mah haté téh kabrangbrangkeun saheulaanan, sabab jauh ka ditu ka dieu, jauh ka Fauzan jeung jauh ka Prasasti, jauh tina sumberna marudah jeung bibitna guligah. Rencana téh duanana gé moal dibéjaan ka mana kuring rék liburan. Antep wé. Lain gé titirah atuh ari bébéja-bébéja kénéh mah. Kulawarga kuring geus diomat-omatan ulah geruh. Mun Pras jeung Fauzan nanyakeun, sebutkeun wé kuring keur aya di hiji tempat, teu bisa ditepungan. Ku lantaran kitu nomer HP ogé diganti. (more…)

May 8, 2008

Prasasti nu Ngancik na Ati 8

Filed under: Carita Nyambung

kukupu

Ku Popon Saadah

Bagian ka-8

“Tiap jalmi ngagaduhan taktik séwang-séwangan dina ngawujudkeun kereteg batinna. Teu mutlak sadaya pameget kedah kitu carana. Aya nu resep lantip, da puguh nu dipayunan téh sanés bonéka atanapi robot, tapi mahluk anu pancaindra katut rasana kadang-kadang langkung seukeut ti batan urang, kaom Adam,” Prasasti ngasongkeun deui pamanggihna.
“Kaum Hawa ogé sami, teu sadayana ngagaduhan rasa anu peka. Leuheung upami éta istri téh surti kana kereteg haté urang, upami henteu? Kapan matak gendok ka urangna,” témbal Fauzan.
Keur madungdengkeun nanahaon sih maranéhna téh? Éta obrolan téh asa euweuh pulunganeunana keur kuring mah. Pantesna lalaki pada lalaki mah mun amprok téh bakal piraméeun hog-hag adu argumen masalah ékonomi, politik, budaya, pendidikan, agama, atawa hal-hal anu aya pakuat-pakaitna jeung gejala-gejala sosial, musibah alam, jeung sajabana. Komo kapan duanana gé, boh Pras boh Fauzan bisa digolongkeun kaum intelék. Ieu mah kalah debat masalah nu abstrak, ngan wungkul nguruskeun masalah pribadi masing-masing, anu nandakeun yén maranéhna téh kagolong kana pribadi-pribadi anu égois. Mun enya téh pangrasa kuring bener, maranéhna keur marebutkeun hiji haté anu keur baluweng nangtukeun arah jalan hirup sorangeun, sarua jeung marebutkeun paisan kosong, da kapan nepi ka danget ieu kuring sorangan gé teu nyaho, saha atuh nu bakal jadi jodo kuring jaga téh? Boa pijodoeun téh lalaki anu ayeuna sama sakali teu wawuh-wawuh acan. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer