Ekspresi narsis-ku

May 24, 2009

Para Photografer Komersil

Filed under: Cutatan Sabengbatan

Ku Popon Saadah

Bungah pisan basa Si Cikal tamat kuliah teh. Reueus boga anak bisa ngahontal cita-citana kalawan lungsur-langsar. Atuh dina raraga ngareuah-reuah jeung ngistrenan para lulusan, sim kuring salaku kolotna diondang ku pihak Politeknik Pos pikeun ngahadiran pelantikan para wisudawan di Sasana Budaya Ganesha ITB.

Teu loba tatahar. Malah teu mawa kamera-kamera acan, da can boga harita mah, keur mah can pati resep putrat-potret kawas ayeuna. Teu bebekelan sangu deuih. Asa barabe kudu angkaribung mawa timbel mah, angkeuhan teh da lain rek nyaba ka leuweung ieuh. Sakalieun lapar mah kari jajan atawa nyimpang heula we ka rumah makan.

Gancangna carita, sim kuring sakulawarga geus nepi ka palataran Sabuga. Teu wudu ieu tempat rame ku jelema, padahal harita teh kakara jam satengah tujuh isuk-isuk. Mobil para wisudawan geus ngajengjreng di tempat parkir. Jelema ngagarimbung di unggal tempat bari papakeanana singsarwa gandang. Nu dagang bubur katempo pakepuk ngaladangan nu can kaburu sasarap heula di imahna. Para padagang lianna keur saribuk deuih, dadasar, kawas nu hayang paheula-heula beres, tayohna sieun kaburu ngabrul manten nu daratang ka eta tempat.
Sim kuring, bapana, Si Cikal, Pangaisbungsu, jeung Si Bungsu caricing heula dina mobil, bari meresan barang nu rek dibawa ku Si Cikal ka jero aula. Ku lantaran Si Cikal mah sapopoena dijilbab, jadi rek diwisuda teh teu kudu dangdan sataker kebek. Cukup make kabaya jeung sampingna, buuk teu kudu disanggul da make tiung tea. (more…)

April 24, 2009

Kakerem

Ku Popon Saadah

Aya ku mindeng HP tinggaleun di imah tèh. Rumasa, atuda ari rèk indit ka sakola tèh sok loba bawaeun. Salian ti alat tulis, make-up inti, parfum, tisu, kacamata, ogè buku bacaan keur bacaeun mun pareng aya waktu keur macana. Jaba kudu nyiapkeun kaos tangan, kaos kaki, jèkèt, hèlm, jeung konci motor. Lat baè poho, HP can disakuan.
Barang nepi ka sakola, sup ka ruang guru. Capa-cipi kana saku, eueuhh… HP tinggaleun deui di imah. Angkeuhan tèh keun baè lah teu nyekel HP sapoè mah, ngirit-ngirit pulsa. Tapi teu burung loba ngahuleng di ruang guru tèh. Katambah poè ieu mah sim kuring teu asup ka kelas, da jam pelajaran basa Sunda diparakè ku guru-guru nu ngajar pelajaran nu di-UN-keun. Ngan tetep sim kuring kudu hadir, bisi aya barudak kelas F anu perlu ka walikelasna. Jadi lumayan salsè.
Korèlèng ka tukang, niat rèk ka cai. Kabeneran jamban tèh duanana karosong, pantona teu dikaronci. Sim kuring asup ka jamban nu kahiji, Beulah kènca. Brug nutupkeun panto anu otomatis ngonci sorangan. Di jero jamban èstuning tenang, taya sangkaan rèk hèsè kaluar, da geus apal, bakal gampang mukana deui lamun èta panto dibukana ti jero jamban. Biasana gè kitu, unggal poè tara boga masalah jeung panto jamban nu ieu tèh. Tapi geuning poè èta mah si panto tèh ngadak-ngadak hèsè dibukana deui. Ngonci sorangan. Lain bakat ku otomatis, tapi sigana èta konci panto tèh geus ruksak. Cindekna sim kuring kakerem di jero salila-lila.
Sim kuring geus uga-ugil, geus ngagujrag-gujrag gagang panto, rarasaan si panto tèh kalah beuki pageuh nutupna. Ya Allah, umur-umuran kakara ayeuna sim kuring ngalaman kakonci di jero jamban. Gusti Nu Agung, kumaha carana sangkan abdi tiasa kaluar? Gap kana saku baju, neangan HP, niat tèh rèk nelepon babaturan nu aya di ruang guru, rèk dititah nyokot konci panto jamban ka Pa Dadan (pesuruh sakola). Aèh, pan HP-na ogè tinggaleun tèa di imah.
Sakali deui sim kuring ngagujrag-gujrag panto. Si panto taya tanda-tanda bisa muka. Bingung. Kabayang mun sapoè jeput nepi ka peuting tur nepi ka isukna deui teu aya nu nganyahoankeun yèn sim kuring kakerem, aya bahan ngèndong di jero jamban. Mèmang teu sageumpeur mun urang kajebak dina lift, tapi mun teu bisa kaluar waè tèh, nya rugi wè nu aya, sim kuring moal bisa balik. Jaba awak geus mimiti cangkeul. Sakalieun hayang diuk gè kapan moal bisa di jamban mah.
Antukna, èra-èra gè sim kuring jojorowokan nyalukan Pa Dadan. Tapi can kadèngè aya nu nyampeurkeun. Duh, mun HP teu tinggaleun mah ieu masalah tèh bisa langsung kaungkulan ayeuna kènèh. Sim kuring jojorowokan deui. Kawasna kabeneran harita mah aya barudak nu ngalanto ka buruan jamban, da kadèngè aya nu tinggerendeng. Teu kungsi lila kadèngè sora lèngkah sapatu jeung sora barudak rècok, sada lobaan. Hatè atoh kacida bari surak, sabab geus pasti moal tulus ngèndong di jamban tèh. Barudak tinggaledor, kawasna keur neunggeulan gagang panto, tuluy gagang panto tèh digalujrag-gujrag bari angger rècok. Panto keukeuh pageuh. Ngan hatè geus tenang ayeuna mah, teu bingung cara tadi.
“Punten Ibuna minggir heula, panto badè didobrak,” ceuk sora budak lalaki rada ngagorowok ti luar. Sim kuring nurut, tuluy ngadon nyempod di juru jamban. Teu lila kadèngè nu mèrè aba-aba. “Satu…dua…tiga…. Baraakkk!!! Ahirna muka ogè si panto tèh, sabab nu ngadobrakna aya kana limaanana. Alhamdulillah, panto tèh rujad.
Barang bray panto muka, sim kuring kakara nyaho, horèng ieu kajadian tèh loba nu ngalalajoanan. Dirèrèt saurang-saurang, katempo murid-murid anu lolobana kelas 9 I bari marakè baju olahraga jeung lolobana lalaki tèh aya nu biwirna keur ngarenyu nahan piseurieun, aya nu nyèrèngèh, aya nu terang-terangan seuseurian, aya nu ukur mèsem.
Sabenerna sim kuring gè lain teu èra ku kajadian bieu tèh, mun kongang mah hayang beretek wè lumpat nyingkahan èta tempat. Hayang ngabecir ka ruang guru. Ngan piraku deui aya kolot lulumpatan beberebetan mah. Tungtungna sim kuring ukur bisa haha-hèhèh. Kapireng aya murid lalaki nu nyarita kieu, “Si Ibu kakerem hahaha…,” bari babarakatakan. Sim kuring bati seuri konèng dikitukeun tèh.
Coba mun harita HP teu tinggaleun mah, kakeremna sim kuring di jamban sakola moal kungsi gujrud. Tina ieu kajadian jadi boga kacindekan, yèn kiwari HP tèh geus jadi barang penting, nepi ka teu bisa jauh tina diri nu bogana.
Perkara panto nu rujad alatan didobrak ku barudak, keun wè antep ah urusan PKS sarana jeung prasarana èta mah, bongan geus wawanianan ngerem sim kuring di jero jamban.***

January 22, 2009

Amanat Abah

Filed under: Cutatan Sabengbatan

Ku Wawan Sudarwan

Basa panyawatna parna, Abah amanat panjang (wayahna macana calangap, ngacay nya jamak da Abahna ngan wasa wakca “A”).
Basana Abah: “Mangka apal kana papagah Abah, saacanna Abah mangkat ka alam barzah, nya. Talar na dada, awas balangah. Na mangsa harga-harga marahal matak jangar kana tarang, mangka pada-pada sabar nahan amarah. Pada-pada waspada ngajaga babarayaan. Awas salah jalan mabal kana kajahatan, mangka sabar, tambah-tambah katakwaan ka Yang Maha Akbar. Wayahna nahan kahayang, barang dahar saayana sawajarna. Balanja sandang pangan sarwa basajan pantang kana gagayaan hayang katangar kawas Acah tah, naha balanja bawang kalah ka Mal? Bawang atawa lalab-lalaban mah ka pasar rayat, Acah!! Salamah nambalang da ngarasa salah ngajak Acah ka Mal anyar.
“Pan Acah mah randa, Abah. Jamak lah hayang jalan-jalan ngarah rada janglar.”
“Dah, ka anggang-anggang! Jaba panas, hayang batal nahan hanaang?” Abah ngawakwak, Salamah sabar mangkat ka jamban basana mah.
Awas nya raksa raga sarta nyawa, bawa kana jalan halal, saban mangsa-mangsa amarah sasar, nya badan bakal nandangan lara balangsak, nyangsaya na panjara, acan jaga ka garang na naraka jahanam. Darajat jalma mah pan ayana na katakwaanana, balabahna, sarta talajakna ka sasama. Ahlakna taya cawadna.
Pangrasa Abah, alam bakal ngarandapan tahapan “Jaman Sangar” kawas na ramalan Jawa, jaman sarwa acak-acakan, balatak jalma ngahampas kana ajaran agama. Karaman ngagalaksak, rahayat katalangsara, ahlak jalma kawas hayam, sarakah kana barang haram.

Tina Mangle, No. 2204

Haturan Kang Budi nu sok resep nyarios calawak :)

October 21, 2008

Cucurut Cunihin

Filed under: Cutatan Sabengbatan

Geus jadi tradisi warga SMPN 4 Cimahi, ba’da lebaran téh sok ngayakeun acara halal bihalal (silaturahmi) di sakola. Biasana dimimitian ku upacara anu diluuhan ku Bapa Kepala Sakola, guru-guru jeung staf tatalaksana, ogé sakumna murid ti kelas 7 nepi ka kelas 9.
Sanggeus acara halal bihalal lekasan, murid-murid dibubarkeun. Guru-guru jeung karyawan TU mah neruskeun acara anjang sono ka bumina Bapa Kepala SMPN 4 Cimahi, Bapa H. Tonton Rustono di daérah Cibiru. Teu wudu di jalanna ngabring ngawangun iring-iringan (konvoi mobil jeung motor).
Nepi ka nu dituju, dibagéakeun tur dihiap-hiap ku pribumi. Saréréa hideng sorangan hempak dariuk dina karpét nu digelar di tengah imah. Ku lantaran warga SMP 4 téh tamplok kabéh ka ieu tempat, teu burung diuk téh pagégéyé. Rohang tamu jadi ngadadak heurin jeung sahéng ku nu récok. Sémah nu teu kabagéan lahan di jero imah, ngadon andiprek di luar dina téras. Tapi sigana leuwih betah nu diuk di luar, sabab bakal laluasa ngararasakeun angin nu ngahiliwir, batan nu dariuk di jero. Hawa di jero imah harita ngelekeb da keur meujeuhna panas poé.
Sim kuring diuk téh padeukeut jeung Bu Néti ogé Bu Kustinah lebah kénca, sarta Bu Tri jeung Bu Nia lebah katuhu. Kadituna dipisahkeun ku méja tamu, dariuk ngajréngjréng babaturan nu séjénna. (more…)

October 17, 2008

Ti Anjeun Haturan Abdi

Filed under: Cutatan Sabengbatan

Ceuk Anjeun

Wilujeng tepang taun..
Mugia apanjang apunjung salalawasna
Diijabah sagala nu dipimaksad
Dipaparin kabagjaan rumah tangga dunya aherat
Hapunten….
Teu aya nu tiasa kasanggakeun
Teu aya nu tiasa dianggo tilam katineung
Mung saukur iyeu nu teu aya pisan hargana….
Wilujeng…… (more…)

July 25, 2008

Seuri Heula

Filed under: Cutatan Sabengbatan

KKN
Iyem: “Kalah hayoh we dina telepisi ulah KKN. Tapi geuning Pa Lurah bet ngampihan mahasiswa nu keur KKN?”
Ijah: “Heueuh, gedebul wungkul. Teu ngarti uing ge.”

Mending Mayar
Kang Amad: “Bu Dokter, upami dicabut waos sabaraha ongkosna?”
Dokter: “Hiji mah wioslah 25 rebu.”
Kang Amad: “Janten upami dicabutna dua mah janten 50 rebu nya?”
Okter: “Upami dua mah tiasa langkung mirah. Pokona langkung seueur langkung mirah, malah tiasa haratis.”
Kang Ahmad: “Maksad Bu Dokter?”
Dokter: “Muhun mun dicabutna sadayana, bade nu ungger, bade nu nuju nyeri atanapi nu teu ku nanaon pageuh keneh, tiasa haratis.”
Kang Ahmad: “Tobat…!” Meding keneh mayar we ah tibatan haratis mah.”

Siberia
Guru: “Nandang, nagara Siberia perenahna di mana?”
Nandang: “Eu…teu apal, Pa!”
Guru: “Mun kitu mah di-PR-keun we!”
Basa geus nepi ka imah Nandang langsung nanyakeun ka indungna.
Nandang: “Ema, ari Siberia teh di mana?”
Ema: “Tuh Si Bi Ria mah keur nutu!”
Nandang kerung.

Satengah Yuta
Incu: “Abah, ieu artos teh mung tiasa maparin 600 rewu.”
Abah: “Ah embung sakitu mah!”
Incu: “Ditambihan atuh janten 800 rewu!”
Abah: “Embung!!”
Incu: “Ari keukeuh alim sakitu mah tah atuh satengah yuta kanggo Abah.”
Abah: “Tah lamun sakitu mah Abah daek.”

Panasaran
Waktu urut kabogoh meuli mobil, kuring kacida panasna. Harita keneh ngerewih ka salaki hayang dipangmeulikeun mobil, sanajan kumaha wae carana. Sabulan ti harita kuring meuli mobil. Jalan-jalan sukan-sukan. Waktu balik bingung… heueuh da meuli mobil teh apan ngajual imah.

Sajati
Abah: “Numutkeun salah sahiji katerangan yen sajatining hirup teh bisa kapanggih saenggeus nyaho sajatining paeh. Tah ayeuna Abah rek nanya ka hidep, na di mana ayana sajatining paeh teh?”
Incu: “Cetek, Abah!”
Abah: “Heueuh aya di mana?”
Incu: ” Di matrial Abah!”
Abah bari nyentak: “Naha?!
Incu: “Apan geuningan seueur jati di matrial Pa Haji, sok didamelan kusen atanapi panto.”
Abah: “Ampun… kiamat kaya kieu mah.”

Tina Barakatak Mangle No. 2179

July 14, 2008

Ngeusian Rapot? Konséntrasi!

Filed under: Cutatan Sabengbatan

Ku Popon Saadah

“Ngeusian rapot mah babari, ukur mindah-mindahkeun angka tina buku léger kana rapot barudak, naon héséna. Nu ngaranna nyalin atawa niron mah kapan pagawéan panggampang-gampangna, sabab ukur nurutan nulis, teu kudu bari mikir.” Éta téh ceuk tiori jeung ceuk nu can ngajaran migawé éta pagawéan. Béhna mah dina praktékna pagawéan mindahkeun angka tina buku léger kana rapot barudak téh butuh konséntrasi, kudu husu. Salah saeutik wé, bakal goréng katénjona tur bakal rocét.
Mangkaning rapot kelas 9 mah, niléy pelajaran dina seméster hiji téh teu meunang waka disalin kana rapot, kudu nungguan heula seméster dua, lantaran aya sawatara pelajaran anu niléyna bakal robah sanggeus diayakeun rémidial. Atuh dina ahir taun téh teu burung ripuh. Sakabéh wali kelas 9 riweuh kudu ngeusikeun niléy anu geus puguh (hasil tina ngarémidial atawa meunang ngatrol) kana rapot disakaliguskeun 2 seméster, seméster hiji jeung seméster dua. Jaba leukleuk nulisanana gé da sieun salah téa, henteu asal ngeusikeun, sabab rapot téh kaasup dokumén penting. Éstu lain pagawéan méméh mumuluk, jeung lila, butuh waktu kana dua mingguna. (more…)

March 22, 2008

Tarucing Heureuy

Filed under: Cutatan Sabengbatan

sobat

1. Naon sababna anak babi lamun leumpang sok tungkul?
(Éraeun, sabab indungna…babi).
2. Naon sababna embé sok bau?
(Sabab kélékna opat).
3. Ditempo ti kajauhan aya sapuluh, ari ti kadeukeutan aya tujuh. Naon cing?
(Salah tetempoan).
4. Naon sababna Superman teu jadi kawin ka Wonder Woman?
(Lain jodona).
5. Naon bédana loték lada jeung loték teu lada?
(Loték teu lada mah karétna hiji, ari loték lada mah karétna dua).
6. Naon sababna lamun hayam kongkorongok sok peureum?
(Sabab geus apal téks-na).
7. Ngeunah mana béas lokal jeung béas impor?
(Ngeunah kénéh sanguna).
8. Mana anu leuwih lieur, jalma anu meuli buku di toko beusi atawa meuli beusi di toko buku?
(Anu lieur mah jalma anu maksakeun ngajawab ieu tarucing).
9. Aya manuk dua, ditembak hiji, tinggal sabaraha sésana?
(dua, apan némbakna gé teu keuna).
10. Naon anu kudu dikedalkeun ku urang lamun urang papanggih jeung jurig anu huluna lima?
(Kumaha damang? Kumaha damang? Kumaha damang? Kumaha damang? Kumaha damang?).
11. Sakilo endog hargana Rp. 16.000,-. Sabaraha endog anu bakal kapimilik lamun urang boga duitna Rp. 200.000,-?
(Teu sakilo-kilo acan. Sabab lamun boga duit Rp. 200.000,- mah asa mending kénéh meuli baju jeung calana).
12. Lamun dibandingkeun, jauh mana ti Masjidil Harom ka Masjidil Aqsa jeung ti Bandung ka Sumedang?
(Jauh ti Bandung ka Sumedang, sabab ti Masjidil Harom ka Masjidil Aqsa mah teu ngaliwatan…Tanjungsari).
13. Lamun urang tumpak ojég, heug ongkosna Rp. 2000,-. Waktu turun, sabaraha pantesna urang kudu mayar?
(Sarébu pérak, sabab tukang ojégna milu tumpak).
14. Naon bédana wayang kulit jeung wayang golék?
(Wayang kulit mah bisa dijieun dorokdok, wayang golék mah henteu).
15. Muka usaha naon di Papua anu matak bangkrut?
(Muka salon keriting rambut).
16. naon sababna munding sok resep cicing di tempat nu kotor?
(Keun wé antep, kumaha kahayang manéhna).
17. Naon basa Inggrisna nini-nini naék kana tangkal kalapa?
(Believe or not).
18. Nagara naon anu matak ngarugikeun kana kaséhatan?
(Maroko, sabab bisa nyababkeun kangker, serangan jantung jeung impotensi).
19. Sato naon anu ditempo ti peuting caang?
(Monyét mawa patromak).
20. Naon sasaruanana George Bush jeung George Bush Yr?
(Sarua pada-pada teu wawuheun ka manéh).
21. Saha anu ngalukis katumbiri (pelangi)?
(Agung. Apan dina lagu “Pelangi” ogé disebutkeun: pelukismu…Agung).
22. Aya jalma diudag maung. Terus naék kana tangkal. Éta maung gé pipilueun naék. Kumaha akalna sangkan éta jalma salamet teu dikerekeb maung?
(Ah, keun wé masing dihakan maung gé, da lain baraya urang ieuh).
23. Naon basa Arabna aki-aki ragrag tina tangkal kalapa?
(Innalillahi wa inna ilaihi rojiun).
24. Sato naon anu panjang?
(Oray keur ngantri minyak tanah).
25. Naon basa Arabna nitah nyeuseuh ka uwa?
(Wa tah sabunna).

(Tina Sabulangbéntor, Karya Taufik Faturahman).

March 1, 2008

Ngalanglang Rumentang Siang

Filed under: Cutatan Sabengbatan

FDBS Dzulfikar

action FDBS
Teater “Knalpot” (more…)

July 13, 2007

Ngagosip Sakedik…

Filed under: Cutatan Sabengbatan

asyik
Gambar: antidpresivo.net

female_392001: héy ka mana waé
Budi Priatna: hai hai hai
Budi Priatna: :)
female_392001: idih jadi orang penting ya
Budi Priatna: aya waé ceu
female_392001: meni hésé dihubungi
female_392001: béda tos jadi anggota déwan mah
Budi Priatna: punten call na teu kaangkat ku abdi…nuju di kelas waktos éta téh
female_392001: puguh aya pangalaman pikaseurieun
Budi Priatna: naon tah
female_392001: terang dq pan?
Budi Priatna: yup…duka kamari kadieu henteu tah
Budi Priatna: waktos sabtu téh kaleresan nuju di ypkp (jl suci)
female_392001: dq téh boga kapi adi nu badé lebet ka lpkia
female_392001: nya ngumaha ka abdi hoyong dipendakkeun sareng akang
female_392001: ari sakadar mendakkeun mah babari cekéng téh
female_392001: tinggal calling2 wé
female_392001: ternyata geuning hésé pisan
Budi Priatna: ic
female_392001: tah kabujeng wé adina téh ujian di lpkia nyandak jurusan informatika
female_392001: malah cenah dq téh kantos lebet ka ruangan akang, ngan akangna teu aya
Budi Priatna: ooooo
Budi Priatna: nuju sabtu téa kitu? (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer