Ekspresi narsis-ku

September 16, 2008

Ala Sunda vs Ala Deungeun

Filed under: Kolom

Ku Popon Saadah

Ngobrol-ngobrol masalah dahareun pangpangna deungeun sangu, babaturan sim kuring ngangluh. Cenah sanggeus barudakna anu tilu maju ka gedé, deungeun sangu anu disayagikeun ku pamajikanana di imah teu weléh kadaharan instan (siap saji) bangsaning fried chicken, chicken nugget, jeung goréng sosis. Éstu kadaharan lain karesep manéhna. Ari rék protés cenah sieun matak ngabarabékeun ka pamajikanana anu tara sempet masak da ripuh ku pagawéan di kantorna.
Manéhna nineung ku pasakan anu ngahaja dipasak di imah tur cocog jeung létah manéhna hususna, sarta létah urang Sunda umumna. Manéhna nineung ku sayur kacang buatan pamajikanana, goréng asin, sambel dadak jeung lalabna. Cenah éta kadaharan téh ayeuna geus langka kapanggih di imahna alatan pamajikanana ngutamakeun deungeun sangu karesep budak-budakna.
Horéng kajadian robahna deungeun sangu di imah téh lain baé kaalaman ku manéhna, tapi kaalaman ogé ku nu séjén anu pamajikanana riweuh ku pagawéan di luareun imah, sarta baroga budak keur mareujeuhna maju ka gedé.
Teuing ti mimiti iraha létah barudak ayeuna béda jeung létah kolot-kolotna. Kapan barudak baheula mah anu ayeuna jaradi kolot, leuwih wanoh kana pasakan has urang Sunda tibatan pasakan anu jolna ti nagri deungeun. (more…)

September 2, 2008

Sombong Kapaksa

Filed under: Kolom


Gambar: dewo.wordpress.com

Ceuk sakaol, ciri has urang Sunda téh nya éta soméah hadé ka sémah. Dina harti nu leuwih jembarna, urang Sunda mah ka sasaha gé teu weléh daréhdéh, boh ka nu kakara wawuh komo ka nu geus loma mah. Ku kituna asa teu pantes lamun aya urang Sunda anu judes, kucem, jeung degig téh. Atuh mun aya urang Sunda anu tara pirajeunan nanya ka nu geus wawuh mun pareng panggih di jalan, bakal dipianéh, malah boa bakal dicap gedé hulu.
Hiji poé sim kuring kungsi ngalaman teu hayang nanya ka sing saha baé anu pasangrok di jalan pasampangan, tur teu hayang ditanya sarta sangheuk némbalan pananya batur nu pareng imahna kaliwatan. Kahayang téh ngaderengdeng wé ulah aya nu nalék ulah aya nu nakon saurang-urang acan. Paralun lain gedé hulu lain degig, da osok éta ogé uah-aéh ka nu geus wawuh mah. Harita mah pikiran téh bakat ku husu, sabab sim kuring keur ngalancarkeun diajar motor, da masih kénéh sok geumpeur jeung geugeumeueun mun di hareupeun aya kendaraan séjén atawa aya nu leumpang téh. Matak mun pangangguran luak-lieuk heula téh sieun ngagaléong mantén.
Padahal basa diajar di lapang sépak bola mah siga nu heueuh geus bisa, nu matak pindah ka komplék ogé. Ngan édas jalan-jalan di perumahan mah geuning médanna leuwih beurat batan lapangan sépak bola. Di komplék mah kudu ekstra ati-ati. Teu kaur manggih péngkolan lajuna motor téh kudu dikendoran ari hayang salamet mah. Kudu ekstra rancingeus jeung ekstra konséntrasi. Nu matak lamun sim kuring pareng keur kukurilingan maké motor di jalan-jalan deukeut imah kénéh sok jadi ngadak-ngadak sombong. Da asa ujug-ujug jegjreg beuheung téh, teu béda ti beuheung robot. Sigana tatangga nu kungsi pasarandog di jalan jeung sim kuring bakal nyarangka, yén ayeuna mah sim kuring téh jadi degig, ana paamprok jeung maranéhna jadi tara nanya, nyuruntul wé, ceuk paribasa téa mah kawas badak Cihéa. Da kungsi atuh, kuring ngaliwat ka imah guru ngaji nu sok mingpin pangajian ibu-ibu unggal malem rebo, kaparengan anjeunna aya di buruan bumina, ku sim kuring teu ditanya. Atuda sakalieun ngalieuk téh asa araringgis kénéh, paur tigebut atawa motor nabrak pager batur alatan sim kuringna balangah. Duka tah, anjeunna duka surti yén sim kuring teu nanya téh geugeumeueun kénéh, duka teu terangeun. (more…)

July 22, 2008

Basa Sunda jeung Pangarang Tuturut Munding

Filed under: Kolom

Ku Popon Saadah

Ngolah basa jadi hiji tulisan anu bisa nimbulkeun pencerahan keur pamaca téh pancén para pangarang. Éta pancén téh kawilang hésé, sabab dina prosés kréatifna aya hal-hal anu kudu diperhatikeun tur dilaksanakeun. Salian ti kudu gugon kana aturan tulis-tinulis nu geus baku, hiji pangarang ogé kudu mahér tur parigel ngolah kecap, kalimah, jeung ungkara basa nepi ka jadi tulisan anu hirup sarta ngandung sugésti. Ku kituna dina nuliskeun gagasan-gagasanana kudu dibarung ku milihan kekecapan anu pangmerenahna pikeun ngawakilan kereteg batin jeung ide-idena.
Basa Sunda kawilang euyeub ku kecap jeung ungkara basa anu ngandung sugésti téa upama si pangarang bisa ngolahna. Basa Sunda kacida beungharna ku kecap-kecap anu bisa dipaké ngagambarkeun atawa nerangkeun hiji hal kalawan jéntré. Saperti dina ngagambarkeun gerakan leumpang hiji jalma, basa Sunda mibanda kecap-kecap: ngeteyep, ngalénghoy, ngagandeuang, ngiciprit, ngagidig, ngungkug, ngagégag, ngagéang, ngalanggéor, nyuruntul, nepi ka ngabecirna. Atuh seuri ogé dina basa Sunda mah réa rupana, aya imut, kéom, nyéréngéh, séséréngéhan, seuri konéng, seuri maur, nyikikik, nyakakak, ngabarakatak, ngahéhéh, ngagikgik, akey-akeyan, cicirihilan, nyeleukeuteuk, ceuceuleukeuteukan, anu dina basa Indonésia mah ukur diwakilan ku kecap senyum, tersenyum simpul, tertawa, tertawa terkékéh-kékéh, tertawa terpingkal-pingkal, tertawa lebar jeung tertawa terbahak-bahak.
Ku lantaran basa Sunda téh beunghar téa, asa ku kacida kuuleunana lamun aya pangarang anu ukur bisa niron jeung nurutan kekecapan anu geus meunang nyusun babaturanana, horéam ngotéktak ku sorangan ungkara basa lianna anu padahal mah ngaleuya jeung kawilang loba. Lain teu meunang nurutan da puguh basa mah milik saréréa, tapi cing atuh otak téh sing mencar, sing leuwih eksplore dina ngagali jeung ngolah basa téh ulah ngan wungkul nunutur bujur batur. Éta cenah baé téh teuing da basa mah teu meuli, justru ku lantaran teu meuli téa bakal kacida rugina mun kabisana ukur nyabetan kekecapan nu geus aya, mulungan ungkara basa meunang ngaracik batur téa. Nu kitu nu disebut pangarang kuuleun téh, mun ceuk basa légégna mah pangarang henteu kréatif!
Lamun batur geus nyieun judul tulisan ngagunakeun kecap Bumi misalna, sedengkeun urang ogé sarua rék ngabahas masalah éta, poma ulah sarua pisan kekecapanana, ari embung disebut plagiator mah. Kajaba lamun mémang urang can kungsi wawuh jeung can kungsi maca éta karya batur. Téangan deui kecap séjén anu ma’nana sarua jeung kecap bumi, saperti buana, dunya, alam fana, marcapada, buana pancatengah, jsb. Lamun batur geus nyokot judul laut dina karyana, teu kudu pipilueun maké kecap éta dina karya urang nu sarua témana. Matak naon téangan deui kecap séjén anu leuwih sugéstif, saperti sagara atawa jaladri. Loba pisan conto kecap anu ma’nana sarua tapi wangunna béda (sinonim) téh. Kapan kecap manusa gé sinonimna réa, bisa diganti ku jalma, insan, mahluk nu boga budaya, turunan Adam, umat, jsb. Ulah ieu mah unggal nyieun karya teu weléh nurutan sagala rupa anu geus ditulis ku babaturan. Naha teu hayang jadi pangarang anu boga ciri has? Naha teu hayang jadi pangarang anu boga gaya nulis nu mandiri? Naha teu hayang jadi pangarang anu nenggang?
Kapan geus kabuktian, yén karya orisinal leuwih luhur ajénna batan karya jiplakan. Najan ngajiplakna ukur saeutik, ukur palebah istilah atawa judul wungkul misalna, keukeuh wé nu ngaranna niron mah bakal leungit unsur orisinalitasna, anu hartina éta hasil pagawéanana bisa dibéré label karya tuturut munding! Éta téh kakara sarua palebah judul atawa istilah-istilah, komo upama ngahaja ampir sarua dina hal eusi, ngahaja sarua dina ngaran tokoh-tokoh carita, sarta ngahaja sarua dina palebah paguneman antar tokoh dina fiksi nu dikarangna, wah nu kitu mah geus meleg-meleg nurutan (niron) tur meujeuhna disebut pangarang kuuleun. Jeung anéhna téh pangarang tuturut munding mah langka nu rumasaeun kana kalakuan goréngna, asa heueuh wé éta karya téh karya tulén manéhna, hasil tina prosés kréatif dirina nu cenah leuwih ngalobakeun daya intuitif (ceuk pangakuanana)!
Ayeuna naon rugina keur pangarang anu diturutan ku pangarang plagiator téa? Kawasna rugi sacara fisik sih henteu, tapi rugi sacara psikis pasti aya. Karya aslina asa cambal mun kudu dijéntrékeun mah, sabab ungkara racikanana geus teu has deui, teu unik deui, teu arkhaik deui. Karyana geus mimiti belél, kliseu, jeung leungit daya sugéstifna alatan didaur ulang ku pangarang tuturut munding téa!***

February 3, 2008

Ni’matna Jajan ceuk nu Cageur

Filed under: Kolom

sate pelem...
Gambar: www.sedap sekejap.com

Ku Popon Saadah

Lamun urang pareng nyaritakeun perkara dahareun nu ngareunah, hartina urang téh keur cageur. Létah urang keur normal, keur meujeuhna sagala beuki, tur tangtuna ogé keur meujeuhna rewog, da puguh keur séhat téa. Kapan nu nyandu kana kopi mah sakalieun ningal cikopi ngebul dina iklan TV gé geus matak uruy. Atawa, pareng ngambeu selengsengna goréng asin gé ari keur séhat mah teu burung ngurubuk beuteung téh, komo nu can sempet sasarap mah.
Ari létah sim kuring teuing ku satia kana kadaharan bangsa urang kénéh, pangpangna kadaharan jeung pasakan Sunda. Mun pareng kaluar ti imah niat dahar di luar, tara pangangguran milih dahareun nu ahéng sabangsa hidangan ala Jepang atawa kadaharan urang bulé, sok sieun jadi palal, sok sieun éta kadaharan téh ku sakadang beuteung ditampik sapajodogan.
Matak barang beuli dahareun téh nu kira-kira sakadang létah wawuheun jeung nu geus pasti ngeunah. Ari nu disebut ngeunah, rada hésé nerangkeunana, kudu bari diasaan sigana, lantaran hal ieu mah patali jeung seléra masing-masing jalma. Bisa jadi ceuk sim kuring mah ngeunah éta pasakan téh, tapi ceuk pun anak mah teu ngeunah.
Lamun urang geus kapincut ku ngeunahna éta dahareun, bakal manjang, hayang ngasaan deui, hayang ngadahar deui. Sakapeung mah bélaan jauh-jauh dijugjug anggang-anggang ditéang. Mun teu kapanggih bélaan ditéangan. Lamun éta dahareun téh babari néanganana, atawa ayana di warung nu matuh, geus pasti urang jadi langganan. Tapi mun éta dahareun téh geus hésé manggihan, paling ukur jadi panineungan. (more…)

February 1, 2008

Tina Hajat Milangkala Ajip Rosidi ka-70

Filed under: Kolom

ajip rosidi
Gambar: www.ajip-rosidi.com

Ku Popon Saadah

Upama urang nilik ketak Pa Ajip di jagat kasusatraan hususna kabudayaan umumna, geus sawadina milangkala Pa Ajip anu ka-70 téh direuah-reuah ku saréréa. Tangtu lain pésta ulang taun anu ilahar, lain sapésta-péstana, lantaran jalma nu diulangtaunkeunana ogé lain jalma samanéa alias tokoh penting.
Teu kudu ahéng deuih lamun kamari, ping 31 Januari téa, nu haladirna ogé réa tokoh pentingna, saperti rektor UNPAD Prof. Dr. Ganjar Kurnia, Agum gumelar, Mochtar Kusumaatmaja, Rosihan Anwar, Taufik Ismail, WS Rendra, Syam Bimbo, Slamet Raharjo, jrrd.
Dina biantarana Pa Ajip nétélakeun, yén kapungkur waktos anjeunna anom kénéh teu kantos yakin yuswana bakal dugi ka angka 70 kalawan séhat walafiat sareng teras-terasan ngahasilkeun karya. Geuning anjeunna téh masih kénéh anjeunna nu baheula, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan dina mertahankeun prinsip-prinsina. Togmol, kritis, jeung kreatif téh ciri mandiri anjeunna dugi ka ayeuna. Nu matak teu kudu kagét deuih mun dina biantarana anjeunna séséépan ngiritik pamaréntah Indonesia anu teu boga perhatian pisan kana kabudayaan, kasusastraan, kasenian, tug nepi ka pendidikanana. Sadaya hadirin teu bisa ngabantah kana pamendak Pa Ajip ngeunaan hal éta, sabab mémang kitu kaayaanana jeung kitu nu karasa ku urang saréréa tepi ka danget ayeuna.
Karya-karya Pa Ajip anu sakitu ngabrugbrugna tur marundel téh nandakeun, yén sabenerna anjeunna téh manusa langka, anu ceuk perkiraan sim kuring can aya gantina, jeung can aya nu nyaruaan. Katineungna kana basa jeung budaya daérah geus teu kudu dipadungdengkeun deui. Hadiah sastra Rancagé anu rutin saban taun dipasrahkeun ka para sastrawan Sunda, Jawa, Bali, jeung Lampung anu karyana nyongcolang, bukti kanyaah Pa Ajip kana basa jeung budaya daérah.
“Hidup Tanpa Ijazah”, judul buku panganyarna anu diluncurkeun mareng jeung ieu kariaan mangrupa otobiografi anjeunna, anu beuki ngeukeuhan, yen Ajip Rosidi teh Si Jante Arkidan nu Beber Layar!!
Tina runtuyan acara nu dipidangkeun, aya nu narik tur jadi hal anu ku sim kuring teu eureun-eureun dilenyepan, nya éta eusi sajakna Taufik Ismail. Inti sajak Taufik Ismail téh kira-kira kieu: ilaharna dina saban tepung taun unggal jelema, nu diulang taunkeun téh sok mareunang kado boh ti kolotna, boh ti dulur-dulurna, atawa ti babaturanana. Padahal lamun ku urang dipikiran, nu pantes meunang kado mah lain jinisna nu ulang taun, tapi indungna. Unggal tepung jeung tanggal lahir urang, urang kudu sadar yén tanggal sakitu jeung poé éta téh, indung urang keur meujeuhna adug lajer, ngararasakeun kanyeri anu liwat saking nepi ka urang brolna ka alam dunya. Asa leuwih merenah cenah lamun nu diulang taunkeun téh indung urang, lain urang! Masalah kadona mah rék mangrupa naon baé, ku du’a wungkul gé teu burung bingaheun kolot urang téh.
Ku lantaran ieu hajat téh lain sahajat-hajatna téa, nu haladir harita lain baé bisa nyaksian prosési milangkala hiji budayawan moyan, tapi deuih bisa bari ngaaprésiasi déklamasina Taufik Ismail, WS. Réndra, Godi Suwarna, jeung Ganjar Kurnia. Bisa bari leuwih mikawanoh karya-karya Pa Ajip anu dipamérkeun, sarta nu pangpentingna, bisa leuwih kahudang rasa kasundaanana.
Wilujeng milangkala Pa Ajip!

November 12, 2007

Catetan Basajan Pikeun (Calon) Pangarang

Filed under: Kolom

writing
Gambar: www.vavai.com

Ku Duduh Durahman

Cenah, aya genep perkara anu perelu dikanyahokeun ku (calon) pangarang. Hiji-hijina: téma, karekter, plot, pointof view, sétting, jeung suasana atawa atmosfir.
Moal boa, keur pngarang anu geus ngarasa “jadi” mah ieu tulisan téh dianggap ukur ngabéjaan bulu tuur. Da jeung enyana, genep hal anu kasebut di luhur téh lain mangrupa perkara ahéng anu muskil pikeun pangarang kahot mah.
Tapi kapan sakapeung urang sok rjeun poho sual anu saenyana padareukeut, masalah anu enya-enya wanoh, tapi kapan mindeng katélér-télér, ku rupa-rupa urusan. Ieu tulisan ogé nya meureun bisa dianggap “réfréshing”, ngélingan bisi kapopohokeun.

***

Éta anu genep perkara téh:
Hiji, téma. Novel atawa carita pondok lain ngan saukur ngaguluyurkeun carita, tapi kudu aya hal anu rék ditepikeun ka nu maraca. Masalah poko anu rék ditepikeun ku pangarang. Nu penting tina téma, nya éta naropong jihad-jihad masalahna. Aya téma nu moal laas, nu lumangsung ti taun ka taun, ti abad ka abad. Mun ség pangarang henteu bisa nyokot anu mandiri tina téma-téma nu geus mangabad-abad téa, boa dina karya téh baris taya hal-hal anu anyar. Mun ség pangrangna binangkit, najan ulukutek dina hiji téma, tapi moal matak bosen, lantaran salawasna bisa ngoréhan anu anyar, anu mandiri tina téma téa.
Pangarang kudu bisa nénéangan téma anu seger jeung salawasna anyar. Ku kituna diperedih dirina mibanda pangaweruh anu jembar jeung pangalaman anu pohara lega ambahanana.
Dua, karakter. Nu dipimaksud di dieu nya éta tokoh atawa palaku carita. Novel atawa carita pondok ngeunaan manusa, ngeunaan kahirupanana. Pangarang kudu bisa nyiptakeun tokoh carita anu umum sipatna tapi deuih kudu unik. Naha éta tokoh carita téh mangrupa pribadi anu kuat, anu gembleng. Naha manéhna salawasna konsisten dina nyanghareupan masalah-masalah kahirupan.
Watek tokoh hiji carita salawasna sok ngahudang rasa, boh simpati boh antipati. Pancén pangarang nya éta “narjamahkeun” watek tokoh carita téa ka nu maraca. Kaunggulan pribadina, kaunikan pribadina. (more…)

September 1, 2007

Islam téh Sunda, Sunda téh Islam

Filed under: Kolom

the magazine

Ku Popon Saadah

Hiji poé sim kuring manggih majalah basa Sunda anyar anu keur dipajang (didagangkeun) di sisi jalan. Haté ngarasa bungah tur reueus. Di jaman kiwari, nalika média informasi dikawasa ku média-média basa Indonesia, tétéla masih kénéh aya anu haat medalkeun majalah ngagunakeun basa Sunda.
Tapi kabungah jeung kareueus sim kuring leungit sapada harita, sabada niténan, mukaan, jeung macaan éta majalah. Timbul rasa héran, naha ieu majalah téh bet siga-siga nu rék nyebarkeun paham anyar, paham anu ceuk maranéhna mah geus heubeul, ageman Prabu Siliwangi baheula? Masih kénéh dina éta majalah, aya deui artikel anu eusina ngagung-ngagungkeun Prabu Siliwangi, ngagung-ngagung leuwih ti misti, sakumaha ngagung-ngagungna urang Islam ka Kangjeng Nabi Muhammad saw.
Aya naon di masarakat Sunda ayeuna? Fenoména naon anu keur lumangsung dina kahirupan urang Sunda téh? Naha éta komunitas anu ngagem paham anu cenah sarua jeung Prabu Siliwangi téh sarakola atawa henteu? Tapi da ceuk sakaol mah, loba ogé jalma intelék anu bariluk tur ngaragem ieu paham. Dina hal ieu tétéla kaimanan mah lain ditilik tina pinterna hiji jalma, tapi gumulungna antara akal jeung rasa dina ngalenyepan ma’na kahirupan. Da lamun akal jeung rasana diparaké mah moal nepi ka sasar kitu.
Geus jelas kapan yén Islam téh agama rahmatan lil alamin. Puguh rosulna puguh kitab sucina. Al Qur’an sanggup ngajawab permasalahan di sagala bangsa jeung sagala jaman. Naha bet lieur kénéh nénéangan cecekelan hirup? (more…)

August 13, 2007

Motto nu Ngaruksak Basa Sunda

Filed under: Kolom

motto mottomotto

Ku Popon Saadah

Dina hiji lembaga atawa organisasi motto téh geus jadi bagian penting. Penting minangka intisari tina visi misi éta lembaga atawa organisasi. Ku lantaran motto téh ébréhan tina visi jeung misi hiji komunitas, biasana ungkara hiji motto disusun sahadé-hadéna, sanajan sakapeung mah éta motto téh teu sajalan jeung garapan anu dilaksanakeun di lapangan. Keun perkara pahadé-hadé mah, malah sakuduna dina sagala hal anu sipatna positip, urang kudu nepi ka bisa panghadéna. Anu manghanjakalkeun téh motto anu saliwat mah siga hébat, ari dipikir-pikir bet euweuh hartina da salah téa.
Lebah dieu, ulah ngababarikeun atawa nganggap énténg kana hiji basa. Ulah kéna-kéna nu nyusunna pituin urang Sunda upamana, der nyieun motto maké basa Sunda tapi bari salah. Sanajan rata-rata motto téh ngan ukur diwangun ku sababaraha kecap, keukeuh aturan maén nyusuna kudu diperhatikeun, ari embung diseungseurikeun ku nu ngarti mah! (more…)

June 21, 2007

Imah

Filed under: Kolom

imah kuring
Gambar: www.mms.gov

Ku Popon Saadah

Padumukan téh keur manusa mah kawilang penting. Fungsina lain ngan ukur tempat reureuh dina iuh-iuhna hateup. Tapi di dinya, di jerona urang bisa ngalakukeun sagala rupa hal, boh nu sipatna pribadi boh anu umum kalawan buni tur aman. Ku kituna jelema bakal satékah polah ngagenah-genah imah, copélna sina beresih sangkan di jerona urang bumetah.
Imah ogé mangrupa basis manusa keur ngayakeun konsolidasi pikeun nyanghareupan dunya luar, nyanghareupan masarakat, nyanghareupan panéka jaman. Nya imah pisan tempat pangbalikan urang bari rébo ku oléh-oléh atawa léngoh sabada balangsiar jeung miang dina raraga nyiar luang.
Keur nu geus kurenan, imah téh leuwih loba deui fungsina. Tempat nu kacida mangaruhanana kana unggal fase kahirupan kulawargana. Nya di imah pisan manusa ngalaksanakeun kawajiban-kawajiban nu ditibankeun ku Pangéran, ibadah, ngagelarkeun tur ngadidik turunan, ngamekarkeun poténsi-poténsi nu dipibanda ku anggota kulawarga, jeung sajabana. Nya ti imah pisan pamiangan jaga, lamun urang geus tepi kana waktuna mulang ka alam kalanggengan.
Saéstuna imah téh tempat anu strategis pikeun melak pribadi-pribadi unggul, ngipuk generasi anu mibanda kualitas. Ku lantaran kitu, suasana jeung atmosfir imah kudu matak betah jeung matak tengtrem jiwa-jiwa nu nyicinganana. (more…)

June 6, 2007

Sorotan Kana Kurikulum Muatan Lokal Basa Sunda

Filed under: Kolom

cover kurikulum

Ku Popon Saadah

Kurikulum Basa Sunda keur dipadungdengkeun. Anu jadi bahan padungdengan nya éta matérina pisan. Ceuk sawatara panyusun buku pangajaran, ieu kurikulum anu ditanda-tangan ku Gubernur Jawa Barat téh eusina pabeulit, matak teu pikahartieun, tur hésé dijabarkeunana jadi buku pangajaran.
Masih ceuk sawatara panyusun buku pangajaran, upama dicindekkeun, kahéngkéran kurikulum Basa Sunda téh:
1. Kesanna, SKKD (Standar Kompeténsi Kompeténsi Dasar) anu geus resmi ditanda-tangan ku Gubernur Jawa Barat téh disusunna bangun gagaridusan, tur tacan winangun hiji konsép anu gembleng ngagambarkeun pangajaran basa Sunda, sabab dijerona masih kénéh loba kahéngkér. Dina nyusun jeung nuliskeun rumusanana waé geus loba salahna; kaciri pisan orowodolna.
2. Aya kesan, dina ngeusikeun matéri ajar kana kompeténsi téh dapon asup atawa jejeg. Naon pertimbanganana pangna aya matéri ajar anu diasupkeun sababaraha kali, tur aspékna éta-éta kénéh?
3. Wincikan matéri (bahan ajar) antara di hiji kelas jeung kelas séjénna (saluhureunana atawa sahandapeunana) teu katémbong ayana gradasi anu jelas, tapi loba anu ngageblég.
4. Alusna mah éta SKKD téh dipadungdengkeun deui; lain waé ku unsur birokrat jeung akademisi, tapi deuih diwewegan ku rupa-rupa profési anu aya patalina jeung pangajaran basa Sunda.
(more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer