Mawar Romantis

Bral geura miang, anaking
dumasar kereteg ati séwang-séwangan
kélébétkeun bandéra wawanén
tanda urang aya di kieuna.
Poma catet na ati sanubari, anaking
kudu bisa mawa diri
pindah cai pindah tampian
bari teu leungiteun jati diri
teu poho kana wiwitan

Anjeun
Karya Acep Zamzam Noor
Pameunteu anjeun estu geter nu eunteup mangtaun-taun
Soanten anjeun kawih angin nu meruhkeun hate cadas
Ramo-ramo anjeun lir sumirat mukahkeun peteng
Neueulkeun lelembutan ka puseur tineung
Aya dalingding nu nyanding di sabudeureun imut anjeun
Galindeng tresna nu nyungsi duriat panjang
Mun kuring beakeun kecap pikeun cumarita
Reungeukeun jumegurna lambak neumbrag karang rohaka
Maratan langit batin ngacacang jeung sasambat
Murang-maring ngagedoran panto jomantara
Basa kuring tibelat kalebuh leuwi cimata
Anjeun nutug lebah ketug jajantung
1988

Sajak Satengahing Ringkang
Karya Godi Suwarna
Hariring angin rumangsang
Ka landeuhkeun, nebak renghap saamparan pucuk enteh
Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas lelenglang langit
Lebah dinya kulit cai tingborelak ngariak-riakkeun wanci
Bet kaambung dumalingding seungit jempling Sungkeman lemah kaheman
Nyambuang ti lamping wening nu katembong semu ngenclong
Aya kalbu langkung langgong tibatan kelewung gunung
Langkung hurung manan talaga nu keur gumiwang
Lalaunan ngajaulkeun lamunan ka alakpaul But-bat jalan panineungan
Ngagurat hehejo kebon nu nungtung di suku gunung
Kelun haseup ti rarambu leuweung pineus lain tangara balai
Ngan ukur gebur kakangen ngagupay mega kasumba
Nu ngalayang ka jabaning langit bungur Kapireng kawih kamelang
Moal boa riring mojang pasisian nu keur migandrung sarakan
Ngayun ambing lamping rungsing dilentab-lentab srangenge
talaga beuki gumenclang dina pepeteng jantung
memeh lunta muru lembur pangsingkurna
Lomba gerak jalan ieu teh cariosna mah, tapi mimindengna mah kalah marejeng.
Atuh pantes teu juara oge, da ngalobakeun ngagaya.
Komo pas tarerang potona bade dikana blog-keun mah. (more…)
Gambar: www.globalsecurity.org, bluestarchronicles.com.www.internet-general.info, www.petroleumword.com
“Anu dipikasieun ku dunya Barat lain kamampuh Iran ngahasilkeun bom nuklir, sabab keur jaman kiwari bom saperti kitu mah taya gunana, tapi anu saestuna dipikahariwang ku maranehna nyaeta kamandirian jeung pangaweruh sarta kamajuan nonoman Iran di widang nuklir.”
Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer