Ekspresi narsis-ku

May 14, 2008

Manehna

Filed under: Prosa

Kalakay Rengas

(Dimuat dina Mangle No. 2054, 16-22 Pebruari 2006)

Karasa pisan tiiseunana imah teh euweuh manehna mah. Tuman unggal wayah kieu kadenge ngagembrung musik pop Indonesia atawa pop Barat ti kamar hareup, sok jempena teh lamun geus ngong adan magrib. Geus dua poe eta kamar teh suwung. Nu ngeusianana keur ka kampus. Saminggu cenah ngadon ngendong di kampusna teh, jadi panitia opspek mahasiswa anyar.
Karasa pisan deuih leungiteunana hate teh, asa cuang-cieung karareueung. Padahal di imah teh kapan teu sorangan, aya Ibu jeung Bapa Haji, aya Bi Sari jeung Mang Undang. Tuda ngan manehna wungkul anu titen ka kuring mah. Euweuh deui. Cacak kuring teh ukur adi kukutna. Ceuk kasarna mah kuring teh anak badega indungna anu taun-taun dipihapekeun sina sagawe-gawe di imahna. Tapi kawasna manehna mah teu ieuh nganggap anak badega, nu karasa mah sikepna ka kuring teh teu beda ti lanceuk ka adi.
Lain hartina rek ngaleuleungit jasa kolotna anu geus haat ngampihan, ngurus, tuluy nyakolakeun kuring nepi ka lulusna SMA. Ngan karasa asa leuwih dominan pangaruh dirina kana hirup kuring teh. Kuring bisa nuluykeun sakola ge alatan usul manehna ka indung bapana. Malah sok era mun manehna geus protes ka kolotna ngeunaan diri kuring teh. Da teu hayang teusing dianggap tur diaku anak teges ku kolotna teh barina ge. Ku diampihan di imahna ge geus pirang-pirang untung keur kuring mah. (more…)

May 6, 2008

Si Akang

Filed under: Prosa

Ieu kembang haturan Akang....!

Ku Popon Saadah

(Dimuat dina Mangle no.1987, 21-27 Oktober 2004)

Aya ondangan reuni. Moal didatangan. Lain embung gaul, lain teu hayang silaturahmi jeung babaturan keur di SMA, tapi hoream nyanghareupan pertanyaan-pertanyaan kliseu anu pasti bakal kalaluar tina biwir maranehna, saperti: “Meunangkeun urang mana?”, “Geus boga sabarahiji bati teh?” Lamun dijawab sajujurna yen kuring nepi ka danget ieu masih keneh nyorangan, pasti bakal naranya deui bari nganaha-naha. “Kutan can kawin?”, Naha bet bisa kitu?”, “lain lelesaheun mah?”, “Tong pipilih teuing atuh!”
Enya, ku naon atuh nya? Da usaha mah enggeus. Diamprok-amprok ku babaturan mindeng, tapi hese rek copna. Aya kuringna daek, susuganan surup jeung lelembutan, ituna teu mere respon deui sabada panggih teh. Atawa, ituna kaciri aya minat, kuringna teu purun lantaran sipatna teu parok jeung hate. Tapi disebut pipilih mah teu rumasa. Nu penting mah bageur jeung bener pijodoeun teh. Atuh leuwihna ti eta hayang anu gede tanggung jawabna ka kulawarga. Sakitu, teu hayang nu muluk-muluk.
Bulan hareup umur kuring panceg 38 taun. Meujeuhna boga anak tilu. Babaturan Saumur ge loba nu geus nyakolakeun anak-anakna ka SMP. Ah, ari nyabit-nyabit masalah anak teh deuih sok beuki lalewang jeung nalangsa hate teh. Aya nu nyebutkeun yen anak teh investasi, jaminan atawa bekel hirup urang jaga lamun urang geus kolot. Upama masih keneh kieu wae, heug kuring diparengkeun panjang umur, saha atuh anu bakal bela, saha anu bakal ngaulaan jaga lamun kuring geus nini-nini, lamun geus tokroh-tokroh? Reuay eta oge alo mah, boh alo teges boh alo ti gigir. Tapi da beda atuh. Tangtu bakal leuwih sugema ngurus anak beunang ngaborojolkeun sorangan.
Ceuk sobat kuring tea mah mending keneh kawas ayeuna cenah, bebas, rek kitu rek kieu ge moal aya nu nyarek, bisa ulin samemena. Enya upama ngingetkeun ka dinya mah. Ah, da geus seubeuh atuh ulin mah. Geus teu usum ubar-aber keur awewe pantar kuring mah. Geus waktuna mikiran hirup pikahareupeun. Aeh sobat? Sobat kuring nu mana? Da ti bareto ge kuring mah tara boga sobat medok. Kabeh ukur dianggap babaturan biasa. Tapi ka nu ieu mah make jeung hayang misobat sagala. Padahal kapan ari nu disebut sobat mah kudu geus amprok, geus jonghok, mindeng panggih, mindeng silih anjangan. Ieu mah can kungsi papanggih sakali-kali acan. Pedah mindeng teteleponan, der weh manehna ku kuring disebut sobat. Urang sebut sobat we saheulaanan. (more…)

February 25, 2008

Nyiram

Filed under: Prosa

wanoja sunda
Gambar: id.wikipedia.org

Ku Ki Warsita

“Akang, Nyai téh keur nyiram!” ceuk pamajikan dina hiji peuting. Harita téh kuring keur ngadekul nuliskeun hutang nu keur meujeuhna raweuy. Atoh aya, reuwas aya ngadéngé omongan kitu téh. Atohna, duméh geus hayang boga budak téh, geus tujuh taun rarabi can kaparengkeun baé. Reuwasna, éta ku ngadéngé kecap “nyiram”. Jol bréh baé dina sawangan téh, pamajikan kuring ngadadak samar kahayang. Mangkaning ceuk béja, anu nyiram mah kahayangna téh sok nu anéh-anéh.
Tong jauh-jauh, Nyi Sarti tatangga kuring, basa keur nyiramna téh kungsi hayang naékan tangkal kapala. Ari teu digugu, ceuk kolot mah sok aya matakna. Atuh harita kénéh ogé salakina cakah-cikih nyieun tarajé. Nu matak watir mah Jang Samo, pamajikanana kungsi boga kahayang anu henteu ilahar. Tengah peuting jemplang-jempling, keukeuh hayang lalajo maén bal. Dina televisi keur eweuh siaran maén bal, atuh kapaksa Jang Samo ngeprak barudak, sina maraén bal di buruan imah.
Tacan anggeus mikiran nu nyiram téh, geus ngong mantén pamajikan nyarita.
“Asa hayang és campur ieu téh, Kang.” Pokna. Tuh nya ceuk kuring ogé.
“Cik atuh apan ayeuna téh tengah peuting!” ceuk kuring bari muncereng. “Isukan deui, urang nganjuk ka Bi Emin!”
“Ah, da hayang ayeuna,” manéhna ngajanggilek. Beu, duka geus kieu mah. Pamajikan mimiti samar kahayang. Ari henteu digugu, da ceuk kolot sok aya matakna. Nu matak peuting-peuting ogé maksakeun ngetrokan warung. Mani bangun hélok naker nu boga warung téh, pédah aya nu balanja és campur tengah peuting. (more…)

November 12, 2007

Dihukum Pati

Filed under: Prosa

di pangberokan
Gambar: swww.suarantb.com

Karya Hadi AKS

Manéhna nyangsaya bari neuteup lalangit.
Sanajan ukur kacaangan ku lampu sapuluh watt, tétéla beungeutna sepa. Panonna surem henteu hurung cara sasarina. Kakeueung nyaliara ngarungkup lelembutanana. Ceuk keretegna, boa-boa peuting ieu aing bakal paéh téh. Bari teu kasawang ku manéhna, rék ditelasan ku cara kumaha dirina ku nu ngaéksékusi téh. Naha digantung, ditémbak, atawa beuheungna dipangkék sakaligus. Biheung hukuman naon anu bakal disorang ku manéhna. Nu puguh muringkak baé bulu pundukna ari teg inget ka dinya, bari dirina teu walakaya. Teu bisa nyiar pamuntangan jeung moal aya nu bisa nulungan. Awakna leuleus barang tadi beurang di rohang sidang Hakim ketua mutuskeun perkarana, “…ku kituna, sadérék terdakwa Jaid Jahidin ditibanan hukum pati!”
Koréjat manéhna cengkat.
Luak-lieuk. Malakalmaot asa geus ngajega hareupeunana. Awakna ngabrigbrig nahan kasieun. Teuteupna muter ka sakuriling kamar.
Naha aing bet sieun paéh? Teu, aing teu kudu rentag sanajan kudu nemahan pati. Geus panceg ti anggalna, niat rék jihad di jalan Alloh.
Enya aing kudu teteg, teu galideur. Lebah kiwari kudu nemahan pati, muga-muga aing sing gugur jadi suhada. Puncak kasugemaan hirup anu jadi udagan jeung angen-angen para sohabat Rosul. Tepi kadinya manhna teu kebat, tikorona nyelek. Panonna lamur kakeueum cipanon.
Brek ngalangkang deui kaayaan tadi beurang di rohang sidang. Sidang anu katilu, sidang pamungkas anu mutuskeun yén dirina kudu dihukum pati.
Asa nongtoréng kénéh omongan jaksa anu nungtut dirina. Tudingan anu dijieun-jien sarta méngpar tina bebeneran ceuk rarasaanana.
“Sadérék Jaid geus saéngko jeung Az, NMT, dina ngararancang ngabeledugkeun bom di hareupeun gedong Kedubes Australia dina tanggal 9 Séptémber 2004. Sadérék ogé kabuktian geus mantuan kelompok téroris ku cara nyumputkeun Az jeung NMT tepi ka henteu kasusud ku pulisi. Éta tindakan téh masing-masing geus ngalanggar pasal…”
Jaksa ogé nétélakeun kumaha ketak Jaid dina mantuan rarancang ngabeledugkeun bom. Pertéla pisan jaba panjang katerangan anu dibacakeun ku jaksa téh. Kalimah anu manéhna inget, nya éta:
“Teu aya hal anu bisa ngahampangkeun hukuman ka Sadérék Jaid, lantaran teu katémbong boga rasa kaduhung, jawabanana pabeulit teu kaharti, sarta kalakuanana geus ngaganggu kana stabilitas ékonomi jeung kaamanan nasional. Ku kituna teu aya hukuman nu leuwih pantes iwal ti sadérék terdakwa Jaid Jahidin kudu ditibanan hukum pati!” (more…)

May 28, 2007

How is Caman-cemen?

Filed under: Prosa

ilustrasi

Carpon lucu Dedy Windyagiri

Kuring kungsi digawé di hotél Lembah Hijau, Ciloto, Cianjur. Harita General Managerna Bapa Sudi Hartono nu kungsi jadi ketua PHRI sakabupatén Cianjur.
Hiji poé Bapa GM manggil kuring ka kantorna. Saurna téh aya tamu hotél urang Amerika hayang diajar basa Sunda, bari nalék kuring bisa atawa sanggup henteuna ngajar basa Sunda ku basa Inggris.
Teu mikir dua kali langsung ku kuring disanggupan. Lain baé kabita ku honorna nu cenah rék dibayar ku dolar, tapi hayang nyaho bisa henteuna kuring ngajar basa Sunda ku basa Inggris, sakalian ngalancarkeun basa Inggris. Ngahaja-haja mah manggih kasempetan siga kieu biheung iraha. Asa reueus basa Sunda dipikareueus ku urang asing.
Isukna kuring ditepungkeunn jeung Mr. Steven di bungalowna. Jelemana simpati, keuna kana babasan dedeg sampé rupa hadé.
(more…)

July 16, 2006

Curhat

Filed under: Prosa

duh sobat

Harga Diri

Filed under: Prosa

anaking

Mulan-malen mikir-mikir jeung ngintip-ngintip kaayaan manehna di Jakarta, ahirna gilig rek didatangan. Sanggeus meunang informasi anu lengkep ngeunaan padumukan jeung kagiatanana sapopoe, lahaola ku kuring ditepungan.
Bebeja ka satpam nu keur ngajega di lawang pos hareupeun studio mah kuring teh dulurna Sang Idola, anu ngahaja hayang panggih. Sugan teh rek tuluy tetelepek jeung moal ngidinan, harita keneh satpam nitah kuring langsung asup ka jero rohangan.
Ti kajauhan ge panon geus awas ka nu keur diteangan. Teu ngarasa pangling atawa kalinglap, sabab awakna teu regrog, ti bareto ge sakitu, teu ngalintuhan teu ngabegangan. Buukna teu robah deuih, angger digondrongkeun semet nuruban ceuli jeung pundukna. Manehna keur ngajanteng deukeut keyboard bari notor botol nu dieusi cai herang. Dipirig ku jajantung nu ujug-ujug ratug, ngawani-wani maneh nyampeurkeun ka nu kakara rengse nginum. (more…)

April 22, 2006

Fatamorgana

Filed under: Prosa

Sariak Layung

(Dimuat dina Mangle, No. 1931, 18-24 September 2003)

Manahoreng nu ngaranna rasa resep teh geuning gaib. Teu katenjo tapi karasa ayana jeroeun dada. Teuing ti iraha nyiliwurina, ujug-ujug geus ngancik na ati. Dina ati ge teuing lebah manana, da puguh gaib tea.
Manahoreng rasa resep teh upama diipuk jeung digemuk mah kumaha we tutuwuhan, akaran, sirungan, daunan, kembangan, buahan.
Sabenerna mindeng ngalaman mikaresep jelema mah. Tara ieuh dipikiran sabab musababna, da atuh lumrah nu kitu mah. Manusiawi cenah geuning. Naha ari ayeuna, eta rasa teh mangaruhan pisan kana pipikiran. Make jeung uleng deuih mikiran ti mana jeung ti iraha eta rasa euntreup na lolongkrang hate kuring nu ngan ieu-ieuna. (more…)

April 14, 2006

Kuring Hampura, Matin

Filed under: Prosa

Pileuleuyan ............. !!

(Dimuat Dina Mangle No. 1991, 25 Nopember - 1 Desember 2004)

Matin, rek balaka bae kuring teh ngarasa kacida bagjana ngalaman heula dipanggihkeun jeung anjeun. Anu tetela lain ngan ukur panggih saharitaeun, tapi diparengkeun babarengan ngalalakon dina sempalan hirup urang. Teu nyangka sacongo buuk oge, anjeun bakal gede pangaruhna kana kahirupan pribadi kuring anu geus mangtaun-taun karasa cawerang. Cawerang, sabab kuring teh hiji anak anu hanaang ku kanyaah indung.
Lamun tea mah ngimpi jelema teh bisa diandelkeun ma’nana, lain ngan ukur kembangna sare, nya ngan wungkul dina ngimpi kuring bisa jonghok jeung indung teges teh. Kitu ge ngan sajorelat-sajorelat. Teu kawas batur bisa samemena dikeukeupan, diaping dijaring ku nu ngalahirkeun maranehna teh. Tapi tangtu ayeuna mah geus teu cawerang deui, da aya anjeun anu kanyaah jeung kabelana geus karasa ku kuring sorangan. (more…)

March 17, 2006

Hand Phone

Filed under: Prosa

Candi Borobudur

(Dimuat dina Mangle No. 1965, 20-26 Mei 2004)

Kuduna mah sarua bungahna kawas barudak, milu susurakan, gogonjakan, lalaguan dina beus teh. Kapan ngaranna ge refreshing, nunda heula pagawean nu moal aya anggeusna, bari nungguan pengumuman kelulusan barudak kelas tilu.
Kuduna mah hate ge milu berag, leupas saheulaanan tina kagiatan rutinitas anu matak ngahudang rasa bosen, saperti migawe unak-anik pagawean guru, kayaning: nyiapkeun administrasina, ngajar, nyieun soal, mariksa hasil pagawean siswa, ngeusian buku leger, ngeusian daftar niley siswa katut rapotna, ngawas ujian, jeung sajabana, atuh minangka rada jauhna milu ancrub kana masalah pribadi siswa. Kitu jeung kitu we.
Nya ayeuna kasempetan keur senang-senang teh, meungpeung gratis, meungpeung cageur. Tapi hate teh teu daekeun janglar, nu puguh mah nalangsa, mikiran nasib salasaurang siswa kelas 3B, nepi ka danget ieu kuring wali kelasna, tetela teu boga kakuatan ngabela manehna sangkan leupas tina masalah nu keur tumiba ka dirina. Lain teu niat bumela, da usaha mah rarasaan kurang kumaha kuring teh. Sababaraha kali datang ka imahna, ngolo-ngolo jeung ngalelemu manehna supaya daek deui sakola saperti waktu samemeh kajadian. Tapi tetep budak teh mugen. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer